Postingan

Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 18

 Karangan Kang Abun Burhanudin Si Jarot jeung si Bungkreung terus lumpat meni notog notogkeun maneh diudag udag ku jalma jalma lembur bari kadenge patingcorowok. “Tewak..! Tewaak.. Eta Bangsatna tewaaaak..! Kepuuung..! Kepuung..!, cek jalma jalma anu ngudag si Jarot jeung si Bungkreung kadenge patingcorowok. Si Jarot jeung Si Bungkreung beuki ngarasa sasah. Duanana terus lalumpatan beuki cepet bae, bari sakapeung luak lieuk ka tukang sieun bisi jalma jalma nu ngarudag geus deukuet ka maranehna. Keur kitu jalma salah saurang jalma anu ngudag aya nu ngalungkeun pepentung. Wuk..! Wuk..! Wuk..! eta pepetung muter, melesat ka palebah sirah Si Jarot anu lumpat satukangeun si Bungkreung. Ngan hadena si Jarot marengan ngalieuk, barang nempo aya pepentung nyewuk ka palebah manehna, si Jarot reuwas kacida. Lep.. bari terus lumpat si Jarot dongko. Wuus..! Pepentung melesat ngaliwatan sirah si Jarot, ana beletrak the eta pepentung malah keuna kana sirah Bungkreung anu aya di hareupeun na. Atuh...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 17

 Karangan Kang Abun Burhanudin Sakumaha anu dipedar di eps kalangkung, Ambu Suri anu dituduh maling embe geus dibawa ka bale desa. Jalma jalma ngambreg hayang ningali bangsatna, ceunah. Ku Tua Kampung jalma jalma dihalangan, lantaran bisi maen hakim sorangan. Tapi ku loba lobana jelma nu ngansre, Tua Kampung geh akhirna mah teu sanggup nahan. Jalma jalma tetep maraksa asup. Ari Ambu Suri nyumput di luhur para. Tapi dasar kudu apes, suku Ambu Suri tiporos sabeulah kana bilik, gara gara aya beurit anu ngarayap kana bitisna. Tuluy salah saurang jalma aya nu naek make taraje. Harita Ambu Suri reuwas kabina bina.  Bakat ku reuwas, Ambu Suri geus teu bisa ngomong deui. Sungut calangap, mata bolotot, ari tuur nyorodcod. Nempo kitu jalma anu naek lain ngarasa karunya, tapi kalah tambah ambek. “Turun, siah..! Mun teu turun didudut siah ku aing..!,” bentak eta jalma, bari matana molotot ka Ambu Suri. Lain nurut, Ambu Suri kalah ka beuki sieun, undur unduran. Ari mata tangtuna teu nempo ...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 16

 Karangan Kang Abun Burhanudin Urang balik deui nyaritakeun kaayaan Ambu Suri anu ayeuna ditewak ku jalma jalma lembur cipeuteuy, kulantaran disangka bangsat anu maling embe tea. Di dieu Ambu Suri bener bener apes.  Satadinamah manehna teh niat hayang boga amal ka sasama manusa, tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah ceunah, sanggeus ngadengekeun pepelingna Mama Kyai Jakaria. Jadi Ambu Suri teh sihoreng salah faham kana cariosan Mama Ajengan Jakaria teh. fikirna mah, lamun manehna geus ibadah ka Allah terus boga amal ka sasama manusa teh, ririwa geh bakal sieuneun. Jadi ilu solat berjamaah lohor terus nulungan jalma geh geus cukup ceunah, cek fikirna. Makana sanggeus solat lohor, Ambu Suri ngulilingan lembur rek neangan jalma nu butuh pitulung. Terus Ambu Suri panggih jeung hiji jalma anu sihoreng teh Bangsat embe, anu sabenerna keur ditareangan ku jalma lembur. Ku Ambu Suri malah ditulungan, dipangnungguankeun embena. Ari bangsatna mah kabur. Tuluy ngaburudul jalma jalma n...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 15

 Karangan Kang Abun Burhanudin Urang tunda heula kaayaan Bah Sura saparakanca, engke urang sampeur deui. Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan Ambu Suri anu keur aya di bumina Mama Kyai Jakariya di Lembur Cipeuteuy. Sanggeus rengse dalahar  Ambu Suri ngariung deui di hareup. Ngarobrol jeung Mama Kyai Jakaria, Bu Haji Aisyah, malah Bantar geh aya ilu ngariung. Harita Ambu Suri nyaritakeun pangalaman manehna, jeung kaayaan di Lembur Luhur anu keur gujrud lantaran hampir unggal peuting didatangan ku Ririwa. Tapi ari masalah manehna anu jadi cukang lantaran nembah patin na Nyi Rukmini mah teu dicaritakeun. “Manawi kitu, Mama Kyai, pangalaman sim kuring sareng sadaya kajadian di Lembur luhur teh,” Cek Ambu Suri mungkas caritana. Atuh kabehan geh karaget jeung kukurayeun ngadenge carita Ambu Suri kitu teh. Ari Mama Kyai katempo gogodeg bari maca istigfar. “Astagfirullahal adziim.. Bener bener ari syetan ngaganggu ku sagala cara supaya manusa ingkar ti jalan anu bener,” cek Mama Kyai. ...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 14

 Karangan Kang Abun Burhanudin Cahaya koneng mimiti hibar ti beulah wetan. Manuk manuk racet pating keleper paudag udag jeung pada baturna ngabageakeun datangna sang surya nu bakal medal. Angin leutik ngahiliwir nebak kana tatangkalan karasa beuki tiis tapi matak seger. Cai ibun ting kareclak  ragrag tina dangdaunan anu kaoyagkeun ku angin, katempo pating gurilap siga mutiara. Kaayaan meni endah jeung matak waas. Harita Ambu Suri katempo masih kapiuhan nyangsaya dina akar di tengah tengah gawir anu lumayan jero. Di handapeun eta gawir katempo aya walungan gede anu caina meni ngagulidag.  Keur kitu katempo aya kadal anu keur kakarayapan dina eta akar. Tulu mapay ngarayap kana dampal suku Ambu Suri, mapay deui kana jero sampingna. Gitek.. Gitek.. Ambu Suri gigitek, karasa getek siganamah.  “Cicing siah.. Cicing.. Ieu aing getek,” cek Ambu Suri bari sukuna terus gigitek, tapi ari panon n amah tetep peureum. Eta kadal masih terus ngarayap mapay deui kana palebah beuteung...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 13

 Karangan Kang Abun Burhanudin Urang tunda heula kaayaan Ambu Suri anu labuh tigulitik kana jero jurang.  Ayeuna urang kocapkeun heula Emak Paraji, anu kamari kacaturkeun rek nulungan Nyi Mar’ah, pamajikan Ruhadi nu rek ngajuru. Tapi barang datang ka imah Ruhadi, sihoreng Nyi Mar’ah na geus leungit dibawa kabur ku jurig Nyi Rukmini. Ari Ruhadi, salakina, kalah ngadon kapiuhan. Nempo kaayaan kitu, Emak Paraji jadina bingung serba salah. Sababaraha kali ngaguyah guyahkeun Ruhadi teu hudang. Emak Paraji tuluy cocorowokan menta tulung ka tatangga, tapi teu nu datang. “Beu.. Kararebluk pisan sugan jalma teh..” cek fikir Emak Paraji. Emak Paraji bener bener bingung. Rek ninggalkeun Ruhadi kitu bae, teu tega. Akhirna mah masi boga rasa teu ludeung geh, indit rek menta tulung ka jalma sejen. Emak Paraji tuluy leumpang satengah lumpat muru ka hiji imah nu pang deukeutna. Gedor gedor ngagedoran pantone sababaraha kali. Tapi euweuh saurang geh nu kaluar. Muru ka imah nu hijina angger teu...