Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih (Kajeun Ajur Tutumpuran) Bagian Ka 4

 Karangan Kang Abun Burhanudin

Jalma nu make pakean sing sarua bodas terus neuteup teleb ka Nyai Kembang alias Nyimas Kurniasih anu masih keneh  dina kaayaan teu sadar. Diteuteup ti mulai sirah sampe kana sukuna.

“Cantik juga ini nona,” cek gerentesna.

Eta jalma katempo dongko, tuluy mukaan kancing baju KNIL anu dipake ku Nyai Kembang, tuluy baju jeung calana na dilaanan. Eta jalma kaget lantaran karek nempo pakean asli anu dipake ku Nyai Kembang, nyaeta baju pangsi sing warna koneng, aya gambar kembang malati.

“Ternyata ni nona seorang pendekar.. Pasti dia sedang menyamar dan menyusup ke markas tantara Nederland..,” cek gerentes eta jalma deui, bari unggut unggutan.

Eta jalma tuluy ngabalikeun awak Nyai Kembang, mariksa tatuna nu kurut katembak ku kapten soma tea. “Lukanya lumayan parah juga..”

Eta jalma ngaluarkeun bungkusan tina jero saku bajuna, tuluy katempo dibuka, sihoreng teh eusina serbuk obat. Tuluy eta serbuk ditaplokeun kana tatu Nyai Kembang. Ret getih nu ngabeberbey teh langsung saat.

Sanggeus kitu eta jalma ngabalikeun deui awak Nyai Kembang sina ngagoler saperti tadi. Dampal sukuna dipencet ku manehna lalaunan. Kulisik Nyai Kembang ngulisik, tuluy bray beunta. Barang nempo aya jelma keur diuk di deukeuteun manehna, Nyai Kembang kaget.

“Saha anjeun..!,” Tanya Nyai Kembang.

Jalma anu make baju sing sarua bodas ngabelenyeh seuri. “Syukurlah.. Nona sudah sadar.. Jangan takut, Nona.. Ik bukan orang jahat,” jawab eta jalma kalem.

Nyai Kembang beuki reuwas, barang ngadenge cara ngomong eta jalma, anu pasti lain urang pribumi. Nyai Kembang hudang lalaunan, tuluy undur unduran.

“Kurangajar..! Sihoreng anjeun teh lain urang pribumi..” cek Nyai Kembang bari taki taki.

Tapi urang walanda anu make pakean sing sarua bodas katempo tetep kalem. “Sabara, Nona.. Nona masih terluka.. Ik memang orang nederland, tapi ik bukan musuh.. Nona tidak usah takut,” cek eta jalma deui, bari tuluy nangtung leumpang ngadekeutan Nyai Kembang.

Nempo eta jalma kalah ngadeukeutan, Nyai Kembang beuki reuwas, taki taki. “Rek naon, anjeun.. Awas.. ulah wani wani macem macem..,” cek Nyai Kembang ngabentak.

Keur kitu katempo aya dahan ragrag ti luhur rek ninggang ka palebah Nyai Kembang. Jleung eta urang Walanda luncat, maksudna mah rek newak dahan supaya teu ninggang ka Nyai Kembang.

Ku Nyai Kembang eta jalma disangkana rek nyerang. Atuh pas eta jalma luncat, Nyai Kembang langsung nyabetkeun suku na ka palebah bobokong eta jalma.

Tapi eta jalma teh sihoreng rancingeus. Barang sadar aya serangan ti Nyai Kembang, eta jalma buru buru muterkeun awakna. Plos.. serangan Nyai Kembang ngeplos. Ari jalma nu tadi geus hasil newak dahan rek ninggang ka Nyai Kembang tadi. Tuluy cle eta jalma ngincek deui lemah, nangtung ajeg.

Tapi karek geh cle, Nyai Kembang geus ngahembatkeun deui peureupna lempeng ngarah kana cukang irung eta jalma. Tapi eta jalma sakitu santaina, ngan saukur ngadengdekeun sirahna. Plos serangan Nyai Kembang ngeplos deui.

Ngan hanjakal serangan Nyai Kembang eta ngan saukur tipuan. Barang serangan peureupna lolos, jelepung Nyai Kembang najongkeun sukuna ka palebah gado eta jelma. Tapi sakali deui serangan Nyai Kembang gagal. Eta jalma meni rancingeus newak suku Nyai Kembang.

Atuh soloyong Nyai Kembang nyoloyong rek ragrag. Tapi buru budu disangap ku eta jalma. Awak Nyai Kembang disangkeh. Treup paadu teteuteuh. Ku eta jalma katembong pisan kageulisan Nyai Kembang. Belenyeh eta jalma seuri.

“Ternyata Nona bener bener cantik.. Aku suka sama Nona,” cek eta jalma bari ngabelenyeh.

Ngadenge kitu, Nyai Kembang alias Nyimas Kurniasih jadi beuki ambek. “Kurangajar..! Leupaskeun..!, cek Nyai Kembang bari awakna teterejalan hayang lesot tina sangkehan eta jalma.

“Oke, Nona.. Ik akan lepasin tubuh Nona.. Tapi Nona janji dulu jangan nyerang lagi, Ik.. Ik tahu, Nona pendekar hebat.. Tapi saat ini Nona sedang terluka.. Terus Ik bukan musuh Nona.. Ik yang udah nolong Nona tadi, “ cek eta jalma.

Nyai Kembang tetep teterejelan. Bari jeung kitu, leungeun katuhuna dipake ngababuk tonggong eta jalma. Bek.. Bek.. meneran pisan. Heu’.. eta jalma ngahenggeu. Kapaksa leungeun nu keur nyangkeh Nyai Kembang dilesotkeun.

Atuh gubrag.. Nyai Kembang jadina ngagubrag labuh. Karasa tatu dina pundukna nyanyautan deui. “Aduuh..!” cek Nyai Kembang ngomong aduh.

Nempo kitu eta jalma reuwaseun, tuluy dongko rek nulungan Nyai Kembang. “Maaf, Nona.. Ik tidak sengaja.. Abisnya nona mukul punggung Ik..,” cek eta jalma bari nyodorkeun leungeun na rek ngahudangkeun Nyai Kembang. Tapi ku Nyai Kembang kalah dikepeskeun. Tuluy Nyai Kembang hudang lalaunan sorangan.

Keur kitu kadenge sora hayam kongkorongok, nandakeun waktu geus nyedek ka subuh. Eta jalma curinghak kaget. “Maaf, Nona.. Ik harus buru buru pergi.. Karena besok pagi pagi Ik punya acara.. Sampai jumpa lagi, Nona.. Nama Ik Laksmana,” cek eta jalma. Sanggeus kitu, eta jalma ngabelesat lumpat, les teu katempo deui. Nyai Kembang olohok.

“Saha eta jalma sabenerna.. Katempona lain urang pribumi.. Tapi ari tina tingkah polah na mah siga lain jalma jahat..,” Cek Nyai Kembang, bari terus olohok nempokeun ka palebah jalma nu tadi ngiles.

Keur kitu tatuna karasa nyanyautan deui. Nyai Kembang muringis. “Aing kudu  geuwat ngobatan heula tatu aing.. Kapaksa aing kudu nepungan heula Mama Guru,” cek gerentes Nyai Kembang deui, bari tuluy lumpat ninggalkeun ieu tempat.

Kocapkeun Nyai Kembang terus lumpat jojorelatan, daun daun, rangrang, jeung batu batu, nu kaliwatan ku Nyai Kembang katempo rabeng haliberan, lir katiup ku angin. Nyai Kembang heran, tatu anu dina pundukna, beuki lila beuki teu karasa.

Di hiji tempat, Nyai Kembang katempo eureun. Leungeun na ngarampa kana tatu anu aya dina pundukna. Karasa ku manehna aya nu nempel kana dampal leungeun na. Ku Nyai terus ditempo, sihoreng eteh aya bubuk serbuk. Nyai Kembang ngagerentes.

“Sigana jalma urang walanda tadi geus ngobatan tatu aing.. Laksmana.. Eta ngaran jalma urang pribumi..,” Nyai Kembang ngahuleng. Mikiran saha jalma nu tadi sabenerna. Tapi masi difikiran geh da teu kafikir.

“Ayeuna tatu aing geus rada waras.. Sigana teu kudu nepungan mama guru peuting ieu.. Nya.. Mending aing balik heula ka imah.. Karunya ka Emak.. Bisi leungiteun..,” cek gerentesna, bari tuluy ngabelesat deui.

Ayeuna caturkeun kaayaan Mak Warni. Bareng jeung kajadian Bah Ruslan nembahan pati dina leungeun tantara KNIL, Mak Warni geh sapeupeuting teu bisa sare. Panon na dipeureum peureumkeun geh tetep teu bisa sare. Fikiran na inget bae ka Bah Ruslan, salakina, anu keur indit ka lembur Cipeuteuy pikeun nepungan Mama Kyai Sodiq tea.  Dada Mak Warni karasa asa seseblakan bae. Beungeut salakina asa katempo kokolebatan bae.

“Beu.. Kunaon ieu beungeut si Abah asa kokolebatan bae. Dada aing asa karasa seseblakan bae duih.. Boa boa si Abah..,” Mak Warni teu kebat ngomongna.

“Ya Allah.. Tangtayungan caroge abdi.. Mung ka gusti abdi nyuhunkeun pitulung,” cek gerentes hate Mak Warni deui.

Keur kitu, Blug..! kadenge asa aya sora nu ngagedeblug tarik pisan di luhur para. Mak Warni kaget. Jung manehna hudang, tuluy turun tina enggon na. “Naon eta nu ngagedeblug.. Ucing ta naon..,” cek gerentes Mak Warni deui.

Guprak..! ujug ujug baju Bah Ruslan anu digantungkeun dina paku ragrag sorangan. Padahal lamun cek akal asa teu mungkin eta baju bisa ragrag. Kot ku Mak Warni dicokot, huleng.. manehna ngahuleng.

“Aneh.. Euweuh angin euweuh naon, baju si Abah bisa ragrag sorangan.. Boa ieu kila kila,”

Dada Mak Warni beuki karasa seseblakan. Fikiran cus cos ka nu teu paruguh. Tapi Mak Warni lain jalma nu ipis iman. Kaayaan kitu na teh teu lila. Jung Mak Warni nangtung, reket muka panto kamer, tuluy indit ka tukang rek abdas.

Barang liwat ka kamer Nyimas Kurniasih, pangangguran Mak Warni noong. Breh katempo Nyimas Kurniasih nu ker sare tibra disimbut sa awak awak. Padahal sabenerna eta teh bantal guling anu ngahaja ku Nyimas Kurniasih dituruban ku simbutna basa samemeh indit, maksudna supaya indungna teu curiga manehna indit tengah peuting.

Tapi nempo kitu, Mak Warni jadi ngarasa heran. Lantaran tara biasana Nyimas Kurniasih disimbut dikurubung kitu, da biasana mah lamun sare geh tara daek disimbut.

“Kunaon si Nyai tara biasa dikurubung kitu?, Boa boa budak teh gering,” cek gerentes Mak Warni.

Atuh Mak Warni anu tadina rek ka tukang abdas the kalah asup heula ka kamer Nyimas Kurniasih, tuluy leumpang ngadeukeutan enggon rek ningali kaayaan Nyimas Kurniasih.

“Nyai.. Nyai..,” cek Mak Warni alon.

Tuluy katempo leungeun na rek ngaragamang muka simbut. Tapi keur kitu, ujug ujug golombrang kadenge di dapur sada ayan anu ngagolombrang tarik pisan. Teu jadi muka simbut anakna, tuluy buru buru indit ka dapur hayang nyaho naon anu ngasada ngagolombrang.

Barang anjod ka dapur, breh teh teu aya nanaon. Atuh Mak Warni ngahuleng deui bae. “Astagfirullahal adziim.. Aya naon sabenerna ieu teh,” cek Mak Warni, fikiran na beuki teu paruguh. Beungeut Bah Sura kokolebatan deui bae.

Mak Warni ngahuleng rada lila. Tapi akhirna manehna sadar deui. Mak Warni tuluy abdas, sanggeus kitu balik deui ka kamer tuluy shalat, meni khusu. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang kocapkeun kaayaan Kapten Soma. Saprak gagal newak Nyai Kembang, Kapten Soma ambek ambekan ka anak buahna. “Dasar kabehgeh garoblog.. Belegug.. Naha bisa aya penyusup asup ka markas urang.. Ieu bener bener bahaya.. Rencana urang bisa bocor..,” cek Kapten Soma nyarekan ka kabeh anak buahna.

Ari anak buahna, kabehan geh caricing euweuh nu wani nembalan saurang urang acan. “Tadi giliran saha nu jaga..?,” tanya Kapten Soma.

“Si Rasta sareng si Suharna, Kapten..,” tembal salah saurang anak buahna.

“Geroan kadieu..!,” parentah Kapten Soma.

Teu talangke saurang anak buahna indit rek ngageroan tantara KNIL anu kagiliran jaga. Teu kungsi lila datang deui bari ngiringkeun dua urang anggota KNIL.

“Siap, Kapten..,” cek dua urang KNIL anu karek daratang, kompak mere hormat ka Kapten Soma.

“Sia duaan nu tadi kagiliran jaga..?,” tanya Kapten Soma, bari matana katempo molotot.

“Siap, Kapten..!,” tembal dua KNIL tadi, bari sikap sempurna.

“Naon bae sia gawena.. Naha bisa aya penyusup asup..,” tanya Kapten Soma deui.

“Siap, Kapten.. Abdi rumasa salah.. Abdi duaan katipu,” tembal dua KNIL tadi, kompak.

Ngadenge jawaban dua KNIL anu kagiliran jaga kitu, teu tatapa sini, duanana langsung disiksa ku Kapten Soma. Hiuk.. Gebro.. Hiuk Gebro.. duana ditenggeul, ditendang sampe ka baloboran getih.

“Ampuuun, Kapten.. Ampun..” dua KNIL anu disiksa ampun ampunan.

“Montong ampun ampunan siah.. Gara gara katololan siah renvana bisa gagal..,” cek Kapten Soma, bari terus nyiksa deui eta dua KNIL anak buahna bebeakan, nepi kapepelengkingan. Tapi ku Kapten Soma terus terusan disiksa teu eureun eureun.

Ari anak buah nu sejen na ngan saukur caricing narempokeun eta kajadian. Teu aya saurang geh nu wani ngomong, komo anu nulungan mah.

Kapten Soma masih keneh terus Nyiksa dua anggota KNIL anak buahna. Ditonjok, ditendang, diijek. Kadenge duanana terus jejeritan ampun ampunan. Tapi Kapten Soma bener bener teu boga rarasaan. Manehna terus bae nyiksa, sampe bener bener duanana ngajoprak teu walakaya.

Nempo duanana geus ngajoprak, Kapten Soma tuluy nyokot bedilna. Jeger.. ! Jeger..! dua anak buahna nu geus ngajoprak ditembak sirahna ku Paten Soma, sampe akhirna duanana geus teu bisa ngarongheap deui. Duanana palatra di tempat eta keneh. Geus kitu mah lung bedilna dialungkeun ku Kapten Soma.

Nempo kajadian eta, sakabeh anak buahna ngan bisa carolohok. Bulu pundukna karasa maruringkak. Kabayangkeun mun eta kajadian nimpa ka diri maranehna.

“Dengekeun ku kabehan.. Nasib si Rasta jeung Suharna kudu dipake conto ku maraneh kabeh.. Saha anu lelet, saha anu wani mungpang, komo lamun khianat, nasibna moal jauh ti jalma dua eta.. Kaharti?,” cek Kapten Soma, ngancam ka anak buahna.

“Kahartos, Kapten.. Kahartos.. kahartos.. kahartos..,” tembal anak buahna saur manuk.

Kapten Soma tuluy indit ninggalkeun tempat eta. Tapi karek sababaraha lengkah, burudul pasukan sersan Sambas jeung pasukan Sersan Jubeh daratang. Sersan Sambas jeung Sersan Jubeh langsung ngahadep ka Kapten Soma mere laporan.

“Lapor, Kapten.. Pasukan 1 sareng pasukan 3 tos hasil nangkep mata mata..,” cek Sersan Sambas bari mere hormat.

“Alus.. Mana manusa na?,” tanya Kapten Soma.

“Itu, Kapten.. Geus tinggal layonna.. Ku kuring ngahaja dibawa jang bukti ka Menisr Jensen,” tembal Sersan Sambas deui.

Kapten Soma unggut unggutan. “Alus.. Menir Jensen pasti bungaheun pisan.. Aing pasti dibere hadiah,” cek gerentes Kapten Soma, bari tuluy mere parentah ka Sersan Sambas jeung Sersan Jubeh.

“Bawa layon na ka rohangan tahanan.. Dewek rek ngahadep heula ka Menir Jensen mere laporan,” parentah Kapten Soma.

“Siap, laksanakan, kapten..,” tembal Sersan Sambas jeung Sersan jubeh kompak ngajawab.

Satuluyna Sersan Sambas jeung Sersan Jubeh baralik deui ka pasukanna, ari Kapten Soma indit rek ngahadep ka Menir Jensen. Cag tunda heula.

Ayeuna kocapkeun Menir Jensen harita keur aya di hiji rohangan paranti manehna bubungahan. Eta rohangan teu pati lega, tapi pinuh ku mangrupa rupa hiasan, tur dicaangan ku lilin anu rupa rupa warnana.

Kadenge sora musik dansa diiringan ku lagu bahasa walanda. Ari Menir Jensen katempo keur dansa jeung saurang awewe bangsa pribumi. Teu kungsi lila, musik eureun. Menir Jensen nu keur danda geh eureun. Tuluy dua nana dariuk dina korsi pageye geye, ari dina meja katempo aya sababaraha botol minuman.

“Malam ini aku bener bener senang banget, Nona.. Ik suka dengan gaya Nona menari.. Terima kasih, Nona..,” cek Menir Jensen kadenge ngamimitian ngomong.

“Terima kasih, tuan.. Saya ejuga senang kalau tuan the suka sama gaya menari saya,” tembal eta awewe, anu katelah Nyai Dasmah.

Menir Jensen nyokot dompet tina saku bajuna, tuluy ngaluarkeun deui sababaraha lembar. “Ini hadiah buat kamu, Nona..,” cek Menir Jensen bari mikeun duit ka Nyai Dasmah.

Atuh Nyai Dasmah teh olohok, lantaran eta duit teh zaman harita kacida lobana. Cukup lamun dipake meuli Imah jeung sawahmah.

“Buat saya, Tuan.. Beneran..?,” cek Nyai Dasmah, bari matana olohok nempo duit, hatena asa teu percaya.

“Oh tentu.. Buat Nona.. Buat siapa lagi,” tembal Menir Jensen bari terus ngasong ngasong duit.

Nyia Dasmah can waka narima eta duit, tapi leungeun na kalah nyiwit pipi Menir Jensen meni tarik pisan. Atuh Menir Jensen ngagoak.

“Aduuh sakiit, Nona.. Apa apaan kamu? Apa uang ini masih kurang?,” cek Menir Jensen, katempo rada ambek.

“Ma.. maaaf, Tuan.. Bukan uangnya kurang.. Tapi saya mah hanya ingin meyakinkan aja.. Apa say aini lagi bermimpi apa bukan.. Jadi saya nyubit tuan, dan ternyata tuan merasa sakit.. Ini berarti saya teh bukan lagi mimpi..,” cek Nyai Dasmah, bari ngeletan Menir Jensen.

Ngadenge kitu mah, Menir Jensen anu tadina rada ambek geh jadi ngabarakatak seuseurian, “Ha.. ha.. ha.. Ada ada aja kamu, Nona.. Nih terimalah uangnya..,” cek Menir Jensen bari tuluy ngasorkeun deui duit. Ku Nyai Dasmah langsung ditarima, tuluy lep diasupkeun kana jero kutang.

“Tuan baik sekali.. Baru kali ini saya megang duit sebanyak ini, Tuan..,” cek Nyai Dasmah.

“Oh itu tidak seberapa, Nona.. Ik bisa kasih lebih banyak lagi.. Asal Nona mau nurut sama perintah Ik..,” cek Menir Jensen ngabibita.

“Tenu saja, Tuan.. Saya mah pasti nurut sama semua perintah tuan..,” cek Nyai Dasmah katempo haripeut bungah.

“Wel.. wel.. wel.. Kalo begitu Ik mau ngasih tugas sama Nona.. And kalo nona berhasil, nona akan Ik kasih uang lebih banyak lagi.. Apa Nona sanggup?,” Cek Menir Jensen.

“Saya pasti sanggup, tuan.. Apapun tugasnya saya akan laksanakan.. Yang peting dapet duit..,” tembal Nyai Dasmah.

“Begini, Nona.. Besok akan datang seorang Menir.. Dia punya nama Edwar.. Ik gak suka sama dia.. Soalnya diam au jadi residen di sini.. Tugas nona.. Rayu itu si Menir Edwar, kalo udah suka dan percaya sama nona.. Bunuh dia dengan cara halus.. Apa nona sanggup?,” tanya Menir Jensen.

Huleng Nyai Dasmah ngahuleng ari ngadenge parentah kitu mah. Manehna teu wani bisi kanyahoan tangtuna bakal meunang hukuman beurat. Kaayaan kitu, kabaca ku Menir Jensen.

“Nona gak usah takut.. Nona aman, karena Ik akan melindungi nona.. And kalo Nona sanggup Ik akan kasih Nona uang tiga kali lipat dari jumlah uang tadi.. Gimana, Nona?,” Tanya Menir Jensen deui.

“I.. i.. iya, Tuan.. saya sanggup,” tembal Nyai Dasmah.

“Wel.. wel.. wel.. jawaban itu yang Ik suka..” cek Menir Jensen kacida bungahna.

Tuluy manehna ngarogoh deui kana saku bajuna, ngaluarkeun deui duit sababaraha lembar. “Nih duitnya Ik tambahin.. Itung itung uang muka,” cek Menir Jensen bari mikeun deui duit.

Atuh Nyai Dasmah beuki bungah bae, eta duit langsung disamber. Lep diasupkeun deui kana jero kutang. “Terima kasih, Tuan,” cek Nyai Dasmah, paroman na meni bungah pisan.

Ker kitu tok.. tok.. tok.. kadenge aya nu ngetrokan panto. Menir Jensen jeung Nyai Dasmah kaget. “Siapa itu?” tanya Menir Jensen.

“Saya, tuan.. Kapten Soma,” tembal anu ngetrokan panto, sihoreng teh Kapten Soma.

“Masuk..!,” Menir Jensen nitah Kapten Soma asup.

Rekeeet.. Kadenge panto dibuka ti luar, blus Kapten Soma asup.

“Ada apa, Kapten?,” tanya Menir Jensen.

“Ini tuan, saya mau laporan.. Anak buah saya berhasil menangkap seorang mata mata dia dalam keadaan mati.. Selanjutnya saya nunggu perintah tuan.. Mau digimanakan itu mayat..?,” cek Kapten Soma mere laporan.

“Wel.. wel.. wel.. Itu berita yang menggembirakan.. Untuk sementara taro dulu itu mayat di ruangan kosong.. Lusa setelah kedatangan Menir Edwar, kita gantung itu mayat di alun alun.. Buat menekan warga pribumi yang berani membangkang sama kita.. Kamu faham, Kaptet..?,” cek Menir Jensen.

“Siap.. Siap laksanakan..,” cek Kapten Soma bari tuluy mere hormat, saterusna malik deui rek kaluar.

Tapi karek sababaraha lengkah, digeroan deui ku Menir Jensen. “Tunggu dulu, kapten..,”

Kapten Soma eureun deui leumpangna terus malik deui ka Menir Jensen.

“Siap menerima perintah, tuan..,” cek Kapten Soma bari leungeun na hormat deui.

“Sini kamu..,” Menir Jensen ngagupayan.

Atuh tuluy Kapten Soma nyampeurkeun. Sihoreng teh Kapten Soma dibere duit ku Menir Jensen. “Ini hadiah buat orang setia seperti kamu..,” cek Menir Jensen bari mikeun duit.

Gap ku Kapten Soma ditarima, tuluy diasupkeun kana saku bajuna. “Terima kasih, tuan..” cek Kapten Soma.

“Ya.. kamu boleh pergi..,” cek Menir Jensen.

Satuluyna Kapten Soma indit ninggalkeun eta ruangan. Ari Menir Jensen narik leungeun Nyai Dasmah dibawa asup ka kamer. Cag urang tunda heula.

Ayeuna balik deui nyaritakeun Nyai Kembang, alias Nyimas Kurniasih anu keur lulumpatan rek balik ka imahna. Di hiji tempat, reg Nyai Kembang ujug ujug eureun. Tuluy tungkul nyokot batu leutik. Eta batu tuluy disintreukeun ka salah sahiji rungkun.

Wuus..! Batu melesat kana rungkun. Beletak.. Kadenge sora batu ngabeletak. Disisusul ku sora anu ngagoak.. “Tobaaaaat..!” kadenge sora tina jero rungkun.

“Kurangajar.. Kaluar siah..!,” cek Nyai Kembang ngabentak.

Tapi teu aya nu nembalan. Kot Nyai Kembang nyokot deui batu, maksudna rek disintreukeun deui ka palebah rungkun. Tapi samemeh Nyai Kembang ngaleupaskeun serangan.

Ujug ujug Wuus..! Katempo aya hiji kayu balok anu nyuruwuk ka palebah tonggong Nyai Kembang. Tapi Nyai Kembang lain jawara jore jore. Eta serangan karasaeun angin na ku Nyai Kembang.

Belesuur..! Nyai Kembang luncat kaluhur. Wuuus..! eta kayu balol milepas, Braaaak..! keuna kana hiji tangkal. Dorokdooook..! eta tangkal sapadaharita langsung rubuh.

Cle.. Nyai Kembang ngincek deui taneuh. Can geh ngarenghap, Wus..! Wuuu..! Wuuus..! ujug ujug ngabelast tilu tumbak ngarah kana sirah, dada jeung suku Nyai Kembang.

Nyai Kembang kaget, eweuh waktu jang ngahindar. Tapi Nyai Kembang sohoreng bener bener asak dina elmu bela dirina. Sakilat leungeunna nyabut bedog, tuluy dipake nangkis eta tilu tumbak. Trang..! traang..! traang..! Pluk.. pluk.. pluk.. tumbak nu tilu langsung raragragan bari jeung kabeh beulah jadi dua bagian.

Kakarek geh Nyai Kembang salamet tina serangan tumbak, kolebat aya hiji bayangan hideung anu ngolebat nyerang ka deui ka Nyai Kembang. Gerakan na kacida cepetna. Nyai Kembang kaget deui bae.

 

Dilajeng ka eps salajengna.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng

Naskah Dongeng Sunda

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 18