Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 2
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Panon poe geus bengkok ngulon, kaayaan geus beuki nyedek ka burit. Sora jangkrik jeung tonggeret geus kadenge patembalan siga nu ngajajapkeun sang surya anu bakal surup. Harita Ambu Suri masih keneh leumpang bari ngajingjing buntelan. Leumpangna ngahaja malipir ka jalan satapak, ka sisi kebon, teu wani liwat ka jalan gede, lantaran embung panggih jeung jalma jalma lembur, da bisi jadi bahan catur, ceunah.
Leumpangna bangun ngalenghoy. Na pipina terus nyurucud cai mata. Hatena nyeri asa digerihan ku hinis. Teu nyangka, Bah Sura salakina, tega nganyeyeri ka manehna. Padahal, anu sabenerna mah, naon anu kaalaman ku Ambu Suri teh bonganna sorangan. Boga rasa timburu anu kaleuleuwihi, nu antukna nyiksa kana diri sorangan.
Kitu deui ayeuna. Fikiran Ambu Suri lain sadar. Malahan manehna beuki ceuceub bae ka Nyi Rukmini. Cek fikirna, kabeh nu ayeuna kaalaman ku manehna, gara gara Nyi Rukmini. Dina hatena jadi timbul niat, hayang males kanyeri ka Nyi Rukmini.
Sampe di hiji tempat, Ambu Suri ngarasa cape. Brek diuk di handapeun hiji tangkal. Fikiranna terus kumalayang mikiran nasib diri anu kudu ngalaman sangsara indit ti imah. Dasar ku teleb telebna ngalamun, setan akhirna datang. Ngaherewos mere nyaho ka jalan sasar.
“Suri..! Suri..! Ha.. ha.. ha.. Naha fikiran andika teh belet belet teuing, Suri..!” Kadenge aya hiji sora anu teu puguh ti mana datangna, jeung teu katempo jirimna.
Ambu Suri ngarenjag, kaget teu katulungan. Luak lieuk nengan timana datangna sora. Bulu pundukna murinding, jantungna pot pot an, tuur karasa leuleus.
“Saha andika?, ” masi pinuh ku rasa sieun oge, Ambu Suri ngawani wani maneh tumanya.
“Ha.. ha.. ha..! Andika teu kudu sieun, Suri..! Kami nu bakal ngabaturan andika.. Kami nyaho andika keur boga kasusah.. Kami nu rek ngabantuan ka andika.. Ha.. ha.. ha..,” eta sora kadenge deui ku Ambu Suri geueuman.
Ambu Suri beuki ngarasa sieun. Tuluy nangtung undur unduran. “Halik kaditu Nyingkah..! Halik..! Kawula teu butuh bantuan ti setan siluman kawas andika.. Kaditu indit ka sabrang ka Palembang.. Ulah nganganggu kawula..” Cek Ambu Suri, sisinglar bari terus undur unduran.
“Ha.. ha.. ha.. Suri..! Suri..! Dengekeun omongan kawula.. Lamun andika hayang leupas tina kasangsaraan haet.. Euwueh deui jalanna.. Geura paehan jalma anu dipikaceuceub ku andika.. Geura paehan si Rukmini.. Sabab.. Salila Si Rukmini kumelendang di alam dunya.. Andika salilana bakal sangsara.. Ha.. ha.. ha..,” kitu cek sora tanpa jirim.
Hiuuk.. ujug ujug aya angin ngagelebug. Karasa meni tarik nyogakeun tatangkalan anu aya di dinya. Tangkal tangkal patingpelenod, dahan dahan pareunggasan. Ambu Suri beuki kacida ngarasa sieun na. Tuluy lumpat ngajauhan tempat eta.
Ambu Suri lumpatna meni titotolonjong bakating ku sieun na. Sababaraha kali manehna labuh, tapi teu dirasa. Buru buru nangtung deui tuluy lumpat deui. Srog anjog ka pinggir walungan. Ambu Suri geus teu kuat deui lumpat. Antuk andiprek dina luhur batu pinggir walungan.
Panon poe geus nurup ka tukangeun gunug, diganti ku cahaya layung anu hurung mubyar. Sora tenggeret beuki kadenge patembalan. Dialokan ku sora jangrik ejeung bangkong. Ambu Suri masih keneh katempo diuk dina luhur batu. Awakna karasa lungse, hampir teu kuat nangtung nangtung acan. Saking ku loba loba teuing fikiran, malah jadina katempo siga nu bengong.
Teu jauh ti tempat eta, aya jalma tiluan katempo keur sasalingkeran, ngawaskeun Ambu Suri ti kajauhan. Tiluanana make pakean sing sarua hideung, diiket barangbang semplak, beungeut budi amprotan. Anu saurang awakna jangkung badag, sepir babalingbingan. Sihoreng eta teh si Jarot, jalma nu geus kawentar tukang nyieun kaributan, tukang babadog rarampog. Ari nu saurang deui pendek busekel beuteungna gendut. Eta katelahna si Gondel. Nu saurangna deui, jangkung jangkorang nyaeta si Bungkreung. Duanana geh anak buahna si Jarot.
“Tuh deuleu.. Sidik sidik ku maraneh.. Saha eta,” Cek si Jarot bari leungeun na tutunjuk ka Ambu Suri, anu masih keneh diuk bengong dina luhur batu.
“Lauk eta, kaka..” jawab si Bungkreung bari katempo nyerengeh bungahun.
Ngadenge jawaban si Bungkreung, si Jarot ujug ujug ambek bae. Bari nyuntrungkeun tarang si Bungkreun, haok manehna nyarekan.
“Dasar goblog siah.. Ari ngomong teh padu engap bae.. Deleh ku sia.. Mangkara aya lauk bisa diuk dina batu..” Sentak si Jarot.
Ari si bungkreung nyengir, bari nyekel tarangna, pok manehna ngomong, “Eleuuh, si kakak.. dasar kuper.. Ari kuring nyebut lauk istilah.. Maksudna mah eta teh mangsa nu piuntungeun.. Lain maksudna lauk beneran..”
“Bener, kaka.. Eta teh Ambu Suri, pamajikan na Bah Sura.. Jalma nu pangbeungharna di lembur ieu.. Tapi kuring heran.. Keur naha manehna cicing di dinya..” Si Gondel milu ngomong.
Ari si Jarot ngadon nyakakak. “ Ha.. ha.. ha.. Alus alus.. Bener pisan maneh, Bungkreung.. Eta memang lauk.. Lauk hiu etamah..” cek Si Jarot.
“Terus ayeuna urang kudu kumaha, kakak..?” Si Gondel nanya.
“Bodoh sia.. Belegug.. Tewak atuh, urang Sandra.. Gunakan jang meres si Sura.. Pasti mucekil.. Ha.. ha..,” Cek Si Jarot.
“Bener, kaka.. Kuring satuju.. Ayeuna keneh cuang tewaak..” Cek Si Bungkreung.
Tuluy tiluan na indit, nyebar. Si Bungkreung ka kenca, Si Gondel ka katuhu. Ari si Jarot leumpang ka hareupeun Bah Suri.
Ambu Suri masih keneh ngalamun, geus teu inget waktu geus nyedek ka burit, bari jeung manehna teh keur aya di tempat anu hara haraeun. Na fikiran na ngan hiji, hayang males kanyeri ka Nyi Rukmini, anu sabenerna mah teu tuah teu dosa.
Keur kitu, teu kanyahoan ti mana datangna, ujug ujug di hareup jeung kenca katuhu na aya tilu jalma geus ngabedega. Atuh Ambu Suri kaget. “Saha maraneh? Rek naha?,” tanya Ambu Suri bari jeung reuwas.
“ Ha.. Ha.. Ha.. Tenang, Ambu.. Ulah reuwas.. Kami moal nyilakakeun.. Asaaal..” Cek si Jarot bari matana mureleng ka Ambu Suri.
“Awas maraneh ulah macem macem.. Maraneh nyaho saha kami? Yeuh kami teh pamajikan Bah Sura.. Ulah gagabah..,” Cek Ambu Suri, bari hatenamah ngarasa sieun pisan.
Ngadenge Ambu Suri ngomong kitu, Si Jarot jeung anak buahna, malah pating cakakak deui bae.
“Justru eta, Ambu.. Kami nyaho Ambu teh pamajikan Bah Sura, jalma nu pangbeungharna.. Jadi ku kami, Ambu teh ditukeurkeun ku duit..” Cek si Jarot.
“Enya, Ambu.. Mun hayang salamet, ulah coba coba ngalawan,” Si Bungkreung milu ngomong.
Ambu Suri bener bener ngarasa sieun. Tapi dina uteukna ujug ujug boga ilham jang nyilakakeun Nyi Rukmini. Ambu Suri nyoba nyoba neger neger maneh. Terus manehna ngomong leleuy.
“Ujang.. Kami ngarti kahayang maraneh.. Geus ayeuna mah kieu bae.. Lamun ujang harayang duit, ku kami rek dibere duit loba, ejeung munding tilu.. Tapi Ujang ujang kabehan, kudu daek nulungan Ambu,” Cek Ambu Suri.
“Ha.. Ha.. Ha.. Ulah nyoba nyoba nipu ka kami, Ambu.. Kami lain jalma boloho..,” Cek Si Jarot.
“Jih bener, Ujang.. Sing percaya ka Ambu.. Daek sumpah, Ambu moal ngabohong..,” Cek Ambu Suri deui, ngayakinkeun ka Si Jarot saparakanca.
Si Jarot ngahuleng sakeudeung, terus ngalieuk ka anak buahna. Menta pendapat ti ditu n amah. Si Bungkreung terus ngomong, “Euwueh salahna, kaka.. katempo tina paroman na mah teu ngabohong..”
“Enya kaka.. Euwueh salahna.. turutkeun bae kahayangna.. Leuwih aman jang urang..,” Si Gondel nguatkeun omongan si Bungkreung.
Geus ngadenge omongan anak buahna kitu mah, pok Si Jarot nanya deui ka Ambu Suri. “Naon nu kudu dilakonan ku kami, Ambu?,” tanyana.
“Pang maehankeun si Rukmini, anakna si Wardi.. Mun sanggup, ku Ambu ujang kabehan ku Ambu dibere duit saratus rebu, ditambah jeung Munding tilu iji,” Cek Ambu Suri.
Ngadenge kitu, Si Jarot saparakanca ngajenghok. Rada beurat oge ngalaksanakeun tugas eta. Tapi maranehna oge kabita ku duit saratus rebu. Antukna, sanggeus Badami jeung pada baturna, Si Jarot satuju.
“Satuju, Ambu.. Tapi syaratna Ambu kudu mayar heula uang muka na,” Cek Si Jarot.
Ambu Suri meni bungaheun ngadenge Si Jarot sanggup ngalaksanekun tugasna. Teu talangke Ambu Suri ngaluarkeun duit sababaraha lembar tina jero buntelan, terus leumpang ngadeukeutan si Jarot, tuluy Plaak.! Ambu Suri ngadaplokeun duit kana tarang Si Jarot. “Tah Ujang duitna,” Cek Ambu Suri.
Dikitukeun Si Jarot ambek. Dianggapna Ambu Suri teh teu sopan. Haok Si Jarot nyarekan bari molotot.
“Kurangajar..! Teu sopan siah, Ambu.. Ngadon ngadaplokeun duit kana tarang dewek.
Dicarekan kitu, Ambu Suri olohok. “Haar.. Kan cek Ujang, Ambu kudu mayar duit na muka.. Ari muka teh Beungeut lain ujang, hartina teh..”
Ngadenge jawaban Ambu Suri, SI Jarot jeung nu sejen na akhirna pada ngagakgak. “Heueh, Ambu.. Hampura.. Kuring nu salah.. Terus iraha kuring kudu maehan si Rukmini..? Tanya si Jarot.
“Ayuena pisan mun bisa mah. Mun geus hasil, bebeja ka Ambu.. Ke munding jeung duit sakurangna dibayarkeun ka Ujang..” Cek Ambu Suri ngarasa geus teu sabar.
“Satuju, Ambu.. Ayeuna keneh ku kuring dilaksanakeun.. Nuhun, Ambu..” Cek Si Jarot bari bari tuluy ngajak indit ka Si Bungkreung jeung si Gondel. Maranehna tiluan katempo siga nu barungah pisan.
Ari Ambu Suri, sanggeus si Jarot saparakanca indit, manehna jadi bingung. Teu ludeung mun terus cicing di dieu mah. Akhirna, daripada sangsara, Ambu Suri milih balik deui ka imah Bah Sura. Soal Bah Sura kumaha kumaha ke kamanehna mah, urusan engke. Jung Ambu Suri nangtung, tuluy indit balik. Cag urang tunda heula.
Cahaya layung saeutik saeutik sirna, kaganti ku meberna jangjang peuting anu nutupan sakuliah eta pilemburan. Kaayaan mimiti poek, sora jangkring mulai kadenge rame patembalan ejeung cihcir jeung caricangkas. Hawa gunung karasa beuki tiis nembus kana satulang sandi.
Dina kaayaan kitu, di landeuheun eta lembur katempo aya jalma tiluan nu keur pating juringkang leumpang mapayan jalan satapak nuju ka eta pilemburan. Sihoreng tilu jalma eta teh si Jarot, si Gondel, jeung si Bungkreung, anu boga niat teu hade rek nyangkalak Nyi Rukmini, tugas ti Ambu Suri tea. Lamun marengan ka tempo ku maranehanana aya ringkag jelma, buru buru tiluan na nyalingker kana rungkun.
“Kakak.. Kumaha pilampaheun urang ayeuna?,” Cek si Bungkreung mimiti kadenge ngomong.
“Enya bener, kaka.. Lamun gagabah bisa matak cilaka..” Si Gondel mairan omongan si Bungkreung.
“Heueuh.. Urang kudu Badami heula nu lantip, supaya hasil jeung lancar,” jawab si Jarot bari katempo rada ngahuleng.
“Kuring pernah nempo, kakak.. lamun wayah kieu, biasana si Rukmini sok indit ka tajug, kakak.. Kumaha lamun ku urang cegat di jalan. Di beulah kuloneun tajug aya tempat anu rada suni,” Si Gondel ngomong deui.
“Dewek satuju.. Beu cuang kaditu.. Ngke kumaha cara nyangkalak namah urang atur deui di ditu,” cek Si Jarot bari leumpang deui malipir jalan ka kebon, dituturkeun ku si Gondel jeung si Bungkreung.
Kocapkeun Nyi Rukmini. Wanci kitu tara biasana manehna aya keneh di imah. Teuing naon sababna, manehna ngadadak hoream indit ka tajug, jeung dada ti tadi sore mula asa ting sareblak bae. Katempo ayeuna geh Nyi Rukmini keur diuk keneh ngahuleng dina palupuh.
“Tacan ka tajug, Nyai..?” cek Mang Wardi bari nyeungeut damar.
“Teu acan, bapa.. Asa teu rarajeung kieu raraosan teh..” jawab Nyi Rukmini.
“Asup angin meureun, Nyai.. Nya geus atuh ari teu karieng mah shalat magribna di imah bae,” cek Mang Wardi bari tuluy manehna asup ka kamer nyokot sarung jeung kopeah rek indit ka masjid.
“Bapa mangkat ka tajug heula nya..” Cek Mang Wardi bari indit.
“Muhun, bapa..” jawab Nyi Rukmini.
Teuing naon sababna harita Nyi Rukmini siga anu bener bener boga firasat goreng. Dadana asa seseblakan bae, fikiran angkurawut. Beungeut indungna anu geus tilar dunya asa katempo kokolebatan bae.
“Beu.. Kunaon atuh aing the nya.. Asa beda ti sasari.. Ieu hate asa seseblakan bae.. Asa bakal aya kajadian nu teu hade..” gerentes hate Nyi Rukmini.
Keur kitu, Golombrang..! sada seeng di dapur ragrag. Jung Nyi Rukmini nangtung tuluy indit ka dapur ditempoan. Tapi seeng masih keneh aya dina tempatna.
“Aneh.. Jelas kadenge sora nu ngagolombrang siga seeng.. Tapi teu aya nanaon..”
Nyi Rukmini ngahuleng. Manehna inget tacan solat magrib. Tapi rek solat teh asa hoream pisan. Nyi Rukmini ka hareup deui tuluy diuk dina palupuh di tempat anu tadi. Leng manehna ngalamun deui. Cag urang tunda deui.
Kocapkeun deui si Jarot saparakanca. Maranehna geus nyarumput di hiji rungkun rada jauh di beulah kuloneun tajug bari ngarawaskeun ka jalan anu biasa dilewatan ku Nyi Rukmini lamun rek indit ka tajug. Tapi geus lila diawaskeun Nyi Rukmini tacan keneh katempo liwat.
“Urang kudu mastikeun heula, naha si Rukmini poe ieu ka tajug ta teueu..” Cek Si Jarot haharewosan.
“Kumaha mastikeun na, kaka..? Lamun kuring indit kaditu pasti dicuriga..” jawab si Bungkreung.
“Boloho siah.. Dewek teu nitah ilaing kaditu..” bentak si Jarot.
“Tuluy kuamah atuh, kakak?” Tanya si Bungkreung deui.
“Fikiran ku nyaneh.. Kumaha carana.. Sabab dewek geh teu nyaho,” cek si Jarot.
Atuh huleng si Bungkreung ngahuleng. Leungeun na nempel kana tarang tandaning keur mikir. Si Jarot nanya deui.”Kumaha? Geus kafikir acan?”
Si Bungkreung gogodeg “Acan, kakak..”
Si Jarot molotot “Belegug siah..”
“Ari ku kakak geus kafikir acan?” Si Bungkreung malik nanya.
“Acan.. Ku dewek geh can kafikir,” Jawab si Jarot.
“Atuh ari kitu mah sarua, kakak.. kakak geh..” Si Bungkreung teu nuluykeun omongan na.
“Sarua naon siah? Rek ngomong aing belegug..” Si Jarot ambek dampal leungeun na geus meber rek dipake nampiling si Bungkreung.
Tapi samemeh prak, kaburu si Gondel noel bari ngaharewos. “Sstt.. Ulah ribut, kakak..” leungeun na nunjuk ka jalan “Tuh tempo.. siga si wardi keur leumpang.
Atuh si Jarot jeung si Bungkreung curinghak. Kabehan na malencrong ka palebah jalan. Barang breh teh enya.. Mang Wardi katempo keur leumpang sorangan.
“Heueuh bener si Wardi.. Naha sorangan bae heueuh..?” Cek Si Jarot haharewosan.
“Atuh, kakak.. Mana kitu geh si Rukmini mah meureun teu ka tajug.. Keur aya halangan sig ana mah..” Cek si Bungkreung.
“Heuheuh bener.. Lamun kitu ieu kasempetan alus.. Cuang jorag bae ka imahna..” Cek Si Jarot. Nu sejen na satuju. Tuluy tiluanana keketeyepan ninggalkeun deui tempat eta.
Teu kungsi lila, Si Jarot saparakanca geus aya di tukangeun imah Nyi Rukmini. Terus si Jarot marentah ka si Bungkreung supaya noong ka jero imah. Si Bungkreung teu talangke, keketeyepan ka pipir imah tuluy noong kana sela sela bilik. Barang breh katempo Nyi Rukmini keur ngadaweung sorangan. Atuh si Bungkreung bungaheun. Tapi ku bungah bungahna teu sadar manehna kalah nyorowok,
“Kakak.. Aya..!” Ceunah.
Ngadenge si Bungkreung nyoroewok kitu, Si Jarot jeung si Gondel ambek. Tapi saking ambekna si Jarot geh jadi teu sadar, nyentak deui tarik ka si Bungkreung. “Goblog siah.. Make ngagorowok sagala.. Pibahayaeun bae..” Cek si Jarot tarik.
Atuh si Gondel jadi malik seueul ka si Jarot. Geuwat geuwat manehna ngabekem sungut si Jarot bari ngaharewos. “Cicing kaka geh.. Sarua bae belegugna jeung si Bungkreun.. Cicing ulah ngagorowok,” cek si Gondel.
Si Jarot ambek. Nafasna karasa eungap sabab si Gondel teh lain bae saukur ngabekem sungutna, tapi liang irung nag eh katutup. Atuh si Jarot teu bisa nafas. Saking ambek jeung eungapna, jlig dampal suku si Jarot nenjrag dampal suku na si Gondel. Atuh si Gondel geh ngagoak deui bae.
“Adow..! Nyeri, kakak..” Cek si Gondel bari ngaleupaskeun leungeun na tina sungut si Jarot, tuluy ajrag ajragan bare nyekelan suku.
Ari Nyi Rukmini basa ngadenge sora anu ngagorowok teh manehna oga kaget. Jung nangtung, keteyep keteyep leumpang nyokot popongkol tuluy muka panto lalaunan kaluar.
Geus aya di luar ulak ilik neangan jalma anu ngagorowok. “Saha eta..?” cek Nyi Rukmini, bari panon na terus luak lieuk.
“He.. he.. Nyai kaluar oge.. Ieu mah akang, Nyai.. Kang Bungkreung..,” Cek si Bungkreung, bari norojol nyampeurkeun ka Nyi Rukmini.
Nyi Rukmini mencrong ka si Bungkreung heran, “Aya naon?” ari si Bungkreung kalah buluham belehem bari terus ngadeukeutan Nyi Rukmini
“Teu aya nanaon, Nyai.. Ngan hoyong pendak bae sareng nu geulis,” jawab si Bungkreung, bari gumasep.
Sabot si Bungkreung ngadeukeutan Nyi Rukmini, si Jarot jeung si Gondel nguliwed. Ngendek sakeudeung geus aya di satukangeun Nyi Rukmini bari jeung teu kanyahoan. Tuluy gep, si Jarot ngabekem sungut Nyi Rukmini. Ari si Bungkreung buru buru newak sukuna.
Nyi Rukmini tangtuna bae kaget,sukuna totojer. Bek..! Bobogaan si Bungkreung ka tajong. Goak..! Si Bungkreung ngagoak. Sabot kitu, Nyi Rukmini oge ngegel kana leungeun si Jarot nu keur ngabekem sungutna.
Atuh si Jarot geh ngagoak, kekerempengan. Leungeun na dileupaskeun. Nyi Rukmini nyorowok tulung tulungan.
Nempo kaayaan kitu, si Gondel jadi sasah. Sieun jalma jalma daratangan. Sret ngaluarkeun bedog. Bless..! tonggong Nyi Rukmni ditojos. Jerit..! Nyi Rukmini ngajerit. Awakna baloboran ku getih. Leketey, Gubrag, Nyi Rukmini ngagubrag.
Si Jarot saparakanca beuki sasaha. Tuluy si Jarot mere komando supaya kabur. Berengbeng tiluan nana kalabur.
Ari Nyi Rukmini awakna ngagoler mandi getih. Panon na molotot sungutna calangap. Teu lila, cekleuk Nyi Rukmini ngaleupaskeun nyawa.
Aneh dina kaayaan kitu, ujug ujug angin ngagelebug lilimbungan. Layon Nyi Rukmini kasapu hiber kabawa angin. Terus katempo muter di jomantara. Teu lila les teu katempo deui.
Nyambung ka eps 3
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Komentar
Posting Komentar