Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririrwa bagian ka 1

 Karangan Kang Abun Burhanudin

Caturkeun di hiji lembur nu singkur, anu dikuliling ku pasir anu luhur, nu katelahna lembur Cipulur. Harita kaayaan isuk isuk jalma jalma geus pada pada sibuk, nu sawah ka kebon, jeung tempat tempat pagawean sejena.

Panon poe geus moncorong ti beulah wetan nyaangan sakuliah madhab, dipapagkeun ku sora sora manuk jeung ingon ingon sejen na.

Di eta lembur aya hiji imah, anu katempo minculak ti imah imah sejen na. imah gedong sigrong, anu dipapaes ku taman kekembangan jeung tatangkalan anu ngahasilkeun. Ari anu boga imahna ngarana Bah Sura, boga pamajikan katelah Ambu Suri, jalma anu pangbeunghar na di eta lemburmah. Ngan hanjakal pakaya Bah Sura teh katelah pisan ladang tina usahana nginjeum nginjeumkeun duit alias tukang renten. Ari bahasa n amah nulungan ka nu butuh ceunah. Tapi mun aya jalma nu teu bisa mayar, nya jalmana disiksa, nya imah atawa tanahna dijabel. 

Harita isuk isuk keneh ogeh Bah Sura jeung Ambu Suri, geus kadenge ngitungan jalma jalma anu masih keneh boga tunggakan ka maranehna

“ Tah tah, Abah.. Lumayan yeuh.. Aya jang jabeleun poe ieu,” Cek Ambu Suri, bari panona mah terus ngilengan catetan anu aya dina kertas.

Jadi pikeun maranehna mah, mun aya jalma anu teu bisa mayar hutang teh kalah bungah. Sabab bakal jadi kauntungan gede, ceunah. Aya lesan pikeun ngajabel pakayana.

Bah Sura anu keur jongjon ngetrekan manuk karesepna ngadadak curinghak. Ret ngareret ka Ambu Suri terus pok ngomong.

“Saha eta teh, Ambu?,” Cek Bah Sura.

“Si Wardi, Bah.. Geus tilu kali panen manehna teu bayar. Boro boro mere bunga, jinis na geh can can saperak perak acan”

Bah Sura rada ngahuleng ngadenge ngaran Mang Wardi mah. Ari Ambu Suri nyaho Bah Sura cicing teu nembal jadi ngarasa heran.

“Kunaon, Bah.. jadi ngahuleung kitu? Biasana Abah sok langsung bungah lamun aya jalan ngajabel tanah batur teh? Ambu Suri nanya, bari neuteup ka Bah Sura meni teleb.

“Teu kunanaon Abah mah. Ngan Abah bingung, naon nu kudu dijabelna ti Si Wardi.. Manehna mah saukur boga imah bae nu ngan sagede pelok,” jawab Bah Sura, rada teu daria.

“Ah paduli teuing, abah.. Jabel bae sakitu geh, lumayan,” Cek Ambu Suri tegas.

Bah Sura ngahuleng sakeudeung. Tapi kulantaran embung patelak omongan jeung pamajikanna, akhirna manehna pok ngomong. “Nya atuh ku abah rek didatangan ka imahna ayeuna keneh..”

“Enya Abah.. Jug sampeur kaditu meungpeung isuk keneh,” tembal Ambu Suri.

Bah Sura teu ngomong deui. Jung nangtung, sup ka jero imah. Ari Ambu Suri jongjon keneh ngilengan kertas catetan.

Teu kungsi lila, Bah Sura geus kaluar deui. Geus saged dangdan meni ginding pisan, nyeleber kaambeu bau minyak seungit, make totopong, jeung make kacamata hideung sagala. Ari na baju ngadaplok arloji. Siga bae tuan besar di zaman walanda mah.

“Abah rek indit heula, Ambu.. Dungakeun sing hasil,” Bah Sura pamit heula ka pamajikan na.

Ambu Suri anu keur anteng ngilengan kertas ngareret ka Bah Sura. Barang nembo Bah Sura dangdanan na kitu, meni ngehkey nyeungserikeun.

“Abah.. Abah.. Rek nagih ta rek kondangan.. Eta dangdanan meni kitu kitu teuing,” Cek Ambu Suri bari terus ngehkey.

“Jih ari Ambu.. Ulah kuno teuing hirup teh.. Yeuh ari urang teh pan geus katelah jalma pangbeungharna di lembur ieu teh.. Atuh ari papakean teh kudu sesuai cek budak ngora geh. Supaya berwibawa ceunah,” Cek Bah Sura, bari kot nyokot iteuna tuluy jrut indit.

Ari Ambu Suri terus bae ngehkey seusuerian bari neuteup Bah Sura indit. Tapi lila lila mah ujug ujug rey paromana robah jadi siga nu ambek.

“Beu..! Aing jadi curiga.. Pan tara biasana si Abah dangdan ginding kawas kitu..” Cek hati Ambu Suri. Tuluy ngahuleng, keur kitu karek inget yeun Mang Wardi teh boga anak parawan ngarana Nyi Rukmini, anu kawentar geulis di ieu lembur mah. 

Inget kana hal eta, heab hate Ambu Suri ngadadak jadi ngaheab panas. “Hhm.. Dasar akia ki teu uyahan. Rupana rek nyoba nyoba nyelowedor ti kami.. Awas siah.. Dituturkeun ku aing mah, Abah..” cek Ambu Suri bari kekerot.

Ambu Suri buru buru nilepkeun kertas catetan, tuluy diasupkeun kana jero kutang. Jung nangtung, jrut turun, tuluy indit. Saking ku ambek jeung seueulna, Ambu Suri sampe poho make sendal geh ngan sabeulah.

Ambu Suri terus ngagedig, rek ngudah Bah Sura. Di jalan manehna kaperegok jeung barudak anu keur arulin ulinan. Barang ningali Ambu ngan make sendal sabeulah, atuh ku barudak teh disangsareurikeun bari jeung dilelewe. Tangtuna bae Ambu Suri nu keur ambek kalah ka beuki tambah seueul. Haok nyarekan ka barudak. Ari ku barudak malah beuki dilelewe. Ambu Suri beuki seueul bae. Kot nyokot batu. Belewer belewer dipake maledog barudak. Barudak lalumpatan. Ari ku Ambu Suri tuluy ditenggoran teu eureun eureun.

Dasar ari keur sial, beuki tambah sial bae. Salah sahiji batu nu dialungkeun ku Ambu Suri malah meneran nele ka hiji jalma anu keur leumpang rek ka sawah. Pas meneran kana tarangna pisan. Atuh eta jalma ngagorowok kaget.

Barang kanyahoan yeun Ambu Suri nu nenggorna, eta jalma langsung ambek. Sreet mesat medog diacungkeun bari ngagorowok nyarekan Ambu Suri. Atuh Ambu Suri reuwas sieuneun. Beretek lumpat. Ari jalman nu tadi teu cicingeun. Tuluy ngudag ngudag Ambu Suri bari ngacung ngacung bedog.

Ambu Suri terus lumpat teu sirikna notog notogkeun maneh bari tulung tulungan. Di tukangeun na, jalma lalaki tadi terus ngudag ngudag bari gogorowokan ngancam, sigana salagi Ambu Suri can beunang mah eta jalma teh tacan

ngarasa puas. Ngan Ambu Suri teh memang linghas. Diudag ka kulon lumpat ka kidul, diudag ka kidul lumpat ka wetan. Akhirna bras asup ka kebon nu teu kaurus, pinuh ku rungkun. Ambu Suri buru buru nguliwed nyumput di hiji rungkun. Ari jalma lalaki tadi teu katempo ngudag deui. Ambu Suri rada ngarasa aman, katempo renghap ranjug, dada na turun naek, bakating ku cape jeung sieun. Jantungna seseblakan, sieun kanyahoan ku jalma nu tadi.

 "Dasar apes. Make ngalaman diudag sagala ku jalma gelo, " cek gerentes hate Ambu Suri gugulunuk.

Ari jalma lalaki nu tadi sarua manehna geh keur gugulunuk sabab leungiteun tapak Ambu Suri. "Jadol teh.. Lumpat kandi tah

manusa teh.. Mun kapanggih dikekeyek tah ku aing tuman.." cek eta jelma bari terus luak lieuk ngawaskeun kaunggal tempat.

Barang keur kitu katempo aya rungkun di beulah kaler oyag oyagan. Eta rungkun terus dipencrong disidik sidik. Breh katempo disela sela rungkun siga aya jalma nu keur nyumput. Eta jalma langsung ngarasa yakin nu keur nyumput teh pasti Ambu Suri. Nyeh eta jalma seuri. "Dasar boloho.. Teu burung kapanggih oge.. Keun ku aing diantep heul," eta jalma terus indit, pura pura na mah rek balik. Anu padahal manehna teh nyumput di rungkun anu sejen na ngawaskeun ka palebah panyumputan Ambu Suri.

Nempo jalma nu tadi ngudag ngudag manehna indit, Ambu Suri ngarasa ngemplong. " tuh.. Indit oge ayeunamah si nurustunjung teh. Aman ayeuna mah.." cek gerentes na. Jung Ambu Suri nangtung kaluar ti panyumputan na. Tuluy leumpang tapi rada keketeyepan sieun jalma nu tadi masih keneh aya di dinya. Barang keur jongjon leumpang, ujug ujug jleg di hareupeun manehna geus nangtung jalma lalaki anu ngudag ngudag tadi. "Lakadalah.. ! Beunang siah ayeuna mah.. " cek eta jalma bari nyerengeh.

Atuh Ambu Suri reuwas undur unduran. " Ampun, mang.. Ampun.. Kuring ulah dinanaha, mang.. ampun," cek Ambu Suri ampun ampunan.

"Teu.. Teu bisa..! Maneh geh ari nagih kaa jalma nu boga hutang sok telenges teu boga ras rasan. Tah ayeuna maneh boga hutang ka dewek.. Ku kami rek ditagih ayeuna," cek eta jalma bari molotot.

Ambu Suri ngahuleng. Bari jeung sieun geh manehna ngawani wani ngomong, "A.. Ampun, Mang.. Hutang naon? Rarasaan mah teu boga hutang nanaon ka si Mamang teh kami mah.." cek Ambu Suri, bari ngageter sieun.

Eta lalaki ngembrehkeun tarangna anu nongnong kusabab katenggor ku Ambu Suri tadi. " tah ari ieu ku saha tarang kami jadi bancunur kieu. Hutang duit bayar duit.. Hutang nyawa bayar nyawa. Ayeuna tarang kami bancunur.. Ku maneh kudu dibayar.. Hulu maneh rek dijabel ku kami.. Lain kebiasaan maneh geh sok ngajabel imah lamun nu boga hutang ka maneh teu bisa bayar," cek eta jalma bari mesat bodoh, terus diamang amang pake nyingsieunan Ambu Suri.

Atuh nempo kitu mah Ambu Suri geh beuki sasah bae. Matana bolotot sungutna calangap. Ambu Suri undur unduran, ku jalma nu tadi terus disedekeun bari diamang amang bedog. Ambu Suri terus mundur, teu apal ditukangeun na teh aya lombang. Teu karasa sukuna nincek lombang. Kolesah Ambu Suri ti kolesah. Gebrus tigebrus.. " Tuluuuung..!" ambu Suri menta tulung reuwas. Breh katempo nyangkorah dina lombang nu ledok ku leutak.

Barakatak.. Jalma lalaki nu tadi seuseurian. "Lebok tah siah.." cek eta lalaki bari tuluy indit ninggalkeun Amu Suri anu ekeur nyangkorah. Cag urang tunda heula.


Kocapkeun Bah Sura anu basa tadi indit ka imah Mang Wardi, rek nagih tea. Leumpangna ngagedig bari jeung dangah. Mun aya jalma nu pasarandog nanya, manehna ngan saukur neuteup, beungeutna haseum teu seuri seuri acan.

Tapi jalma jalma geus parahi apal kumaha sifatna Bah Sura, jadi teu dipake nyeri hate.

Sajajalan Bah Sura galecok dina hatena. Sihoreng manehna sumanget indit ka imah Mang Wardi teh lain rek nagih nagih teuing. Tapi ari niat anu sabenerna mah nya manehna teh boga hate hayang mileuleuheungkeun Nyi Rukmini. Geus lila ari boga paniatan kitu na mah, ngan can pernah kedal. 

Bah Sura boga fikiran rek make dua cara kahiji make cara anu hade, mun ku cara hade teu beunang keneh, rek make cara jalan kasar.

"Nya bener kitu.. Mun ku cara hade teu beunang keneh, rek diancam ku aing bapana," kitu cek gerentes hate Bah Sura. Katempo manehna surungah serengeh sorangan.

Bah Sura terus leumpang deui. Ari fikiran na terus kumalayang mikir mikir piomongeun engke lamun geus aya di imah Mang Wardi. Lantaran leumpang bari malaweung, teu sadar sukuna tijalikeuh nginjek kaleng anu ngagoler di jalan. Atuh Bah Sura totolonjongan. Jedak neunggar tangkal. Goak Bah Sura ngagoak. "Jadol siah.. Dasar kaleng teu boga uteuk ngadon ngajedog di tengah jalan," 

Bah Sura ambek. Bet siga bolon, kaleng nu tadi katajong ku manehna ditendang deui. Cleng kaleng ngacleng. Kalayang kaleng katempo ngalayang, Beek.. Meneran pisan keuna kana hulu sakadang anjing anu keur neangan hakaneun. Gaiik.. Anjing ngagaik. Lieuk anjing ngalieuk ka Bah Sura. Eta anjing siga nu ngarti ambek. Ngagogogan Bah Sura, tuluy ngudag.

Atuh Bah Sura kaget jeung soak. Berengbeng lumpat, saka lumpat lampet, meni ti notog notogkeun maneh, sababaraha kali labuh tigulitik, jung hudang deui. Tuluy ngaberengbeng deui. Baju nu nang dangdan ginding katempo bobolokot.

Bah Sura masih keneh terus lumpat. Ari anjing duka kamana teu katempo deui. Srog akhirna Bah Sura anjog ka hareupeun imah Mang Wardi. Reg eureun. Nafasna ngahegak bakating ku cape. Matana bolotot, beungeut beureum, awakna mandi kesang. "Mang Wardi..! Mang Wardi..!," Bah Sura nyalukan Mang Wardi, geus teu pake uluk salam deui.

Mang Wardi anu keur aya di tukang jeung Nyi Rukmini kaget, duanana geh apal kana sora Bah Sura. "Sada aya suanten Bah Sura, bapa," Cek Nyi Rukmini ka Mang Wardi, paroman na reuwas.

" Enya, Nyai.. siga na mah rek nagih meureun.. Bapa memang rumasa geus tilu kali panen can bisa bayar pisan. Nyai geh apal, rusak bae tatanen teh," cek Mang Wardi rumahuh.

" Teras kumaha atuh, Bapa ari kieu? Da panginten pasti ambek, Bah Sura teh, " cek Nyi Rukmini deui.

Can geh Mang Wardi ngajawab omongan Nyi Rukmini geus kadenge deui Bah Sura ngageroan. Atuh jung Mang Wardi nangtung tuluy Indit rek nemonan Bah Sura, bari jeung hate na mah seseblakan bingung ku pijawabeun ka Bah Sura, lamun manehna bener nagih hutang.

Teu lila, Mang Wardi geus aya di luar. Katempo kaayan Bah Sura anu beungeut beureum, mata bolotot, nafas ngahegak. Katempo siga bae jalma nu keur ambek, anu padahal manehna kitu teh bakating ku cape sabab tadi sieun diudag udag ku anjing.

Atuh nempo kitu Mang Wardi beuki rerempodan bae. “Ma manga, Bah.. Ka kalebet..” cek Mang Wardi bari gugup jeung sieun.

Bah Sura anu bener bener ngarasa cape, teu nembal deui. Terus naek kana golodog, muka panto ku sorangan, blus asup ka imah Mang Wardi.

Nempo tingkah polah Bah Sura kitu, Mang Wardi beuki deg degan bae. Manehna geus beuki nyangka bae, Bah Sura the rek nagih. Tapi Mang Wardi tetep neger neger maneh. Tuluy manehna geh asup ka jero, gek diuk hareupeun Bah Sura. 


Dilajeng ka Eps salajengna

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng