Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 15

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Urang tunda heula kaayaan Ambu Suri anu ngalaman nasib apes jeung apes bae, ngadon cilaka deui ku polahna sorangan, niat nyentreg Pa Rt, malah manehna sorangan nu kasentreg.

Ayeuna urang caturkeun deui heula kaayaan Bah Sura, anu nasibna sarua bae jeung Ambu Suri, apes bae oge Bah Sura geh, basa ngajual sawahna ka juragan Somad, tapi harita keneh duit ladang sawahna langsung beak lantaran kudu ngagantian karugian si Emak Warung, jeung mere ganti ka Ceu Wawat kulantaran imahna jadi rusak tea. Gagara kitu, Bah Sura langsung kapiuhan.

Nempo Bah Sura ngagoler teu empes empes, Tua Kampung, Pa Rt, jeung Juragan Somad, kabehan na ngarasa reuwas. Komo barang diguyah guyah ku Tua Kampung Bah Sura tetep teu sadar sadar. 

“Beu.. Kumaha ieuh, Pa Rt.. Geuning teu sadar sadar.. Lamun sampe si Abah teu aya dikieuna, urang kabehan bisa ketempuhan ku urang lembur luhur..,” cek Tua Kampung ngarasa bingung.

“Kumaha atuh, Pa Tua.. Kuring geh bingung.. Siga na mah si Abah teh kaleleban lantaran duit ladang ngajual sawah na ngan saukur liwat bae dina leungeun na.. Sedengkeun pan cek pa Tua geh si Abah teh di lemburna keur meunang karerepet.. Imahna kaduruk bojo na ninggal.. Pan eta teh kudu ngaluarkeun biaya gede.. Karunya ari kitu na mah kuring geh,” tembal pa RT.

Ari juragan Somad ngan saukur cicing bae. Panon na terus mencrong ka Bah Sura anu masih keneh kapiuhan. Tuluy Juragan Somad nyepeng kana palebah peupeuteuyan Bah Sura, sohoreng masih keneh karasa kekenyudan.

“Ieu mah ngan saukur kapiuhan.. Cing kuring menta cai haneut sagelas.. Rek nyobaan ku kuring diparancahan, sugan bae sadar..,” cek Juragan Somad.

“Mangga, juragan..,” cek Tua Kampung, bari tuluy manehna indit ka tukang. Teu lila geus torojol deui bari mawa acai haneut sagelas. Sor dibikeun ka juragan Somad.

“Ieu mangga, juragan.. cai haneutna..,” cek Tua Kampung bari mikeun cai.

Ku Juragan Somad ditarima. Satuluyna katempo diparancahan. Sanggeus beres, eta cai dipake kekemu ku juragan Somad. Terus sebrot, disebrotkeun ka Bah Sura.

Ari Bah Sura, sabenerna mah geus sadar. Ngan manehna embuh hudang, lantaran seueul jeung ambek, duit sakitu kituna ladang tanah kudu beak harita keneh. Bah Sura ngahaja pura pura kapiuhan kitu, bari mikir kumaha carana bisa meunang tambahan duit ti juragan Somad, jang bawaaeun ka imah, lantaran rek dipake biaya tahlilan Ambu Suri tea, anu disangka geus maot ku kabehan geh.

Barang beungeutna disebrot ku Juragan Somad, Bah Sura seueul kabina bina, rek hudang teu rajeun lantaran sirahna beurat ku pusing tea. Bah Sura ngan saukur gugulunuk dina hatena.

“Haram jadol teh.. Lain aing ditambahan duit, kalah disebrot ku cai,” cek gerentes Bah Sura.

“Teu sadar keneh, Pa Tua.. Tos diparancahan ge.. Kudu kumaha nya..,” cek Juragan Somad, bingung.

Atuh Tua Kampung jeung Pa Rt geh beuki bingung. Kabehan na ting haruleng. Ari Si Emak Warung jeung Ceu Wawat silih reret. Aya ngarasa salah oge duanana geh, lantaran Bah Sura jadi kapiuhan kitu teh gara gara manehna.

“Kumaha ieuh, Ceu Wawat.. Lamun sampe Bah Sura ninggal, pan meureun gara gara urang.. Kumaha lamun engkena ngajungjurigan..,” cek si Emak Warung haharewosan ka Ceu Wawat.

“Puguh kuring geh pusing, Mak Inah.. Tapi mangkara duitna kudu dibalikeun deui mah.. Pan kuring geh butuh jang menerkeun imah,” tembal Ceu Wawat, bari manehna mencrong terus ka Bah Sura. 

Keur kitu, Ceu Wawat teu kahaja nempo panon Bah Sura anu siga kekeureuceuman peureum hayam. Ceu Wawat anu tadina ngarasa karunya, jadi seueul campur kagugu. Tuluy manehna haharewosan deui ka si Emak warung.

“Dasar aki aki tujuh mulud.. Sihoreng Bah Sura teh ngan pura pura bae kapiuhan teh, Mak Inah..” cek Ceu Wawat haharewosan.

“Nu bener..?,” tanya si Emak Warung.

“Bener.. Ku kuring katempo panon na peureum hayam.. Keun cuang digawean..,” tembal Ceu Wawat. Duanana masih keneh haharewosan.

Satuluyna Ceu Wawat ngomong ka Tua Kampung, jeung ka Pa Rt. “Pa Tua, Pa Rt, oge juragan.. Pami diijinan abdi tiasa nyadarkeun Abah Sura.. Kapungkur abdi kantos diajaran ku pun aki ngubaran anu kapiuhan,” cek Ceu Wawat.

“Jih atuh Syukur ari Ceu Wawat bisa ngubaran mah.. Sok geura sadarkeun Bah Sura na.. Karunya..,” Tembal Tua Kampung.

“Oh muhun atuh.. Sakedap abdi bade milarian heula kanggo ngalandongan na..,” cek Ceu Wawat.

Teu nunggu jawaban, tuluy Ceu Wawat indit kaluar. Sanggeus aya di luar, Ceu Wawat katempo nu culang cileung siga aya nu diteangan. Ret ka palebah tangkal cengkeh, breh aya saya sayang odeng ngagantung dina dahan.

Nyeh Ceu Wawat seuri. “Keun siah moal kapalang.. Digawean siah ku aing..,” cek gerentes Ceu Wawat.

Ceu Wawat luak lieuk deui. Teu jauh ti manehna katempo aya karung goni ngagoler. Kot ku Ceu Wawat dicokot. Dasar Ceu Wawat, masih awewe geh memang manehna mah wanian. Terekel manehna naek kana tangkal cengkeh. Teu lila anjog kana dahan anu aya sayang odengna, eta sayang Odeng dirungkup ku karung goni, tuluy ret tungtungna dipintel pintel ditalikeun. Sanggeus sayang odeng beunang, buru buru manehna turun. Tuluy leumpang deui asup ka imah Tua Kampung bari ulungah elengeh sorangan.

Teu lila, Ceu Wawat geus aya deui di jero imah Tua Kampung. Tua Kampung jeung nu sejen na heran nempo Ceu Wawat mamawa karung goni. 

“Eta naon dina karung goni, Ceu Wawat..?,” tanya Tua Kampung.

“Ubar kanggo nyadarkeun Abah Sura, Pa Tua..,” tembal Ceu Wawat, ulungah elengeh bari leumpang rek ngadeukeutan Bah Sura anu siga masih keneh ngagoler teu empes empes.

Ngan sial, barang geus deukut ka Bah Sura, suku Ceu Wawat kalah titajong kana suku si Emak Warung nu keur nyanghunjar.  Ceu Wawat totolonjongan labuh. Ari karung goni nu keur dicekelna lesot. Atuh tina jero karung rabeng kalaluaran odeng, langsung ting harieng nyalamberan ka Tua Kampung, Pa Rt, Juragan Somad, si Emak warung, malah mah ka ceu Wawatna sorangan.

Atuh kabehan na reuwas, rariweuh, pak pik pek, narepakan engang, jeletot ti ditu jeletot ti dieu. “Aduuuh.. Nanaonan ari Ceu Wawat, kalakuan teh kos bolon bae ngadon mamawa sayang engang kajero..,” cek Tua Kampung bari leungeun na pakupis.

“Enya.. Aduh kalah nyalamberan kieu..,” cek Pa Rt.

Beuki lila beuki riweuh. Akhirna mah beretek kabehan na kalabur kaluar. Tinggal Bah Sura sorangan anu masih keneh ngagoler. Tapi tuluy n amah manehna geh disalamberan ku Odeng. Bah Sura riweuh, soak. 

“Aduuuh.. Tuluuung.. Ieu Abah samberan ku odeng.. Tuluuung..,” Cek Bah Sura, Tuluy manehna geh buru buru hudang ngaberetek muru lawang.

Tapi barang anjog ka lawang rek kaluar, pantone langsung dijeblug keun ku Ceu Wawat ti luar, lantaran sieun odengna ngudag ka luar. Panto ditulkan ku Ceu Wawat ti luar.

Atuh Bah Sura kakerem dijero sorangan, odeng parahi nyamber, parahi nyeureud awak bah Sura. Pating jeletot ti ditu ti dieu. Kadenge Bah Sura huak hauk bari ngagedoran panto ti jero imah.

“Buka.. Pantona, buka.. Ieu tulungan abah, diguruyuk ku odeng.. Buka.. pantone.. buka..,” cek Bah Sura bari tuluy gudar gedor kana panto.

Ngan hanjakal Tua Kampung jeung nu sejen na teu geus kalabur kamana. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun heula kaayan Amran anu geus lila pisan katunda. 

Panon poe geus beuki nyedek ka beulah kulon, Amran keur aya di tempat paranti manehna ngalakukeun tirakat, nyanghareupan menyan jeung sasajen na. Katempo Amran keur diuk sila kunyam kunyem maca jangjawokan.

Teu lila, hiuk di luar saung kadenge angin ujug ujug ngagelebug, tatangkalan pating pelenod, dangdahan na loba anu pareunggasan, rangrang jeung dangdaunan rabeng katiup ku angin kabawa ka jomantara.

Rieg rieg saung anu keur dicicingan ku Amran karasa ngarieg tarik pisan. Rekeet..! Rekeet..! sora awi pating rareket. Keur kitu ngong.. aya sora tan katingalan.

“Amran.. Anak Ema.. Kunaon amanat ti emak tancan keneh dijalankeun ku hidep.. Geura teangan dulur sakembaran hidep sampe ka kapanggihna.. Lantaran Emak moal bisa tenang lamun hidep jeung dulur hidep can bisa ngahiji babarengan,” cek eta sora, dibarengan ku angin ngagelebug.

Ngadenge kitu, Amran anu tadina keur diuk sila, langsung deku, tuluy pok manehna ngomong, “Hapunten, Emak.. Sanes abdi ngalalworakeun kana amanat emak.. Tapi tugas ti ema anu kedah nagih pati ka urang lembur luhur, teu acan kalaksanakeun oge.. Paniatan abdi hoyong rengse heula hiji hiji,” tembal Amran.

“Emak ngarti.. Tapi keun soal eta mah ayeuna jadi urusan emak.. Ririwa anu ku ujang diparentahkeun pikeun nagih pati ka urang lembur luhur, katempo ku emak siga nu bakal ngabelot.. Tapi soal eta mah ku hidep teu kudu difikiran.. Eta rek langsung diurus ku emak,” cek eta sora deui.

“Nya pami kitu abdi mah bade taat bae ka Emak.. Ayeuna keneh abdi bakal turun gunung, milarian saderek sakembaran abdi..,” tembal bantar.

“Bener kitu, ujang.. Jig ayeuna keneh indit, ku emak di dungakeun sing geuwat hasil,” cek eta sora deui.

Sangges eta sora ereun ngomong, kadenge angin beuki ngajauhan. Tuly les sora angin leungit, kaayaan balik deui saperti bihara bihari.

Satuluyna Amran nangtung, kot kana buntelan leutik anu aya dina luhur kayu palangdada. Eta buntelan tuluy dibuka, sihoreng teh dijerona geulang warna koneng, aya tulisan ngaran indungna, ngaran bapana, ngaran manehna, jeung ngaran dulur sakembaran na. 

“Mudah mudahan bae dulur sakembaran aing sing gampang kapanggih,” cek gerentes Amran, tuluy eta bungkusan diasupkeun kana saku bajuna.

Geus kitu ret Amran kana wesi kuning anu nempel dina bilik, kot ku manehna dicoket, bes diasupkeun kana jero baju. Amran satuluyna leumpang ka luar. Teu rurat reret deui, tuluy manehna indit kukurubutan ninggalkeun saung panganjrekan na. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan Bah Sura saparakaaanca. Harita Tua Kampung, Pa Rt, jeung juragan somad, anu sarieun di seureud odeng, tuluy lalumpatan kabur, tapi akhirna Tua Kampung ingeteun ka Bah Sura anu disangka ku manehna masih keneh kapiuhan. Atuh reg Tua Kampung eureun di hiji tempat. Pa Rt jeung Juragan Somad geh eureun. Katempo kabehan na ngaharegak capeun.

“Aduh.. Aya aya bae kalakuan ceu wawat.. Matak picilakeun bae.. Ayeuna kamana jalmana..?,” cek Tua Kampung.

“Duka, pa Ketua.. Tadi mah aya sapengkereun urang..,” tembal pa Rt.

“Keun lamun panggih deui mah dicarekan ku kuring,” cek Tua Kampung deui.

“Lain, Pa Tua.. Kumaha itu Bah Sura.. Ditinggalkeun pan di imah, Pa Tua.. Meureun beak diseuereud engang nya..,” cek Juragan Somad, manehna geh ingeteun ka Bah Sura.

“Puguh abdi geh emut ka Bah Sura... Kumaha lamun urang balik deui ningalian Bah Sura.. Hawatos abdi mah..,” cek Tua Kampung.

“Nya hayu atuh..” tembal Juragan Somad.

Akhirna mah kabehan baralik deui ka imah Tua Kampung. Barang anjog sihoreng Bah Sura katempo keur humarurung bari diuk nyalande kana bilik, ari jandela katempo muka. Siga n amah Bah Sura tadi teh meureun luncat kabur tina jandela.

Barang nempo Tua Kampung, Pa Rt, jeung Juragan Somad, Bah Sura langsung maido. “Aduh teungteuingeun, pa Tua, Pa Rt, jeung juragan.. Kuring ditinggalkeun sorangan digurumut ku odeng.. Tuh tingali awak kuring beak tah disareureudan engang,” cek Bah Sura.

“Enya, Bah.. Hampura kuring kabehan.. Kuring geh kaburu ku soak.. Geus da nu penting mah abah geh salamet..” cek Tua Kampung.

“Kuring geh hampura, Bah..,” cek juragan Somad.

“Sarua kuring geh, Bah.. Hampura..” pa Rt ilu ngomong.

“Enya geus teu nanaon dan geus kajadian ayeuna mah..Ngan abah teh masih keneh bingung, Pa Tua, juragan, Pa Rt.. Abah teh ke peuting boga sanghareupaneun rek tahlilan si Ambu pamajikan abah.. Ari duit abah pan apal sadaya geh.. Ladang ngical sawah tos teu aya pisan.. Kumaha atuh Abah nyuhun keun bantosan deui ka juragan,” cek Bah Sura rada ngalengis.

Juragan Somad katempo ngahuleng. Kitu deui Tua Kampung jeung pa Rt. Komo maranehna mah da teu bisa kumaha kumaha. Nempo kalah ngaharuleng Bah Sura pok ngomong deui ka juragan Somad.

“Pami kieu bae atuh kumaha, juragan.. Abah kapalang lah.. aya sawah dua tempat deui bade diical bae.. Tos harga na mah samikeun bae.. teu nanaon abah mah..,” cek Bah Sura nawarkeun deui sawahna ka juragan Somad.

Juragan Somad ngahuleng keneh can nembalan. Tapi lila lila pok manehna ngomong. “Nya kuring teh karunya mah karunya ka Abah teh.. Tapi duitna can aya, Bah.. Kumaha lamun ku kuring dibayarna satempat heula.. Ke nu satempat na mah kuring menta tempo samingguan lah..,” cek Juragan Somad, manehna bangun karunyaeun pisan ka Bah Sura.

Bah Sura rada ngahuleng. Tapi da euweuh deui pilihan. Akhirna mah pok manehna nembalan. “Nya atuh sawios lah, juragan.. Nu penting mah padu aya bae kanggo bantuneun ka rompok, “ cek Bah Sura.

“Nya atuh ari Abahna kersa mah.. kaleresan ari sakitu heula mah abdi ngantongan keneh..,” tembal juragan Somad, bari tuluy manehna ngarogoh dompetna tuluy mikeun duit sababaraha lembar ka Bah Sura.

Gap ku Bah Sura ditampanan. “Haturnuhun, juragan..” cek Bah Sura bari ngasupkeun duit kana saku bajuna. 

Tuluy Bah Sura ngomong deui ka Tua Kampung jeung Pa Rt, “pa Tua, Pa Rt.. Abah hapunten nya geus ngarerepot ka sadayana.. Ayeuna sing kaburitan di jalan.. Abah pamit..,” cek Bah Sura.

“Muhun atuh, Bah.. Sami sami.. Kuring geh hapunten.. Teu tiasa nulungan ka abah anu keur kenging karerepet.. Da kumaha atuh kaayaan kuring mah da batan sakieu,” cek Tua Kampung.

“Kuring geh hampura, bah.. Kuring geh teu bisa ngabantuan ka abah..,” cek Pa Rt.

“Teu nanaon, pa Tua.. Pa Rt.. Sakieu geh kuring mah geus hatur nuhun.. Ayeuna kuring pamit heula.. Mangga ka sadayana,” cek Bah Sura bari jung nangtung.  

“Muhun atuh, Bah.. Sing atos atos di jalan,” cek tua kampung jeung nu sejen na.

Tuluy Bah Sura indit ninggalkeun eta tempat. Ku Tua Kampung jeung nu sejen na ditempokeun sampe ka lesna.

Ayeuna turukeun Bah Sura anu keur lumampah balik ka Lembur Luhur. Sajajalan Bah Sura galecok dina hatena. “Haruh.. Aya naon atuh dina awak aing teh.. hirup teh apes apes teuing.. Imah beak, sawah beak, pamajikan ngadon paeh sagala.. Nasib nasib.. Cik atuh aya rejeki rag rag ti langit jang ngagantian hart abanda aing nu ledis,” cek gerentes Bah Sura.

Keur kitu rada hareup di kajauhan katempo siga loba jalma anu keur ngarariung. Sadana ting gerendeng rame pisan. Bah Sura heran, “Aya naon itu jalma jalma ngadon ngarariung kitu,” cek gerentes Bah Sura deui.

Pas kabeneran aya saurang jalma anu kaluar tina eta riungan, paroman na katempo siga anu bungah pisan. Ku Bah Sura eta jalma ditanya.

“Aya naon itu nu ting rariung, Mang..?” tanya Bah Sura.

“Aya jalma sakti.. Namina Ko Santong.. Jalmina tiasa ngagandakeun artos.. Tina sapuluh rebu jadi dua puluh rebu.. Tina saratus rebu jadi dua ratus rebu..,” tembal eta jalma.

“Lah nu bener, Mang..?” tanya Bah Sura.

“Jiih.. Bener atuh.. Kuring mah ngabuktikeun sorangan.. tah buktina,” cek eta jalma bari ngaluarkeun duit loba pisan. Siga na mah aya kana lima ratus rebu mah.

Bah Sura olohok. “Aduh.. sihoreng bener eta jalma duitna loba.. Ah.. Eweuh salahna lamun duit ladang ti juragan Somad geh ku aing digadakeun.. Ah bener ah.. Ku aing rek digandakeun bae duitna.. itung itung ngagantian nu tadi leungit bae,” cek gerentes Bah Sura, tuluy manehna nyarita ka jalma nu tadi.

“Bener nya, Mang.. Abah geh jadi kabita.. Lamun abah geh nyobaan ngagandakeun duit.. bisa teu nya..?,” tanya Bah Sura.

Ngadenge Bah Sura rek ngagandakeun duitna, jalma anu diajak ngomongna siga anu bungaheun pisan. “Iih.. Atuh pasti bisa.. Be uku kuring dianteur,” cek eta jalma.

Bah Sura bungaheun pisan. Tuluy duanana ngagaredig indit nyampeurkeun ka nu ngarariung. 

Teu lila duanana geus anjog. Breh teh katempo ku Bah Sura aya saurang jalma Tionghoa anu keur dirariung ku jalma loba. Katempo eta jalma siga nu keur sulap. Di hareupeun na aya meja, di luhur meja ngabarak duit loba pisan. Nempo kitu Bah Sura beuki olohok.

“Tuh.. Tempo.. Bener kan..?” cek jalma nu nganteur Bah Sura.

“Enya bener.. Tapi kuring kumaha carana yeuh.. supaya kuring geh bisa iluan ngagandakeun duit kuring..” cek Bah Sura.

“Tungguan sakeudeung.. Kuring rek bebeja heula ka koh Santong na..,” cek eta jalma, bari tuluy indit teu nunggu jawaban deui.

Teu lila eta jalma katempo ku Bah Sura haharewosan ka jalma urang Tionghoa tea. Tuluy eta jalma urang Tionghoa siga nu ngalieuk terus mencrong lila ka Bah Sura. Satuluyna urang Tiong Hoa jeung jalma nu tadi laleumpang nyalampeurkeun ka Bah Sura. Teu lila maranehna pahareup hareup.

Pok jalma anu disebut Koh Santong nanya ka Bah Sura, “Hayaa.. Siapa kamu olang punya namaa..?” cek Koh Santong bari ngajak sasalaman ka Bah Sura.

Gap ku Bah Sura ditampanan, tuluy manehna ngareret ka jalma nu tadi. “Ngomong naon ceunah?,” cek bah Sura nanyakeun naon nu diomongkeun ku Koh Santong.

Jalma nu tadi tuluy mere nyaho. “Cek Koh Santong.. Saha abah teh ngaran, ceunah,” cek eta jalma.

“Oh bener bener.. Bejakeun ngaran Abah Bah Sura.. Jalma pangbeungharna di Lembur luhur kituh..,” Bah Sura nitah ka jalma nu tadi mangjawabkeun ka Koh Santong.

“Ini orang namanya Bah Sura, ko.. Orang terkaya di Lembur Luhur,” cek Eta jalma, mangjawabkeun bah Sura.

Koh Santong unggut unggutan. Tuluy pok manehna ngomong deui, “Masa kamu bilang olang kaya.. Tampangmu biko boloho..,” cek Koh Santong. 

Ngadenge eta jalma ngomong biko boloho ka manehna, Bah Sura ambek. “Goblog teh siah.. Nyebut aing biko boloho.. Hayang digablog siah ku aing..,” cek Bah Sura kalah molotot.

Tapi dipolototan kitu teh Ko Santong kalah cungar cengir. Kitu deui jalma nu nganteur Bah Sura tadi. Sarua bae maneh nag eh cungar cengir. Tapi tuluy pok jalma nu tadi ngomong ka Bah Sura.

“Ih. Sabar, bah.. Ulah ngambek..,” cek eta jalma.

“Rek teu ambek kumaha.. Aing disebut biko boloho.. Kieu kieu geh dewek teh jalma terhormat,” cek bah Sura bari beungeutna katempo beureum bakating kuambek.

“Iih.. Abah mah salah harti.. Bahasa urang jeung bahasa Koh Santong mah beda bah.. Maksud manehna ngomong ka abah biki boloho teh artina Abah gagah, abah keur ngorana kasep, ceunah..,” cek eta jalma bari nahan piseurieun.

Ari Bah sura dibejaan kitu teh percaya bae. Anu tadi ngambek teh ayeuna mah unggut unggutan bari sura seuri, liang na geh meni rebeh rebeh bae, da pajarkeun na bener, koh Santong the muji ka manehna.

“Enya baner.. bener.. Abah mah memang biko boloho..,” cek Bah Sura bari manggut manggut ka Koh Santong.

Ngadenge kitu, Koh Santong beuki ngerengeh nyeungseurikeun. Bah Sura kalah ilu seuri, da disangka ku manehna mah lain nyeungseurikeun.

“Hayaa.. Tujuan kamu olang datang ke sini mau apa..? Mau sulap kampu punya duit.. Biar jadi bablas duit kamu..?” cek koh Santong nanya, bari tetep bae katempo surungah serengeh.

Bah Sura can waka ngajawab, tapi kalah ngalieuk heula ka jalma nu tadi, nanyakeun naon anu diomongkeun ku Koh Santong. Jalma nu ditanya na langsung ngajawab.

“Cek Koh Santong abah rek nyulap duit teu supaya duit Abah Bablas..? Ari bablas teh artina loba bah..,” cek jalma nu ditanya na bari katempo rada nahan seuri.

Ngadenge kitu Bah Sura langsung semangat, bungah, tuluy ngomong ka Koh Santong. “Enya bener.. bener pisan.. Abah hayang duit abah jadi bablas,” cek bah Sura.

Ngadenge kitu, barakatak koh santong seuseurian meni nyakakak. Nempo Koh Santong ngabarakatak, bah Sura geh kalah iluan nurutan ngabarakatak lelenggakan. Maksudna mah ngahargaan Koh Santong manehna mah.


Dilajeng kana Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng