Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 15
Karangan Kang Abun Burhanudin
Urang tunda heula kaayaan Bah Sura saparakanca, engke urang sampeur deui. Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan Ambu Suri anu keur aya di bumina Mama Kyai Jakariya di Lembur Cipeuteuy.
Sanggeus rengse dalahar Ambu Suri ngariung deui di hareup. Ngarobrol jeung Mama Kyai Jakaria, Bu Haji Aisyah, malah Bantar geh aya ilu ngariung. Harita Ambu Suri nyaritakeun pangalaman manehna, jeung kaayaan di Lembur Luhur anu keur gujrud lantaran hampir unggal peuting didatangan ku Ririwa. Tapi ari masalah manehna anu jadi cukang lantaran nembah patin na Nyi Rukmini mah teu dicaritakeun.
“Manawi kitu, Mama Kyai, pangalaman sim kuring sareng sadaya kajadian di Lembur luhur teh,” Cek Ambu Suri mungkas caritana.
Atuh kabehan geh karaget jeung kukurayeun ngadenge carita Ambu Suri kitu teh. Ari Mama Kyai katempo gogodeg bari maca istigfar. “Astagfirullahal adziim.. Bener bener ari syetan ngaganggu ku sagala cara supaya manusa ingkar ti jalan anu bener,” cek Mama Kyai.
“Geuning tiasa kitu, Amana? Kumaha eta teh? Saurna ari nu tos maot mah teu aya hubungan deui anu aya di dunya” Tanya Nyi Haji Aisyah. Ari Bantar jeung Nyi Eti ngan saukur caricing ngabandungan, tapi ari dina hatena mah maranehna geh sarua loba pertanyaan.
“Nya eta teh kaasup tipu daya syetan anu ngagoda manusa.. Ari jalma nu geus paeh mah boro boro inget ka dunya, sabab kudu nyanghareupan pertanggung jawaban amal keur salila hirupna..” jawab Mama Kyai
“Tapi kunaon sok sering kacaritakeun aya nu maot ngajungjurigan ceunah, amana.. Kumaha ari kitu?,” tanya Nyi Haji Aisyah deui.
“Tah eta.. nu ku Ama rek dijelaskeun teh.. Ari nu sok kacaritakeun marakayangan mah sabenerna lain arwah jalma nu geus maot.. Tapi sabangsaning jin anu mirupakeun eta jalma tujuangan ngagoda supaya jalma jalma mengkol tina akidah.. Gara gara eta sok loba jalma jalma anu menta tulung ka Dukun, contona.. Pan eta teh geus sasar.. Lamun aya jalma nu menta tulung ka dukun, musrik kaasupna,” jelas Mama Kyai Jakaria meni panjang lebar.
Anu ngariung unggut unggutan tandaning merhatoskeun kana cariosan Mama Kyai Jakaria.
“Punten, Mama Kyai.. Simkuring mah tetep was was, sieun bilih ririwa teh nyilakakeun ka simkuring.. Da kitu ancaman na teh.. Ceunah mah ririwa teh rek nagih pati,” Cek Ambu Suri.
“Teu kudu sieun kunu karitu, Ibu.. Da ari manusa mah mahluk anu pang mulya mulyana.. Darajatna leuwih luhur tibatan bangsa jin.. Manusa dipasihan akal jeung fikiran.. Kulantaran eta, urang salaku manusa leuwih percaya ka nu maha kawasa..” cek Mama Kyai deui satengah ngawurukan ka Ambu Suri.
Ambu Suri unggut unggutan. Teuing ngarti teuing henteu hatena mah. Ngan pok manehna ngomong deui.
“Manawi Mama Kyai tiasa masihan pitulung ka simkuring.. Kumaha carana supados abdi ulah eleh ku bangsa ririwa..?,” Cek Ambu Suri.
Mama Kyai Jakaria imut, pok anjeuna ngawaler. “Ari kuring mah manusa biasa.. Teu daya teu upaya.. Anu gaduh kakawasaan mah mung Gusti Allah.. Tapi lamun urang teguh kaimanan ka mantena, Insya Allah urang moal eleh kunu karitu.. Jadi ari senjata pitulungna mah berarti aya dina diri urang sorangan. Sing tingkatkeun deui kaimanan jeung lobakeun amal kahadean ka sasama manusa..” cek Mama Kyai.
Ambu Suri unggut unggutan deui. Dina hatena galecok sorangan. “Gampang atuh ari kitu mah.. Sihoreng teh gampang..” cek gerentesna.
Keur kitu dur dur.. kadenge sora bedug lohor di tajug. Mama Kyai tuluy cengkat, ngajak kabehan supaya solat berjamaah di tajug. Atuh tuluy kabehan ka tarajug, malahmah Ambu Suri geh ilu katajug.
Sanggeus sarolat berjamaah lohor di tajug, Ambu Suri teu lagsung ilu balik ka Imah Mama Kyai Jakaria. Manehna menta ijin ka Nyi Eti hayang jalan jalan ningalian kaayaan di kampung, ceunah. Ku Nyi Eti diijinan. Ngan Nyi Eti menta dihampura sabab manehna teu bisa nganteur dan aya pagawean di imah. Cek Ambu Suri teu nanaon.
Atuh batur balik teh Ambu Suri mah kalah leuleumpangan puputeran hayang nyaho kaayaan di eta kampung. Di hiji tempat, reg Ambu Suri ngeuereunan, tuluy diuk dina handapeun hiji tangkal. Awakna nu pinuh ku kesang kaanginan karasa seger. Bari diuk Ambu Suri ngalamun sorang.
“Cik atuh aya jalma nu butuh pitulung aing boh naon nya poe ieu teh.. Aing teu hayang ngajalankeun papatah Mama Kyai. Ibadah ka Allah pan enggeus solat lohor.. Tinggal aing nyieun amal hade ka sasama manusa.. Mun geus kitu mah aing tinggal balik.. Moal eleh engke mah ku ririwa.. Gampanag..,” cek gerentes hatena.
Keur kitu rada jauh ti manehna katempo aya saurang jalma keur nuntun embe dua iji. Lamun ditingali tina ringkagna eta jalma nu nuntun embe teh siga nu ripuh pisan. Nafasna ngahegak, ari kesang ngucur sa awak awak. Reg eta jalma eureun hareupun Ambu Suri, hahehoh bangun cape pisan. Ari matana cungas cengos siga nu loba kasieun.
Nempo eta jalma, Ambu Suri nyerengeh sorangan. “Tah siganamah eta jalma keur butuh butuh pitulung, katempo tina ringkak paripolahna.. Keun ku aing rek disampeurkeun.. Sugan bisa ditulungan ku aing.. Kan lumayan cek Mama Kyai geh lamun urang tutulung ka jalma teh kaasup amal,”ceunah cek fikirna.
Jung Ambu Suri nangtung, tuluy leumpang nyampeurkeun ka eta jalma. Sanggeus anjog pok manehna nanya, “Wangsul timana ta bade kamana, Ujang..?” tanya Ambu Suri meni sopan.
Barang ngadenge Ambu Suri nanya, renjag eta jalma siga nu ngarenjag reuwas. Terus rada undur unduran siga nu rek kabur. Ambu Suri ngomong deui.
“Ulah reuwas reuwas ujang, Ambu mah lain jalma jahat.. Malahan Ambu teh hayang nulungan ujang, lantaran ujang katempona siga nu riweuh pisan.. Bilih ujang butuh bantosan Ambu.. Ambu siap ngabantu,” cek Ambu Suri.
Ngadenge omongan Ambu Suri kitu, eta jalma nu tadina siga nu sieun malik katempo bungah. Pok manehna ngomong. “Oh muhun, Ambu.. Leres pisan abdi teh nuju peryogi bantosan.. Manawi Ambu tiasa ngabantos ka abdi..?” cek eta jalma.
“Tangtu ujang, tangtu.. Ari Ambu tos kasohor tukang tutulung kanu butuh tatalang ka nu susah.. Ayeuna ujang perlu dibantu kumaha?” cek Ambu Suri.
“Pami ibu teu kaabotan.. Abdi nyuhunkeun tulung pang nungguankeun embe sakedap.. Abdi aya candakeun dua deui di lebak..” cek eta budak.
“Oh.. Gampang saukur nungguan embe mah ujang.. Sok atuh.. Jig ujang mah kaditu re kaya cokoteun deui mah.. Keun embe mah ditungguan ku ambu,” tembal Ambu Suri.
Geus kitu mah teu loba omong deui eta jalma teh langsung indit setengah lumpat buburubutan ka lebakeun. Ari embe anu tadi dibawana ditungguan ku Ambu Suri. Ambu Suri bener bener ngarasa bungah.
“Sihoreng teu hese nyieun kahadean ka jalma mah.. Amun geus beres aing tinggal baik.. Aing pasti aman ti Ririwa.. Da cek mama kyai geh mun aing ibadah jeung boga amal ka manusa, ririwa geh pasti eleh,” cek gerentesna.
Karek geh cicing sakeudeung nungguan embe nu bawa ku jalma nu tadi, ujug burudul loba jalma daratang ka palebah dinya, bari pating corowok.
“Itu bangsatna.. Itu bangsatna.. Tewaaaak..!,” cek jalama jalama pating corowok bari lalumpatan ka arah Ambu Suri.
Ambu Suri kaget luak lieuk, “Sugan aya bangsat.. Mana?” cek Ambu Suri.
Teu lila jalma jalma daratangan ngepung Ambu Suri. Dua urang diantarana langsung muru ka Ambu Suri terus ditewak dicarekelan. Ambu Suri kaget, “Aya naon ieh aya naon?,” cek Ambu Suri bari kekejet hayang esot. Tapi ku jalma jalma beuki dicepeng pageuh.
“Aya naon.. aya naon.. Sidik siah tas maling embe nu Mang Juned.. Rek kabur kamana deui siah..,” cek salah saurang jalma.
“Geus teu kudu diajak ngomong deui.. Gebugan bae gebugan..” cek nu hijina, bari jekok nampiling ka Ambu Suri. Atuh Ambu Suri ngagoak.
“Aduuuh.. Ampuun.. Kuringmah lain bangsat..”
“Geus teu kudu ampun ampunan.. Barinage moal aya bangsat ngaku..” cek saurang deui.
“Heueh eweuh ka era siah nini nini teh.. Ngadon ngabangsat,” cek nu saurang deui.
Keur kitu jekok.. Aya nu najong ka palebah bobokong Ambu Suri. Ambu Suri ngagoak deui bari pepelengkingan. Nu sejen na naurutan deui parahi ngagebugan Ambu Suri. Atuh Ambu Suri jurat jerit tulung tulungan.
Untungn keur kitu kaburu datang saurang jalma geus boga umur, sihoreng eta teh Tua Kampung Cipeuteuy. Nempo Ambu Suri digarebugan kitu ku Tua kampung langsung dipisah.
“Eup.. eup.. eup.. Ulan maraen hakim sorangan.. Karunya.. Ereun ereun..,” cek Tua Kampung bari ngahalangan jalma jalma nu rek ngagebugan ka Ambu Suri.
“Alaaah, Pa Tua.. Bangsat mah teu kudu dipikarunya..,” cek salah saurang budak ngora.
“Ke ke heula sabar.. Can puguh buktina.. jeung teu meunang maen hakim sorangan..,” cek Tua Kampung deui.
Ngarasa aya nu ngabelaan kitu, Ambu Suri buru buru nyalindung di tukangeun Tua Kampung. “Tulungan.. Pa Tua.. tulungan.. Kuring mah sumpah lain bangsat..” cek Ambu Suri bari nyekelan leungeun Tua Kampung.
“Aaah.. Moal aya bangsat nu ngaku.. Tah buktina embe Mang Juned nu dipaokna aya di dieu..” cek saurang jalma.
“Geus.. geus.. geus.. Masalah ieu ayeuna jadi urusan kuring salaku kokolot lembur.. Teu meunang aya nu maen hakim sorangan.. Ieu jalma bawa ka bale desa.. Ke cuang pariksa di ditu.. Kade awas ulah aya nu wani neunggeulan,” cek Tua Kampung.
“Huuuuh.. Payah pa Tua mah,” cek jalma jalma rame. Tapi najan kumaha oge marenahna tetep nurut ka Tua Kampung.
Tuluy Tua Kampung marentah ka dua urang jalma supaya ngagiringkeun Ambu Suri.
“Romli, Hamid,” giringkeun ieu jalma ka bale desa.
Teu kudu nunggua dua kali parentah, gep gep Ambu Suri dicarekelan deui ku dua jalma. Ambu Suri kaget, babadug, manehna embung ari kudu dibawa ka bale desa mah da teu rumasa ngabangsat.
“Tulung, pa Tua.. Tuluuung.. Leupaskeun kuring.. Sumpah kuring mah teu rumasa maling embe,” cek Ambu Suri bari terus babadug.
“Ayeuna mah wayahna kudu nurut.. Sagala bae perkara nu rek dicaritakeun.. ke bae di bale desa,” cek Tua Kampung.
AKhirna mah geus teu bisa loba omong deui, Ambu Suri digiringkeun ka bale desa bari dicarekelan leungeun na. Ari jalma jalma nu ditarukang pating corowok “Bangsatna embe beunang.. Bangsat embe beunang…” ceunah.
Ambu Suri geus teu bisa walakaya deui ngan saukur pasrah. “Haruuh.. Aya naon dina diri aing.. Naha nasib teh ngan apes jeung apes bae,” cek gerentes hate Ambu Suri. Cag urang tunda heula.
Ayeuna kocapkeun heula kaayaan si Jarot jeung si Bungkreung. Sanggeus peuting maranehna gagal nagih munding ka Ambu Suri, da kaburu soak basa pagabrug jeung Ambu Suri anu disangkana ririwa, si Jarot jeung Si Bungkreung baralik deui ka tempat panyumputan na.
Ayeuna duanana katempo karek harudang sare. “Rek kumaha rencana ayeuna, kakak.. Cek kuring mah kumaha bae geh munding Ambu Suri kudu kacokot ku urang,” cek si Bungkreung mimiti kadenge ngomong.
“Heueuh.. Dewek geh keur mikiran eta.. Sabab urang rugi gede lamun munding sampe laus teu kapimilik mah,” cek si Jarot.
“Kumaha lamun ayeuna sampeur deui bae. Syukur mun panggih jeung Ambu Suri, mun teu panggih geh cokot bae, da manehna geus janji etamah.. Lain maling urang mah..,” cek si Bungkreung mere usul.
“Kitu rencana dewek geh.. tapi urang tetep kudu ati ati.. Urang geus katelah jalma buraong di lembur ieu mah.. Masi nuntun munding lain nang maling geh pasti dituduh batur mah maling,” cek si Jarot.
“Urusan eta mah gampang, kakak.. Biasa bae urang mah sasalingkeran..,” cek si Bungkreung.
“Nya beu atuh indit ayeuna,” cek si Jarot bari jung nangtung tuluy indit. Kitu deui si Bungkreung hudang tuluy nuturkeun. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan di imah Bah Sura anu katunda kamari.
Harita, Jalma jalma masih ngagimbung di karang imah Bah Sura. Kabehanna gagarululunuk ngarasa digawean “Huuh.. Urang kabeh bener bener digawean.. Sangkateh heueuh aya nukahuruan.. Hanas keur macul geh ditinggalkeun.. Aya aya bae..” Cek saurang jalma.
“Enya bener.. Kos euweuh gawe bae..,” cek nu saurang deui.
“Geus lah bubar bubar..” Saurang jalma ngomong deui, nitah balubar.
Jalma jalma akhirna balubar. Ari Emak Paraji nu boga dosa na masih keneh nyempod di handapeun rungkun cau.
“hadeuuh.. Aing jadi ngarasa dosa.. Gara gara aing jalma jalam jadi pada kaweur kitu.. Heueuh da nu kitu na mah Bah Sura, Pa Rt, jeung Tua Kampung.. Kolot kolot barorangan,” Cek gerentes hate Emak Paraji ngarasa salah, tapi akhirna malah nyalahkeun deui batur.
Keur kitu di salah sahiji rungkun di kebon beulah kuloneun imah Bah Sura, aya dua urang jalma nu keur nyumput bari ngawaskeun kayaan imah Bah Sura. Sihoreng maranehna teh si Jarot jeung si Bungkreung.
“Kuamah, kaka.. Jalma jalmana geus arindit teuh.. Aman ayeuna mah.. Cuang cokot mundingna,” cek si Bungkreung.
“Ke sabar.. Dewek keur mikir heula kumaha carana anu leuwih alus.. Sabab di jero mah aya keneh jalma,” cek si Jarot.
“Kuamah intip bae heula sugan ku uing kaditu..,” cek si Bungkreung.
“Belegug siah.. Mun sia kaditu sarua jeung sosoro kojor.. Tengah poe ieu teh..,” Cek si Jarot rada ngabentak.
“Terusa kudu kumaha atuh, kaka.. Kieu salah kitu salah uingmah,” cek si Bungkreung.
“Cek dewek geh ngajedog.. Dewek keur mikir heula cara nu alus,” cek si Jarot bari leungeun na katempo nyekel tarang siga bae nu keur heueuh mikir.
“Uing aya akal, kaka..” cek si Bungkreung curinghak.
“Naon siah..” tanya si Jarot.
“Gampang, kakak.. Kumaha lamun urang duruk tuh palebah dapur imah Bah Sura.. Kucara kitu jalma jalma pasti rariweuh mareuman api.. Nah sabot jalma rariweuh, urang gerak maok munding..,” cek si Bungkreung.
Si Jarot ngahuleng sakeudeung. Teu lila pok manehna ngomong bari nepakan taktak si Bungkreung.
“Aluuus.. alus.. Alus pisan.. dewek satuju.. Teu nyangka siga boloho geh sia teh belegug..,” cek si Jarot.
Si Bungkreung seueul diomong kit uku si Jarot teh. “Jadi ide uing teh teu kapake, kakak..”
“Jeh alus cek dewek sia mah.. dewek satuju..” cek si Jarot.
“Atuh kakak mah.. tadi ceunah belegug uing teh,” cek si Bungkreung.
“Heuereuy aing mah sia ulah delitan.. Geuwat duruk..,” cek si Jarot bari ngadorongkeun awak si Bungkreung.
Geus kitu mah tuluy si Bungkreung katempo keketeyepan ka tukangeun imah Bah Sura. Teu lila geus anjog. Si Bungkreung katempo culang cileung.
Ngarasa aman, manehna ngumpulkeun suluh jeung dangdaunan anu garing, ditunda handapeun kolong imah Bah Sura. Sanggeus ngarasa cukup.. gur eta dang dagunan diduruk ku si Bungkreung. Beuki lila katempo api beuki gede, akhirna mah mapay kana bilik dapur Bah Sura. Ari Si Bungkreung buru buru lumpat deui ka panyumputan na.
Emak Paraji anu keur nyumput di rungkun cau reuwas nempo api ngabebela di palebah dapur Bah Sura. “Beu cilaka.. Geuning bisa bener kadurukan..” cek gerentesna.
Emak Paraji sasah. Buru buru lumpat nyokot deui kentrong. Tuluy kentrong ditabeuh deui ditihtirkeun kos tadi bari cocorowokan kahuruan kahuruan.
Ari jalma jalma kaget deui ngadenge sora kentrong bari aya nu huak hauk kahuruan kahuruan. “Eta aya nu nabeuh deui kentrong kahuruan kahuruan.. Sadana mah ti palebah imah Bah Sura deui..,” cek salah saurang.
“Geus tong dianggap.. Buktina tadi bae urang digawean.. Euweuh nu kahuruan euweuh naon,” cek saurang jalma deui.
Ari dijero imah Bah Sura, Tua Kampung saparakanca oge kaget ngadenge sora kentrong anu ditihtirkeun bari aya nu cocorowokan kahuruan kahuruan.
“Aya nu nabeh deui kentrong kahuruan kahuruan..,” Cek Pa Rt.
“Tong diaranggap.. Tadi bae geh ngan saukur ngagawean,” tembal Bah Sura.
Ari api beuki lila beuki gede. Borobot.. borobot.. ! sada kayu layeus rarag ragaan di palebah tukang. Kabeh jalma kaget. Rek kabehan na ngareret ka palebah dapur. Ana breh teh bener dapur kahuruan. Atuh kabehan katempo calangap.
Dilajeng eps salajengna.
Komentar
Posting Komentar