Postingan

Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Kajeun Ajur Tutumpuran Bagian Ka 6

 Karangan Kang Abun Burhanudin Caturkeun kaayaan di hiji leuweung anu katelahna Leuweung Bandot Singa. Eta leuweung pernahna teu pati jauh ti lembur Cikawung, ngan kahalangan ku hiji pasir leutik. Di salah saihiji tempat di leuweung eta katempo caraang pinuh ku obor anu ngulilingan puluhan tenda. Sihoreng eta tempat dipake paristirahatan romongan Menir Edwar. Di unggal juru eta tempat katempo sababaraha urang KNIL keeur jaraga jaga, lengkep marawa bedil masing masing. Keur kitu torojol aya nu datang dua urang tarumpak kuda, reg euereun hareupeun hiji tenda anu dipake pos utama para tantara KNIL. Jrut.. jrut nu tarumpakna turun tuluy laleumpang asup ka jero tenda. Sihoreng eta nu duaan teh talik sandi anggota KNIL pengawal menir Edwar anu meunang parenteh pikeun nalungtik kaayaan di wilayah kakawasaan Menir Jensen. Kadenge dua urang KNIL mere laporan ka Kapten Kuseri, pimpinanna. “Lapor kapten..! Kuring duaan ngambe aya nu nyurigakeun di wilayah kakawasaan Menir Jensen..,” cek salah...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian 3

Karangan Kang Abun Burhanudin  Urang tunda heula carita Nyi Rukmini anu geus tilar dunya lantara dipahala ku Si Jarot saparakanca. Jeung anehna layon Nyi Rukmini oge leungit kulantaran kasapu angin. Naon sababna bisa kajadian kitu, ngke urang pedar deui. Ayeuna urang malikan deui katukang, nyaritakeun Ambu Suri anu geus mere parentah ka si Jarot jeung anak buahna supaya mateni Nyi Rukmini. Harita Ambu Suri geus teu boga pilihan deui, daek teu daek kudu balik deui ka imah Bah Sura. Ari rasa era namah pohara, manehnateh. Tapi lamun teu kitu Ambu Suri teu boga tempat jang panganjrekan. Kolot geus teu boga, dulur dulurna oge jarauh beda beda lembur. Teu kacatur di jalan na, Ambu Suri ayeuna geus anjog di hareupeun imah Bah Sura. Kaayaan harita geus liwat isa. Barang anjog ka hareupeun imahna, reg Ambu Suri eureun, bingung. “Beu.. Kumaha carana kami asup ka imah. Da meuereun si Abah teh ngarasa meunang jeung nyeungseurikeun ka kami,” gerentes hate Ambu Suri, bari tuluy ngahuleng. Kumaha...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 2

 Panon poe geus bengkok ngulon, kaayaan geus beuki nyedek ka burit. Sora jangkrik jeung tonggeret geus kadenge patembalan siga nu ngajajapkeun sang surya anu bakal surup. Harita Ambu Suri masih keneh leumpang bari ngajingjing buntelan. Leumpangna ngahaja malipir ka jalan satapak, ka sisi kebon, teu wani liwat ka jalan gede, lantaran embung panggih jeung jalma jalma lembur, da bisi jadi bahan catur, ceunah. Leumpangna bangun ngalenghoy. Na pipina terus nyurucud cai mata. Hatena nyeri asa digerihan ku hinis. Teu nyangka, Bah Sura salakina, tega nganyeyeri ka manehna. Padahal, anu sabenerna mah, naon anu kaalaman ku Ambu Suri teh bonganna sorangan. Boga rasa timburu anu kaleuleuwihi, nu antukna nyiksa kana diri sorangan. Kitu deui ayeuna. Fikiran Ambu Suri lain sadar. Malahan manehna beuki ceuceub bae ka Nyi Rukmini. Cek fikirna, kabeh nu ayeuna kaalaman ku manehna, gara gara Nyi Rukmini. Dina hatena jadi timbul niat, hayang males kanyeri ka Nyi Rukmini. Sampe di hiji tempat, Ambu Sur...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririrwa bagian ka 1

 Karangan Kang Abun Burhanudin Caturkeun di hiji lembur nu singkur, anu dikuliling ku pasir anu luhur, nu katelahna lembur Cipulur. Harita kaayaan isuk isuk jalma jalma geus pada pada sibuk, nu sawah ka kebon, jeung tempat tempat pagawean sejena. Panon poe geus moncorong ti beulah wetan nyaangan sakuliah madhab, dipapagkeun ku sora sora manuk jeung ingon ingon sejen na. Di eta lembur aya hiji imah, anu katempo minculak ti imah imah sejen na. imah gedong sigrong, anu dipapaes ku taman kekembangan jeung tatangkalan anu ngahasilkeun. Ari anu boga imahna ngarana Bah Sura, boga pamajikan katelah Ambu Suri, jalma anu pangbeunghar na di eta lemburmah. Ngan hanjakal pakaya Bah Sura teh katelah pisan ladang tina usahana nginjeum nginjeumkeun duit alias tukang renten. Ari bahasa n amah nulungan ka nu butuh ceunah. Tapi mun aya jalma nu teu bisa mayar, nya jalmana disiksa, nya imah atawa tanahna dijabel.  Harita isuk isuk keneh ogeh Bah Sura jeung Ambu Suri, geus kadenge ngitungan jalma ...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih (Kajeun Ajur Tutumpuran) bagian ka 5

 Karangan Kang Abun Burhanudin Kakarek geh cle, Nyai Kembang nincek lemah, ujug ujug aya bayangan hideung ngolebat nyerang, gerakan na kacida cepetna. Nyai Kembang kaget, euweuh kasempetan pikeun ngahindar. Ngan untungna, Nyai Kembang memang bener bener geus asak dina elmu silatna, waktu serangan musuh tinggal sababaraha jeungkal deui keuna kana awakna, Nyai Kembang sakilat nadah serangan ngagunakeun jurus sajajar, leungeun kenca dipake nangkis sakaligus leungeun katuhu malik dipake nyerang ka musuh.  Ngan dina kaayaan kitu, anu jadi musuhna geh sarua rancingeusna, serangan Nyai Kembang ditakisku pigeulang leungeun manehna. Bek..! Bek..! dua leungeun bentrok diaradu. Nyai Kembang mundur sababaraha lengkah, kitu oge musuh sarua luncat mundur sababaraha deupa. Sihoreng serang musuh Nyai Kembang teu cukup sakitu, barang cle sukuna nincak lemah, lir nincek besot awakna ngampul deui tuluy muih siga kolecer, dua sukuna rapet ngababad kana awak Nyai Kembang. Atuh Nyai Kembang reuwas ...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih (Kajeun Ajur Tutumpuran) Bagian Ka 4

 Karangan Kang Abun Burhanudin Jalma nu make pakean sing sarua bodas terus neuteup teleb ka Nyai Kembang alias Nyimas Kurniasih anu masih keneh   dina kaayaan teu sadar. Diteuteup ti mulai sirah sampe kana sukuna. “Cantik juga ini nona,” cek gerentesna. Eta jalma katempo dongko, tuluy mukaan kancing baju KNIL anu dipake ku Nyai Kembang, tuluy baju jeung calana na dilaanan. Eta jalma kaget lantaran karek nempo pakean asli anu dipake ku Nyai Kembang, nyaeta baju pangsi sing warna koneng, aya gambar kembang malati. “Ternyata ni nona seorang pendekar.. Pasti dia sedang menyamar dan menyusup ke markas tantara Nederland..,” cek gerentes eta jalma deui, bari unggut unggutan. Eta jalma tuluy ngabalikeun awak Nyai Kembang, mariksa tatuna nu kurut katembak ku kapten soma tea. “Lukanya lumayan parah juga..” Eta jalma ngaluarkeun bungkusan tina jero saku bajuna, tuluy katempo dibuka, sihoreng teh eusina serbuk obat. Tuluy eta serbuk ditaplokeun kana tatu Nyai Kembang. Ret getih ...