Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih (Kajeun Ajur Tutumpuran) bagian ka 5

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Kakarek geh cle, Nyai Kembang nincek lemah, ujug ujug aya bayangan hideung ngolebat nyerang, gerakan na kacida cepetna. Nyai Kembang kaget, euweuh kasempetan pikeun ngahindar. Ngan untungna, Nyai Kembang memang bener bener geus asak dina elmu silatna, waktu serangan musuh tinggal sababaraha jeungkal deui keuna kana awakna, Nyai Kembang sakilat nadah serangan ngagunakeun jurus sajajar, leungeun kenca dipake nangkis sakaligus leungeun katuhu malik dipake nyerang ka musuh. 

Ngan dina kaayaan kitu, anu jadi musuhna geh sarua rancingeusna, serangan Nyai Kembang ditakisku pigeulang leungeun manehna.

Bek..! Bek..! dua leungeun bentrok diaradu. Nyai Kembang mundur sababaraha lengkah, kitu oge musuh sarua luncat mundur sababaraha deupa.

Sihoreng serang musuh Nyai Kembang teu cukup sakitu, barang cle sukuna nincak lemah, lir nincek besot awakna ngampul deui tuluy muih siga kolecer, dua sukuna rapet ngababad kana awak Nyai Kembang. Atuh Nyai Kembang reuwas deui bae, buru buru manehna ngalabuhkeun awakna ka hareup nangkobak, plos serangan musuh ngeplos.

Tapi eta serangan musuh bener bener luar biasa, dina kaayaan kitu masih keneh bisa muterkeun tendangan na, tuluy malik deui ngahantem Nyai Kembang anu keur dina kaayaan nangkobak dina taneuh.

Hiuuuk..! Kadenge angin serangan musuh Nyai Kembang meni bangbaraan.

Gorentel.. Buru buru Nyai Kembang ngagorentel ka kenca. Blug..! Kadenge suku musuh ngahantem lemah, sampe taneh karasa inggeung.

Ari Nyai Kembang geus hasil ngorejat hudang deui. Dadana turun naek, nafasna kadenge ngahegak.

“Luar biasa.. Gerakanna cepet pisan.. Saha manehna sabenerna.. Aing kudu ati ati,” cek gerentes hate Nyai Kembang.

Karek geh Nyai Kembang ngarenghap, musuhna katempo geus ngabelesat deui muru ka palebah Nyai Kembang. Dua leungeunna disodorkeun ka hareup. Gerakan na bener bener cepet lir kilat, angin serangan kadenge meni ngahiuk bangbaraan.

Nyai Kembang bener bener reuwas, teu aya jalan deui pikeun nyalametkeun diri. Kapaksa manehna geh ngarahkeun dua peureupna ka hareup dipake nangkis serangan musuhna.

Duuuk..! duuk..! dua peureup diadu. Cleng awak Nyai Kembang ngacleng ka tukang. Hampir bae nabrak kana hiji tangkal. Tapi aneh, nempo Nyai Kembang dina kaayaan bahaya kitu teh, anu jadi musuh Nyai Kembang buru buru luncat nyalametkeun awak Nyai Kembang.

Gep..! awak Nyai Kembang ditewak. Nyai Kembang salamet. Tuluy awakna diturunkeun lalaunan ku eta jalma. Nyai Kembang heran.

“Saha anjeung sabenerna? Kunaon nyerang ka kuring?,” cek Nyai Kembang nanya ka eta jalma.

Eta jalma teu ngajawab, tapi tuluy muka teregos anu nutupan beungeutna. Barang breh katempo rupa eta jelma, Nyai Kembang katempo kaget pisan. Tuluy brek manehna deku hormat,

“Mama, guru..!,” cek Nyai Kembang, rengkuh pisan.

Sihoreng jalma anu nyerang Nyai Kembang teh, guruna Nyai Kembang sorangan anu katelah Mama Ajengan Nurjati. Katingal anjeuna imut, tuluy nepak kana punduk Nyai Kembang, “Geus hudang, Nyai.. Ulah kitu..,” saur Mama Ajengan.

“Hapunten, Mama Guru.. Sim abdi rumaos culangung,” cek Nyai Kembang deui.

“Teu nanaon, Nyai.. Sabalikna Mama geh menta dihapura, nepungan Nyai ku cara kieu.. Mama ngahaja datang mawa beja nu ku Nyai kudu dikanyahokeun..,” cek Mama Ajengan Nurjati.

“Sumuhun mangga, Mama.. Sim abdi siap ngadangukeun wejangan ti mama..,” cek Nyai Kembang.

Satuluyna gek Mama Ajengan calik dina jukut, “Sok Nyai kadieu diuk deukeut mama.. Mama rek nyarita,” 

“Mangga, Mama..,” tembal Nyai Kembang bari tuluy manehna diuk caketeun mama Ajengan.

“Kieu, Nyai.. Beja ti mama ayeuna, lain beja pibungaheun.. Tapi hiji beja anu matak sedih.. Mangkana harepan mama, nyai kudu bisa sabar, narima beja ti mama..,” cek Mama Ajengan.

“Insya Allah, Mama.. Naon bae wartos ti mama ku abdi bakal ditampi ku kasadara, sareng kasabaran..,” tembal Nyai Kembang.

“Syukur, Nyai.. Mama reugreug ari ngadenge kitu mah.. Kieu Nyai.. Tadi peuting Mama meunang ilapat.. Yeun Nyai bakal meunang cocoba kacida gedena.. Nyai oge bakal meunang fitnah.. Kulantaran eta harepan Mama, Nyai kudu bisa nyanghareupan sagala masalah anu bakal tumiba.. Lantaran sakabeh kajadian dirandapan ku urang mangrupakeun takdir ti nu maha kawasa.. Lamun Nyai bisa ngaliwatan ujian ku kasabaran, insya Allah kahareupna Nyai bakal tinanggih jeung kasugemaan.. Sabab kitu ketrangan dina Quran geh.. Inamaal Usri Yusron, paina maal Usri Yusron,” cek Mama Ajengan.

Nyai Kembang unggut unggutan. “Haturnuhun, Mama.. Sim abdi tos diwartosan sateuacanna.. Insya Allah naon bae anu bakal dirandapan ku abdi, ku abdi bade dipayunan ku kasabaran,” cek Nyai Kembang.

“Syukur, Nyai.. Mamah bungah pisan ku jawaban Nyai.. Mudah mudahan Allah salalawasna maparinan pitunjuk sareng kasabaran ka Nyai,” cek Mama ajengan deui.

“Hapunten, Mama.. Sim abdi geh bade tumaros,” cek Nyai Kembang.

“Nanyakeun naon, Nyai.. Sok bae lamun mama bisa ngajawabna meureun ku Mama bakal dijawab,” cek Mama Ajengan.

“Kieu, Ama.. Tadi abdi nyusup ka markas tantara KNIL, sihoreng maranehna licik, Ama.. Dina waktos enjing aya romobongan Menir Edwar anu bakal ngalangkung ka lembur Cikawung, maranehna tos ngarencanakeun bakal ngalakukeun kakacauan.. Romobongan Menir Edwar bakal diserang ku maranehna.. Ngahaja maranehna ngalakukeun kitu, tujuan na supaya urang walanda nuduh ka bangsa urang.. Ayeuna naon nu kedah dilakukeun ku abdi.. Naha abdi kedah ngalindungan Menir Edwar kanggo nyalametkeun pasukan pejuang tina tuduhan eta, atanapi kedah kumaha..? Lantara ayeuna tos teu aya waktos deui kanggo ngawartoskeun ie beja ka saderek saderek pejuang bangsa urang,” cek Nyai Kembang.

Mama Kyai imut, “Hampura dina maslah ieu, Mama moal nitah Nyai kudu kumaha kudu kumaha na.. Eta jawaban na aya dina diri Nyai sorangan.. Naon nu cek fikiran Nyai leuwih hade, eta nu kudu dilaksanakeun Nyai,” tembal Mama Ajengan.

Nyai Kembang unggut unggutan. “Oh muhun atuh, Mama.. Pami kitu mah abdi langkung gamblang.. Insya Allah abdi bade ngemutan mana nu langkung sae anu kedah dilakukeun ku abdi,” cek Nyai Kembang.

Mama Ajengan imut deui, bari nepakan taktak Nyai Kembang, pok manehna nyarita. “Tah kitu, Nyai.. wayahna Mama geus waktuna kudu mulang deui.. Kade Nyai sing inget kana papatah Mama..,” Mama Ajengan pamit.

“Muhun atuh, Ama,” Nyai Kembang tuluy munjungan.

“Assalamualaikum,” “Wa alaikum salam,” geus kitu mah belesat Mama Ajengan Nurjati ngabelesat, tuluy les teu katempo deui.

Nyai Kembang masih keneh ngahuleng. Tapi teu lila, manehna geh ngabelesat indit.

Ayeuna caturkeun kaayaan di Markas KNIL, Kapten Soma, Letnan Damar, jeung Dastim, Sersan Jubeh, jeung sersan Sambas katempo keur ngaraiung Badami.

“Kahade isukan rencana urang ulah sampe gagal. Kumaha bae carana, Menir Edwar kudu bisa dipateni, atawa paling henteu manehna kudu katewak ku musuh,” cek Kapten Soma, kadenge ngomong ka anak buahna.

“Siap, Kapten.. Kuring jeung pasukan geus siap.. Malahan kuring ngahaja nitah ka anak buah supaya kabeh marake baju kelompok Gagak Seta. Tujuan na lamun pasukan kuring nyerang ka rombongan Menir Edwar, maranehna nuduh ka pasukan Gagak Seta,” tembal Letnan Damar.

“Alus.. Kitu alus pisan.. Dewek satuju.. Tapi tetep kudu make tanda, ulah sampe saru teuing jeung kelompok Gagak Seta, lantaran dewek geus mere parentah oge ka Sersan Jubeh supaya ngaburu kelompok Gagak Seta dina waktu nu sarua. Ulah sampe pasukan sersan Jubeh salah sasaran,” cek Kapten Soma deui.

“Eta tos dibadantenkeun, Kapten.. Letnan Damar tos masihan terang ka simkuring yeun pasukan anjeuna nganggo tanda pita beureum.. Eta ku kuring oge tos dibewarakauen ka sadaya anak buah.

” Alus ari kitu mah alus.. Dewek sugema,” cek Kapten Soma bungaheun.

Keur kitu kurunyung aya saurang anggota KNIL mere laporan, “Lapor, Kapten.. Rombongan Menir Edwar ayeuna tos aya diperbatasan,” cek eta Prajurit KNIL mere laporan.

Kapten Soma kaget, “Beu cilaka..! Ieu diluar perhitungan urang.. Sihoreng manehna datang leuwih cepet,” cek Kapten Soma.

“Tuluy kumaha rencana urang ayeuna, kapten..?,” tanya Sersan Jubeh.

“Ke sakeudeung.. Dewek rek lapor heula ka Menir Jensen.. Tapi ari silaingmah, Sambas.. Rencana anu tadi diomongkeun ku dewek kudu geuwat dilaksanakeun ayeuna..,” cek Kapten Soma.

“Siap, Kapten.. Ayeuna keneh kuring jeung pasukan rek mangkat,” tembal Sersan Sambas.

“Enya jig indit kaditu.. Kade ulah sampe aya nu nganyahoankeun,” cek Kapten Soma.

Sersan Sambas nangtung tuluy mere hormat ka Kapten Soma, saterusna manehna indit nyampeurkeun ka anak buahna. Bareng jeung sersan Sambas indit, Kapten Soma oge indit rek mere laporan ka Menir Jensen.

Kapten Soma geus aya di ruangan Menir Jensen. Sihoreng Menir Jensen masih ngalamer keneh jeung Nyai Dasmah. Tok.. tok.. Kapten Soma ngetrokan panto kamer. Kadenge Menir Jensen ngomong ti jero kamer.

“Siapa itu?,” tanya Menir Jensen ti jero kamer.

“Saya, Tuan.. Kapten Soma, mau melapor..” tembal Kapten Soma.

“Apa tidak bisa nanti laporannya, Kapten.. Ikh lagi kepalang tanggung nih,” cek Menir Jensen.

“Ini penting sekali, Tuan.. Ini soal Menir Edwar.. Mereka sudah sampe diperbatasan,” tembal Kapten Soma deui.

Ngadenge kitu Menir Jensen kaget, “Hop perdomseh.. Kenapa itu bisa terjadi,” cek Menir Jensen, bari tuluy hudang. Gap kana pakeana tuluy dipake.

“Maaf, Nona Dasmah.. Kita lanjut lagi ntar malam.. Sekarang ada hal penting dulu,” cek Menir Jensen bari tuluy leumpang muka panto kamer. Ari Nyai Dasma katempo siga nu handeueul.

“Huh.. aya aya bae gangguan teh..,” cek gerentes Nyai Dasmah, bari manehna geh tuluy hudang. Rap bajuna dipake, tuluy turun tina enggon, nuturkeun Menir Jensen.

Ari Menir Jensen harita geus aya di luar kamer, keur diuk nyanghareupan Kapten Soma. “Ini diluar perhitungan kita, Kapten.. Kamu harus segera bertindak,” cek Menir Jensen.

“Siap, Tuan.. Saya sudah siap dengan semua rencana,” tembal Kapten Soma.

“Bagaimana rencana kamu buat mehalau itu Menir Edwar.. Ikh harus tahu..,” tanya Menir Jensen.

“Begini, Tuan.. Pasukan saya bagi tiga. Pasukan satu dibawah pimpinan Lentan Damar, menyamar jadi pasukan Gagak Seta.. Tugas mereka menyerang langsung rombongan Menir Edwar. Pasukan dua, dipimpin oleh Sersan Jubeh, tugas mereka memburu kelompok Gagak Seta sekalian bikin teror buat warga. Pasukan 3, dipimpin oleh Letnan Dastim menjemput dan mengawal rombongan Menir Edwar,” jelas Kapten Soma.

“Wel..! Wel..! Wel..! Bagus, Kapten.. Itu strategi yang bagus. Ikh angkat jempol buat kamu..,” cek Menir Jensen, bari nepakan taktak Kapten Soma.

Atuh Kapten Soma meni bungaheun pisan. Katempo liang irung na geh meni rebeh rebeh bae. 

“Ada satu lagi strategi saya, Tuan..” cek Kapten Soma.

“Apa itu?,” tanya Menir Jensen.

“Saya sudah perintahkan Sersan Sambas untuk membuat jebakan di kampung Babakan Lowa, kampung yang dekat dengan Cikawung.. Itu satu satunya jalan yang biasa dilalui oleh kelompok Gagak Seta,” cek Kapten Soma.

“Good… Good.. Good.. Matang sekali itu.. Ikh suka,” cek Menir Jensen.

“Kalau begitu, sekarang saya permisi dulu, Tuan.. Saya akan mengatur dulu anak buah saya,” cek Kapten Soma permisi.

“Oke.. Silahkan, Kapten..,” cek Menir Jensen.

Kapten Soma nangtung terus hormat. Satuluyna manehna leumpang ninggalkeun ieu ruangan. Tapi langsung digeroan deui ku Menir Jensen.

“Tunggu, Kapten..” cek Menir Jensen.

Reg Kapten Soma eureun, tuluy malik deui ka Menir Jensen. “Sigana dewek dibere deui duit yeuh.. Kieu untungna gabung jeung urang walanda mah,” cek gerentes hate Kapten Soma.

Enya bae Menir Jensen katempo ngaluarkeun duit tina dompet, satuluyna ngagupayan Kapten Soma tuluy mikeun duit.

“Ini buatmu,” cek Menir Jensen bari mikeun duit ka Kapten Soma. Ku Kapten Soma ditarima. 

“Terima kasih, Tuan.. Tuan baik sekali sama saya,” cek Kapten Soma.

“Itu belum seberapa.. Kalau misi kamu besok berhasil, kamu orang akan Ikh kasih duit lebih banyak lagi,” cek Menir Jensen.

Ngadenge kitu mah, Kapten Soma beuki tambah semangat. “Siap, Tuan.. Doakan saja supaya tugas saya berhasil,” cek Kapten Soma bari hormat, tuluy indit.

Sanggeus Kapten Soma indit, Nyai Dasmah nyampeurkeun ka Menir Jensen tuluy diuk ngagelehe dina lahunan na. “Ayo kita teruskan lagi, Tuan..,” cek Nyai Dasmah.

Menir Jensen seuri, tuluy narik leungeun Nyai Dasmah, ngajak pindah ka kamer deui. Cag urang tunda heula.

 Ayeuna urang kocapkeun kaayaan di markas para pejuang Gagak Seta anu geus lila katunda. Harita maranehna geh keur ngayakeun babadamian dipimpin ke Darma Seta, jeung Den Ari salaku panglima pasukan na.

“Ieu kaayaan kacida pentingna pikeun perujuangan urang.. Kumaha bae carana urang kudu bisa ngancurkeun rombongan Menir Edwar.. Geus waktuna lemah cai urang bebas ti kakawasaan jalma deungeun,” cek Darma Seta kadenge ngomongna pinuh ku sumanget.

“Satuju..! Satuju..! Satuju..!,” anak buahna nu haladir raeng saur manuk.

“Kulantaran kitu, urang teu bisa ngan ngandelkeun bae kamampuan urang dina ulin bela diri.. Tapi strategi perang kudu digunakeun..,” cek Darma Seta.

Nu haladir saur manuk deui ngaromong satuju. Pok Darma Seta neruskeun deui omongan na. “Ayeuna kawula ngabagi dua pasukan. Pasukan kahiji nyaeta kelompok maung lodaya.. Dipimpin ku Den Arip.. Tugasna nyerang terang terangan ka rombongan Menir Edwar, sakaligus tanggung jawab pikeun ngalindungan warga tina bahaya.. Pasukan kadua, nyaeta pasukan gagak, sakuduna mah dipimpin ku Nyai Kembang, ngan hanjakal Nyai Kembang ayeuna teu hadir, jadi kapaksa dipimpin langsung ku kawula.. Tugas pasukan gagak pikeun ngalindungan gerak pasukan Maung Lodaya.. Utamakeun ngagunakeun panah jeung tumbak.. Kaharti..?,” cek Darma Seta deui.

“Kahartos.. Kahartos.. Kahartos..,” cek anak buahna saur manuk deui bae.

“Syukur ari kaharti mah.. Ayeun bisi Den Arip boga ide dina penyerangan.. Sok bewarakeun ka kabehan..,” cek Darma Seta, naya ka Den Arip.

“Sateuacan na simkuring nganuhunkeun ka Ketua anu tos masihan waktos kanggo simkuring cumarios.. Naon anu dicarioskeun ku Ketua parantos cekap dina strategi.. Simkuring taat sareng patuh.. Mung manawi sakedik kuring nambihan.. Pasukan Maung Lodaya anu dipimpin ku simkuring, bade dibagi dua deui.. Pasukan kahiji anu dipimpin langsung ku simkuring bade bertahan di kampung Babakan Lowa.. Anu pasukan kadua dipimpin ku ayi Darma Aji gaduh tugas kanggo nyerang langsung sakaligus mancing musuh ngudag ka Babakan Lowa.. Lamun musuh geus ngudag ka Babakan Lowa, eta bagian tugas pasukan kuring anu ngalumpuhkeun na..manawi kitu tambihan ti simkuring, Ketua,” cek Den Arif ngajelaskeun strategi manehna.

Darma Seta unggut unggutan. “Alus.. alus pisan eta strategi teh, den.. Kawula satuju pisan,” cek Darma Seta.

“Pami kitu, simkuring nyuhunkeun ijin ka Ketua.. Pasukan simkuring bade angkat ayeuna pisan, pikeun ngatur strategi di Babakan Lowa..,” cek Den Arip menta ijin.

“Mangga, den.. Sok laksanakeun naon bae anu sakirana penting cek pamikiran Aden..,” Darma Seta ngijinan usul Den Arip.

Satuluyna Den Arip ngabagi deui pasukan na, sakalian ngajelaskeun siasat perangna. Sanggeus beres, pasukan Den Arip tuluy indit ninggalkeun eta tempat. 

Ayeuna cuang tuturkeun Den Arip jeung pasukan na anu lumampah nuju ka Kampung Babakan Lowa. Maranehna ngahaja leumpangna ngaliwatan luhur pasir supaya ulah kanyahoan ku jalma rea. Barang anjog di pasir luhureun kampung Babakan Lowa, Den Arip nitah ka kabehan supaya eureun.

“Eup.. Eureun di dieu kabeh..,” Cek Den Arip bari ngacungkeun leungeun na.

Reg kabehan areuereun. Pok Den Arip mere parentah. “Sahlan..! coba ku ilaing tempo situasi di handap...,” Parentah Den Arip ka salah saurang anak buahna anu ngaran Sahlan.

“Siap, Panglima..” tembal si Sahlan, bari tuluy manehna tuturubut turun ka handap.

Barang geus aya di handap, katempo jelas pisan ku Si Sahlan aya sababaraha urang anggota KNIL anu keur keur ngariung nyurigakeun. Sihoreng maranehna teh anggota KNIL anak buah Sersan Sambas anu diparentah ku Kapten Soma pikeun nyieun jebakan di lembur Babakan Lowa. Ku Si Sahlan tuluy diawaskeun. Sanggeus kanyahoan jelas pisan naon anu keur dilakukeun ku anggota KNIL eta, si Sahlan buru buru naek deui rek mere laporan ka Den Arip.

Teu lila si Sahlan geus aya deui di luhur mere laporan, “Lapor, Panglima.. Di Kampung Babakan Lowa aya sababaraha urang anggota KNIL nu keur nyieun jebakan.. Ayeuna naon nu kudu dilakukeun ku urang,” cek si Sahlan.

Ngadenge kitu, Den Arip malah katempo seuri. “Alus mun kitu mah.. Ayeuna urang bertahan bae di dieu.. Saurang geh ulah aya nu ngaganggu maranehanana.. Ateupkeun.. Lantara jebakan anu ku maranehna dijieun bakal nyilakakeun batur baturna sorangan..,” cek Den Arip.

Atuh nu sejen na arunggut unggutan. “Satuju..! Satuju.. Satuju..,” Anak buahna raeng saur manuk ngaromong satuju. 

Satuluyna Den Arip jeung anak buahna caricing di tempat eta bari ngawaskeun kalakuan anggota anggota KNIL anu aya di lembur Babakan Lowa.


Dilajeng ka Eps salajengna.  


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng

Naskah Dongeng Sunda

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 18