Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 18
Karangan Kang Abun Burhanudin
Si Jarot jeung si Bungkreung terus lumpat meni notog notogkeun maneh diudag udag ku jalma jalma lembur bari kadenge patingcorowok. “Tewak..! Tewaak.. Eta Bangsatna tewaaaak..! Kepuuung..! Kepuung..!, cek jalma jalma anu ngudag si Jarot jeung si Bungkreung kadenge patingcorowok.
Si Jarot jeung Si Bungkreung beuki ngarasa sasah. Duanana terus lalumpatan beuki cepet bae, bari sakapeung luak lieuk ka tukang sieun bisi jalma jalma nu ngarudag geus deukuet ka maranehna.
Keur kitu jalma salah saurang jalma anu ngudag aya nu ngalungkeun pepentung. Wuk..! Wuk..! Wuk..! eta pepetung muter, melesat ka palebah sirah Si Jarot anu lumpat satukangeun si Bungkreung. Ngan hadena si Jarot marengan ngalieuk, barang nempo aya pepentung nyewuk ka palebah manehna, si Jarot reuwas kacida. Lep.. bari terus lumpat si Jarot dongko.
Wuus..! Pepentung melesat ngaliwatan sirah si Jarot, ana beletrak the eta pepentung malah keuna kana sirah Bungkreung anu aya di hareupeun na. Atuh goak.. Si Bungkreung ngagoak.
“Adooow..! Tobaaat..!,” cek si Bungkreung.
Solontod.. Si Bungkreung sosolontodan. Gubrag.. akhirna ngagudubrag labuh. Ari si Jarot terus bae lumpat. Tapi sukuna titajonng kana awak si Bungkreung. Atuh si Bungkreung ngagoak deui, sedengkeun si Jarot nyoloyong, gubrag akhirna mah manehna ngagubrag labuh.
Ger..! jalma jalma anu ngarudag surak eak eakan. “Eta bangsatna labuh.. Tewaaak..! tewaaak...! kade ulah sampe leupas..!” cek jalma jalma bari tuluy maruru ka si Bungkreung jeung si Jarot anu geus pada ngajoprak.
Tapi barang kabehan na ajog, ujug ujug logodor aya oray sanca gede pisan anu sungutna geus katempo calangap. Atuh jalma jalma kaget, nu lumpat panghareupna langsung euereun ngadadak. Jedak katabrak ku nu ditukang, terus mapay patabrak tabrak, siga bae kajadian tabrakan beruntun. Kabehanna lalabuh patumpang tindih.
Teu lila geuwat hararudang deui tuluy paburisat kalaburan bari patingcorowok aya oray gede, aya oray gede. Sanggeus jalma jalma anu ngarudag si Jarot jeung si Bungkreung kalabur, les oray ngaleungit tuluy robah wujud deui jadi dahan garing.
Nempo kajadian kitu, Nyi Rukmini mamalihan katempo siga bungah pisan seusuerian meni ahkey ahkeyan. “Dasar manusa baroloho.., ku dahan tangkal bae sarieun.. Hi.. hi..,” cek gerentes Nyi Rukmini.
Ari si Jarot jeung si Bungkreung katempo geus harudang deui. Barang nyaho jalma jalma nu ngarudag geus euweuh, duanana ngarasa bungah, “Kamarana etah jalma jalma nu ngudag urang, kakak?,” cek si Bungkreung.
Tapi si Jarot teu ngajawab, kalah gelepak ngagablog si Bungkreung. Kutarik tarikna kalah si Bungkreung karasa ngaburinyai.
“Ampuun, kakak.. Nanonan ngagablog ka uing,” cek si Bungkreung bari nyekelan pipina.
“Gara gara katololan sia rencana urang jadi gagal,” cek Si Jarot.
Si Bungkreung ngahuleng, mikiran naon kasalahan manehna, “Salah uing naon, kakak..? Uing asa teu boga salah..,” Cek si Bungkreung.
“Sia ari ngomong sok gagabah.. Tara nempo situasi.. Padu engap bae bari jeung tarik.. Jadi jalma caruriga ka urang, Dasar belegug siah “ cek Si Jarot.
Tapi si Bungkreung keukeuh teu ngarasa salah, “Omongan uing nu mana nya, Kakak?,”
Si Jarot geregeteun, leungeun na geus gateul hayang ngagablog deui. Tapi si Jarot mikir deui, lamun manehna ribut di dinya, jalma jalma bisi daratangan deui. Kapaksa si Jarot nahan rasa ambekna “ Lah geus percumah ngomong jeung jalma boloho kos sia mah.. Geuwat indit..,” cek si Jarot bari indit ninggalkeun tempat eta.
SI Bungkreung masih keneh katempo ngahuleng, “Teu ngarti ku si kakak, sok ngomong bae aing boloho.. Padahalmah manehna geh sarua belegug,” cek si Bungkreung, teu sadar ngomongna tarik. Atuh kadengeeun ku si Jarot.
Reg si Jarot nu keur lempang euereun deui bari malik, “Ngomong naon siah?,” cek si Jarot morongos.
Si Bungkreung kaget, “Henteu, kakak.. Uing mah teu ngomong nananon..,” tembal si Bungkreung bari nutupan sungutna.
“Cekeneh sia ngomong aing belegug,” cek si Jarot bari leumpang balik deui ngadeukeutan si Bungkreung, tuluy gelepak, manehna ngagelepak si Bungkreung.
“Aduuh..! Ampuun, kakak.. Ampun..,” cek si Bungkreung ampun ampunan, bari nyekelan pipina.
Nyi Rukmini anu ngawaskeun kalakuan si Jarot jeung si Bungkreung ti kajauhan, katempo siga bungah deui bae. Asa aya tontonan gratis meureun tiditu namah. Timbul niatna hayang ngagawean deui si Jarot jeung si Bungkreung.
“hi.. hi.. Dasar manusa baroloho.. Digawean deui siah ku aing,” cek gerentes Nyi Rukmini.
Ari si Jarot, sanggeus ngagablog deui si Bungkreung, tuluy manehna leumpang deui. “Ulah tenge siah.. Geuwat indit,” cek si Jarot bari leumpang. Atuh si Bungkreung geh nuturkeun bari kadenge terus humarurung nyekelan pipina.
Ti kajauhan Nyi Rukmini katempo ngagerakeun leungeun na ngabentuk hiji jurus terus katempo curukna diarahkeun ka palebah sirah si Jarot.
Jekuk..! karasa ku si Jarot aya nu ngajekuk ti tukang. Tolongjong si Jarot totolonjongan, jedaa..! tarangna neunggar hiji tangkal anu aya di hareupeun na. Goak si Jarot ngagoak. “ Adooow..!,” cek si Jarot nyekelan tarang, tuluy malik ka si Bungkreung langsung molotot.
“Goblog siah.. Nangtang siah ka aing..?!,” cek si Jarot bari tuluy nyampeurkeun si Bungkreung anu keur olohok teu ngarti nanaon.
Jekok..! jeko..! si Bungkreung diteunggeulan sirahna, jeung dadana.
Bangkieung bangkieung, si Bungkreung babangkieungan bari ampun ampunan. “Ampuun, kakak.. Ampun.. Naon salah kuring, kakak..” cek si Bungkreung.
“Montong ampun ampunan, kakak.. Ari siah naha ngajongklokeun hulu aing,” cek si Jarot bari terus neunggeulan si Bungkreung teu eureun eureun sampe katempo irungna boborot ku getih.
“Ampuun, kaka.. Ampuuun.. Uingmah teu rumasa, kakak..” cek si Bungkreung ampun ampunan, tapi ku si Jarot teu dipirosea, tuluy bae neunggeulan teu ereun eureun siga nu hayang puas. Sampe akhirna mah si Bungkreung ngagoler beungeutna geus barengep teu puguh rupa, ari dina cukang irung baloboran ku getih.
Geus nempo kitu mah si Jarot geh eureun neunggeulan na. Puih.. Beungeut si Bungkreung diciduhan. “Karasa siah.. bongan wani wani cucungah ka aing,” cek si Jarot bari tuluy indit ninggalkeun si Bungkreung anu keur ngajoprak.
Nyi Rukmini mamalihan anu masih terus ngawaskeun ti kajauhan katempo ahkeu ahkeyan deui seuseurian siga nu bungah. “Dasar manusa baroloho.. Tapi asa kurang rame ari salah saurangna lemah mah.. Keun ku aing rek digawean deui,” cek gerentes Nyi Rukmini bari tuluy ngarahkeun deui curukna ka palebah si Bungkreung anu keur ngagoler.
Dadak sakala si Bungkreung anu keur ngalempreh teu bisa nanaha teh ujug ujug ngorejat hudang. Matana buringhas katempo buereum. Gegag gegag si Bungkreung ngagegag ngudag si Jarot, barang geus anjog si Jarot diteunggeul ti tukang satarikna. Si Jarot ngagoak, tolonjong ka hareup terus gubrag nangkobak. Teu lila ngorejat deui hudang.
Barang nempo si Bungkreung anu ngahajar manehna, amarah si Jarot nguntab nguntab deui. “Bangkawarah siah.. Bener bener nangtang ka aing.. Podaran siah ku aing,” cek si Jarot bari tuluy luncat ngarontok ka si Bungkreung. Ger akhirna mah galungan. Silih tonjik, silih cekek, silih beubeut. Gorentel ka kanca gorentel ka katuhu. Kadang si Jarot di luhur nindihan awak si Bungkreung, kadang sabalikna. Terus bae kitu jeung kitu, taneuh katempo ledug dipake galungan.
Nempo kitu, Nyi Rukmini mamalihan ahkey ahkeyan deui seueurian katempo bungah pisan. Tapi teu lila, Nyi Rukmini tuluy indit ninggalkeun eta tempat. Ari si Jarot jeung si Bungkreung masih keneh katempo terus galungan. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun kaayaan Bah Sura saparakanca. Harita api anu ngaduruk imah Bah Sura beuki lila beuki leutik. Akhirna mah katempo kari ruhakna bae beureum jeung aseup hideung anu ngabulungbung ka luhur.
Bah Sura anu tadi kapiuhan keur disanghareupan ku Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, Mang Uman, jeung sababaraha urang sejen na, kaasup emak Paraji. Ari Aki Jumad katempo keu mencetan dampal suku Bah Sura, bari guruyam gereyem maca jangjawokan. Terus puih, beungeut Bah Sura diciduhan ku Aki Jumad, “Hudang, Jang Sura.. Waras sabihara bihari..” cek Aki Jumad sanggeus nyiduhan beungeut Bah Sura.
Kulisik.. Bah Sura katempo ngulisik, tuluy bray beunta. Ret kaditu ret kadieu nempoan jalma jalma anu keur ngariung. “Aduuh.. Pa Rt, Pa Tua.. tulungan kuring..,” cek Bah Sura.
“Sing sabar.. abah.. sing sabar.. Ieu mangrupikeun ujian kanggo abah.. Sing sabar..” cek Tua Kampung.
“Muhun, Abah.. sadaya jalmi anu hirup pasti ngalaman kenging ujian.. Urang kedah sabar, kedah langkung eling ka mantena,” cek Pa Rt.
Bah Sura tuluy ngalieuk ka Aki Jumad, “Tulungan kuring, aki.. Tulungan,” cek Bah Sura ka Aki Jumad.
“Tulungan kumaha, ujang..?” Aki Jumad kalah malik nanya.
“Imah kuring, perhiasan jeung duit kuring beak kabeuleum, aki.. Tulungan kuring..,” cek Bah Sura kalah mikiran bae imah, duit, jeung perhiasan.
“Aduuh.. Etamah susah ujang.. Enggeus kajadian.. Ayeuna mah ujang ka sadar bae heula, engke cuang tarekahan,” cek Aki Jumad.
Keur kitu kurunyung aya saurang jalma awewe karek datang rawah riwih, “Kumaha abahna teu kunanaon? Ambu Suri na kumaha?,” cek eta jalma nanya beja.
Ngadenge kitu, renjag kabehan pada ngarenjag. Maranehna karek inget ka Ambu Suri anu can kanyahoan nasibna, lantaran kabehan geh teu aya nu apaleun basa Ambu Suri indit tina jandela sabab sieun ku ririwa tea. Jadi disangka ku kabehan geh basa kajadian kabarakan teh Ambu Suri aya di jero kamerna, tuluy ayeuna can kanyahoan nasibna.
“Astagfirullahal adziim.. Kunaon si Ambu jadi kapopohoekun.. Tengan.. teangan.. Mudah mudahan bae si Ambu salamet..,” cek Pa Rt.
Nu sejen geh katempo rareuwas. Tuluy sababaraha urang ting koteteng neangan Ambu Suri ka unggal tempat tapi lebeng, Ambu Suri teu kapanggih.
“Teu aya, pa Tua, Pa Rt.. Ambu Suri tos dipilarian ka mana mana geh teu aya,” cek Mang Wardi.
“Enya.. Ku kuring geh geus diteangan sampe ka kendang embe sagala, tapi da teu aya.. Boa.. boa..,” cek Mang Uman, ngomongna teu kebat.
“Yu urang pariksa ka kurut kamerna.. Cuang yakinkeun kumaha nasib si Ambu..,” cek Pa Rt, bari tuluy manehna indit ditutukrkeun ku sababaraha urang.
Pa Rt, Tua Kampung, Pa Lebe, Mang Wardi, Mang Uman, jeung sababaraha urang leumpang ngadeukeutan kurut kamer Ambu Suri. Tapi kabehan geh euwueuh nu wani deukeut. Ngan saukur ngawaskeun ti kajauhan lantaran hawan tina seuneu kurut kadurukan karasa ngaheab panas keneh.
Breh katempo ku kabehan di palebah kamer kurut Bah Sura jeung Ambu Suri geus beak kabeh kaduruk teu aya sesa saeutik eutik acan. Kabehan na gagarodeg bari maca istigfar.
“Kaduruk kabeh pa RT, pa Tua.. Boa boa si Ambu geh geus tewas kaduruk,” cek Mang Uman.
“Nya mudah mudahan mah salamet.. Tapi misalna si Ambu kaduruk kudu kapanggih layon na.. Cik coba korehan ruhakna..!,” cek pa Rt bari marentah ka salah saurang jalma.
Teu talangke salah saurang jalma nu dititah ku Pa Rt indit neangan heula gantar panjang. Sanggeus manggih tuluh manehna ngorehan ruhak di palebah kamer kurut Ambu Suri.
Srek..! Sreek..! Ruhak disingrai singraikeun. Tapi layon si Ambu teu kapanggih.
“Teu aya, pa RT..,” cek eta jalma.
“Cobaan papayan deui ka rada imeut.. Kuring masih panasaran,” pa RT mere parentah deui.
Eta jalma tuluy nyinray nyingraikeun deui ruhak make gantar panjang. Dipapay nepi ka imeut pisan. Keur kitu aya samping lamba kari sapotong kurut kabeuleum. Tuluy eta samping dicolek, di alungkeun ka deukeut pa Rt saparakanca.
“Tos papay dugi ka imeut geh teu aya, Pa Rt, Pa Tua.. Mung eta aya tilas sinjang lamba tilas kaduruk.. Bilih tiasa kanggo buktos buktos ngayakinkeun kumaha nasib Ambu Suri,” cek eta jalma.
Ku Pa Rt jeung nu sejen na eta samping lamba diilengan tulaten pisan. Tuluy Tua Kampung nanya ka Mang Wardi jeung nu sejen na, “Mang Wardi, boh Mang Uman, atawa nu sejen na.. Apal teu kana samping ieu.. Maksud kuring ieu samping keu peuting dipake ku Ambu Suri henteu?,” tanya pa Rt.
Mang Wardi jeung nu sejen na katempo pating haruleng nginget nginget. Teu lila pok Mang Uman ngomong, “Enya pa Rt.. Mun teu salahmah eta samping keur peuting teh dipake ku Ambu Suri..,” cek Mang Uman.
“Mang Uman yakin?,” tanya pa Rt deui.
“Ari yakin teuing mah henteu, pa Rt.. Ngan bener si Ambu asa make samping eta..,” cek Mang Uman deui.
“Muhun,Pa Rt.. Raraosan kuring geh leres.. Ambu Suri nganggo sinjang eta,” Mang Wardi siga nu nguatkeun omongan Mang Uman.
Pa Rt, Tua Kampung, jeung nu sejen na ngaharuleng. “Mun bener eta samping nu dipake ku Ambu Suri.. Bisa jadi Ambu Suri jadi korban kaduruk..,” Cek Pa Lebe, kakarek kadenge ngomong.
“Bener sigana mah, Pa Lebe.. Mun kitu hayu urang laporan ka si Abah,” cek Pa Tua Kampung.
Atuh bring kabehan na baralik deui ka Bah Sura. Samping nu kurut kabeuleum dibawa ku salah saurang jalma. Barang anjog, Bah Sura nanya tiheula bari curinghak.
“Kumaha nasib pamajikan abah teh, Pa Tua, Pa Rt..?,” tanya Bah Sura bangun panasaran.
Samemeh ngajawab, Tua Kampung, Pa Rt, jeung nu sejen na gek dariuk heula dina taneuh. Ari Bah Sura geus teus sabar, pok nanya deui. “Kumaha, Pa Rt, Pa Tua.. Terus terang bae ka abah mah, ulah asa asa..,” tanya Bah Sura deui.
Samemeh ngajawab, Pa Rt katempo ngarenghap narik nafas panjang. Tuluy pok manehna ngajawab, rada ati ati dina ngomongna.
“Kieu, Bah.. Saya mahluk anu hirup pasti ngalaman maot.. Kitu cek ketrangan agama geh.. Ngan carana kumaha dina maotna eta benten benten..,”
Karek geh sakitu Pa Rt ngalejelaskeun Bah Sura langsung ngulahek deui kapiuhan. Jalma jalma reuwas, tapi maranehna ngamaklum, mereun Bah Sura teh ngarasa kaleleban ku Ambu Suri sampe ngadenge kitu geh langsung kapaehan. Ari Aki Jumad anu nempo kajadian kitu kalah gugulunuk dina hatena, “Haruuh.. Dasar si Sura.. Kolot kolot delitan.. Nyieun deui pagawean jang aing.. Aing kudu ngubaran deui bae..,” cek gerentes hate Aki Jumad.
Bener bae, keur kitu Pa RT kadenge ngomong, “Hapunten, aki.. Manawi aki nyuhunkeun pitulung deui kanggo nyadarkeun Bah Sura,” cek Pa Rt.
“Tenang, jang.. Tenang.. Ulah gurunggusuh.. Keun heula jang Sura teh sigana mah kaleleban.. Keun sakeudeung deui ku aki dihudangkeun.. Ayeuna aki menta cai haneut heula,” cek Aki Jumad alesan.
Pa Rt tuluy nitah ka Mang Uman, “Mang Uman.. wayahna pang mentakeun heula cai haneut ka tatangg boh naon kanggo si Aki ngubaran Bah Sura,” cek pa Rt ka Mang Uman.
Teu talangke Mang Uman tuluy indit rek menta cai haneut ka tatangga bah Sura nu pangdeukeutna. Teu lila Mang Uman geus datang deui bari maw acai haneut sagelas. Ku Mang Uman langsung dibikeun ka Aki Jumad, “Ieu cai na aki.. Sumangga,” cek Mang Uman bari nyodorkeun cai.
Gap ku Aki Jumad ditarima. Ku Aki Jumad leguk diinum kabeh nepi kabeak. Atuh kabehan pada arolohok lantaran disangkana cai teh jang ngubaran Bah Sura. Tapi saurang geh euweuh nu wani ngomong.
Satuluyna Aki Jumad karek katempo siga nu rek ngubaran Bah Sura. Katempo manehna kunyam kunyem siga nu keur marancahan. Kep Aki Jumad nyekel indung suku Bah Sura. Tuluy dipencet meni tarik pisan.
Atuh garabag.. Bah Sura gagarabagan, bari ngajerit tarik pisan. “Aduh.. Nyeri.. teu kuat.. Tuluung..,” cek Bah Sura bari tuluy matana bunta.
Giler giler mata Bah Sura katempo gular giler siga nu kasurupan. Aki Jumad reuwaseun, bisi Bah Sura ngamuk tuluy nyerang ka manehna. “Beu.. Cilaka.. Si Sura siga nu kasurupan.. Aing kudu waspada bisi manehna ngamuk ka aing,” cek hate Aki Jumad.
Kitu deui pa Rt jeung nu sejen na, maranehna geh pada rareuwaseun. Kabehanna oge pada pada waspada sieun bisi Bah Sura ngamuk ka maranehna.
“Sadar.. Jang Sura.. sadar.. Ieu mah aki..,” cek Aki Jumad bari taki taki rek kabur, lamun Bah Sura bener bener nyerang.
Tapi sihoreng Bah Sura the teu kunanaon, matana gular giler kitu teng ngan lantaran manehna oge reuwas pedah dipencet tarik pisan ku Aki Jumad.
“Muhun, Ki.. Abdi geh sadar.. Ngan abdi ngarasa sedih pisan, Ki..,” cek Bah Sura.
“Nya aki geh ngarti.. Tapi ujang teu kudu teleb teuing mikiran pamajikan anu geus teu aya dikieun na.. Lantaran geus kuduna kitu, ujang.. Masi ujang ceurik ngaluarkeun caimata getih geh moal matak ngahudangkeun pamajikan uhang nu geus ewueuh.. Ayeuna mah ujang mending pasrah bae kana nasib,” cek Aki Jumad, ngalelemu Bah Sura tiditu na mah.
“Muhun, Bah.. Naon anu kajadian tos kersaning Allah.. Urang kedah pasrah kana takdir ti Manten na,” cek Pa RT milu ngalelemu.
“Leres, Bah.. Ayeuna mah urang cuang doakeun bae, mudah mudahan amal ibadah si Ambu sing ditampi ku mantena, dipasihan tempat anu mernah mungguh Allah..,” Tua Kampung oge milu ngalelemu. Ari nu sejen na ngan saukur caricing ngan saukur bisa mangarunyakeun ka Bah Sura.
“Lain kitu, Pa Rt, Aki, oge Pa Tua.. Kuring mah lain sedih sedih teuing ditinggalkeun maot ku pamajikan.. Lantara kuring geh geus ngarti unggal jalma nu hirup pasti ngalaman maot..,” cek Bah Sura.
“Ari kitu ujang siga katempo sedih kunaon atuh?,” tanya Aki Jumad.
“Kieu, Ki.. Pa Tua, Pa RT, oge nu sejen na. Ayeuna imah kuring geus beak kaduruk.. Duit jeung perhiasan kuring oge ledis kabawa kaduruk.. Ayeuna Si Ambu geus maot.. Anu jadi fikiran kuring, kuring meureun kudu ngaluarkeun deui biaya jang waragad tahlilan si Ambu.. Beuki beak bae atuh duit kuring teh..,” cek Bah Sura, sihoreng manehna mah lain mikiran Ambu Suri nu geus disangka ku manehna ninggal, tapi kalah mikiran owel kudu ngaluarkeun deui waragad jang biaya tahlilan na.
Atuh ngadenge kitu, jalma jalma anu araya di dinya arolohok, aya oge anu narahan seuri, lantaran kabehan geh satadina mah nyarangka yeun Bah Sura teh kaleleban ku Ambu Suri anu ku kabehan geh disangka maot kaduruk, sihoreng Bah Sura mah pusingeun ngaluarkeun deui biaya tahlilan kulantaran ngarasa owel.
Atuh antukna mah Pa Rt, Tua Kampung jeung nu sejen na geh pating balieur hayang seuri ngarasa kagugu. Malahan Mang Uman mah meni gogodeg bari dina hate na ngagerentes,
“Aduh.. Aing karek manggih aya jalma ku pedit pedit teuing.. Kawas duit teh rek dibawa paeh bae.. Mun aya sapuluh Bah Sura di lembur ieu teh, matak pikaseurieun bae.. Dasar jalma pedit,” cek gerentes Mang Uman.
Keur kitu hawar hawar katempo aya Nyi Rukmini mamalihan leumpang ka palebah dinya. Giler.. giler.. mata Nyi Rukmini gular giler nempoan kaayaan jalma di dinya.
Di sambung ka Eps salajengna.
Komentar
Posting Komentar