Postingan

Naskah Dongeng Sunda

 Kaduhung Beunghar Bagian Ka 1 Kacaturkeun di hiji tempat anu kacida legana, sampe satungtung deuleu teu aya batesna. Kaayaan meni kacida panas moreretna, langit depek, panon poe aya tujuh siki, ari lemahna siga anu dijieun tina parak, anu nimbulkeun oge hawa panas anu luar biasa. Di sakuliling eta tempat, katempo jalma jalma keur ngagimbung, kabehan na bulucun, euweuh nu make baju saurang urang acan. Sora saheng, meni kadenge pating garoak pating jarerit, lantaran teu kuat nahan kana hawa panasna. Malah saking ku panas panasna, sampe sampe kesang kesang jama anu aya di dinya meni pinuh, nepi ka ngeueum maranehna sorangan. Teu jauh ti eta aya sabagian oge jalma anu sarua oge keur ngarumpul, ngantri nunggu panggilan hiji sidang. Di tempat eta mah beda jeung tempat anu samemehna. Jalma jalma anu aya di dieu mah ketempo tentrem ayem, teu ngarasakeun panas saeutik eutik acan, lantaran di saluhureun maranehna dipayungan ku mega hideung, jeung angin anu ngahilwir anu ngalantarankeun hawa...

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng

 Bubukaning carita, kaayaan isuk isuk di hiji lembur anu singkur anu dilingkung ku gunung gunung, kahapit ku pasir pasir anu luhur, anu katelah lembur cihaur, harita hawa  meni tiis nyecep, tapi karasana matak seger. Angin leutik ngahiliwir nyogagkeun dangdaunan anu hejo ngemplok siga ngawarnaan sabudeureun eta pilemburan, katempo hegar jeung pikabetaheun.  Sora manuk rarecet, haliber nareangan kadaharanana meni patingkeleper paudag udag jeung pada baturna, dialokan ku sora sato sato ingon ingon jalma lembur, sora embe kadenge patingberele, sora bebek, sora hayam, jeung sajabana jeung sajabana. Teu eleh ku sasatoan, jalma jalma urang lemburna oge geus mimiti loba nu arindit rek ka tempat pagawean na masing masing. Aya nu ka sawah, ka kebon, ka pasir, malah loba oge nu arindit ka pasar anu pernahna di hiji dayeuh, anu teu pati jauh ti eta pilemburan. Kadenge ora sora barudak anu rame gagaronjakan bari paudag udag ulin ulinan jeung sapada baturna bari saleuseurian, tapi tun...

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 26

Ayeuna urang balik deui nyaritakeun Bah Sura geus hasil meunang duit tina ngajual deui sawahna ka Juragan Somad, tapi di perjalanan malah kabengbat hayang ngagandakeun duitna ka Koh Santong, tukang sulap, urang Tiong Hoa Tea. “Kumaha, Koh.. Bisa teu duit kuring digandakeun supaya jadi sababaraha kali tikel,” cek Bah Sura kadenge ngomong deui ka Koh Santong. “Hayaa.. Itu duit Abah Biko Boloho ada berapa?,” tanya si Koh Santong bari teu weleh bari nyerengeh. Bah Sura ngalieuk ka jalma nu tadi nganteur manehna, “Ngomong naon eta Koh Samtong teh?” tanya Bah Sura. “Cek Koh Samtong, Abah boga duit sabaraha, ceunah,” tembal jalma nu nganteur tadi. Bah Sura ngahuleng mikir heula, “Kudu kumaha ieuh.. Langsung bae kabeh, ta mending coba coba saparo bae heula,” gerentes Bah Sura. Nempo Bah Sura kalah ngahuleng, Koh Santong jeung jalma nu nganteur Bah Sura silih kiceupan. Tuluy kadenge Koh Santong ngomong, “Hayaaa.. Abah Biko Boloho.. Gak usah banyak mikir, haa.. Kalo was was lebih baik jangaan..,...

Dongeng Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding Bagian Ka 2

 “Aya tujuan naon ieu manusa dibawa kadieu.. Kamana si aki Kuncen na?,” tanya Ratu Banawati bari panonna mah mencrong seukeut ka si Karyadi. Sedengkeun si Karyadi na katempo puluhak polohok siga anu paeh fikir. Sorot matana katempo kosong.  “Pangapunten kaulanun, Kanjeng Ratu.. Ieu manusa teu sapertos nu biasa nu ngahaja dongkap ka dieu kulantaran hayang kabeungharan,” tembal gulang gulang anu ngagiringkeun si Karyadi ngahadep ka Ratu Banawati. “Ari kitu naha make disanghareupkeun ka kawula..?,” tanya Ratu Banawati deui bangun heran. “Pangapunten kawulanun, Kanjeng Ratu.. Ieu manusa parantos ngalanggar aturan bangsa urang.. Manehna asup ka ieu nagara teu menta ijin heula..,” tembal gulang gulang deui. Ratu Banawati nyureng, “Geuning bisa lolos.. Ari pagawean si Kuncara jeung Kuncari naon atuh.. Geroan duanana kadieu,” Ratu Banawati katempo rada ambek. “Sumangga, Kanjeng Ratu..,” cek gulang gulang bari cedok nyembah, tuluy manehna undur katukang kaluar deui ti eta rohangan. San...

Carita Sunda Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 25

 Ayeuna urang balik deui nyaritakeun Bah Sura geus hasil meunang duit tina ngajual deui sawahna ka Juragan Somad, tapi di perjalanan malah kabengbat hayang ngagandakeun duitna ka Koh Santong, tukang sulap, urang Tiong Hoa Tea. “Kumaha, Koh.. Bisa teu duit kuring digandakeun supaya jadi sababaraha kali tikel,” cek Bah Sura kadenge ngomong deui ka Koh Santong. “Hayaa.. Itu duit Abah Biko Boloho ada berapa?,” tanya si Koh Santong bari teu weleh bari nyerengeh. Bah Sura ngalieuk ka jalma nu tadi nganteur manehna, “Ngomong naon eta Koh Samtong teh?” tanya Bah Sura. “Cek Koh Samtong, Abah boga duit sabaraha, ceunah,” tembal jalma nu nganteur tadi. Bah Sura ngahuleng mikir heula, “Kudu kumaha ieuh.. Langsung bae kabeh, ta mending coba coba saparo bae heula,” gerentes Bah Sura. Nempo Bah Sura kalah ngahuleng, Koh Santong jeung jalma nu nganteur Bah Sura silih kiceupan. Tuluy kadenge Koh Santong ngomong, “Hayaaa.. Abah Biko Boloho.. Gak usah banyak mikir, haa.. Kalo was was lebih baik janga...

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Bubukaning carita, caturkeun kaayaan isuk isuk di hiji pilemburan anu mencil, hiji lembur anu kakurung ku gunung gunung, kakikis ku pasir pasir anu luhur. Anu katelahna Lembur Cipulus. Harita panon poe geus mimiti medal ti beulah wetan, cahayana moncorong nyaangan sakulibek eta lembur. Dipapagkeun ku recetna manuk manuk, patingkeleper paudag udag jeung pada baturna. Dialokan ku soa ingon ingon jalma lembur anu raeng patembalan. Sora embe patingberele, sora hayam kat kat kut kut, bebek wakwak wekwek, jeung sajabana jeung sajabana. Kitu deui jalma jalma lembur, teu eleh rikat ku sato sato. Dina wanci kitu maranehna geus katempo sararibuk arindit ka tempat pagawean na masing masing. Aya nu kasawah, nu ka kebon, aya oge nu angkaribung babawaan rek indit ka pasar rek ngadagangkeun hasil tatanen na. Dina kaayaan kitu, di hiji imah butut anu mencil di tungtung lembur, malah kadenge sad arame keur hog hag parasea. Kadenge pating haraok, disusul ku sora pating golombrang pating gedebrug.  S...

Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 15

 Karangan Kang Abun Burhanudin Urang tunda heula kaayaan Ambu Suri anu ngalaman nasib apes jeung apes bae, ngadon cilaka deui ku polahna sorangan, niat nyentreg Pa Rt, malah manehna sorangan nu kasentreg. Ayeuna urang caturkeun deui heula kaayaan Bah Sura, anu nasibna sarua bae jeung Ambu Suri, apes bae oge Bah Sura geh, basa ngajual sawahna ka juragan Somad, tapi harita keneh duit ladang sawahna langsung beak lantaran kudu ngagantian karugian si Emak Warung, jeung mere ganti ka Ceu Wawat kulantaran imahna jadi rusak tea. Gagara kitu, Bah Sura langsung kapiuhan. Nempo Bah Sura ngagoler teu empes empes, Tua Kampung, Pa Rt, jeung Juragan Somad, kabehan na ngarasa reuwas. Komo barang diguyah guyah ku Tua Kampung Bah Sura tetep teu sadar sadar.  “Beu.. Kumaha ieuh, Pa Rt.. Geuning teu sadar sadar.. Lamun sampe si Abah teu aya dikieuna, urang kabehan bisa ketempuhan ku urang lembur luhur..,” cek Tua Kampung ngarasa bingung. “Kumaha atuh, Pa Tua.. Kuring geh bingung.. Siga na mah si...