Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 13
Karangan Kang Abun Burhanudin
Urang tunda heula kaayaan Ambu Suri anu labuh tigulitik kana jero jurang.
Ayeuna urang kocapkeun heula Emak Paraji, anu kamari kacaturkeun rek nulungan Nyi Mar’ah, pamajikan Ruhadi nu rek ngajuru. Tapi barang datang ka imah Ruhadi, sihoreng Nyi Mar’ah na geus leungit dibawa kabur ku jurig Nyi Rukmini. Ari Ruhadi, salakina, kalah ngadon kapiuhan.
Nempo kaayaan kitu, Emak Paraji jadina bingung serba salah. Sababaraha kali ngaguyah guyahkeun Ruhadi teu hudang. Emak Paraji tuluy cocorowokan menta tulung ka tatangga, tapi teu nu datang.
“Beu.. Kararebluk pisan sugan jalma teh..” cek fikir Emak Paraji.
Emak Paraji bener bener bingung. Rek ninggalkeun Ruhadi kitu bae, teu tega. Akhirna mah masi boga rasa teu ludeung geh, indit rek menta tulung ka jalma sejen.
Emak Paraji tuluy leumpang satengah lumpat muru ka hiji imah nu pang deukeutna. Gedor gedor ngagedoran pantone sababaraha kali. Tapi euweuh saurang geh nu kaluar. Muru ka imah nu hijina angger teu aya nu hudang. Emak Paraji ngahuleng.
“Aduh ka saha deui aing menta tulung,” cek gerentes hatena.
“Nu pangdeukeutna ti dieu, imah Bah Sura.. tapi komo manehna meureun moal heueuh daek hudang nulungan,” Emak Paraji bingung.
“Tapi euweuh salahna.. Rek dicoba bae lah.. Susuganan bae Bah Sura na keur eling, jadi daek nulungan,” sanggeus mikir kitu tuluy Emak Paraji indit deui muru imah Bah Sura nu pangdeukeutna ti palebah dinya. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun Bah Sura, Aki Jumad, jeung saparakanca, tisaprak Ririwa Nyi Rukmini kabur lantaran teu kuateun ngambeu bau hitutna Aki Jumad, maranehna masih katempo keneh nyaremplong nyuuh kana kana talupuh. Komo Bah Sura mah, manehna malah ngadon mubus kana handapeun beuteung Aki Jumad anu sarua keur nyemplong, bakating kusieun.
Nu sejen na oge sarua. Pa Rt, Tua Kampung, Pa Lebe, Mang Wardi, jeung sababaraha urang jelma, ngadon patumpuk tumpuk siga barudak bolon anu keur ulin ulinan. Pa Rt mubus kana handapeun awak tua kampung nu keur nyuuh. Tapi Tua Kampung buru buru hudang, tuluy malik mubus kana handapeun awak pa Rt. Pa Rt embung aya di luhur, da fikirna lamun dilihur pasti pangheulana dikerekeb ku jurig. Atuh manehna geh geuwat hudang deui tuluy malik deui mubus kana handapeun awak Tua Kampung. Kitu jeung kitu saterusna, parahi hayang ngabunikeun awakna nyemplong.
Kitu deui Pa Lebe jeung Mang Wardi, maranehna geh sarua kalakuan na siga belon, ngaradon pa betot betot sarung harayang nyumput pangbunina. Tapi akhirna mah sarung teh kabeh kabetot ku Mang Wardi, tuluy dipakae ngabulen awakna. Ku pa Lebe ditatarik deui, tapi geus pageuh dicekelan ku Mang Wardi. Pa Lebe antukna culang cileung sorangan.
“Hi.. hi.. hi..” keur kitu kadenge deui sora cicirihilan ririwa Nyi Rukmini kadenge deui. Sadana tarik jelas pisan siga aya diluhureun imah Bah Sura. Sihoreng teh memang kabeneran Ririwa Nyi Rukmini nu geus hasil newak Nyi Mar’ah jeung orokna liwat deui ka saluhureung imah Bah Sura.
Atuh kabeh jalma jalma anu aya di Imah Bah Sura beuki sieun deui bae. Mang Wardi beuki murungkut dibulen sarung. Tua Kampung jeung pa Rt patuburuk tuburuk parahi hayang nyemplong di handap. Kasada rame brag brig brug.
Ari Bah Sura beuki mubus bae kana handapeun awak Aki Jumad. Tinggal Pa Lebe anu culang cileung sorangan, lantaran ngabetot sarung nu dipake ngabulen awak Mang Wardi teu bisa, dan ku Mang Wardina dicecekel pageuh pisan.
Keur kitu ret, Pa Lebe ngareret ka Bah Sura anu ker nyemplong dina handapeun awak Aki Jumad. Durugdug ku Pa Lebe sukuna digusur. Atuh Bah Sura reuwas, disangka ku manehna nu ngagusur teh jurig Nyi Rukmini. “Ampun juragan jurig, ampuuun..” Bah Sura ampun ampunan bari nutupan beungeunta.
Ari Pa Lebe sanggeus ngagusur Bah Sura, giliran manehna buru buru mubus kana handapeun beuteung aki Jumad. Keur kitu blug, kadenge aya nu ngageblug di luhur para. Padahal anu ngageblug n amah teuing beurit teuing naon, da jurig Nyi Rukmini mah geus euweuh di dinya.
Ngadenge aya nu ngageblug, kabehan na beuki tambah kaget deui bae. Bah Sura ngarenjag beuki soak. Manehna rek ngadon mubus deui kana handapeun awak Aki Jumad, tapi geus aya palebe. Atuh pa Lebe digusur deui, tuluy Bah Sura buru buru mubus. Geus kitu dibetot deui sukuna ku Pa Lebe, tuluy pa Lebe giliran Pa Lebe geuwat beuwat mubus. Kitu jeung kitu sampe sabarabara kali.
Ari Aki Jumad na, bakating ku sieun manehna geus teu bisa hojah ngan saukur nyemplong bari jeung teu paruguh rarasaan. Rarasaan na asa gap asa gap bae ditewak ki Jurig Nyi Rukmini.
Golombrang..! Golombrang..! Keur kitu kadenge sada aya nu gogolombrangan di dapur. Anu padahal panci jeung seeng rarag kadupak ku meong.
Bah Sura jeung Pa Lebe masih keneh parebut parahi hayang nyumput di handapeun awak Aki Jumad. Awak Aki Jumad geus kabanting kaditu geus kabanting ka dieu. Aki Jumad lila lila mah ngambek. “Ngajaredog siah.. Ieu awak aing nyareri..!” Cek Aki Jumad bari leungeuna babadug nyingkirkeun Bah Sura jeung Pa Lebe.
Atuh Bah Sura jeung Pa Lebe pating garoak da hulu marenehna dibabukan ku Aki Jumad. Jeblug..! keur kitu kadenge deui sora pantu dapur ngajeblug tarik pisan. Sihoreng teh tulakna kurang pageuh tuluy ka anginkeun jadi kasada ngajeblug tarik pisan.
Atuh kabehan ngararenjag deui beuki sieun. Saking ku sieun na, Bah Sura akhirna mah mubus kana jero sarung si aki Jumad, handapeun palangkakan na.
Aki Jumad ngarasa getek, jeung reuwas pisan. Disangka ku manehna jurig Nyi Rukmini ngahaja ngulinan ngalaketek palangakakanna. “Halik siah nyingkah jurig, halik siah..” Cek Aki Jumad, ngomong kitu na the bari jeung sieun. Saking ku sieun na, wer si aki kiih.
Pas meneran pisan, barang Aki Jumad kiih, bareng pisan jeung sirah Bah Sura anu nyuruduk asup ka na jero sarung Aki Jumad. Atuh jadina mah sirah Bah Sura kakiihan ku si Aki.
Bah Sura kaget, jeung heran asa aya nu haneut haneut kana sirahna. Kaambeu bau pengar. Tuluy karasa aya nu ngalembereh kana pipina. Tel anjog kana biwir karasa asin.
“Beu.. Ieu naon bau bau teuing jeung asin kie?,” cek gerentes bah Sura bari kutap ketap jeung ungas ingus.
Beuki lila beuki kaambaeu bau hangseur. Bah Sura akhirna sadar “Aduuuh.. Bau hangseur.. Teu kuaaat..!” cek Bah Sura bari huluna cengkat. Tangtuna bae sarung Aki Jumad oge kaangkat kaluhur. Atuh Aki Jumad dijumpalik. Gubrag nangkarak bengkang.
“Ari siah nanaonan ngadon ngajongklokeun awak aing, Sura ngajongklokeun awak aing siah Sura?! Teu uyahan siah ka kolot teh” cek Aki Jumad ambek, bari tuluy hudang.
“Atuh akina nanaonan ngemberan sirah kuring..?,”jawab Bah Sura bari katempo nyengir.
Ngadenge kitu, Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, Pa Lebe, jeung nu sejen na jadi caruringhak hudang. Masih aya rasa sieun geh atuh geer.. sarerea sasaleurian.
Aki Jumad jadi era. Tapi ngarasa gengsi ari kanyahoan manehna oge sieun ku jurig mah sampe ti wer weran kiih mah.
“Iih.. Ari Jang Sura ulah sok salah harti.. Aki ngiihan ujang teh ngahaja.. Na cai kiih aki the aya kakuatan eta teh, Jang.. Ririwa nu tadi geh moal sanggupeun mahala ujang, lantaran geus dibere perlindungan ku Aki.. Nya tina lantaran cai kiih aki tea,” Aki Jumad teu eleh akal.
Bah Sura saparakanca pada ngaharuleng, aya rasa percaya aya henteu. Pok pa Rt ngomong, “Tapi aki geh kunaon tadi ngadon nyemplong siga nu sieun ku jurig?,” cek Pak Rt.
“Tah eta ari awam kana elmu aki mah.. Yeuh Jang Rt.. Aki nyemplong teh kusieun. Tapi pulitik eta teh.. Strategi ngarana.. Jurus lah jurus ampuh eta teh. Maksudna supaya si ririwa tadi nyangka aki sieun ku manehna.. Padahal aki teh maca jangajawokan metakeun sagala elmu pangabisa aki. Buktina kan kasaksian ku kabehan.. Ririwa teh kabur teu kuateun ngalwan pangabisa aki.. Bener teu coba?,” Jawab Aki Sura embung eleh omong.
Atuh huleng kabehan ngahuleng deui. “Bener etateh bener, pa Rt, Pa Tua, Pa Lebe.. geus kabuktian memang ririwa teh kabur sieuneun ku si aki. Sabab lamun teu kaburmah pasti urang kabehan teh cilaka,” Cek Bah Sura.
Nu sejen unggut unggutan. Percaya kabehgeh kana omongan Aki Jumad. Aki Jumad nyerengeh dina hatena. “Dasar kolot kolot begog.. Boloho kabeh geh.. Percaya bae kana omongan aing.. Padahalmah dumuk aing geh sieun,” cek gerentes hate Aki Jumad.
Keur kiti tok.. tok.. tok.. Kadenge sada panto hareup aya nu ngetrokan. Atuh renjag kabehan ngararenjag, tuluy ngagarajleng luncat nubruk kana awak Aki Jumad.
“Tu.. Tu.. tulung, aki.. Itu jurigna balik deui,” Cek pa Rt bari luncat.
“Enya, Aki iih.. sieuun,” Bah Sura ilu ngagorowok bari luncat.
“Enya, Aki.. Tu.. tuluuung..,”Tua kampung oge sarua ngagajleng nubruk Aki Sura bari ngagorowok.
Atuh jengkang Aki Jumad ngajengkang, katindihan ku awak Pa Rt, Bah Sura, Tua Kampung, Pa Lebe, jeung Mang Wardi. Ketempo meni patumpuk tumpuk.
Aki Jumad totojer. Awakna ngarasa beurat jeung eungap. “Halik siah.. Ieu nanaonan.. Ieu aing beurat, eungap,” cek Bah Jumad bari ngadorongkeun awak Bah Sura jeung Pa Rt anu nindihan manehna.
Ari nu ngetrokan panto, sihoreng teh Emak Paraji, anu datang rek menta tulung ngabejaan yeun Nyi Mar’ah rubiahna Ruhadi anu leungit dibawa kabur ku jurig.
Harita Nyi Mar’ah teh maksakeun nyampeur ka Imah Bah Sura teh, da sabenerna manehna teh pohara teu ludeungna. Nya kulantaran imah Bah Sura pangdeukeutna jeung imah Ruhadi, jadi Emak Paraji teh nyampeurkeun na ka imah Bah Sura.
Tapi barang dijero imah kadenge kalah patinggelebrug Emak Paraji jadi heran. Emak Paraji ngadon iseng tuluy noong kana liang bilik. Ana breh katempo ku manehna Bah Sura jeung jeung nu sejen na keur patubruk tubruk siga bolon. Atuh masih keur keueung geh Emak Paraji jadina ngarasa kagugu. Cikikik manehna seuri. Sora na tarik kadenge ka jero imah.
“Hi.. hi.. hi.. dasar kolot kolot begog bet siga bolon bae ngadon patubruk tubruk kitu.. Sigana aing teh mereun disangka jurig,” cek Emak Paraji.
Ngadenge aya nu seuri, Bah Sura saparakanca kaasup aki Jumad kalah beuki soak deui bae. “Aruuh.. Eta jurig datang deui, Aki.. Tuluuung,” Cek Bah Sura.
“Enya Aki.. Baruk jurig teh moal datang deui.. Sugan diondang deui aki mah,” cek Pa Rt.
Aki Jumad, boro boro bisa nembalan. Manehna malah beuki engap jeung beurat ditindihan ku opatan. Antukna kulahek, Aki Jumad kapaehan.
Ari di luar, Emak Paraji masih keneh noong tina sela sela bilik. Nempo kitu, manehna lila lila ngarasa karunya oge. Pok manehna ngomong, sorana ngahaja ditarikeun.
“Abah, Pa Rt, Pa Tua.. Heuy.. Ulah sarieun.. Ieumah kuring, lain jurig,” cek Emak Paraji.
Ngadenge nu diluar ngomong lain jurig. Pa Rt, Tua Kampung, Bah Sura jeung nu sejen na ngarasa rada tenang. Tuluy maaranehna harudang. Ari Aki Jumad katempo ngalempreh teu empes empes.
Ari di luar, Emak Paraji geus ngarasa teu sabar. Keur mah tiris, loba reungit, jeung babaku namah teu ludeung manehna geh. Tuluy ketrok Emak Paraji ngetrokan deui panto bari gura gero.
“Abah.. Punten buka pantona, Bah.. Pa Rt, Pa Tua.. Punten buka pantona..” cek Emak Paraji bari ngetrokan panto.
Bah Sura, Pa Rt, Tua Kampung, Pa Lebe, jeung Mang Wardi saling reret.
“Tina suanten na mah leres sanes jurig, Abah.. Pami jurig mah pan ngirung.. Eta mah henteu,” cek Mang Wardi.
“Enya sigana mah lain jurig.. Tapi urang tetep kudu ati ati,” cek Pa Rt.
Sora panto kadenge digedoran deui beuki tarik. Sigana paraji geus bener bener teu sabar, lantaran panto teu daek dibuka. Atuh ari kitu mah Mang Wardi tuluy leumpang rek muka panto. “Ke heula sabar..,” cek Mang Wardi bari leumpang.
Tapi karek geh nyekel tulak panto, Kadenge Pa Rt ngomong,” Ke.. ke.. ke heula, Mang Wardi.. Ulah gagabah.. Cuang tanya heula saha nu diluar teh,” cek Pa Rt bari terus manehna nanya.
“Saha nu di luar?,” tanyana.
“Kuring Mak Uhe..” jawab Paraji.
“Ma Uhe teh ma Uhe saha?” Tua Kampung ilu nanya.
Atuh Emak Paraji seueul lantar hese rek muka panto bae geh.
“Aduh hese hese teuing rek muka panto teh.. Mak Uhe.. Paraji tea,” jawabna tarik.
Ngadenge kitu Tua Kampung, Pa Rt, Bah Sura, jeung nu sejen na saling reret deui bae. “Kumaha, Tua? Ma Uhe Paraji tea ceunah.. Buka ta entong?,” tanya Pa Rt ka Tua Kampung.
Can geh Tua Kampung ngajawab, geus dijawab tiheula ku Bah Sura. “Ke.. ke.. Waka dibuka.. Kuring ngadenge dongeng kolot biasana nu sok mirupakeun paraji teh aden aden.. Ntong tong dibuka.. Malah pageuhan deui pantona bisi asup,” cek Bah Sura.
Atuh ngadenge omongan Bah Sura kitu, nu sejen geh jadi ngararenjag kaget. “Enya bener.. Lain manusa eta mah.. Tapi pasti aden aden jurig keneh..” cek Tua Kampung, nguatkeun omongan Bah Sura.
“Bener.. Rek naon paraji wayah kieu nyampeur.. Subah si Abah teh boga nu rek ngajuru.. Halangan halangan pantona Mang Wardi bisi maksa asup,” cek Pa Rt, bari durugdug manehna ngagusur meja dipake ngahalangan panto.
Bah Sura jeung nu sejen na teu cingeun. Maranehna ngagalusur bupet dipindahkeun dipake ngahalangan panto.
Ari Emak Paraji terus gudar gedor kana panto, bari disurungkeun. Tapi panto teu uget uget. Emak paraji tuluy noong. Ari breh teh sihoreng panto teh kalah dihalangan ku bupet, korsi, jeung meja. Atu Emak Paraji jadina kalah seueul.
“Hadeeuuh.. Dasar kolot kolot begog.. Eta panto lain dibuka kalah dihalangan.. Awas siah.. Digawean pisan ku aing..” cek gerentes Emak Paraji ambek.
Emak Paraji hulang huleng mikir. Tuluy manehna turun keketeyepan ka pipir imah Bah Sura, mapayan jandela kamer sugan aya nu longgar selotna. Sihoreng parageuh. Tapi barang anjog ka kamer Ambu Suri, katempo jandela teh muka, lantaran kurut Ambu Suri kabur tea teu ditutupan deui.
Belenyeh Paraji Paraji seuri sorangan. Tuluy kalacat asup lalaunan tina jandela. Sanggeus aya di jero kamer, Emak Paraji katempo rurat reret. Breh aya mukena Ambu Suri nyampai dina ranjang. Kot ku Emak Paraji dicokot tuluy dipake. Satuluyna Emak Paraji leumpang deui keketeyepan kaluar kamer nuju ka tengah imah.
Ari Bah Sura saparakanca karek rengse ngahalangan panto. “Aman ayeunamah.. Jurigna geh moal bisa asup,” cek Bah Sura, bari ngepruk ngepruk bajuna nu pinuh ku peledug bupet.
Tapi karek geh Bah Sura anggeus ngomong, teu ujug ujug cirihil kadenge sora anu nyirihil ti lawang panto nu kadapur. Atuh ret kabeh ngareret. Barang breh teh sihoreng aya nu bodas bodas keur aclog aclogan.
Atuh kabehan langsung ngarasa soak. Sungut calangap, mata bolotot, ari tuur karasa leleus. “Ju.. juriiig..” cek Bah Sura bari malik rek lumpat kaluar. Bah Sura poho lamun panto teh geus dihalangan ku bupet. Atuh jeger Bah Sura nabrak bupet.
Bupet oyag, akhirna rubuh. Bah Sura, Pa Rt, Tua Kampung, Mang Wardi, jeung palebe anu kabehan geh aya di dideukeut bupet katinggang. Pas kabeneran kabeh geh katinggang na teh sirahna tiheula. Atuh leng leng tetempoan kabehan jadi asa ranyai kaararoneng. Bakating ku sieun sieun na, akhina kabehana geh ngagalubrag rubuh katindihan ku bupet, tuluy kapiuhan kabeh.
Sedengkeun jalma jalma nu sejen nag eh sarua. Lantaran sieun sieun na, kabahean nag eh ngudupruk kapaehan. Jadina dijero imah euseuh nu saladar saurang geh. Kabehan na kapiuhan.
Nempo kitu, Emak Paraji reuwas. “Beu.. cilaka.. Kalah ngadon kapiuhan kabeh.. Dasar kolot kolot geh barorangan kabeh geh.. Daripada aing engke katempuhan.. Mendingan kabur..” cek Emak Paraji bari porost porosot muka mukena, tuluy buru buru balik deui ka kamer, luncat deui kana jandela, berengbeng kabur. Cag Urang tunda heula.
Aya kocapkeun Amran anu geus lila tacan kacaritakeun deui. Peuting eta Amran katempo keur diuk sila bari nyanghareupan parukuyan. Biwirna terus kunyam kunyem ari matana peureum.
Keur kitu cikikik kadenge sora jurig Nyi Rukmini nyikikik di luhur imahna, dibarengan ku angin anu ngagelebug jeung sora anjing anu babaung meni melewung.
Amran kaget, tuluy beunta. “Si Banawati geus datang.. Pasti manehna rek mere laporan,” cek gerentes Amran.
Keur kitu peledug aya haseup bodas asup tina sela sela bilik. Mimitina ipis beuki lila katempo beuki kandel, tuluy janggelek eta haseup robah wujud jadi Ririwa Nyi Rukmini anu keur mamangku Nyi Mar’ah jeung orokna.
“Hi.. hi.. hi.. Kawula geus hasil ngalaksanakeun parentah anjeun, Amran.. Ieu manusa nu dibawa ku kawula urang lembur luhur.. Manehna karek ngajuru.. Yeuh orokna ku kawula sakalian dibawa,” cek Jurig Nyi Rukmini mere laporan.
Nempo kitu, Amran kacida bungahna. “Alus.. alus.. Anjeun memang bisa diandelkeun.. Tunda eta manusa di haruepun kawula.. Kabeneran kawula ekueur butuh manusa nu kitu jang dijadikeun tumbal nambahan kasaktian kawula..” Cek Amran.
Tuluy Ririwa Nyi Rukmini ngaragragkeun awak Nyi Mar’ah jeung orokna. Katempi duanana ngalayang. Brug..! ragrag kana talupuh.
“Naon deui anu ku kawula kudu dilamhakeun, Amran..” tanya Ririwa Nyi Rukmini.
“Andika geuwat balik deui ka lembur luhur samemeh kabeurangan. Inget.. Lamun ti beurang andika kudu jadi manusa biasa.. Ngaran andika Rukmini,” cek Amran.
Ririwa Nyi Rukmini teu nembal deui. Tuluy ngarobah wujudna jadi haseup. Les haseup ngaleungit.
Di lajeng ka Eps salajengna.
Komentar
Posting Komentar