Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2021

Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Nasakah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 40

 Karangan Kang Abun Burhanudin Urang tunda heula kaayaan Bah Sura anu hirupna apes bae nete semplek nincak semplak, ayeuna urang caturkeun heula kaayaan di Lembur Cipeteuy anu geus lila katunda. Panon poe geus beuki nyedek ka kulon, jalma jalma geus mimiti pada mulang ti tempat pagawean na masing masing. Dina kaayaan kitu Mama Kyai Jakaria katingali nembe dongkap tos netepan lohor di masjid, teras anjeuna calik ngabaheuhay di teras bumina.  Teu kungsi lila kurunyung Nyi Haji Asiyah, paroman na katingali teu patos berag, teras gek calik di sagedengeun Mama Kyai. Mama Kyai Jakaria heran, “Kunaon deui, ibuna.. Eta paroman teh siga nu rungsing kitu,?,” tanya Mama Kyai. “Itu atuh, Amana, masalah si Ujang jeung si Nyai..,” tembal Nyi Haji Aisyah, bagun ku senggah dina nyariosna. “Memangna kunaon deui atuh si Nyai teh?,” tanya Mama Kyai deui. “Abdi mah tos asa marengmengan sareng isin ngadangu jalmi jalmi ngan nyararioskeun bae si Nyai sareng si Ujang the..,” tembal Nyi Haji Aisyah d...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 23

 Karangan Kang Abun Burhanudin Rekeet..! Bah Sura muka panto lalaunan. Barang breh, sihoreng di luar geus katempo jalma ngagimbung bari parahi marawa pakarang, nu bodog, nu pepentung, malahan, aya nu mawa halu sagala rupa. “Beu.. Cilaka.. Boa boa aing disangka bangsat.. Naha aing boga nasib apes apes teuing atuh,” gerentes Bah Sura, bari hatena teu puguh rarasaan, kabayangkeun ku manehna, lamun sampe katewak ku jalma loba lantaran disangka bangsat, bisa bisa paeh baseuh digarebugan. Ari di luar beuki rame kadenge pating corowok, kepung..! kepuung...! Kade ulah sampe leupas.. Heueuh.. Cangkalak bangsatna.. Cangkalaaak..!,” sora jalma jalma rame pating harauk. Bah Sura beuki gempeur bae. Otakna mikir, kumaha carana supaya bisa nyalametkeun diri. Ret, ngareret kana meja. Durugdug digusur dipake ngahalangan panto. Tuluy ditambahan deui ku meja jeung korsi. Gedor..! gedor..! kadenge sora panto digedoran tarik pisan. “Kaluar siah, bangsat.. kaluar..!,” cek jalma nu diluar bari terus ngag...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 22

 Karangan Kang Abun Burhanudin Urang tunda heula kaayaan Bah Sura anu nasibna apes deui, niat nepungan juragan Somad rek nawarkeun sawah jeung kebon na, kalah ditewak tuluy ditalian ku jalma gelo. Ayeuna urang malik deui heula nyaritakeun si Emak tukang warung, anu samemehna aya Bah Sura dahar, tuluy kabur teu mayar. Saprak inditna Bah Sura anu bebeja na mah rek salat lohor, anu padahal manehna kabur, lantaran teu boga duit tea, si emak warung masih keneh tacan boga rasa curiga. Malahan manehna katempo bungah lantaran dina fikirna bakalan meunang persenen ti juragan Somad, jeung Bah Sura na sorangan, lamun sawah Bah Sura geus dibeuli ku juragan somad. Bari beberes kurut dahar Bah Sura, si Emak warung katempo surungah serengeh sorangan, “Poe ieu aing bener bener mujur.. Baheula bae basa aing mangnuduhkeun Mang Dina nu rek ngajual tanah ngan sagede pelok oge, aing dibere persenan gede ku juragan Somad, ditambah deui ku Mang Dintana sorangan.. Komo ayeuna, Bah Sura pasti sawahna lega....

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 21

 Karangan Kang Abun Burhanudin Srek.. Eta jalma lalaki ngalugas bedogna. “Kurangajar, siah.. dasar Aki aki teu nyaho dicedo.. Podaran siah ku aing,” cek eta lalaki bari ngacungkeun bedogna. Nempo kitu, Bah Sura bener bener sasah. Sungutna calangap leungeun na ranggah. “Apun, ujang.. Ampuun..! Abah ulah dipaehan.. Abah teu boga salah.. Tadimah bener bener teu kahaja,” cek Bah Sura ampun ampunan. Ari si lalaki anu ngalugas bedog kaget, barang Bah Sura nenggak, katempo jelas pisan ayeunamah rupana.  “Ke.. Lain ieu the Bah Sura.. Jalma anu pang jegudna di lembur luhur..,” cek gerentes eta lalaki, bari  ngacungkeun bedog. Ari panon na terus mencrong kana beungeut Bah Sura, nyidik nyidik. “Montong ampun ampunan, siah.. Geus jelas siah katempo pisan ku mata aing.. sia rek ngagunasita pamajikan aing..,” cek Eta jalma bari molotot. “Henteu, jang.. Abah wani sumpah.. Abah mah teu kahaja.. Abah keur lumpat, pamajikan ujang katabrak ku abah..,” tembal Bah Sura. “Alaaah.. Sia ulah ale...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 35

 Karangan Kang Abun Burhanudin Srek.. Eta jalma lalaki ngalugas bedogna. “Kurangajar, siah.. dasar Aki aki teu nyaho dicedo.. Podaran siah ku aing,” cek eta lalaki bari ngacungkeun bedogna. Nempo kitu, Bah Sura bener bener sasah. Sungutna calangap leungeun na ranggah. “Apun, ujang.. Ampuun..! Abah ulah dipaehan.. Abah teu boga salah.. Tadimah bener bener teu kahaja,” cek Bah Sura ampun ampunan. Ari si lalaki anu ngalugas bedog kaget, barang Bah Sura nenggak, katempo jelas pisan ayeunamah rupana.  “Ke.. Lain ieu the Bah Sura.. Jalma anu pang jegudna di lembur luhur..,” cek gerentes eta lalaki, bari  ngacungkeun bedog. Ari panon na terus mencrong kana beungeut Bah Sura, nyidik nyidik. “Montong ampun ampunan, siah.. Geus jelas siah katempo pisan ku mata aing.. sia rek ngagunasita pamajikan aing..,” cek Eta jalma bari molotot. “Henteu, jang.. Abah wani sumpah.. Abah mah teu kahaja.. Abah keur lumpat, pamajikan ujang katabrak ku abah..,” tembal Bah Sura. “Alaaah.. Sia ulah ale...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 20

 Karangan Kang Abun Burhanudin “Ampun, Pa Tua.. Tulungan kuring.. Kuring mah bener bener teu boga salah.. Kafitnah.. katempuhan bae.. ku kabodoan sorangan.. Tulungan Jang Bantar, Neng Eti..,” cek Ambu Suri, ampun ampunan lantaran sieun dibawa ka nu berwajib. “Bohong, Pa Tua.. Montong dikarunyaan.. Geus jelas bangsat.. Tumaan...!,” cek salah saurang jalma. “Enya, Pa Tua.. Lamun moal diserahkeun ka nu berwajib.. Gebugan bae di dieu..,” cek salah saurang budak ngora deui, bari manehna seseregel hayang nyampeurkeun ka Ambu Suri, tapi ku Bantar dihalangan. “Sabar sabar.. Ieu perkara can beres.. Awas ulah aya nu wani macem macem salagi can aya keputusan ti Pa Tua Kampung,” cek Bantar, rada heuras ngomongna lantaran jalma jalma geus hese diomongan. “Nya atuh geuwat pa Tua putuskeun.. Ambih jelas persoalan na,” cek salah saurang jalma deui. Tua Kampung katempo rada bingung, asa asa rek mutuskeun perkara Ambu Suri. Manehna sieun salah, lantaran can cukup bukti. Masi enya harita jalma jalma ...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 19

 Karangan Kang Abun Burhanudin Giler giler panon Nyi Rukmini mamalihan gular giler nempoan kaayaan imah Bah Sura anu geus ledis kaduruk ku api. “Aya kajadian naon di dieu? Kunaon eta imah Bah Sura siga kurut kabeuleum kitu,? Cek gerentes Nyi Rukmini. Giler deui Nyi Rukmini nempo ka jalma jalma nu keur ngariung ngulilingan Bah Sura. Nyi Rukmini mamalihan heran. “Ari eta jalma keur naraha ngarariung kitu? Keun ku aing digawean siah..,” cek gerentesna deui. Nyi Rukmini tuluy ngangkat curukna tuluy diarahekun ka palebah hiji dahan garing anu ngagoler deukut jalma jalma anu keur ngarariung. Tapi ujug ujug leungeun na ditarik deui.  “Salah gede lamun aing ngaganggu maranehna.. Aing teh pan rek neuleuman kahirupan manusa.. Aing teu meunang ngaganggu maranehna.. Mendingan aing ngawaskeun supaya nyaho naon anu keur dilakukeun ku maranehna,” cek gerentesna deui. Satuluyna Nyi Rukmini mamalihan ngagidegkeun awakna. Les wujudna robah jadi oray sanca. Satuluyna oray jelmaan Nyi Rukmini mam...