Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian 3
Karangan Kang Abun Burhanudin
Urang tunda heula carita Nyi Rukmini anu geus tilar dunya lantara dipahala ku Si Jarot saparakanca. Jeung anehna layon Nyi Rukmini oge leungit kulantaran kasapu angin. Naon sababna bisa kajadian kitu, ngke urang pedar deui.
Ayeuna urang malikan deui katukang, nyaritakeun Ambu Suri anu geus mere parentah ka si Jarot jeung anak buahna supaya mateni Nyi Rukmini. Harita Ambu Suri geus teu boga pilihan deui, daek teu daek kudu balik deui ka imah Bah Sura. Ari rasa era namah pohara, manehnateh. Tapi lamun teu kitu Ambu Suri teu boga tempat jang panganjrekan. Kolot geus teu boga, dulur dulurna oge jarauh beda beda lembur.
Teu kacatur di jalan na, Ambu Suri ayeuna geus anjog di hareupeun imah Bah Sura. Kaayaan harita geus liwat isa. Barang anjog ka hareupeun imahna, reg Ambu Suri eureun, bingung.
“Beu.. Kumaha carana kami asup ka imah. Da meuereun si Abah teh ngarasa meunang jeung nyeungseurikeun ka kami,” gerentes hate Ambu Suri, bari tuluy ngahuleng. Kumaha kumaha oge manehna ngarasa gengsi jeung Era ku Bah Sura, sabab manehna sorangan anu mutuskeun rek indit ninggalkeun imah kulantaran timburu ka Nyi Rukmini tea.
Tapi teu lila Ambu Suri ngahuleng na teh. Ngendek sakeudeung maneh geus boga akal. “Heueuh, bener.. Mendingan liwat ka tukang bae, asupna tina jandela. Biasana si Abah lamun wayah kieu mah sok ngajentul di hareup, jarang cicing di tukang,” cek Fikirna deui.
Ambu Suri tuluy ngaliwed ka tukang. Leumpangna ati ati pisan, make jejengkean sagala da sieun kadengeun ku Bah Sura. Sampe di tukang, kaayaan meni poek meredong. Sigana Bah Sura poho nyaangkeun damar di dapur. Atuh Ambu Suri teh kapaksa raring rorong. Lie, nincek nu ledok ledok. Ambu Suri tikolesed. Gubrag labuh, pas marengan pisan neunggar panto kendang hayam. Atuh hayam teh rareuwaseun. Garapak garapak kadenge sora hayam gagarapakan bari jeung kadenge rame disarada. Ambu Suri kaget, gugulunuk.
Bah Sura anu keur candekul sorangan di jero imah kaget, ngadenge sora hayamna anu meni gandeng. “Beu.. Boa boa aya bangsat.. Eta sora hayam meni gandeng kitu..,” Cek fikir Bah Sura.
Bah Sura nangtung, kot kana damar, terus nyokot pepentung anu aya di dapur. Tuluy Bah Sura geh keketeyepan leumpang ka panto dapur, rekeet panto dibuka lalaunan.
Ambu Suri anu kakarek hudang tina labuhna kaget. Embung kapanggihan ku Bah Sura, buru buru manehna asup ka kolong imah. Tuluy nyempod ngadapang. Seleber kaambeu kaambeu bau sagala rupa. Ambu Suri nyengir tulut nutupan irungna.
“Dasar apes.. Gara gara hayam haram jadol.. Teu boga otak.. Jadi sangsara kieu,” cek gerentes hate Ambu Suri, gugulunuk.
Ari Bah Sura katempo keur nyorongan kendang hayam ku damarna. Breh katempo panto kendang hayam nyengsol. Bah Sura reuwas. Sangkaana bener bener aya badog. Tapi pas dipariksa, gembokna masih keneh pageuh. Bah Sura ngarasa ngemplong.
“Syukur.. Can sampe kabadogan.. Tapi bangsatna acan jauh sigana mah.. Awas siah mun kapanggih, digebot siah ku aing mah moal dibere ampun,” cek Bah Sura, bari tuluy leumpang deui keketeyepan rek ngaroris ka tempat nu sejen na.
Ari Ambu Suri masih ngahephep di kolong imah, kacida ngarasa tegangna. Keur kitu karasa aya nu ngarayap kana bitisna. Terus celekiiit.. Karasa bitisna aya nu ngegel. Ambu Suri reuwas. Hampir bae ngagorowok. Untung kaburu sadar, yeun manehna teh keur nyumput. Antukna Ambu Suri ngabekem sungut sorangan. Ngan matana katempo bolotot, nahan rasa nyeri. Ambu Suri ngarasa beuki sangsara pisan.
Ari Bah Sura masih keneh mariksa kaayan. Keu kitu sukuna titajong. Bah Sura hampir bae labuh. Untungna kaburu nyekel kana tiang kendang hayam. Bah Sura gugulunuk. Barang dicorongan, sihoreng nu katajong ku manehna teh hiji buntelan. Bah Sura anu tadina ambek, jadi nyerengeh sorangan.
“Hmm.. Kanyahoan ku aing mah.. Si horeng bangsatna buukna panjang ieu mah.. Keun siah digawean pisan ku aingmah.. Diwarah sakalian,” Gerentes Bah Sura.
Sanggeus kanyahoan kitu mah, Bah Sura akhirnya ngahaja cicing di deukeut kendang teu asup deui kajero. Ngahaja manehna kitu teh supaya Ambu Suri anu keur nyummput dikolong imah teh hese rek kaluar deui.
Bener bae. Dikitukeun teh Ambu Suri nu keur nyumput di kolong imah beuki sangsara. Keur mah eungap, bau sagalarupa, awak na geh ditapuk keu reuingit. Rek ditepak reungitna, sieun kanyahoan ku Bah Sura. Antukna Ambu Suri ngan saukur bisa gugulunuk dina hatena. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun heula jalma jalma lembur basa ngandenge sora Nyi Rukmini anu ngajerit tulung tulungan, sakabeh jalma pada kaget. Pas kabeneran lolobana jalma teh keur araya di tajug atawa di masjid, kitu oge Mang Wardi. Tuluy maranehna kalaluar nyidik nyidik timana datangna sora.
“Sada ti beulah kulon sora na mah,” Cek hiji jalma anu katelahna Mang Soma.
“Enya bener.. Hayu cuang ilik.. Bisi aya naon naon..” Cek Kang Maman.
“Moal Nyi Rukmini kitu, Mang Wardi?” tanya Mang Soma.
Deg.. Mang Wardi anu satadina euweuh fikiran kadinya, asa diingeten. Dadana karasa seseblakan.
“Duka atuh, Mang.. Tadi teh si Nyai ngomongna mah teu arenak awak,” jawab Mang Wardi, bari jrut turun tuluy buru buru indit. Mang Soma jeung nu sejen na nuturkeun.
Teu kungsi lila, Mang Wardi anu dituturkeun ku sababaraha urang jalma anjog ka imah. Barang breh panto imah molongo. Mang Wardi beuki kaget.
“Nyai..! Nyai..!,” satengah lumpat Mang Wardi asup kajero imah. Ari jalma jalma narungguan di hareupeun imah.
Mang Wardi terus gura gero ka Nyi Rukmini, noongan ka dapur jeung ka kamer. Tapi Nyi Rukmini teu kapanggih.
“Kumaha, Mang Wardi, aya Nyi Rukmini teh?” tanya Mang Soma anu nuturkeun asup ka jero imah.
“Teu aya, Mang Soma, dipilarian teh.. Kamana nya?,” Jawaban Mang Wardi, bingung.
“Katenang heula, Mang.. Saha nyaho Nyi Rukmini teh keur ka tampian,” Mang Soma neger neger Mang Wardi.
Keur kitu, aya nu ngagorwok ti luar ngabejaan aya getih di pipir imah beulah kaler. Mang Wardi jeung Mang Soma caruringhak. Komo Mang Wardi mah meni satengah lumpat muru kaluar. Barang geus aya di luar, breh jalma jalma keur ngagarimbung di pipir kaler.
“Sok nyokot damar kaditu caangan..! Getih jelma ta lain eta?” cek Pa RT anu geus aya di dinya, sabab tadi dibejaan ku salah saurang.
Mang Wardi beuki geumpeur, buru buru balik deui ka jero imah nyokot damar, anu teu kungsi lila geus datang deui. Tuluy manehna nyoongan getih anu ngabayabah dina palupuh.
“Getih jelma ieu mah.. Aduh meni loba kitu..” cek salah saurang.
Mang Wardi beuki sasah bae. “ Aduh.. Boa boa anak kuring kumaha onam.. Tulungan, pa Rt.. Tulungan..” Cek Mang Wardi geumpeur.
“Sabar, mang.. sabar.. Ulah getas harupateun. Bisi lain getih Nyi Rukmini. Lantaran Nyi Rukmini buktina teu aya di dieu.. Sok atuh ku kabehan, ayeuna teangan Nyi Rukmini na,” parentah pa Rt ka jalma jalma anu aya di dia.
Teu kudu dikomando deui sakabeh jalma jalma nareangan Nyi Rukmini ka unggal tempat. Sampe ka kolong geh diteangan. Tapi Nyi Rukmini tetep bae teu kapanggih. Atuh sakabehna bingung. Komo Mang Wardi mah beuki teu puguh rarasaan.
Lantaran teu kapanggih oge, akhirna Pa Rt marena ka saurang jalma supaya mere tanggara ka jalma jalma anu sejena anu tacan apal kana ieu kajadian.
Dua urang budak ngora, si Sarmadi jeung Uyat, buru buru indit ka gardu ronda, rek mere tanggara ka warga sakabeh supaya kumpul. Teu kungsi lila, kadenge sora kentrong anu ditihtirkeun.
Sakabeh jalma jalma anu aya di eta pilemburan kaget. Lantaran geus jadi tanggara lamun aya sora kentrong anu ditihtirkeun kitu biasana ngabejaan aya papait, boh aya bangsat. Atuh jalma jalma lalaki anu geus cukup umur mah buru buru kalaluar marawa sapakarangna sapakarangna bedog atawa pepetung, teu poho oge marawa obor.
Ngendek sakeudeung jalma jalma geus aya di gardu ronda. Maranehna naranyakeun aya naon aya naon. Ku si Uyat jeung Sarmadi dibejakeun yeun Nyi Rukmini, anakna Mang Wardi, leungit. Geus nyaho kitu mah jalma jalma buru buru muru ka imahna Mang Wardi.
Barang geus anjog katempo jalma jalma geus ngagarimbung. Malah mah Tua Kampung jeung Pa Lebe geh geus aya. Tuluy Tua kampung kadenge mere bewara, “Yeuh dulur dulur kabeh. Ayeuna dulur urang, nyaeta Mang Wardi keur meunang papait. Nyi Rukmini leungit. Ayeuna ku kuring dipenta karidoan jeung kakompakan na. Teangan Nyi Rukmini,” cek Tua Kampung.
Sakabeh jalma anu hadir di dinya ngomong siap. Terus Tua kampung ngabagi kelompok, jeung tugasna masing masing. Sakabeh kelompok disebar ka sakuliah madhab lembur. Satuluyna sakebahna arindit rek neangan Nyi Rukmini.
Kocapkeun Bah Sura anu keur ngajentul keneh di tukangeun imah oge ngadenge. Manehna oge ngarasa kaget. “Aya bangsat atawa aya nu maoteun ieu teh,” cek Bah Sura ngomong sorangan, bari jung manehna nangtung rek nanya beja ka jalma anu ayeuna kabeneran kadenge patinggerendeng ngaliwat ka hareupeun imahna.
Bah Sura tuluy indit. Tapi samemehna manehna ngoncikeun heula panto dapur, digembok ti luar. Lain poho ka Ambu Suri, ngan Bah Sura memang ngahaja mere pelajaran ka Ambu Suri.
Sanggeus aya di hareup, katempo ku Bah Sura jalma jalma marawa obor keur laleumpang. Ku Bah Sura disampeurkeun bari pok nanya. “Aya naon ieuh?” tanya Bah Sura.
“Nyi Rukmini, anakna Mang Wardi leungit, Bah,” jawab salah saurang jalma.
Ngadenge Nyi Rukmini leungit, atuh Bah Sura kaget. “Nu bener?” Tanya Bah Sura siga nu teu percaya.
“Jih.. Leres, Bah.. Mangkara bohong.. Ayeuna kuring kabehan geh keur neangan Nyi Rukmini,” cek jalma nu tadi.
Ngadenge kitu, Bah Sura anu beurang peuting kafikiran bae Nyi Rukmini, jadi ngarasa melang.
“Aduh leungit kamana atuh nya? Lamun kitu mah atuh beu cuang teangan,” cek Bah Sura, bari tuluy manehna ge ilu gabung jeung jalma jalma neangan Nyi Rukmini. Saking melangna, Bah Sura poho kana kaayaan di imah. Poho ka Ambu Suri anu keur nyumput di kolong imah.
Ningali kitu jalma jalma ngarasa heran oge. Sinarieun Bah Sura daek icikibung jeung batur. Sabab biasana mah masi aya tatanggana nu maot oge hare hare bae. Tapi maranehna euweuh nu wani ngomong, saukur ting taroel bae.
Ari Ambu Suri, harita manehna masih keneh nyumput di kolong imah. Kadenge pisan ku manehna rame rame jalma anu keur ngomongkeun Nyi Rukmini leungit. Dada Ambu Suri langsung deg degan. Tapi oge ngarasa bungah. “Sigana mah geus hasil si Jarot jeung baturna mateni si Rukmini teh. Bisa tenang aing ayeuna mah,” cek gerentesna.
“Tapi eta aki aki nurustunjung meni kudaekan neangan sagala. Bener berarti salila ieu manehna boga hate ka si Rukmini. Sabab lamun henteu mah, moal heueuh manehna daek ilu icikibung. Dasar akia ki teu ecreug,” Cek Ambu Suri deui ngupat Bah Sura.
Geus nyaho Bah Sura indit, Ambu Suri buru buru kaluar ti kolong imah. Tuluy leumpang muru panto rek asup. Tapi barang rek muka panto, sihoreng panto digembok ti luar. Atuh Ambu Suri ngarasa seueul. Tuluy nyobaan rek liwat tina jandela, angger pageuh teu bisa dibuka. Ambu Suri gugulunuk.
“Nurustunjung make dikonci sagala eta pantona. Kumaha carana aing asup ka imah,” Ambu Suri ngahuleng. Akhirna kapaksa manehna indit ka teras imah, tulu ngagoler. Ambu Suri beuki ngarasa sangsara, nya ku tiris nya ku reungit anu napuk. Cag Urang tunda heula.
Ayeuna kocapkeun si Jarot saparakanca anu geus hasil mateni Nyi Rukmini, ayeuna maranehna keur nyarumput di hiji tempat.
“Ayuena kumaha rencana urang, kakak..? Cek si Bungkreung.
“Enya, kakak.. Ayeuna urang geus hasil mateni si Rukmini sakumaha anu dititah ku Ambu Suri.. Tinggal menta buruhna,” Si Gondel mairan.
“Sabar heula.. Lamun ayeuna urang maksakeun nyampeur ka Ambu Suri tuluy menta buruh, bisi picilakeun.. Mending dedengekeun heula,” jawab si Jarot.
“Ari kuring mah satuju bae, kakak.. Tapi naha moal jalir janji tah si Suri na?” tanya si Bungkreung deui.
“Moal heueuhna.. Wani wani jalir janji mah podaran bae sakalian,” Cek Si Jarot.
Keur kitu katempo ti kajauhan aleutan jalma lembur anu marawa obor. Katempona siga nu leumpang ka palebah dinya. Atuh si Jarot saparakanca reuwas.
“Waduh cilaka, kakak.. Ituh jalma jalma lembur siga anu keur leumpang kadarieukeun.. Boa boa keur neangan urang, kakak” cek SI Bungkreung bari nunjuk ka palebah jalma jalma anu marawa obor.
“Heueuh geuning..? Hayu urang buru buru pindah ti dieu.. Bisi benar maranehna keur neangan urang, “ cek si Jarot bari tuluy keketeyepan indit. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang kocapkeun di hiji tempat singkur anu aya di luhur Pasir Cipulur. Tempat anu hara haraeun anu jarang keneh kasaba ku jelma. Di puncak pasir eta, aya hiji saung anu sakabehna dijeun tina awi hideung. Palataran na lega, dipelakan kekebonan jeung aya balong sagala.
Di jero eta saung, katempo aya saurang jalma lalaki make pakean sing sarua hideung keur diuk sila mendeko baring nyanghareupan parukuyan. Eta jalma katempo kunyam kunyem siga nu keur mapatkeun jampe pamakena.
Ngendek sakeudeung rieg eta saung katempo ngarieg. Di susul ku datangna angin lilimbungan. Tatangkalan pating pelenod, dahan dahan na katempo pareunggasan. Cakakak kadenge aya sora nu nyakakak tarik pisan. Tuluy ka jero saung katempo aya aseup hideung. Mimitina mah katempo ipis tapi beuki lila beuki kandel, tuluy jenggelek jadi mahluk jangkung hideung, pinuh kubulu jeung huluna tandukan.
Eta mahluk katempo keur mangku hiji layon anu masih baloboran ku getih. Kadenge eta mahluk ngomong meni handaruan. “Ha.. ha.. ha.. Ha.. ha.. Amran..! Amraaan..! Yeuh kawula geus datang ngajalankeun tugas ti andika.. Kawula geus hasil mawa raga hiji jalma pikeun digunakeun ku andika males pati..” cek eta mahluk bari terus kadenge nyakakak.
Jalma nu keur diuk sila katempo beunta. “Syukur.. Andika tetela satia ka kawula.. Sok tunda hareupeun kawula eta raga jelma,” cek eta jalma, nu sihoreng ngaran na Amran.
Ngadenge parentah kitu, eta mahluk anu pikasieuneun teh nurut. Tuluy manehna diuk bari ngecagkeun layon. Sihoreng teh layon Nyi Rukmini. Ku si Amran eta layon diteuteup teleb meni lila.
“Alus..! Eta pas pisan jeung Kahayan kawula, “ Cek si Amran ngomong deui.
“Tuluy naon deui tugas kawula..?” Tanya eta mahluk nu pikasieuneun.
Si Amran cicing sakeudeung. Katempo siga nu mikir. “Andika meunang indit ayeuna. Kem un kawula perlu digeroan deui ku kawula,” Cek si Amran.
Geus kitu eta mahluk pikasieuneun leungit wujudna tuluy robah jadi haseup hideung. Les ngaleungit.
Ari si Amran katempo masih keneh mencrong kana layon Nyi Rukmini. “Ayeuna kawula bakal hasil males pati ka urang lembur luhur. Utamana ka si Sura anu geus ngalantarankeun kulawarga kawula binasa,” cek gerentes hate Si Amran.
Geus kitu si Amran ngangkat layon Nyi Rukmini tuluy dibawa ka hiji ruangan. Eta ruangan kacida poekna. Cek paribasa na sampe henteu katempo curuk curuk acan. Cag.. Si Amran ngecagkeun layon Nyi Rukmini.
Satuluyna si Amran kunyam kunyem mapatkeun jampe jampe jang manggil bangsa dedemit. Seor seor kadenge angin pating saleor. Saung oyag deui leuwih rongkah ti batan tadi. Tuluy katempo aya cahaya beureum asup tina sela sela bilik saung. Eta cahaya beuki lila beuki loba tuluy mungkus layon Nyi Rukmini. Dadak sakala layon Nyi Rukmini ngoreja hudang. Tapi wujudna geus robah jadi pikasieuneun. Buukna ngarumbay, siki mata nonghol siga nu rek rag rag. Cikikik Nyi Rukmini anu wujudna geus jadi ririwa nyikiki. Sorana ngirung pikasieuneun.
Nyambung ka eps salajengna
Komentar
Posting Komentar