Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1


Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa.

Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan.

Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa tiis jeung seger. Sihoreng dua eta tempat teh anu disebut alam mahsyar tea ceunah, tempat kumpulna jalma jalma nungguan disidang amal perbuatan na.

Di salah sahiji tempat anu iuh tadi aya salah saurang jalma anu keur diuk, nungguan panggilan sidang. Eta jalma ngaran na Bah Rustam, saurang jama beunghar anu keur hirupna cicing di hiji lembur anu katelah lembur Cihirup. Harita Bah Rustam bener bener ngarasa cangkeul lantaran geus leuwih ti saratus tahun tacan oge meunang panggilan sidang. Sedengkeun jalma jalma anu maotna sapandeurieun manehna geus loba anu tiheula meunang panggilan. Harita oge Bah Rustam keur ngobrol jeung salah saurang batur salemburna keur hirup anu ngaran Mang Boil, anu sarua manehna oge tacan meunang panggilan sidang. Kadenge Bah Rustam cumarita.

“Naha urang can dipanggil keneh pikeun disidang nya.. Ari Mang Boil jeung kuring heula saha maotna..?” cek Bah Rustam.

“Jih atuh payun keneh Abah.. Nya meureun beda sapuluh tahun mah, Bah..” tembal Mang Boil.

“Oh pantes atuh ari kitu mah.. Pasti oge heula kuring anu disidangna..” cek Mang Rustam deui.

“Nya panginten kituna mah nya, Bah.. Tapi alhamdulillah urang mah kalebet anu ditempatkeun di nu mernah..” cek Mang Boil deui.

“Enya kitu na mah.. Tapi Abah mah geus bener bener cangkeul ieu teh.. Atuh abah mah geus hampir saratus tahun leuwih can meunang keneh panggilan.. Atuh batur, Pa Tua Kampung, Pa Lebe, Pa Rt, malah si Kuseri anu tukang rongsok bae oge geus tiheula..” cek Bah Rustam deui.

Cacap Bah Rustam ngomong kitu, kadenge aya sora anu ngageroan Mang Boil. Atuh Mang Boil teh meni curinghak. “Alhamdulillah, Bah.. Abdi mah tos disauran tuh.. Pileuleuyan nya, Bah.. Insya Allah engke oge patepang deui di sawarga..” cek Mang Boil bari jung nangtung.

Ari Bah Rustam na teu nembalan, ngan saukur molongo. Na hate na ngagerentes. “Naon ari kasalahan aing keur hirup di dunya nya.. Naha aing mah can meunang panggilan keneh atuh..” gerentes Bah Rustam bari ngahuleng.

Keur kitu lar aya nu ngaliwat, hiji jalma kasep, tapi awakna jangkung badag. Eta jalma teh make pakean sing sarua bodas. Nempo eta jalma Bah Rustam curinghak, tuluy manehna buru buru hudang nyaempeurkeun. Pok Bah Rustam ngomong ka eta jalma.

“Hapunten, juragan.. Abdi bade tumaros..” cek Bah Rustam.

Eta jalma anu make pakean sing sarua bodas ngalieuk, reg ereun, tuluy nembalan. “Naon anu rek ditanyakeun ku anjeun..?” tembal eta jalma bari mencrong ka Bah Rustam.

“Sumuhun.. Ari sim abdi teh tos maot lami pisan.. Tapi kunaon abdi mah teu acan keneh dipanggil sidang.. Ari jalmi anu salembur sareng abdi, anu maotna sapandeurieun abdi mah tos tiparayun dipanggil..” tanya Bah Rustam deui.

Eta jalma anu make pakean sing sarua bodas imut, tuluy pok nembalan deui pertanyaan Bah Rustam. “Ari maneh di lembur keur hirup kumaha kaayaan maneh.. Kaasup jama beunghar ta jama miskin..?” cek eta jama malik nanya ka Bah Rustam.

“Sumuhun.. Abdi teh kalebet jami beunghar.. Malah disebat na oge pangbeungharna..” tembal Bah Rustam.

“Maneh sok amal..?” tanya jama nu make baju sing sarua bodas deui.

“Sumuhun pami dipercanten mah abdi mah seringa mal.. Sering sodaqoh..” tembal Bah Rustam deui.

Jalma anu make baju sing sarua bodas imut deui. “Wayahna maneh mah pandeuri disidang na.. Malah bakal ngorondong salila lima ratus taun mun rek asup ka surga oge..” cek eta jalma anu make baju sing sarua bodas deui.

Atuh ngadenge kitu, Bah Rustam meni reuwas. Manehna bener bene asa dibentar gelap, malah awakna oge karasa leleuleus. Leketey ngaleketey.

“Kunaon tiasa kitu juragan.. Kapan abdi mah ibadah bae ka Allah.. Abdi sering sodaqoh tina harta abdi..”

“Tah eta kulantaran maneh jadi jama anu pangbeungharna di alam dunya.. Maneh nyaho carita Abdurahman Bin Auf, sahabat Rasulullah.. Anjeuna jalma soleh, boga kabeungharan anu kacida.. Anjeuna dijanjikeun asup surga.. Tapi cek Rasulullah oge asup surga na Abdurahman bin Auf ku cara ngorondong..”

Atuh ngadenge kitu Bah Rustam beuki leuleus deui bae. Segruk manehna ceurik meni ngadingdiut. “Aduh, gusti.. Kunaon abdi dijantenkeun jami beunghar.. Mun keur di dunya teh jantenkeun bae abdi teh janten jami miskin..” kitu sumegrukna Bah Rustam.

Sihoreng anu dialaman ku Bah Rustam harita teh ngan saukur ngimpi. Anu sabenerna mah harita Bah Rustam teh keur meumeujeuhna sare tibra pagigir gigir jeung Ambu Yayah, pamajikan na. Barang ngadenge salakina ceurik ngadingdiut kitu, atuh Ambu Yayah teh meni reuwas, korejat hudang, ret ka Bah Rustam anu masih keneh kadenge ngadingdiut ceurik.

“Eta ari si Abah naha sare teh meni ngadingdiut kitu..” cek Ambu Yayah bari mencrong ka salakina anu masih keneh sare bari ceurik ngadingdiut.

Ambu Yayah kerung. Lila lila malah fikiran na suudhon. “Dasar gejul.. Boa boa si Abah teh ngimpi diputuskeun ku popotongan na nya.. Oh heueuh bener.. Kapan tadi beurang teh tos panggih jeung si Heni popotongan na beheula, eta panon na oge meni murilit murilit bae nempo si Heni teh.. Kurangajar atuh lamun kitu mah.. Awas sia Abah..” gerentes Ambu Yayah.

Tuluy jrut Ambu Yayah turun tina ranjang, leumpang keketeyepan ka tukang, meni ngalengkah na oge ati ati lantaran sieun kadengeeun ku Bah Rusta. Sanggeus aya di dapur kot kana teko, tuluy balik deui ka kamer. Sanggeus aya pinggireun ranjang. Cur bae cai anu dina teko teh dibanjurkeun kana sirah Bah Rustam.

Atuh Bah Rustam anu keur tibra bari ngimpi teh meni reuwas ngorejat. Panon na luak lieuk, lelembutan na can kumpul kabeh. Ari Ambu Yayah na barang nempo salakina puluhak polohok kitu teh beuki ambek, beuki curiga bae. Haok nyarekan deui.

“Heh, Abah.. Naha puluhak polohok kitu.. Neangan saha maneh.. Euwueh si Heni na geh.. Aya oge kami di dieu mah..” cek Ambu Yayah bari molotot.

Atuh Bah Rustam anu can kumpul kabeh lelembutan na teh reuwas deui bae, barang hudang dicarekan kitu ku pamajikan na teh. Pok nyarita ka Ambu Yayah.

“Nyi Heni.. Aya naon Nyi Heni na..” cek Bah Rustam bari molongo.

Ngadenge omongan Bah Rustam kitu, Ambu Yayah beuki ambek deui bae. “Jih dasar nurus tunjung.. Berarti bener maneh teh nya.. Ngadon ngimpi jeung si Heni..” cek Ambu yayah, bari kot kana guguling, tuluy dibabuk babukeun ka Bah Rustam.

Atuh Bah Rustam teh beuki teu ngarti. “Aya naon ieu yayah.. Aya naon.. Sok teu pararauguh kitu maneh mah.. Kami na salah naon..”

“Salah naon salah naon.. Sok sia ngaku, Abah.. Maneh tos ngimpi naon jeung si Heni.. Sampe ceurik ngadingdiut kitu.. Maneh ngimpi diputuskeun ku si Heni nya..”

Bah Sura teu nembalan, kalah ngahuleng. Manehna karek sadar inget kana ngimpina tadi. Tuluy ngagerendeng sorangan. “Heueuh, bener.. Hanjakal lamun keu mah aing teh hanjakal.. Ulah sampe kajadian nu tadi kaalaman bener ku aing..” cek Bah Sura.

Ngadenge omongan Bah Rustam kitu, Atuh Ambu Yayah teh beuki salah faham deui bae. Disangkana, Bah Sura ngomong hajakal teh, hanjakal teu jadi kawin jeung Nyi Heni. Ambu Sura beuki ambek bae.

“Dasar kurangajar maneh mah, Abah.. Kokolot begog siah.. teu inget kana umur siah.. Halik siah kaluar ulah sare jeung kami..” cek Ambu Yayah, bari jeung teu loba omong deui, durugdug bae ngabetot leungeun Bah Rustam anu keur olohok keneh disered ka luar ti kamer. Tuluy jeblug bae panto kamer teh dijeblugkeun ti jero, cetrek dikonci.

Di sejen pihak, Bah Rustam na anu masih keneh kafikiran ku ngimpina, geus teu loba polah, malah manehna cicing bae basa disered ku pamajikan na ka luar ti kamer teh. Bah Rustam terus ngahuleng bari candekul mikiran ngimpi anu dialaman ku manehna. Geus teu paduli kana kalakuan Ambu Yayah pamajikan na mah, meureun ku sieun sieun na anu aya dina impian na kalaman bener engke di akherat.

“Ya Allah, Gusti.. Ulah ka dugi pangalaman anu dina impenan abdi teh kaalaman engke di akherat.. Daripada abdi kedah ngalaman engke ngorondang di akherat.. Wios abdi mah dijantenkeun jalmi miskin bae di alam dunya..” gerentes Bah Rustam bari katempi sedih.

Ari Ambu Yayah na di jero kamer, masih keneh ambek ka Bah Rustam. Komo nempo Bah Rustam teu lemek teu nyarek basa disered kaluar ti kamer teh. Ambu Yayah beuki yakin, lamun Bah Rustam teh bener bener keur mikiran ngimpina jeung Ni Heni.

“Wah bener eta si Abah.. Dasar nurustunjung kolot kolot teh.. Lain inget kana umur, malah mikiran bae popotongan na.. Bener bener kurangajar jama teh..” gerentes Ambu Yayah.

Ambu Yayah terus ngahuleng, na dada na panas kulantaran timburu tea. Malah saking timburu na sampe boga fikiran hayang pepegatan sagala jeung Bah Rustam. Tapi ngan sakeudeung fikiran kitu na mah, anu saterus na mah manehna oge sieun lamun sampe bener pepegatan jeung Bah Rustam mah. Anu utama na mah sieun eweuh nu nganafkahan. Komo kapan ari Bah Rustam teh jama pang beungharna di lembur Cihaur teh.

“Heueuh tapi lamun aing pepegatan, aing nu rugi.. Meureun aing teh bakal jadi jama miskin.. Ari geus kieu aing kudu kumaha..” gerentes Ambu Yayah.

Ambu Yayah terus cengkat hudang. Keteyep keteyep leumpang ngadeukeutan panto. Tuluy noong ka tengah imah. Breh katempo Bah Rustam masih keneh ngahuleng siga nu bingung.

“Dasar akia ki toloheir siah.. Bener bener tah manehna teh siga na mah masih keneh kaedanan ku si Heni.. Awas siah..” gerentes Ambu Yayah nari katempi leungeun na ngeupeul ngageter.

Di sejen pihak, Bah Rustam na masih keneh mikiran kana impian na. Paroman na katempo bener bener pusing. “Kumaha bae car ana, aing kudu jadi jama miskin.. Ah bener kitu, daripada aing engkena kudu ngorondang di akherat.. Kajeun ayeuna teh ku aing dibeakeun bae banda aing teh lah..” gerentes Bah Rusta,

Keur ngahuleng kitu, dur dur kadenge sora bedug subuh di masigit, disusul ku sora adan. Bah Rustam cengkat, leos ka tukang rek abdas. Sanggeusna abdas kot kana sarung jeung kopeah anu ngagantung dina bilik di tengah imah. Tuluy indit rek ka masjid.

“Ambu.. Abah rek ka masigit heula nya..” cek bah Rustam samemeh indit teh pamit heula ka Ambu Yayah.

Tapi Ambu Yayah na teu nembalan, ngan saukur noong tina liang konci. “Ku aing teu meunang diantepkeun yeuh.. Isukan ku aing rek diparanan tah si Heni na, ambih teu ngaganggu bae kana fikiran salaki aing..” kitu cek gerentes Ambu Yayah deui, hatena kalah beuki ambek ka Nyi Heni. Cag urang tunda heula.

Ayeuna tuturkeun deui Bah Rustam anu leumpang indit ka masigit rek solat subuh berjamaah tea. Bari leumpang teh manehna terus bae ngahuleng mikiran impian na keur peuting.

“Lamun geus solat subuh, aing kudu nanyakeun yeuh ka Kyai Arif.. Naha bener lamun jadi jama kaya ke di akherat bakal ngorondang lamun rek asup ka surga na.. Heueuh mending nanyakeun bae ambih hate aing tenang..” gerentes Bah Sura bari leumpang.

Ari leumpangna bari ngalamun mah, teu karasa Bah Rustam teh geus anjog ka masigit. Tuluy bus asup kajero. Sanggeus ngalaksanakeun solat sunat, kadenge aya nu komat. Tuluy katempo sakabeh jamaah solat subuh. Anu jadi imamna, ustad Arif.

Teu lila solat subuh geus rengse. Satuluyna kadenge maraca wirid berjamaah. Sorana meni ngagerenggeng. Sanggeus ngadoa, tuluy kadeng Ustad Arif maca robana. Para jamaah bubar. Ngan aya sabagian anu araya keneh di masigit, diantarana, Bah Rustam, Kyai Arif, Pa Lebe, Tua Kampung, Pa Rt, jeung Mang Boil, katempo maranehna mah masih keneh ngarariung di jero masigit.

Kadenge Bah Rustam cumarita ka Kyai Arif. “Hapunten, Jang Kyai.. Abah bade tumaros ieu teh.. Da ari Jang Kyai mah geus legok tapak genteng kadek dina sual agama mah..” cek Bah Sura.

Nu sejen nu aya didinya katempo daria ngadarengekeun obrolan Bah Rustam jeung Kyai Arif. Malah Pa Lebe jeung Mang Boil mah diuk na oge meni ngageser ngadeukeutan. Kadenge Kyai Ari nembalan omongan Bah Sura.

“Sumangga, Bah.. Insya Allah.. Lamun sim abdi tiasa, nya meureun ku abdi diwaler.. Nya pami teu tiasa, hapunten manawi. Mangga Abah bade naroskeun naon..” tembal Kyai Arif.

“Haturnuhun, Jang Kyai.. Kieu anu bade ditaroskeun ku Abah teh.. Naha leres aya katerangan pami jalmi beunghar ke diakherat mun lebet ka sawarga teh ngorondang..” tanya Bah Rustam meni daria.

Kyai Arif unggutan, ari nu aya didinya kabehan malencrong seukuet kabeh ka Kyai Arif, panasaran hayang nyaho jawaban anu ditanyakeun ku Bah Rustam. Tuluy pok kadenge Kyai Arif nembalan.

“oh kitu, Bah.. Anu ditaroskeun ku Abah teh.. Nya insya Allah ku abdi diwaler.. Memang aya katerangan ngeuanaan perkara anu ditaroskeun ku Abah teh.. Nyaeta anu nyarioskeun kisah Abdurahman Bin Auf, saurang sahabat Rasulullah anu kacida beungharna.. Hiji waktos Siti Aisyah kantos nyarios, yeun saurna Rasulullah, kanjeng Nabi Muhammad pernah nyampaikeun.. Yeun Abdurahman Bin Auf teh bakal lebet ka surga.. Tapi dina lebet ka surga teh kucara merangkak, atanapi ngorondang pami dina bahasa sunda na mah.. Kitu na teh kulantaran kabeungharan Abdurahman Bin Auf..” cek Kyai Arif nerangkeun.

Ngadenge kitu, Bah Rustam meni molongo, sirahna karasa janar deui. Pok nyarita deui hayang ngayakinkeun. “Jadi leres eta teh, Jang Kyai..?”

“Sumuhun pami tina ketrangan mah..” tembal Kyai Arif.

“Leres kitu..?” Bah Rustam siga nu panasaran keneh.

Kyai Arif unggeuk bari imut. Bah Rustam katempo meni sepa. Na hatena ngagerentes. “Beu.. Cilaka.. Lamun kitu carana mah.. Aing teh kudu bener bener ngabeakeun harta aing yeuh..” gerentes Bah Rustam bari tungkul ngahuleng. Ari nu aya didinya kabeh malencrong ka Bah Rustam bangun ku heran.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng