Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 14

 Karangan Kang Abun Burhanudin

Cahaya koneng mimiti hibar ti beulah wetan. Manuk manuk racet pating keleper paudag udag jeung pada baturna ngabageakeun datangna sang surya nu bakal medal. Angin leutik ngahiliwir nebak kana tatangkalan karasa beuki tiis tapi matak seger. Cai ibun ting kareclak  ragrag tina dangdaunan anu kaoyagkeun ku angin, katempo pating gurilap siga mutiara. Kaayaan meni endah jeung matak waas.

Harita Ambu Suri katempo masih kapiuhan nyangsaya dina akar di tengah tengah gawir anu lumayan jero. Di handapeun eta gawir katempo aya walungan gede anu caina meni ngagulidag. 

Keur kitu katempo aya kadal anu keur kakarayapan dina eta akar. Tulu mapay ngarayap kana dampal suku Ambu Suri, mapay deui kana jero sampingna. Gitek.. Gitek.. Ambu Suri gigitek, karasa getek siganamah. 

“Cicing siah.. Cicing.. Ieu aing getek,” cek Ambu Suri bari sukuna terus gigitek, tapi ari panon n amah tetep peureum.

Eta kadal masih terus ngarayap mapay deui kana palebah beuteung Ambu Suri. Ambu Suri beuki ngarasa getek. Masih tetep bari peureum leungeuna nepak kana eta kadal. Cleng kadal luncat. Cle tuluy cicingna teh dina palebah irung. Ari buntutna kopat kapit kana liang irung. 

Ambu Suri kaget. Ngarasa irungna aya nu ngarorekan. Hasiiim..! Ambu Suri bersin bari ngorejat hudang. Barang benta, manehna karek sadar keur nyangsaya dina akar pinggir gawir. Ambu Suri nyorojcod. Tuurna karasa leuleus. Komo pas ningali ka handap, sihoreng gawir teh meni jero. Ambu Suri beuki ngarasa lewang. Ret deui kaluhur, katempo meni luhur pisan. 

Ambu Suri beuki soak. Naek paur, turun sieun. “Beu cikala.. geuning aing teh aya di tengah tengah gawir.. Kumaha carana aing hanjat ti dieu?,” cek gerentesna.

Keur kitu keleper.. Aya hiji manuk hiber, terus entreup dina akar anu aya saluhureun manehna. Pas kabeneran na the persis pisan luhureun beungeut Ambu Suri. Eta dasar apes, eta manuk the kalah ngadon ngising. Plok pisan tai manuk teh ragragna kana palebah biwir Ambu Suri.

Atuh Ambu Suri seueul gulunuk. “Dasar manuk kurangajar.. Ngadon ngisingan aing,” cek Ambu Suri gugulunuk.

Ari Manuk malah katempo deui siga nu rek ngising. Atuh Ambu Suri sieuneun kaisingan deui. Ambu Suri nyengkatkeun awakna, maksudna rek ngagebahkeun eta manuk. Atuh akar teh goyang. Ambu Suri ngolesah ragrag, gorbas gorobas gugulitikan ka handap. Ambu Suri ngoceak, “Tuluuuung..!,”

Gujubar..! Ambu Suri tigujubar kana walungan anu caina ekeur memeujeuhna gede. Kerelep teuleum tuluy mucunghul deui. Satuluyna kabawa palid ku cai. Katempo leungeun Ambu Suri roroesan.

“Tuluuung..! tuluuuung..! “ Kedenge sora Ambu Suri tulung tulungan. Sorana awor jeung sora cai walungan anu ngaguludag. Beuki lila beuki teu kadenge. Akhirna mah les teu kadenge deui. Cag urang tunda heula.

Ayeuna kocapkeun di hiji lembur anu pernahna aya di salandeuheun Lembur Luhur. Eta lembur ngarana lembur Cipeuteuy. Jalma jalma geus mulai sibuk ku pagawean na masing masing. Aya nu geus indit ka sawah, ka kebon, jeung sajabana. 

Harita aya dua urang nonoman anu keur nyareuseuh bari harereuy di pinggir walungan gede anu caina katempo herang ngagenclang. Eta walungan teh memang paranti jalma jalma lembur marandi atawa nyeseuh pakean.

Ari budak ngora anu lalaki ngarana Bantar. Boga rupa kasep. Umurna kira kira salawe taunan, saumuran jeung Amran. Malahmah rupa eta budak lalaki teh, nyeples pisan teu dipiceun sasieur oge tambleg pisan rupa Amran.

Anu wanoja ngarana Nyi Eti. Boga rupa geulis, malahmah bisa disebut panggeulisna bae di eta lembur mah. Ari Bantar jeung Nyi Eti teh lain batur, tapi sadulur. Memang lain dulur sakandung. Lantaran ari Bantar mah saukur anak inguan Mama Kyai Zakaria, anu keur orokna katimu ti hiji leuweung. 

Ari Nyi Eti, eta mah bener bener anak pituin. Dijurukeun na lima tahun leuwih ngora ti Bantar. Najan ngan saukur dulur angkat, tapi Bantar kacida nyaahna ka Nyi Eti. Kitu deui sabalikna, Nyi Eti geh mikanyaah pisan ka Amran. Saking deukeut pisan hubungan na, kamana mana geh ceunah mah Bantar jeung Nyi Eti teh teu pernah papisah. Malahmah aya kecewas kecewis ti warga didinya, anu curiga boa boa Nyi Eti jeung Bantar teh sarua bogohna. Beja eta malah sampe ka Mama Kyai Jakaria jeung Ibu Haji Aisyah, indung bapana Nyi Eti. Tapi tangtuna bae duanana geh ngan saukur saleuri bae teu aya nu percaya. Lantaran pikeun Mama Kyai Jakaria jeung Bu Haji Aisyah mah duanana geus teu dibedakeun dianggap sarua anak kandungna.

Ayeuna urang kocapkeun deui Bantar jeung Nyi Eti anu keur nyareuseuh bari harereuy gogonjakan. Bet heureuyna oge siga budak paudag udag jeung pasimbeur simbeur ku cai.

Keur kitu Nyi Eti siga anu pohara kagetna pas ngalieuk ka tengah tengah walungan. Katempo ku manehna siga aya jalma anu keur kokleaban kabawa palid ku cai. Sakapeung katempo teuleum, sakapeung mucunghul. Tapi tacan katempo jelas pisan, lantaran kahalanagn ku babatuan.

“Kang.. Itu tingal, siga aya jalmi anu palid,” cek Nyi Eti bari nujuk ka palebah jalma nu katempo palid.

Tapi ku Bantar teu pati dipirosea, lantaran disangkana Nyi Eti teh ngaheureuyan, supaya meleng, engkena rek dibanjur. “Duka em.. Moal katipu,” jawab Amran.

“Itu, kang.. Leres.. Cobi tingal jalmi ta sanes,” Nyi Eti ngomong deui bari tutunjuk. Tapi Amran tetep embung ngalieuk.

Ari jalma nu kokoleaban beuki katempo jelas. Sihoreng teh Ambu Suri. Beuki lila beuki kabawa palid ka hilir. Beungeutna geus katempo bariru. Geus jelas kitu mah Nyi Eti ngarasa teu tega. Geus teu loba omong deui, gajleng manehna luncat kana walungan, tuluy ngojay rek nulungan Ambu Suri anu palid.

Nempo kitumah, Bantar kaget. Barang ngalieuk breh teh bener aya jalma anu kabawa palid. Atuh Bantar geh geuwat luncat ngudag Nyi Eti anu keur ngojay rek nulungan Ambu Suri. 

Teu lila, Nyi Eti anjog kapalebah Ambu Suri. Disusul Bantar. Tuluy Ambu Suri ditarulungan dibarawa kapinggir, saterusna digolerkeun dina jukut pinggir walungan. Bantar jeung Nyi Eti katempo ngahegak.

“Kumaha, kang.. Masih keneh hirup ta tos teu aya nyawaan?,” Tanya Nyi Eti.

Bantar can ngajawab. Tuluy manehna mariksa nyepeng pigeuang leungeun Ambu Suri. “Masih aya keneh, Nyai,” cek Amran.

“Atuh sok enggal tulungan, kang.. Hawatos..” cek Nyi Eti deui.

“Sok eta punten calikeun, Nyai.. Tahan salirana..!,” cek Bantar.

Terus Ku Nyi Eti, Ambu Suri teh didiukeun. Awakna dicepengan supaya teu ngagoler deui. Ari sirah Ambu Suri katempo ngulahek. Satuluyna Bantar pindah ka satukangeun Ambu Suri. Saterusna katempo ngagerakeun dua leungeun na siga anu ngaluarkeun tanaga batin. Pel.. duaa dampal leungeun Bantar ditempelkeun kana tonggo Ambu Suri.

Katempo aya cahaya biru tina awak Bantar mapay kana leungeun na terus ngabungkus sakabeh awak Ambu Suri, ti mulai hulu sampe kana suku. Teu lila borolo borolo, Ambu Suri ngaluar luarkeun cai tina sungutna. Awak anu tadina karasa tiis geus mulai  haneut. Ngendek sakeudeung Ambu Suri katempo beunta. Terus rirat reret ka sabudeureun eta tempat. Sanggeus kitu neuteup teleb ka Nyi Eti.

“Aya dimana kuring? Jeung saha anjeun?” tanya Ambu Suri.

“Ibu atos sadar? Alhamdulillah.. Ibu aya di kampung Cipeuteuy.. Abdi Eti.. Itu pun raka, kang Bantar.. Tadi abdi ningali ibu palid dina walungan.. Alhamdulillah ibu tiasa salamet..” cek Nyi Eti.

“Nu.. nuhun, Nyai.. Sihoreng masih keneh aya nu haat ka kuring.. Nuhun,” cek Ambu Suri bari masih keneh pegat pegat.

“Muhun, Ibu.. Ayeunamah ibu ulah seueur nyarios heula.. Pulihkeun heula tanagi,” cek Nyi Eti deui.

Ambu Suri saukur manggut. Tuluy katempo ngulahek deui. Ku Bantar disarekeun deui lalaunan dina jukut. Satuluyna katempo ku Nyi Eti suku Ambu Suri dirancetan. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun kaayaan di hiji imah masih keneh di lembur Cipeuteuy. Eta imah lega, kaasup gedong sigrong di jaman harita mah. Pakarangan hareup dipelakan kekembangan meni sagala aya. Di tengahna aya balong leutik, make aer mancur. Sakulilingna resik, aya jalan leutik ditap make batu. Pokona matak pikabetaheun.

Ari tanah tukangeun imahna dipelakan sabangsaning sayur sayuran. Dipinggireun na aya kendang embe, jeung sabangsaning sato unggas lain na. Siheoreng eta imah teh bogana Mama Kyai Jakaria sareng bojona Nyi Haji Aisyah, nyaeta indung bapana Nyi Eti.

Harita kadenge Mama Kyai sareng bojona keur gegerendengan ngobrol di tepas haereup bari nyanghareupan wedang jeung cai kopi.

“Lain, Amana.. Abdi mah tos marengmengan bae seueur jalmi nu nyarios ceunahmah si Ujang jeung si Nyai teh layeut teuing siga anu boga hubungan,” cek Nyi Haji Aisyah, kadenge mimiti ngomong.

Ari Mama Kyai ngan saukur imut, terus regot kana cai kopi anu haneut keneh. Dileueut bangun nu nikmat.

“Abdi janten ngaraos isin, Amana,” Nyi Haji Aisyah nyambung deui omongan na.

Mama Kyai Jakaria nunda deui gelas kana meja, kot nyandak kulub taleus, pok anjeuna cumarios. “ Ah keun bae, ibuna.. Omongan kitu mah teu kudu jadi fikiran.. Nu penting mah barudakna teu kitu,” jawab Mama Kyai.

“Justru kitu, Amana.. Eta anu janten emutan bae teh.. Bisi enya omongan jalma teh.. Cik atuh, amana.. Urang teh kedah kumaha? Da masih si ujang mung saukur putra angkat urang geh, tos asa janten putra pituin.. Asa teu hade pami kedah ngajodo ka si Nyai mah,” cek Nyi Haji Aisyah deui.

Huleung, Mama Kyai Jakaria katempo ngahuleng. Teu lima anjeuna kapireng nyarios deui.

“Geus sabara ayeuna umur si ujang teh?,” tanya Mama Kyai?

“Atuh salawe taun mah aya..” jawab Nyi Haji Aisyah.

Mama Kyai unggut unggutan. “Geus kieu bae atuh ayeuna mah.. Si Ujang geus cukup dewasa.. Geus waktuna manehna neangan nu jadi kolot pituin na..”

“Maksad amana si ujang teh bade dipiwarang ingkah ti dieu? Atuh pami kitu mah abdi teu tega amana..” Nyi Haji AIsyah siga nu reuwas ari ngadenge kitu mah.

“Enya tapi lain berarti diusir.. Si ujang tetep anak urang.. Tapi da kumaha kumaha geh manehna tetep kudu nyaho kolotna anu sabenerna.. Jadi manehna tetep kudu maluruh saha indung bapana..” jawab Mama Kyai deui.

Nyi Haji Aisyah ngan saukur ngahuleng. Hatena tetep teu merean kari kudu nitah Bantar indit ti imah ieumah. 

“Masi Ama geh hate mah teu tega, Ibuna.. Abah nyaah pisan ka si Ujang.. Tapi da kumaha.. Si Ujang tetep kudu nyaho indung bapa kandung nu sabenerna,” cek Mama Kyai tegas.

“Nya pami kitu mah teu langsung amana bae.. Tapi sing atos atos dina nyariosna.. Ulah dugi karaheut manahna,” Cek Nyi Haji Aisyah.

“Nya tangtu atuh.. Ama geh bisa ngaraba hate batur,” jawab Mama Kyai Jakaria.

Keur kitu katempo rentang rentang di kajauhan aya nu keur leumpang tiluan. Sihoreng Bantar, Nyi Eti, jeung Ambu Suri. Ku Mama Kyai jeung Nyi Haji Aisyah katingalieun.

“Itu si Nyai sareng si ujang darongkap, Amana.. Tapi saha anu saurangna nya.. Asa nembe ningal, “ cek Nyi Haji AIsyah.

“Enya.. Ama geh teu apal..” jawab Mama Kyai.

Teu Kungsi lila, Bantar, Nyi Eti, jeung Ambu Suri aranjog. Bantar jeung Nyi Eti ngucapkeun salam. Dijawab wa alaikum salam ku Mama Kyai jeung Nyi Haji Aisyah. Da memang di kulawarga eta mah geus kabiasaan. Lamun tos timana mana geh wajib ngucapkeun salam. Ari Ambu Suri ngan saukur manggut.

“Mangga kalebet, ibu.. Teu kedah isin isin di dieu mah,” Cek Nyi Eti ka Ambu Suri.

Ambu Suri siga anu kararagok. “Muhun, Nyai Haturnuhun,” Tuluy manehna geh ilu naek kana golodog, nuturkeun Nyi Eti. Ari Bantar katukang heula rek moe moekeun seuseuhan.

Ambu Suri tuluy munjungan ka Mama Kyai jeung ka Nyi Haji Aisyah. Katempo dodongkoan siga nu ajrih pisan. Ku Mama Kyai jeung ku Nyi Haji Aisyah dititah calik. Gek Ambu Suri calik sagedengeun Nyi Eti.

“Haturan, ibu.. Punten saha ibu teh asa nembean papendak?” tanya Nyi Haji Asiyah.

“Sumuhun.. Sim Kuring teh katelah di lemburmah Ambu Suri.. Kawit ti lembur luhur,” jawab Ambu Suri rengkuh pisan. Padahal ari di lemburna mah Ambu Suri teh geus kawentar judes jeung angkuh. Tapi ari nyanghareupan Mama Kyai jeung Nyi Haji Asiyah mah manehna siga nu ngarasa serab.

Mama Kyai jeung Nyi Haji Aisyah unggut unggutan. Tuluy Nyi Haji Asiyah nanya deui, “Oh sumuhun.. Bingah abdi sareng amana tiasa tepang sareng ibu.. Tapi bilih aya pamaksadan tebih tebih ti lembur luhur teh,” 

Ambu Suri ngahuleng, ret ngareret ka Nyi Eti, siga nu menta dipangjawabkeun. Nyi Eti ngarti, terus pok manehna mang jawabkeun.

Barabat Nyi Eti nyaritakeun kajadian ti mimiti manehna jeung Bantar manggihan Ambu Suri nu keur palid di walungan, sampe ku maranehna ditulungan. Tapi ari naon sabab musababna Ambu Suri palid mah Nyi Eti geh can apaleun.

“Kitu lalakon n amah, Ibu, Ama..” cek Nyi Eti.

Atuh Mama Kyai jeung Nyimas Aisyah reuwas ngadenge kitu mah. Maranehna ngarasa karunyaeun pisan ka Ambu Suri. “ Hawatos teuing.. Kunaon tiasa kitu,” tanya Nyimas Aisyah.

Ambu Suri siga nu rek ngajawab, tapi katempo ragu ragu. Mama Kyai ngartieun. “Geus ke heula, ibuna.. Waka heula loba pertanyaan.. Ayeuna mah bae tuang heula,Nyai.. Hawatos,” cek Mama Kyai.

“Muhun, Ama.. Ibu hayu urang tuang heula..,” cek Nyi Eti.

“Muhun, Ibu.. sok teu kedah isin isin di dieu mah,” cek Nyimas Aisyah.

Atuh da beuteung memang lapar. Masi era geh Ambu Suri akhirnamah daekun. “Muhun, haturnuhun.. Atuh ieuh janten ngarerepot,” jawab Ambus Suri.

“Muhun sok mangga mangga.. Henteu.. henteu ngarerepot,” cek Nyimas Aisyah deui.

Tuluy Ambu Suri leumpang nuturkeun Nyi Eti nu ngajak dahar. Cag urang tunda heula.

Kocapkeun kaayaan di lembur luhur, nyaeta nyaritakeun deui kaayaan Bah Sura saparakanca. Harita panon poe geus moncorong ti beulah wetan. Kaayaan keur meumeujeuhna panas. Bah Sura, Aki Jumad, Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, Pa Lebe, Mang Uman, jeung nu sejen na katempo masih keneh ngajaloprak kapiuhan can saladar keneh.

Sora ingon ingon geus kadenge patembalan. Sora embe pating berele, sora hayam jeung bebek reang kadenge marenta parab. Keur kitu, gedor gedor kadenge panto digedoran tarik pisan. Sihoreng Emak Paraji datang deui rek ngabejaan yeun Nyi Mar’ah leungit dibawa kabur jurig, bari sakalian manehna hayang nyaho kaayaan Bah Sura saparakanca sanggeusna peuting disingsieunan ku menehna.

Sihoreng panto geus digedoran tarik pisan geh can aya nu harudang. “Hadeuuh.. Eta jalma keur naraon deui? Mangkara beurang kieu angger keneh disangka jurig mah?, “ Cek Emak Paraji gugulunuk.

Panto digedoran deui beuki tarik, ayeuna mah Emak Paraji bari cocorowoan. “ Punten, Abah..! Pa Rt.. Pa Tua.. Pa Lebe..! Kuring aya peryogi.., Cek Emak Paraji.

Tapi anggeur boro boro aya nu muka panto, nu nembalan geh teu aya. Emak Paraji seueul. “Kudu kumaha supaya harudang nya?” Emak Paraji ngahuleng. Teu kahaja bari ngahuleng matana ngareret ka juru kenca. Breh aya kentrong. Emak Paraji ngabelenyeh seuri. Terus leumpang nyokot kentrong. Satuluyna kadenge Kentrong ditabeuh ditihtirkeun bari Emak Paraji cocorowokan. 

“Kahuruan..! Kahuruaaaan..!,” cek Emak Paraji.

Ari ngadenge kitu mah, Bah Sura jeung nu sejen na harudangan kaget. Malah Aki Jumad jeung Mang Uman anu keur peuting pangheulana kapiuhan geh hudang.

Aki Jumad jeung Mang Uman anu ngarasa pohara kagetna ngadenge anu gogorowokan kahuruan kahuruan langsung laluncatan muru panto hereup. Jleng..! Jleeeng..! duanana ngagajleng. Pas kabeneran Bah Sura, Pa Rt, Tua Kampung, Pa Lebe, jeung Mang Wardi oge cengkat bari ngangkat bupet anu rubuh nindihan maranehna.

Atuh jeger..! jadina Aku Jumad jeung Mang Uman malah nalabrak bupet anu karek dijungjungkeun. Gubrag..! Duanana lalabuh ka tukang nangkarak bengkang. Sedengkeun Bah Sura saparakanca geh sarua rek harudang teu tulus lantaran katinggang de uku bupet anu katubruk ku Aki Jumad jeung Mang Uman. Kabehan na kadenge pating garoak.

Barang ngadenge anu pating garoak jeung pating galebrug, Emak Paraji jadi ngarasa kagugu. Cikikik si Semak susurian meni anhkey ahkeyan.

Keur kitu sada rame jalma jalma daratangan, meuereun pedah tadi ngadarenge sora kentrong ditihtirkeun bari jeung sora ngagorowok aya kahuruan aya kahuruan. Emak Paraji kaget. Sieun dicararekaan ku jelma, buru buru Emak Paraji nguliwed tuluy nyumput di hiji rungkun di kebon beulah tukang Imah Bah Sura.

Jalma jalma geus daratangan. Sihoreng di imah Bah Sura teu aya nanaon. Jalma jalma heran, “Nanaonan si Ambu nabeuh kentrong bari cocorowokan kahuruan.. Naon nu kahuruan na?,” cek salah saurang jalma. 

“Enya euwueh gawe pisan.. Ngagareuwahkeun bae batur..” cek nu saurang deui.

Ari Bah Sura jeung nu sejen na kaget oge barang ngadenge jalma jalma rame siga nu ngagarimbung di luar. “Beu.. Sigana urang teh aya nu ngagawean, pa Tua..” itu jalma jalma daratangan pajarkeun aya imah Abah kahuruan..” cek Bah Sura.

“Enya, Bah.. Geus cicing.. Ulah aya nu nyoara.. Lantaran lamun jalma jalma nyarahoeun kalakuan urang, matak wirang..” Cek Tua Kampung. Atup jep kabehan na ngahephep caricing.


Dilajeng ka Eps salajengna.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng

Naskah Dongeng Sunda

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 18