Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 16

 Karangan Kang Abun Burhanudin

Urang balik deui nyaritakeun kaayaan Ambu Suri anu ayeuna ditewak ku jalma jalma lembur cipeuteuy, kulantaran disangka bangsat anu maling embe tea. Di dieu Ambu Suri bener bener apes.  Satadinamah manehna teh niat hayang boga amal ka sasama manusa, tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah ceunah, sanggeus ngadengekeun pepelingna Mama Kyai Jakaria. Jadi Ambu Suri teh sihoreng salah faham kana cariosan Mama Ajengan Jakaria teh. fikirna mah, lamun manehna geus ibadah ka Allah terus boga amal ka sasama manusa teh, ririwa geh bakal sieuneun. Jadi ilu solat berjamaah lohor terus nulungan jalma geh geus cukup ceunah, cek fikirna.

Makana sanggeus solat lohor, Ambu Suri ngulilingan lembur rek neangan jalma nu butuh pitulung. Terus Ambu Suri panggih jeung hiji jalma anu sihoreng teh Bangsat embe, anu sabenerna keur ditareangan ku jalma lembur. Ku Ambu Suri malah ditulungan, dipangnungguankeun embena. Ari bangsatna mah kabur. Tuluy ngaburudul jalma jalma nu keur neangan bangsat embe. Nya pas kabeneran embe na keur disanghareupan ku Ambu Suri, nya jadina Ambu Suri nu apes, dituduh Bangsar. Satuluyna Ambu Suri digiringkeun ka bale desa.

Kocapkeun di lembur Cipeuteuy kayaan harita langsung jadi gujrud. Jalma jalma ear pabeja beja aya bangsat katewak, aya bangsat katwak, ceunah. Jalma jalma, kolot budak, awewe lalaki, ngabring ka bale desa, hayang nempo kos kumaha beungeut bangsatna.

Sanggeus araya di bale desa, kayaan jadi paciweuh. Jalma jalma ngambreg parahi hayang asup ka bale desa, parahi hayang nempo bangsat anu geus beunang.

“Mana bangsatna..! Mana bangsatna..! Paehan bae paehan..! Enya duruk bae duruk..! Ulah dibere ampun, tumaaan..!” cek jalma jalma pating corowok. Bari ngalangsreg hayang asup ka bale, nempo bangsat.

Untungna, Tua Kampung geus waspada kana hal eta. Manehna geus marentahkeun ka sababaraha urang hansip pikeun ngajaga di luar rohangan, ulah sampe aya kajadian maen hakim sorangan.

“Sabar..! Sabar..! Teu meunang aya nu asup,” bangsatna keur dipariksa ku Tua.

“Alaaah.. Minggir, mang.. Ku kuring rek dibabuk eta bangsatna.. Tuman..!,” cek salah saurang budak ngora bari nyilingkeun hansip anu ngahalangan. 

Tapi ku Hansip tetep dijaga. Akhirna jalma jalma padorong dorong jeung hansip. Siga bae polisi nu keur ngablokade jalma jalma nu keur ujuk rasa.

Atuh kusabab jalma jalma lembur leuwih loba jumlahna, hansip geh eleh tanaga. Gubrag.. Hansip kadorongkeun ngagubrag. Ari jalma jalma tuluy ngalangsreg parahi hayang tiheula asup ka jero nempo bangsat. Hampir bae hansip kalelejeg. Untung kaburu dihalangan ku nu sejen.

“Wooi..! Sabar sabar..! Ieu hansip sing paeh kalelejeg,” cek saurang jalma bari leungeun na ngajaagan bisi hansip nu keur ngajopraka kalelejeg.

Ari jalma jalma nu sejen na terus katempo ngangsreg di lawang parahi hayang asup ti heula. Atuh jadina pasedek sedek pagiat giat. Ari lawang sempit. Tungtungna mah saurang geh can aya nu bisa asup.

Nempo kitu, Tua Kampung jeung sababaraha urang pamong lain na jadi ambek. 

“Aya naon.. Ieuh aya naon? Kos aya tontonan bae..!, Kaluar..! Kaluar..! Teu meunang aya nu asup..!” cek Tua Kampung nyarekan jalma jalma anu maraksa asup ka jero bale.

“Mana bangsatna, Pa Tua.. Kuring hayang nempo beungeutna..!,” cek salah saurang.

“Enya Pa Tua.. Leungeun kuring geus gateul yeuh.. Hayang ngasaan neunggeul,” cek nu sejen na.

“Jih ari silaing.. Ka areling atuh.. Sarua bae  bangsat geh manusa.. Teu meunang maen hakim sorangan.. Keun eta mah jadi urusan dewek.. Awas lamun aya nu wani asup..,” cek Tua Kampung jadi malik seueul.

Ari Ambu Suri harita dikerem di hiji rohangan anu biasa sok dipake ngerem sabangsaning badog atawa jalma jahat lian na. (Lamun ayeuna mah sel tahanan meureun. Ari jaman kapungkur mah di tiap bale desa sok aya rohangan hukuman)

Sora jalma anu raribut di luar parahi hayang ngahukuman bangsat, kadengeun jelas pisan ku Ambu Suri. “Beu cilaka..! Mun kieu carana aing bisa paeh baseuh.. Bari aing teu boga salah teu naon..! Naha nasib teh goreng goreng teuing.. Kieu salah kitu salah.. Rek niat bener, kalah dituduh bangsat..” cek gerentesna.

Sora jalma nu raribut beuki kadenge rame. Ambu Suri mpot mpotan. Jantungna deg degan, hatena seseblakan. Akhirna mah fikirian na ge jadi teu bener. Ambu Suri kalah boga niat rek nekad kabur ti ieu ruangan.

“Aing mending kabur ti dieu, darpada aing cilaka paeh baseuh,” cek gerentesna deui.

Ambu Suri luak lieuk nengan jalan jang manehna kabur. Tapi can manggih celah. Lantaran salian ti sempit, eta ruangan teh teu pasang jandela, sakulilingna dipasang ku tembok. Ambu Suri rumahuh, bingung.

“Aduuh..! Beu cilaka..! Eweuh pisan jang jalan kabur,” gerentes Ambu Suri deui.

Sora ribut di luar, kadenge beuki rame. Jalma jalma geus beuki loba anu daratangan ka Bale Desa, hanyang nempo beungeut bangsat embe, bari rek dicangkalak sakalian ceunah.

“Ulah dibere ampun, bangsatna..! Heueuh gebugan bae geubugan.. Taranjangan taranjangan..! Duruk sakalian..!,” kadenge sada jalma beuki rame patingcorowok.

Ambu Suri beuki tambah gugup bae. Ku manehna jadi kabayangkeun lamun sampe manehna dimasa ku jalma jalma, ditaranjangan terus diduruk. Manehna pasti paeh. Bah Sura kalah bungah, terus kawin deui jeung nu ngora. Wak geus bae poko n amah manehna rugi ku dua ku tilu.

Ambu Suri jadi tambah soak. Tapi na fikirna, manehna kalah leuwih nekad kudu bisa kabur.

“Lamun sampe kudu paeh di dieu, aing rugi gede. Ngeunah bae si Abahmah, jadi duda tuluy kawin deui jeung nu ngora.. Teu teu bisa kitu.. Kumaha bae carana, aing kudu bisa kabur..” cek gerentesna deui.

Ret Ambu Suri ngareret ka luhur. Breh para di rohangan eta ngabolongbong euweuh bilikan, ngan saukur ditutpan ku kenteng bae. Ari dina luhur tembok, katempo aya tali nyampai, tungtungna ditalikeun kana layeus. Ambu Suri rada ngemplong bunga.

“Ah bener.. Aing teh teu apes apes teuing.. Aya jalan tuh jang kabur,” cek fikir Ambu Suri.

Tuluy Ambu Suri nyobaan naek, rek ngaronjat tali. Suku nu hiji nginjek kana tembok nu sabeulah, nu hijina ka nu sabeulahna deui. Ari leungeun katuhu saeutik saeutik ngaronjat kana tali, ari sirah nenggak, sungutna calangap.

Kep Ambu Suri akhirna bisa ngaronjat tali, terus leungeun duanana muntang, sautik saeutik naek. Tapi dasar kudu apes deui bae, basa saeutik deui suku nu katuhu rek naek kana para, aya hiji cakcak nu keur ngadaplok dina layeus. Eta cakcak sigana ngarasa kagebah, cakcak lumpat, tapi kalah ragrag. Koleaaang.. Blus teh kalah asup kana sungut Ambu Suri anu keur calangap.

Ambu Suri reuwas, tikoro asa kaselek, ari panon bolotot. Orolo orolo, Ambu Suri rek Utah. Leungeun nu keur nyepeng tambang lesot. Atuh gubrag, Ambu Suri akhirna tigubrag deui. Cungcurangan na titeundeut kana ubin.

Ambu Suri katempo nyengir gugulunuk. “Haramjadol teh.. dasar cakcak teu boga otak, kalah ngadon asup kana sungut aing.. Aya aya bae,” cek Ambu Suri ambek ambekan sorangan. Cag urang tunda heula.

Ayeun urang kocapkeun heula kayaan dihiji tempat, di pinggir sawah, masih keneh di lembur Cipeuteuy. Kayaan meni bengras, langit lenglang taya aling aling. Katambah ku angin leutik anu ngahiliwir, karasa seger jeung pikabetaheun.

Di tengah tengah eta sawah aya hiji saung leutik, dijieun tina awi, ari suhunnan na make jarami. Hareupeun saung aya balong leutik, anu dipelakan ku lauk kancra, katempo pating gudibeg matak resep.

Di jero saung aya dua nonoman siga anu keur babarogohan. Sohoreng eta dua nonoman teh Bantar jeung Nyi Eti. Kadenge Bantar jeung Nyi Eti patinggerendeng ngarobrol saruka bungah. Ari Nyi Eti bari ngobrol teh ngadon sare dina lahunan Bantar. Ku Bantar diusapan sirahna, bangun kunyaah pisan. Panon Nyi Eti merhatikeun sapasang manuk sajodo anu pating keleper paudag udag. Kadang eta manuk teh entreup kana dahan, tiluy kaliber deui paudag udag.

“Itu manuk katingal na teh meni bagja pisan nya kang.. Naha ari urang tiasa eleh ku manuk,” cek Nyi Eti mimiti kadenge ngomong.

“Kunaon kitu?” tanya Bantar, bari terus ngusapan rambut Nyi Eti, anu galling muntang tur hideung meles.

“Muhun atuh.. Ari urang mah mung tiasa gaduh kanyaah bae anu ageung.. Tapi mustahil tiasa ngahiji,” cek Nyi Eti.

Bantar ngan saukur bisa neuteup kana raray Nyi Eti, barang rek pok ngomong, ujug ujug rame kadenge jalma jalma anu raribut aya badog aya badog katewak ceunah.

Bantar jeung Nyi Eti kaget. Nyi Eti buru buru hudang tina lahunan Bantar. “Aya badog katewak ceunah kang,” cek Nyi Eti.

“Muhun nyai.. Hayu cuang taroskeun..” tembal bari terus duanana narangtung, tuluy lalumpatan nyampeurkeun ka jalma jalma.

“Pipirengan teh aya badog katewak, Mang..?, tanya bantar ka jalma jalam.

“Muhun, jang.. Bangsat nu maling embe Mang Juned...,” jawab salah saurang jalma.

“Ayeuna bangsatna dimana, Mang?” tanya Nyi Eti.

“Saurna mah dikerem di bale.. Puguh emang sarengereang teh bade ka bale ieu teh.. Hoyong terang beungeutna eta bangsat teh.. Hoyong ngasaan neunggeul.. Ieu leungeun emang geus gateul..,” cek eta jalma deui, bari terus leumpang.

“Cuang ningali yu, kang.. Abdi geh hoyong terang..,” cek Nyi Eti ka Bantar.

“Hayu, Nyai..,” tembal Bantar.

Satuluyna mah Bantar jeung Nyi Eti geh ilu ngabring jeung jalma jalma ka bale, hayang ningali bangsat nu beunang. Cag urang tunda heula.

Urang balik deui kana kaayaan di bale desa. Harita kaayaan beuki paciweuh. Jalma jalma beuki ngambreg, lantaran beuki loba nu daratangan. Kabehana parahi hayang asup nempo bangsat. Tua Kampung saparakanca beuki kawalahan nahan jalma jalma.

“Minggir, Pa Tua.. Minggir.. Ulah ngahalangan.. Keun bangsatna rek digebugan ku kuring..,” cek salah saurang bari ngadorongkeun awak Tua Kampung.

“Enya, Pa Tua.. Tuman lamun bangsatna teu disiksa teh.. Engkena bakal deudeuieun.. Kampung urang nu tadina aman, engekna bakal loba bangsat sejen na,” cek salah saurang deui, bari manehna geh ngadodorong awak Tua Kampung supaya minggir.

“Sabar..! sabar..! kuring geh ngarti.. Tapi urang tetep teu meunang maen hakim sorangan.. Lantaran engkena urang malik disalahkeun ku nu wajib,” tembal Tua Kampung bari terus ngahalangan jalma jalma nu rek asup ka jero bale.

Tapi jalma jalma tetep maksa hayang asup. Malahmah nu sejen na kadenge pating harauk, kayaan jadi tambah ketir.

Ambu Suri anu keur dikurung di rohangan, beuki tambah soak. Masi cungcurungan na masih karasa nyeri oge, manehna nekad rek naek deui kana para, hayang kabur. Akhirna mah Ambu Suri bisa naek kana luhur para. Tambang anu tadina nyampai ditarik ka luhur ku manehna. Nu nali kana layeus dibuka. Nafas Ambu Suri kadenge ngahegak.

“Aruuh.. Mudah mudahan salamet aing,” cek Ambu Suri, bari leumpang lalaunan dina luhur para, neangan jalan kaluar jang manehna kabur.

Bareng jeung Ambu Suri naek ka luhur para, jalma jalma geus bisa norobos ka jero bale. Tua Kampung nu geus kawalahan teu kuat nahan deui. Atuh jalma jalma kadenge rame surak bari arasup ka jero bale.

Barang anjog ka rohangan anu dipake nguurung Ambu Suri, breh teh geus molongpong. Atuh jalma jalma arambek. 

“Mana bangsatna..! Geuning euweuh..!” cek saurang jalma.

“Heueuh.. Geuning euweuh..!” cek nu saurang deui.

“Pa Tua.. Dikamanakeun bangsatna..?! boa dikaluarkeun nya.. Paingan urang kabehan teu meunang asup..,” cek nu sejen na malah nuduh nu lain lain ka Tua Kampung.

Ngadenge kitu, Tua Kampung kaget. “Teueu.. Tadi geh dikurung di rohangan eta..,” tembal Tua Kampung reuwas, bari manehna tuluy leumpang rek nempo ka rohangan.

Barang breh teh, bener ruangan geus kosong. Tua Kampung heran.

“Tuh kan euweuh.. Sok ngaku, Pa Tua.. Dileupaskeun nya bangsatna..!” jalma nu tadi neken ka Tua Kampung nuduh ngaleupaskeun bangsat.

Ari Ambu Suri, keur ngahephep bae di luhur para. Rek ngalaan kenteng supaya bisa kabur tina suhunan, sieun ngagareuwahkeun. Tungtungna mah cicing bae ngahephep nyempod. Hayang hitut bae geh ditahan, sieun kadenge ka handap. Ari awak jeung beungeut geus pinuh ku ramat, bari jeung hararideung deuih.

Keur kitu aya beurit ngarayap, asup kana jero samping nu keur dipake ku Ambu Suri. Ambu Suri reuwas, karasa getek. Tuluy eta beurit ditepak. Tapi beurit kalah ngegel pengpelangan. Celegiit..! karasa nyeri pisan.

Ambu Suri teu sadar ngagoak. “Adoooow..! Tuluuuuuung..!,” cek Ambu Suri, tapi tuluy nengkep deui sungut sorangan na.

“Aduuh aya aya bae.. Dasar beurit haram jadol.. Make ngegel palangakak  aing sagala.. Aing kanyahoan atuh kieu mah..,” cek gerentes Ambu Suri.

Sora Ambu Suri nu ngajeri tadi, kadenge ku jalma jalma anu diharandap. “Eta bangsatna aya di para..! Tewaaak.. Tewaaaak..,” cek jalma jalma.

“Turun siah, turuuun..! Mun teu turun diduruk siah parana..!,” cek anu sejen na.

Ambu Suri reuwas. Manehna ngarasa sieun mun para bener di duruk. Tapi rek turun oge sieun. Bisi disariksa ku jalma jalma.

“Aduuuh.. Kudu kumaha ieuh aing.. Gara gara beurit gelo tah.. Aing jadi kanyahoan..,” cek gerentes Ambu Suti bari terus ngahephep serba salah.

“Woi.. teangan taraje.. Naik ka para.. Tewak bangsatna sered bawa ka handap.. Cuang gebugan..!,” kadenge deui aya jalma nu cocorowokan.

Ambu Suri beuki tambah mpod mpodan bae. “Cilaka.. Kumaha bae carana.. Aing kudu bisa kabur,” cek gerentes hate Ambu Suri.

Tuluy Ambu Suri nangtung lalaunan rek muka kenteng jang jalan kabur. Tapi beurit nu tadi norolong deui ngarayap kana sukuna. Ambu Suri reuwas. Saking reuwasna manehna langsung luncat. Atuh gebros suku sabeulahna ti gebros kana bilik.

Geeer.. Jalma jalma saleuseurian. “Eta bangsatna tiporos.. Betot kahandap..!,” ceunah cek jalma jalma, bari katempo sababaraha urang laluncatan rek ngabetot suku Ambu Suri.

Tapi ku Ambu Suri sukuna geuwat ditarik deui kaluhur. Tapi orokaya bitisna barared kasodet ku hinis bilik. Ambu Suri nyengir ngarasa peurih.

Keur kitu saurang jalma datang bari mawa taraje. “Yeuh tarajena.. Sok guewat aya nu naek. Tewak bangsatna..!,” cek eta jalma bari nyalandekeun taraje kana tembok. 

Tuluy salah saurang jalma aya nu naek. Barang eta jalma anjog ka para, Ambu Suri kaget katempo beungeutna sepa bakating ku sieun.


Di lajeng ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng