Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 17
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Karangan Kang Abun Burhanudin
Sakumaha anu dipedar di eps kalangkung, Ambu Suri anu dituduh maling embe geus dibawa ka bale desa. Jalma jalma ngambreg hayang ningali bangsatna, ceunah. Ku Tua Kampung jalma jalma dihalangan, lantaran bisi maen hakim sorangan. Tapi ku loba lobana jelma nu ngansre, Tua Kampung geh akhirna mah teu sanggup nahan. Jalma jalma tetep maraksa asup. Ari Ambu Suri nyumput di luhur para. Tapi dasar kudu apes, suku Ambu Suri tiporos sabeulah kana bilik, gara gara aya beurit anu ngarayap kana bitisna. Tuluy salah saurang jalma aya nu naek make taraje. Harita Ambu Suri reuwas kabina bina.
Bakat ku reuwas, Ambu Suri geus teu bisa ngomong deui. Sungut calangap, mata bolotot, ari tuur nyorodcod. Nempo kitu jalma anu naek lain ngarasa karunya, tapi kalah tambah ambek.
“Turun, siah..! Mun teu turun didudut siah ku aing..!,” bentak eta jalma, bari matana molotot ka Ambu Suri.
Lain nurut, Ambu Suri kalah ka beuki sieun, undur unduran. Ari mata tangtuna teu nempo kana tincakeun. Kolesah gebros.. Ambu Suri kalah ti gebros deui bae. Awakna rek ragrag ka handap, tapi untung leungeuna masih keneh bisa muntang kana kayu.
“Tuluuuung..!,” cek Ambu Suri ngajerit menta tulung, bari awakna gugulantungan.
Jalma jalma anu keur diharandap reuwas. Tapi barang ngaralieuk nempo Ambu Suri nu keur gugulantungan, sakabeh jalma jadi surak eak eakan, marupuas ka Ambu Suri.
“Woooi.. Eta bangsatna..! Dudut eeeuuy.. Duduuut..,”
“Heueuuh.. gintak ka handap.. Cuang taranjangan..!,” cek jalma jalma.
Ambu Suri geus teu puguh rarasaan. Ari jalma jalma ngalambreg parahi ngabetot suku Ambu Suri. Ambu Suri kalah rek naek deui. Tapi lila lila mah leungeun anu muntang karasa leuleus. Gubrag..! Ambu Suri akhirna mah rarag ka handap, awakna nangkobak dina ubin.
Geer..! Jalma jalma sarurak. Tuluy paheula heula muru ka Ambu Suri parahi hayang nareunggeulan. Atuh teu bisa katahan deui, Ambu Suri ditarenggeulan ku jalma rea. Ambu Suri ampun ampunan.
“Ampuuun..! Ampuuuun..!, kuringmah lain bangsat.. Ampuuun..,” cek Ambu Suri ampun ampunan. Tapi ku jalma jalma terus bae digarebugan.
Nempo kitu, Tua Kampung jeung pamong desa lain na, ngarasa teu tega. Terus maranehna ngaharalangan jalma jalma nu keur parahi ngagebugan Ambu Suri.
“Euup.. eup.. eup.. Ulah digarebugan karunya.. Sabar sabar..!,” cek Tua Kampung jeung nu sejen na bari leungeun na ngahalangan jalma jalma nu rek ngegebugan Ambu Suri.
Tapi batan eureun jalma jalma kalah ka beuki ambek. “Minggir, pa Tua.. Minggir.. Bisi kateunggeul ku kuring,” cek salah saurang jalma.
“Heeuuh barina ge bangsat dikarunyaan..,” cek nu sejen na, bari seseregel hayang ngagebugan Ambu Suri nu disangka bangsat.
Atuh Tua Kampung jeung nu sejen na jadi ripuh. Tungtungna mah awakna maranehna nu jadi sasaran jalma jalma. Awakna kagebug ti ditu kagebug ti dieu. Bak bik bek kana sirah kana tinggong.
Untungna dina kaayan kitu, Bantar jeung Nyi Eti kaburu daratang. “Sabar.. sabar, mang.. sabar..! ulah ngagarebugan..! ulah maen hakim sorangan..!,” Cek bantar bari langsung ilu ngahalangan jalma jalma. Tapi ari panon n amah can nempo ka Ambu Suri anu keur ngajoprak. Jadi teu apal saha nu keur digebugan the.
“Geus teu kudu pipilueun ngahalangan, jang.. Bangsat mah teu kudu dibere hate..,” cek salah saurang jalma bari morongos ka Bantar.
“Lain kitu, Mang.. Kuring mah justru ngabelaan ka mamang kabehan.. Lamun sampe ieu bangsat paeh gara gara digebugan ku warga urang.. Bakal malik ka urang sorangan, Mang.. Urang sorangan nu bakal dihukum ku nu berwajib,” cek Bantar.
Ari ngadenge omongan Bantar kitu mah, jalma jalma jadi ngaharuleng. Kafikir oge ku maranehna. Antuk n amah nu hayang ngagarebugan geh teu jadi. Kabeh ngadenge kana omongan Bantar. Komo da kabehan geh geus parahi apal, ari Bantar teh saha. Di lembur eta mah geus kawentar jago silat. Tapi najan kitu, Bantar tacan pernah nyieun kalakuan goreng. Wajar lamun jalma jalma lembur parahi ngahargaan. Komo da Bantar teh anak angkat Mama Kyai Zakaria. Hiji ajengan nu dihormatan pisan di lembur ieu mah.
“Terus ayeuna kudu kumaha, jang..?,” tanya salah saurang jalma.
“Ayeuna serahkeun ka pa Tua Kampung sagala urusan na, anu gaduh wewenang di lembur ieu,” tembal Bantar, tuluy manehna ngomong ka Tua Kampung.
“Mangga pa Tua.. Manawi tiasa ditarosan heula ieu jalmi teh.. Lantaran kumha kumaha geh kedah aya buktosna,” cek Bantar.
Ari Ambu Suri masih keneh katempo ngajoprak teu empes empes. Sigana mah kaliuhan kulantaran digarebugan ku jalma loba.
“Muhun atuh, jang.. Nuhun..,” tembal Tua Kampung, tuluy manehna marentah ka Hansip.
“Mang Watno, Mang Boil.. Wayahna angkat heula, pindahkeun eta jalma ka rohangan kuring.. Eta jalma sigana kapiuhan.. Perlu diubaran heula,” cek Tua Kampung mere parentah ka dua urang Hansip.
“Mangga, Pa Tua..” Cek Hansip anu ngaran Boil.
Atuh terus eta dua urang hansip teh nyampeurkeun ka Ambu Suri anu masih keneh ngajoprak teu empes empes. Bantar, Nyi Eti, jeung nu sejen na narempokeun. Barang awak Ambu Suri dibalikeun kakaren jelas katempo ku Bantar jeung Nyi Eti, sihoreng teh Ambu Suri.
Atuh Bantar jeung Nyi ETi kaget. “Geuning Ambu Suri eta mah, kang..” cek Nyi ETi.
Ari Bantar katempo colohok. “Muhun geuning, Nyai.. Ieu kumaha mimitina tiasa kieu,” tembal Bantar.
“Abdi mah asa kirang percanten kang pami Ambu Suri maling mah..,” Cek Nyi Eti deui.
“Keun ke bae tingal kumaha hasil pamariosan pa Tua Kampung..” tembal Bantar. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang balik deui kana kaayaan Bah Sura saparaknca anu geus lila katunda. Waktu di akhir, dicaritakeun Bah Sura, Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, Pa Lebe, Mang Uman, jeung Aki Sodiq, keur araya di jero imah Bah Sura, sedengekun eta imah dapurna diduruk ku Si Jarot jeung si Bungkreung.
Emak Paraji anu keur nyumput, pangheulana apal kana kajadian kahuruan. Harita Emak Paraji nabeuh kentrong dititihtirkeun ngabejaan yeun aya kahuruan. Tapi jalma jalma geus teu percaya deui kana eta beja, lantaran samemehna Emak Paraji nabeuh kentrong oge bari hahaukan kahuruan kahuruan. Tujuan na nu mimiti mah ngahudangkeun Bah Sura jeung Tua Kampung, tapi jadina jalma jalma daratangan disangka aya kahuruan beneran. Pas ningali teu aya nanaon, jalma jalma jadi ambek.
Jadina pas Emak Paraji beneran imah Bah Sura kahuruan, Emak Paraji nabeuh kentrong ngabejaan geh teu aya nu percaya. Harita carios Bah Sura saparakanca teh dugi kadinya. Ayeuna urang caturkeun kumaha salajengna.
Api nu ngaduruk imah Bah Sura beuki ngabebela. Sora kayu jeung bilik anu kaduruk kadenge pating peletek. Brug..! suhunan di rohangan dapur ragrag. Api beuki ngajalar ka tengah imah.
Bah Sura, Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, Mang Uman, jeung Pa Lebe, katut Aki Jumad, kacida panikna. “Tuluuuung..! Tuluuuuung..! Imah kuring kabakaran.. Tuluuung..!,” cek Bah Sura gogorowokan menta tulung. Kitu deui nu sejen na sarua pating gorowok.
Tapi saking ku panik panikna, maranehna kalah teu puguh laku. Lumpat kaditu lumpat kadieu siga bolon. “Api tulungan, Aki.. Gunakeun elmu aki jang mareuman api,” cek Pa Rt menta tulung ka Aki Jumad.
“Boro boro nyapaatan.. Aing bae keur soak..!,” jawab Aki Jumad bari malah ngadon deku bari nangkeup hulu. Meureun bakating ku soakna.
Ari di luar, Emak Paraji oge ngarasa panik. Ngarasa karunya bisi Bah Sura saparakanca paraeh kaduruk di jero imah. Tapi rek nulungan bingung kumaha carana.
“Beu baroloho baroloho teuing eta jalma nya.. Lain geuwat kalaluar buka pantone,” cek gerentes Paraji.
Api beuki katempo ngabebela mapay ka unggal rohangan. Malahmah saeutik deui geh hampir ngabeuleum kamer Bah Sura. Jalma jalma nu di jero beuki tambah panik.
Ari Emak Paraji anu aya di luar beuki tambah geregeteun. Cek fikirna, lain jalma jalma teh geuwat kalabur ka luar lewat jandela boh lewat panto. Lila lila mah ku Emak Paraji kafikir, sigana nu di jero teh saking panikna jadi poho jalan kaluar.
“Heueuh sigana mah bakating ku geumpeur meureun.. Jadi poho jalan kaluar,” cek gerentes hate Emak Paraji.
Tuluy Emak Paraji boga niat rek ngagedoran panto, ngabejaan jalma di jero. Tapi karek geh lumpat ka palebah pangto, borbooot.. kadenge sora ngaborobot. Sihoreng suhunan rohangan tengah imah Bah Sura ngaborobot.
Atuh jadina Emak Paraji reuwas, lumpat deui mundur. Sukuna tikait pisan. Emak Paraji ngagubrag laboh. Awakna nangkobak, ari tarang tidagor kana batu. Emak Paraji ngagoak.
Ari Bah Sura saparakanca malah tambah sasah. Lain geuwat kalabur kaluar, tapi kalah paungku ungku siga barudak bolon nu keur aya kasieun.
Keur kitu boroboot deui kadenge sada anu ngaborobot di palebah kamer Bah Sura. Blug.. Kadenge sada wuwungna ragrag kana talupuh. Kabehan na beuki kaget. Utamana mah Bah Sura. Manehna karek sadar kana duit jeung perhiasan anu disimpen dina lamari.
“Aduh.. Duit Abah jeung perhiasan kabeuleum..,” Cek Bah Sura bari jurungkunung hudang, tuluy rek lumpat muru ka kamer.
Tapi ku Pa Rt kaburu ditubruk. “Rek kamana, Bah..! Eta api.. sing kaduruk..,” cek Pa RT.
Tapi Bah Sura kalah teterejelan. “Minggir, pa RT.. Awas ulah ngahalangan ka Abah.. Eta duit jeung perhiasan Abah dina lamari sing kabeuleum,” cek Bah Sura bari teterejelan hayang leupas. Tapi ku Pa Rt teu dileupaskeun.
Keur kitu beledag.. sada aya nu nenggor kana panto, disusul ku sorang anu ngagorowok. “Kaluar..! kaluaaar..! geuwat kalaluar.. buka pantona sing kabeuleum” kadenge sora Emak Paraji ngagorowok ti luar.
Pa Rt, Tua Kampung jeung nu sejen na asa dingetan. “Heueuh.. Dasar baroloho.. Lain ti tadi kalauar tina panto,” Cek Aki Jumad, bari berengbeng muru panto, tuluy kabur kaluar pangheulana.
Atuh nempo kitu mah Tua Kampung jeung nu sejen na narurutan kalabur kaluar. Kitu deui Pa Rt jeung Mang Wardi geuwat kaluar bari durugdug nyenyered awak Bah Sura nu keukeuh hayang asup ka kamerna nyokot duit. Akhri namah kabeh kalaluar.
Barang kabehan na geus aya diluar, borbooot..! Blug.. blug..! Kadenge pating borobot pating gedebluh tarik pisan. Sihoreng wuwung imah Bah Suraa ragragan. Ari Imah Bah Sura kabeh geus kaduruk.
Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, jeung nu sejen na ngarasa baluas. “Alhamdulilah.. Salamet..Salamet..,” cek Tua kampung, Pa Rt jeung nu sejen na.
Ari Bah Sura katempo molohok nempo ka imahna anu geus beak kaduruk. Leng.. leng.. sirahna karasa lieur.. Satuluyna Bah Sura ngalenggerek kapaehan. Ku Pa Rt, Tua Kampung, jeung nu sejen na geuwat ditarulungan.
Api nu ngaduruk Imah Bah Sura masih terus katempo ngabebela. Haseup hideung ngabulungbung ka jomantara. Silalatu katempo rabeng haliberan.
Jalma jalma lembur anu keur araya di sawah, di kebon, jeung nu sejen na kaget nempo haseup nu ngabulungbung kaluhur. Kaayaan jadi genjleung.
“Kahuruan..! Kahuruan..! Kahuruaan..!,” cek jalma jalma bari tuluy ngaberetek lalumpatan muru ka imah Bah Sura nu kahuruan.
Beja yeun imah Bah Sura kahuruan beuki nerekab ka mana mana. Kaayan lembur jadi rame. “Imah saha nu kahuruan..?” tanya saurang jalma.
“Teuing.. Bejana mah imah Bah Sura..!,” tembal salah saurang deui.
“Aaah.. Wajar atuh ari imah Bah Sura mah.. Eta mah hukuman ti Gusti Allah.. Manehna tukang ngarampas harta batur..” Kadenge sada aya saurang jalma nu malah mupuas.
“Heueuh bener..! Eta mah katulah ku polah sorangan..” cek nu sejen na malah kalah ngalokan.
“Heueuh.. puas teuing jalma sarakah..,” cek saurang deui.
“Hus.. Ulang ngomong kitu.. Karunya.. Kumaha kumaha geh Bah Sura geh warga urang keneh.. Hayu cuang sampeur tulungan..,” cek salah saurang anu masih boga rasa karunya ka Bah Sura.
“Jig lah kaditu.. Kuring mah teu hayang nulungan nag eh,” jawab nu sejen na tetep mugen diajak nulungan Bah Sura teh. Akhirna mah nu indit rek nulungan Bah Sura teh ngan sababaraha urang jalma bae. Loloba na mah nu arembung nulungan. Cag Urang tunda heula.
Ayeuna kocapkeun si Jarot jeung Si Bungkreung. Sanggeus hasil ngaduruk imah Bah Sura, duanana ngarasa bungah.
“Hasil, kakak.. Rencana urang bakalan hasil.. Jalma jalma pasti riweuh narulungan Bah Sura.. Ayeuna kasempetan urang nyokot mundingna,” cek si Bungkreung, sorana rada kadenge tarik.
“Ngajedog siah.. Ngomong teh tarik tarik teuing.. Sing kadenge ku batur..,” jawab si Jarot bari ngabentak, bari tuluy manehna indit.
“Rek kamana, kakak?,” Tanya si Bungkreung.
“Ari siah belegug belegug teuing.. Baruk siah nyokot munding Bah Sura.. Hayu geuwat ulah ngajedog bae..” jawab si Jarot.
“Heueuh nya kakak.. Poho uing.. Tuda uing kalah resep nempo imah Bah Sura kaduruk.. Asa aya tontonan..,” tembal si Bungkreung deui.
Ari si Jarot teu nembalan deui. Tuluy indit muru ka kendang munding Bah Sura. Akhrina mah si Bungkreung geh nuturkeun. Tapi barang anjog ka kendang munding Bah Sura, sihoreng kendang molongpong kosong, ewueuh munding hiji hiji acan. Si Jarot jeung si Bungkreung olohok.
“Beu.. Geuning eweuh hiji hiji acan mundingna, kakak.. Wah ieumah urang ditipu ku Ambu Suri, kakak..,” cek si Bungkreung handeueul.
“Heueuh.. Haramjadol.. Ngabobodo tah Nini nini teh.. Awas ku aingmah dibere pelajaran siah..,” jawab si Jarot.
“Enya, kakak.. Ulah dibere hate engke mah..,” cek si Bungkreung.
“ke.. ke.. Tapi cek dewek mah mending kieu euy..” cek si Jarot ngomongna can anggeus.
“Kumaha, kakak..?” tanya si Bungkreung.
“Dengekeun heula siah.. Ari aing ngomong teh sok dipotong bae..,” Bentak si Jarot.
“Hampura.. kakak.. hampura.. Sok kumaha, kakak.. Uing ngadengekeun..,” tembal si Bungkreung.
“Kieu.. Lamun urang balik lengoh.. Urang rugi pisan.. Kumaha lamun cokot bae embena.. Kumaha cek pendapat silaing..?” cek si Jarot boga ide, bari tuluy menta pendapat si Bungkreung.
Ari si Bungkreung cicing bae. Si Jarot ambek, “Ari sia torek sugan ditanya ngajedog bae..!,” si Jarot ngabentak.
“Oh.. geus anggeus si kakak ngomongna.. Ari satadina mah bisi can anggeus uing cicing bae teh.. Ke lamun uing ngomong disentak deui ku si kakak na,” tembal si Bungkreung.
“Goblog siah.. Mana aing nanya berarti aing geus anggeus ngomong..,”
“Oh, enya atuh.. Kumaha tadi teh kakak?,” si Bungkreung kalah nanya deui. Atuh si Jarot beuki ambek.
“Kurangajar siah.. Ngalelewe sia ka aing?,” si Jarot meberkeun leungeun na rek dipake ngagablog si Bungkreung. Atuh si Bungkreung reuwas langsung bae murungkut.
“Ampun, kakak.. Ampun.. Uing lain ngalelewe.. Uing bener bener teu kadenge..,” tembal si Bungkreung, bari dua leungeun na ngahalangan pipi.
“Dasar goblog siah.. Disangkateh ngajedog teh ngadengekeun omongan aing.. Yeuh dengekeun ku gegebir sia.. Ayeuna munding Ambu Suri euweuh.. Kumaha lamun urang nyokot embena bae..,” cek si Jarot malikan deui omongan na.
“Ah.. Ari kitu mah belet atuh si kaka teh.. Ari munding jeung embe mah beda kakak.. Harga na ge mahal munding.. Mangkara dijanjian munding urang kalah nyokot embe.. Nu kitu mah bodo ngarana kakak..,” cek si Bungkreung kalah siga ngahajakeun neangan piambekeun si jarot.
“Bangkawarah siah nyebut ka aing bodo.. Sia nu boloho.. Nyokot embe na ulah hiji atuh..,” cek si Jarot.
“Oh enya atuh mah uing satuju.. Sihoreng kakak teh teu bodo bodo teuing..,” cek si Bungkreung.
Si Jarot geus teu kiengeun ngomong deui, tuluy manehna indit rek ka kendang embe, rek nyokot embe Ambu Suri. Tapi karek geh sababaraha lengkah, ujug ujug burudul jalma jalma nu rek nulungan mareuman api ngaduruk imah Bah Sura daratang kabeneran liwatna ka palebah dinya.
Barang nempo si Jarot jeung si Bungkreung keur pating surungkuy di palebah dinya, atuh jalma jalma teh jadi curiga. “Ker naraha siah didinya.. Rek ngabangsat nya..?” tanya saurang jalma bari morongos.
Si Jarot jeung si Bungkreung kaget. “Si Kakak sih loba omong.. Jadi telat bae.. Tuh jalma jalma jadina kaburu datang..” cek si Bungkreung nyalahkeun si Jarot, bari ngomongna tarik.
Atuh jalma jalma nu geus curiga jadi nuduh pisan. Sedengkeun si Jarot molotot ka si Bungkreung.
“Ah berarti bener sia duaan teh rek ngabadog.. Woi batur batur.. Tewak tah si Jarot jeung si Bungkreung,” cek jalma nu tadi bari manehna nyokot pepentung tuluy muru ka si Jarot jeung si Bungkreung rek nyangkalak.
Jalma jalma nu sejen na rame, “Heueuh.. tewak.. tewaak..,” bari breng kabehan lalumptan rek ngepung si Jarot jeung si Bungkreung.
Berengbeng si Bungkreung lumpat pangheulana, dituturkeun ku si Jarot. Ku jalma jalma terus diarudag bari pating corowok aya bangsat aya bangsat. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun kaayaan ririwa Nyi Rukmini anu geus lila katunda. Sanggeus mere laporan ka Amran, eta ririwa kakalayangan balik deui ka imah Mang Wardi, satuluna salin jinis deui jadi Nyi Rukmini.
“Hampir bae peuting tadi aing gagal ngalaksanakeun parentah ti Amran. Untung masih keneh meunang jalma jang gantinya,” gerentes ririwa Nyi Rukmini, anu ayeuna geus robah deui wujudna jadi Nyi Rukmini sakumaha jalma biasa.
Nyi Rukmini tuly leumpang ngadeukeutan panto, bray eta panto muka ku sorangan. Blus Nyi Rukmini asup. Sanggeusna aya di jero, katempo Nyi Rukmini rurat reret nempoan kaayaan. Tuluy leumpang mukaan hordeng kamer hiji hiji. Katingali ku manehna kamer meni rapi.
Sup Nyi Rukmini asup ka salah sahiji kamer, tuluy ditempoan meni tulaten. Rekeeet.. muka lamari. Katingali pakean numpuk dijero lamari. Kot.. Ku Nyi Rukmini dicokot tuluy diilengan. Sihoreng baju lalaki. Tuluy eta pakean ditunda deui ka jero lamari kana kurutna.
“Sihoreng kieu kahirupan manusa..” cek gerentesna.
Tuluy Nyi Rukmini ka luar deui. Blus deui asup ka kamer nu hijina. Terus ulang ileng deui kos tadi, muka lamari ngilengan pakean. Sihoreng pakean anu Nyi Rukmini. Ret kana mukena, ret kana sajadah.
Nyi Rukmini ngagerentes deui dina hatena. “Kunaon hate aing jadi katarik, hayang bener bener jadi manusa.. Aing kudu bisa neuleuman adat kabiasaan manusa,” cek gerentesna.
Keur kitu kadenge sora anu pating corowok aya bangsat aya bangsat. Nyi Rukmini garenjag kaget. Tuluy buru buru manehna kaluar.
Ana breh teh katempo aya dua urang jalma keur lulumpatan ditukangeun na loba jalma anu ngudag. Sihoreng eta teh si Jarot jeung si Bungkreung anu keur diudag udag ku jalma lembur.
“Aing asa apal ka eta manusa anu duaan..,” Cek gerentes Nyi Rukmini. Keur naraha ngadon paudag udag kitu.. Keun rek digawean ku aing,” cek gerentes Nyi Rukmini deui.
Tuluy Nyi Rukmini ngagerakeun leungeun na ngabentuk hiji jurus. Tuluy curukna diarahkeun kana hiji dahan anu keur ngagoler dina taneuh. Dadak sakala eta dahan langsung robah jadi oray sanca meni gede pisan.
Logodor eta oray ngalogodor muru ka si Jarot jeung si Bukngkreun anu masih keneh lumpat diudag udag jalma.
Dilajeng ka eps salajengna.
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Komentar
Posting Komentar