Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2021

Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 7

Karangan Kang Abun Burhanudin Ambu Suri terus lumpat meni tibuburanjat ti babaranting, kolesah tikait kana akar, gudubrag labuh, tapi buru buru hudang, tuluy lumpat deui. “Tuluung..! tuluuung..! aya jurig tuluung..!, cek Ambu Suri bari lumpat bari terus gogorowokan tulung tulungan. Ari Bah Sura katempo masih keneh ngudag, napasna geus ngap ngapan hahehoh, tuurna oge geus karasa leulues. Reg lumpatna eureun, “Aduh.. Kasuruspan ku naon eta pamajikan aing.. Ka aing kalah nyangka jurig..” cek Bah Sura. Bah Sura luak lieuk nengan sugan aya jalma, rek menta tulung supaya ngudag Ambu Suri bisi kumaha onam, tapi eueweuh sasaha. Atuh kapaksa akhirna Bah Sura maksakeun lumpat ngudag deui Ambu Suri. Ari Ambu Suri masi bari jeung tipaparetot geh geus katempo beuki jauh, sagala ditabrak, sagala dirumpak, bari teu ereun eureun tulung tulungan aya jurig aya jurig. Leok mengkol ka jalan anu arah ka tampian. Pas kabeneran di Tampian keur meumeujeuhna loba jalma, aya nu keur nyueseuh, nu keur mandi, jeu...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 6

Karangan Kang Abun Burhanudin   “Amran.. Anak Emak. Teu kudu hanjakal, Ujang.. Sakabeh paniatan ujang pasti kajadian. Ngan ayeuna mah can anjog kana waktuna. Ngan Emak rek amanat hiji deui.   Ujang kudu inget, yeun ujang boga dulur sakembaran, anu baheula kapaksa ku Emak dipiceun di leweung. Geura teangan ku ujang sampe kapanggihna. Lantaran Emak yakin, eta dulur ujang masih aya dikeun na..” cek eta sora tan katingalan. “Sumuhun, Emak.. Mangga sadaya amanat ti Emak pasti ku kuring dilaksanakeun,” tembal Amran. Sanggeus kitu, angin anu ngagelebug saeutik saeutik siga anu ngajauhan. Beuki lila beuki tambah jauh. Akhirna mah les kaayan balik deui sabihara bihari. Amran masih keneh ngahuleng deku di pinggireun makam indungna. Fikiran na kumalayang, inget kana carita hirup indungna basa masih keur aya dikeunna. Hiji kajadian anu sabenerna mah teu ka alaman ku Amran, tapi ngan saukur carita ti indungna. Kieu nu dicaritakeun ku Indung Amran teh. Indung Amran anu ngaran Arna...

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

 Karangan Kang Abun Burhanudin “Ju.. Ju.. juriigg..!,” cek Sarmadi bari langsung ngaberetek lumpat meni notog notogkeun maneh. Dituturkeun ku si Sobri, duanana parahi embung ti tukang patarik tarik leungeun nu pada akhirna duanana pating gelebrus kana galengan sawah, awak jeung beungeutna gogolopot ku leutak. Tapi duana teu malire tuluy harudang lalumpatan deui, beuki notog notogkeun maneh sagala ditabrak sagala dirumpak.  Ari si Uyat batur baturna lumpat teh manehna mah kalah ngajengjen cicing. Sungut calawak, mata bolotot, tuur noroktok.  calana na karasa baseuh wer weran kiih. Sigana kituna teh bakating ku sieun sieun na. Ari jurig Nyi Rukmini terus cicirihalan matak pikasieuneun. Kalayang jurig Nyi Rukmini ngalayang, tuluy cle nangtung hareupuen si Uyat. Si Uyat beuki soak bae teu puguh rarasaan. Huntuna noroktok. Wuus..! Nyi Rukmini ngelebetkeun leungeun bajuna, tuluy katempo manjangan. Ret.. ret.. Eta leungeung baju ririwa Nyi Rukimi ngabeulit kana awak si Uyat. Tul...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Kajeun Ajur Tutumpuran Bagian Ka 7

 Karangan Kang Abun Burhanudin Hawa isuk karasa matak seger, sang surya geus mimiti medal ti beulah wetan, manuk manuk racet patingkeleper paudag udag jeung pada baturna, ingon ingon raeng patembalan, matak waas jeung pikabetaheun. Tapi kaayaan harita teu bisa dirasakeun ku jalma jalma urang lembur cikawung. Dina wanci kitu jalma jalma kabeh katempo tegang, dipaksa kudu karumpul di alun alun bari jeung dina kaayaan ditodong ku bedil para soldadu KNIL. Teu awewe teu lalaki, teu kolot teu budak, kabehan na kudu ngabaris ngaredes pikeun nyambut liwatna romobongan Menir Edwar. Saurang geh teu aya nu wani mungpang, lamun aya nu ngalwan bae saeutik, nyawa ngalayang urusan na.  “Pariksa heula saurang saurang, bisi aya nu nyusup atawa mawa pakarang,” parentah Letnan Dastim ka anak buahna. “Siap, Letnan..,” jawab saurang anak buahna. Terus eta anggota KNIl marentahkeun deui ka baturna pikeun mariksa jalma jalma lembur saurang saurang. Teu lila katempo saurang saurang jalma lembur dipar...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 4

Karangan Kang Abun Burhanudin Mitra mitra Budaya Sunda Panineungan sadayana, sakumaha nu kapedar kamari, harita layon Nyi Rukmini parantos robih janten mahluk anu pikasieuneun, buuk ngarunday, ari siki matana katempo nonghol siga nu rek kaluar. Dada na gorowong, ari tina beuheung nyurucud getih anu seger keneh. Cikikik..! Nyi Rukmini nyikikik kadenge sorana ngirung matak pikasieuneun. “Jempe siah.. Ayeuna dengekeun parentah ti kami..!” cek Amran, ngajak ngomong ka eta jurig. Tapi ngarana geh jurig, memang teu boga fikiran. Di titah cicing ku Amran teh, malah kadenge beuki tarik nyikikikna.  “Hi.. hi.. hi.. Saha maneh manusa..? Wani wani marentah ka kami.. Halik siah ulah ngahalangan aing.. Mun teu nyingkah, dihakan siah ku aing.. Hi.. hi.. hi..,” cek Ririwa Nyi Rukmini, malah malik nyarekan ka Amran. “Dasar jurig kurangajar siah.. Teu nyaho dicedo..! Lain nganuhunkeun ku aing geus dibere kurungan teh.. Awas siah.. Rasakeun pangawasa aing, “ Cek Amran, ambek. Gep Amran sidakep. Pano...