Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Bubukaning carita, caturkeun kaayaan isuk isuk di hiji pilemburan anu mencil, hiji lembur anu kakurung ku gunung gunung, kakikis ku pasir pasir anu luhur. Anu katelahna Lembur Cipulus.
Harita panon poe geus mimiti medal ti beulah wetan, cahayana moncorong nyaangan sakulibek eta lembur. Dipapagkeun ku recetna manuk manuk, patingkeleper paudag udag jeung pada baturna. Dialokan ku soa ingon ingon jalma lembur anu raeng patembalan. Sora embe patingberele, sora hayam kat kat kut kut, bebek wakwak wekwek, jeung sajabana jeung sajabana.
Kitu deui jalma jalma lembur, teu eleh rikat ku sato sato. Dina wanci kitu maranehna geus katempo sararibuk arindit ka tempat pagawean na masing masing. Aya nu kasawah, nu ka kebon, aya oge nu angkaribung babawaan rek indit ka pasar rek ngadagangkeun hasil tatanen na.
Dina kaayaan kitu, di hiji imah butut anu mencil di tungtung lembur, malah kadenge sad arame keur hog hag parasea. Kadenge pating haraok, disusul ku sora pating golombrang pating gedebrug.
Sihoreng anu keur rame hog hag teh salaki pamajikan. Nyaeta Karyadi jeung Nyi Ramlah. Pikeun tatangga tatangga na mah rame kitu teh geus teu aneh, lantaran unggal isuk oge kitu bae. Teu rame ceunah mun di imah Karyadi tiiseun teh.
Ari Karyadi jeung Nyi Ramlah sabenerna mah bisa kasebut keneh panganten anyar. Karek tilu bulan katukang maranehna dirapalan. Tapi ti mimiti kawin oge, duanana geus langsung kadenge hog hag bae. Ari pasalna mah da memang ari Karyadi mah boga sifat males nu teu katulungan. Unggal poe pagawean na ngan ukur candekul dina golodog. Ari kahayangna mah gede, hayang jadi jalma beunghar ceunah. Tapi ari pagawean mun teu ngalamun nya paling banter geh indit nguseup. Nya ari kituna mah wajar, lamun Nyi Ramlah jadi rungsing. Rudet nempo kalakuan sakali anu ewueuh gawe.
Nya ari dina rupa na mah Karyadi teh kaasup kasep. Malah lamun dibanding jeung Astrajingga mah jauh tanah ka langit kasep keneh Karyadi. Lamun ngomong loba bohong. Ku jalma lembur mah geus katelah, ngomong sarebu ngan bener hiji.
“Cik atuh, kang.. Kasadar.. Kalakuan teh robah.. Ulah kitu kitu bae.. Rek kumaha angkohna urang kahareupna,” cek Nyi Ramlah, rada leuleuy ayeuna mah ngomong na teh.
“Ah ari ngomong teh sok teu puguh.. Ti mimiti hudang geh akang robah robah kalakuan.. Sok pan katempo ku Nyai geh.. Hudang sare akang langsung sibeungeut, tuluy ngadaweung. Tuluy hudang, nangtung.. Lantrak lintrik.. Kudu kumaha deui atuh akang teh..,” Tembal Karyadi ngomongna datar. Ari paroman daria. Wajah tanpa dosa tea, meureun lamun cek budak ayeuna mah.
Ditembalan kitu, Nyi Ramlah beuki geregeteun. Leungeun na katempo ngereket, geus hayang neke bae ka salakina. Tuluy pok manehna ngomong deui.
“Lain kitu atuh maksud teh.. Usaha atuh boh naon akang teh.. Batur mah yeuh ka pamajikan teh hayang ngabungahkeun. Boro boro mere perhiasan kos batur, jang dahar geh ngandel ngandel bae ka mitoha..,” cek Nyi Ramlah.
“Tuh geus bakat ari ngeuweuhkeun ka salaki teh.. Ari Nyai teu rumasa ku akang pernah dibere anting.. Sok.. dikamanakeun ayeuna antingna..?,” Karyadi malah ngungkit ngungkit pamerena.
“Anting nanahaon barinage.. Dipake kalah ka jadi radang ceuli teh tah..,” tembal Nyi Marah.
“Nu radangna naon, Nyai..?” Tanya Karyadi.
“Ceuli atuh.. Mangkara leungeun..,” tembal Nyi Marah.
“Atuh berarti nu gorengna ceuli Nyai.. Lain Antingna.. Lamun antingna nu radang, berarti anting nu goreng,” cek Karyadi bari nyerengeh.
Nyi Mar’ah tungtung na mah geus teu rajeun deui ngomong. Lantaran unggal manehna ngomong pasti ditembalan bae ku Karyadi. Bari jeung kadang mah nembalan na teu nyambung. Antukna mah Nyi Mar’ah nangtung tuluy gejlig bae indit ninggalkeun salakina teuing kamana.
Karyadi malah nyerengeh seuri. Tuluy manehna oge nangtung, blus ka jero, ka dapur, ulak ilik kana wadah sangu. Laparan meureun siga na mah. Tapi barang muka tutup sangu, sihoreng dina jero sangku teh lain sangu, tapi ngan saukur batu koral eusina teh.
Karyadi ambek, ngahuleng gogodeg. Tapi da manehna geh sadar. Saumur kawin maenhna can pernah mere dui jang meuli sangu atawa deungeun na. Dahar unggal poe geh lamun teu nganjuk ka warung Ceu Wawat, nya paling ngandelkeun pamere mitoha. Tungtung na mah Karyadi indit bari mawa jeujeur.
“Lah daripada pusing, mending aing nguseup.. Heueuh bener.. Biasana lamun wayah kieu di tampian so kaya Nyi Heni.. Sok ngusey ari wayah kieu teh manehna mah.. Lumayan ah.. Samemeh nguseup noong heula si mencrang..,” gerentes Karyadi, cungar cengir sorangan bari leumpang.
Sajajalan Karyadi leumpangna bari heheotan. Siga bae jalma senang. Pas kabeneran, di pengkolan papanggih jeung si Usrip. Jalma buraong anu sarua lengerna jeung Karyadi.
“Rek kamana euy.. Siga nu keur bungah kitu..,” tanya si Usrip.
“Jih kabeneran euy.. Aya ente, Srip.. Cuang nguseup beu ka walungan Cigede,” tembal Karyadi.
“Hayu lah.. Dewek geh keur teu boga gawe ongkoh.. Marengan peuting tos hujan.. Sigana loba laukna euy.. Da ngadenge mah balong Bah Sumanta bedah ceunah euy.. Pasti paralid kawalungan tah laukna,” Si Usrip sumanget.
“Enya geus beu geuwat.. Eh oge liwatna ka tampian heueuh..,” cek Karyadi.
“Naha kudu liwat ka tampian sagala muter atuh euy leuwih jauh..” si Usrip teu panuju.
“Jih.. Ente mah can apal.. Wayah kieu biasana aya Neng Heni mandi.. Cuang noong heula euy.. Haleuuh.. Geus teu kabayang, kumaha eta pangawakan Neng Heni.. Pan mencrangna di lembur ieu mah pan..,” cek Karyadi.
“Sia mah kabiasaan.. Geus gableg pamajikan geh angger bae resep noong batur..,” cek Si Usrip.
“Geus geuwat.. tong loba omong.. Tuturkeun dewek..,” cek Karyadi bari tuluy leumpang. Si Usrip gogodeg, tapi akhirna mah nuturkeun oge.
Karyadi terus leumpang dituturkeun ku si Usrip. Teu lila, anjog ka tampian. Katempo di tampian siga aya nu keur mandi. Aya samping jeung baju awewe anu ngagantung. Karyadi ngaharewos ka si Usrip.
“Srip.. Tempo tuh euy.. Pasti nu mandi Nyi Heni..,”
“Can tangtu.. Boa jalma sejen..,” tembal si Usrip.
“Moal.. Pasti Nyi Heni.. Lantaran dewek mah geus apal unggal waktuna Nyi Heni mandi.. Dewek mah hampir unggal poe noong manehna mandi,” cek Karyadi yakin pisan.
“Nya geus atuh.. Jig ente tiheula noongna.. Dewek ngawaskeun heula di dieu bisi aya jalma..,” cek si Usrip.
“Heueuh bener.. Mun aya jalma bejaan dewek..,” cek Karyadi.
Tuluy manehna turun lalaunan meni ti jejengkean ngadeukeutan ka tampian. Sanggeus anjog tuluy Karyadi noong. Hanjakal, bilik nu ku manehna geus dicopongan paranti ngintip, ayeuna mah nutup rapet. Karyadi handeueul.
“Jadol teh geuning rapet..” gerents Karyadi.
Tuluy Karyadi katempi culang cileung siga aya nu diteangan. Breh kayempo ku manehna aya awi mencos ngagoler teu jauh ti manehna. Nyeh Karyadi seuri sorangan. Tuluy dongko nyokot suluh. Sanggeus suluh beunang, Karyadi lalaunan nyopongan bilik tampian. Katempo usay usey siga anu heseeun.
Keur kitu, teu kanyahoan ti mana datangna, ujug ujug aya oray ngarayap ngadeukeutan kana suku Karyadi. Huluna geus calangap bae siga nu rek macok kana suku Karyadi.
Atuh si Usrip anu titadi ngawaskeun reuwas. Gorowok manehna ngagorowok ngabejaan.
“Awas, Karyadi.. Aya oraaaay..,” cek si usrip.
Karyadi kaget, teu sadar luncat. Ari leungeun na ngarawel kana baju awewe nu keur mandi anu nyampai dina bilik tampian. Gujubar.. Karyadi tigujubar. Baju nu dirawelna kabawa.
Nu keur mandi reuwas. Langsung ngagorowok tulung tulungan aya nu noong. “Tuluuuung..! Tuluuuuung..! Abahna tuluuuung..! Aya nu noong ka kuring..,” cek jalma nu keur mandi.
Sihoreng anu keur mandi teh lain Nyi Heni, tapi Mak Onah, indungna Nyi Mar’ah, anu berarti mitohana Karyadi. Sora Mak Onah anu tulung tulungan, kadengeeun ku Bah Jumanta, salakina, anu keur aya di kebon, teu jauh ti tampian.
Atuh Bah Jumanta reuwas pisan ngadenge pamajikan na tulung tulungan. Manehna langsung tuturubut turun ka tampian bari ngamang ngamang bedog.
Barang anjog ka tampian, katempo ku manehna aya si Karyadi, minantuna, anu keur kekecepekan dina balong bari nyenyekel baju Mak Onah. Atuh heab, Bah Jumanta langsung ambek.
“Dasar minantu bangkawarah siah.. Ngadon noong mitoha sorangan nu keur mandi.. Kurangajar siah..,” cek Bah Jumanta bari molotot ka Karyadi.
Atuh Karyadi olohok, reuwas, campur sieun. “Beu cilaka.. Aing salah sasaran.. Disangka teh Neng Heni.. Bet Nini nini geuning,” Karyadi ngagerentes, bari panon na mah angger olohok. Kasima sigana mah.
Ari Bah Jumanta, nempo Karyadi kalah olohok, jadina beuki ambek pisan. Kot nyokot batu. Belewer.. belewer.. dipake ninggangan si Karyadi.
Untung euweuh nu beunang. Tapi najan kitu, Karyadi bener bener soak. Manehna tuluy ngojay ka pinggir. Ku Bah Jumanta terus ditenggoran. Nempo kajadian kitu, si usrip kalah babarakatakan.
“ha.. ha.. Dasar sial tah si Karyadi.. Hop tah kadinya.. Diaradu tah mitoha jeung minantu..,” cek Si Usrip. Tuluy manehna buru buru indit lantaran sieun kababawa diambek ku Bah Jumanta.
Ari si Karyadi geus hasil hanjat tina balong. Tapi karek geh kalacat, Bah Jumanta geus aya di dinya manten. Haok bah Jumanta langsung nyarekan deui.
“Rek kabur kamana sia minantu haramjadah..,” cek Bah Jumanta bari ngabar ngabar bedog.
Atuh nempo kitu, Karyadi boro boro hayang ngajawab. Nu aya manehna malah soak pisan. Antukna si Karyadi malah ngaberengbeng kabur.
Bah Jumanta kalah beuki ambek nempo si Karyadi kabur teh. Beretk manehna ngudag bari terus ngabar ngabar bedog. “Rek kabur kandi siah.. Podaran siah ku aing..,” cek Bah Jumanta huak hauk, bari terus lulumpatan ngudag.
Ari Mak Onah anu masih keneh aya di jero tampian malah bingung. Lantaran manehna bobolonyon teu dibaju baju acan. Rek kumaha dibajuna. Pakean nu dibawan na ngan hiji hijina. Eta geh dibetot ku Karyadi kabawa kana balong. Ari awak karasa tiris. Keur mah cangkeul cicing bae di jero tampian. Tungtungna Mak Onah ngan ukur bisa kululutus.
“Hadeuuh.. Nasib teh sial sial teuing.. Boga minantu bangkawarah.. Aing keur mandi make ditoong sagala.. Mending mun padu noong bae.. Eta pakean aing geh kalah dibanjut.. Hadeuuh.. Kudu kumaha aing ieu.. Keur mah cangkeul.. Jaba tiris..,” gerentes Mak Onah.
Keur kitu kadenge sada aya jalma lalaki duaan siga nu rek ngadon mandi. Katempo panto tampian siga diuget uget rek dibuka ti luar. Atuh Mak Onah reuwas.
“Ke heula.. Aya kuring keur mandi..,” cek Mak Onah, bari hatena bingung.
“Hadeuuh.. Aing kudu kumaha ieuh.. Aya jama lalaki rek mandi deuih..,” gerentes Mak Onah.
“Saha deuih nu keur mandi.. Geuwat ulah lila teuing,” kadenge jalma nu rek mandi huak hauk.
“Kuring, Mak Onah.. Ke sakeudeung..,” tembal Mak Onah.
“Oh, Mak Onah.. Geuwat atuh ulah lila teuing ngusey na Mak.. Kuring kaburu rek mandi..,” cek jalma nu di luar deui.
“Enya.. Atuh sabar..,” tembal Mak Onah.
Atuh ari kitu mah, jalma lalaki duaan nu rek marandi teh tuluy dariuk narungguan Mak Onah. Kadenge ku Mak Onah duanana sada garalecok ngomong.
Geus satengah jam leuwih jalma lalaki anu duaan masih keneh narungguan Mak Onah Mandi. Duanana geus mimiti kesel. Tuluy salah saurang kadenge ngomong deui tarik.
“Lila lila teuing atuh mandi teh, Mak Onah.. Geuwat atuh..,” ceunah.
Ari Mak Onah bener bener bingung. Keur mah geus teu kuat ku tiris, sampe katempo bariru jeung ngageter, bakating ku tiris tirisna. Di dinya oge loba reungit napuk kana awak Mak Onah. Mak Onah geus bener bener sangsara.
“Haduuh.. Ieu aing kudu kumaha.. Gara gara kalakuan si Karyadi anu bangkawarah.. Aing jadi sangsara kieu..,” gerentes Mak Onah.
Lantaran Mak Onah teu ngajwab, si jalma lalaki anu duaan ambek. Tuluy ngagebrug gebrug panto bari huak hauk. “Keur mandi ta keur naha sabenerna.. Geuwat atuh da batur geh rek mandi..,” cek jalma nu di luar bari ngagebrug gebrug panto.
Mak Onah beuki sasah keder. Bingung manehna rek ngajawab kumaha. “Enya.. sakeudeung sabar..,” Mak Onah nembalan.
“Sakededung sakeudeung ti tatadi.. ta ku kuring dibuka paksa bae sugan pantona,” cek jalma nu diluar deui bari ngabentak, bari tetep ngagebrug gebrug panto.
Mak Onah beuki keder. Jalma lalaki duaan nu di luar pating harewos. Nu saurang unggut bari nyerengeh. Teu jauh ti manehna katempo aya kadal. Gep kadal ditewak ku salah saurang. Satuluna kadal dialungkeun ka jero tampian. Pas marengan keuna pisan kana awak Mak Onah anu keur nagog.
“Awas eta oray, Mak Onaaah..,” cek salah saurang.
Atuh Mak Onah reuwas jeung sieun kacida. Kadal nu ngarayap kana awakna bener disangka oray. Saking sieun na, Mak Onah anu keur tataranjang buru buru muka panto, tuluy berengbeng manehna kabur.
Jalma nu diluar arolohok tapi tuluyna mah saleuseurian. “Heh.. Mak Onah.. Kaeliing.. Etah naon..,” cek jalma nu duaan.
Mak Onah karek sadar, era. Tapi geus ngarasa kapalang. Tungtungna mah manehna lumpat indit ti tempat eta.
Cag urang tunda heula.
Ayeuna caturkeun heula Nyi Mar’ah. Basa indit ti imah na the manehna tuluy leumpang bari rambasbas sedih. Aya rasa hanjakal oge bet daek dikawin ku Karyadi. Tapi sagala nag eh geus kajadian. Nyi Mar’ah ngan saukur bisa sedih.
Ayeuna Nyi Mar’ah leumpang teu puguh tujuan. Rek balik ka imah mitohana sieun malah disasalah. Lantaran keur kawin ka Karyadi teh, memang sabenerna mah Mak Onah jeung Bah Jumanta teh teu nyatujuan duanana oge. Ngan Nyi Mar’ahna nu maksa.
Nyi Mar’ah terus leumpang. Akhirna mah anjog ka warung Ceu Wawat. Ceu Wawat kaget nempo kaayaan Nyi Mar’ah kitu. Tuluy manehna nanya.
“Rek kamana, Nyai..?” tanya Ceu Wawat.
Nyi Mar’ah teu nembalan. Brek manehna kalah diuk di warung. Ceu Wawat karunyaeun. Tuluy manehna mang nyokotkeun cai herang. Sor ditunda dina meja.
“Sok muh heula, Nyai.. Pasti tos pasea nya jeung Jang Karyadi..,” cek Ceu Wawat deui.
Nyi Mar’ah saukur unggeuk. Tuluy kot nyokot cai gelas na meja. Regot nginum.
Geus kitu gabrug Nyi Mar’ah ngagabrug ka Ceu Wawat. Tuluy ceurik ngadindiut. Ceu Wawat beuki karunyaeun diusapan. “Geus ulah sedih, Nyai.. Ayeuna mah sagala geh geus kajadian. Nyai da geus jadi rubiah Jang Karyadi.. Ayeuna mah wayahna kumaha bae geh geus kudu ditarimakeun..,” cek Ceu Wawat ngalelemu.
Nyi Mar’ah ngan saukur unggeuk deui bae. Pok Ceu Wawat ngomong deui. “Geus ayeuna mah kieu bae, Nyai.. Kumaha lamun Nyai gawe di dieu bae, ngabantuan ceuceu.. Ke jang dahar di imah sapopoe mah aya ti eceuh..,” cek Ceu Wawat.
Nyi Mar’ah unggut. “Muhun atuh, Ceu.. Pami ceuceu teu kabotan mah..,”
“Nya geus ayeuna mah kitu bae.. Ayeuna mah Nyai cicing diuk bae heula.. Niiskeun fikir.. Kem un geus leler bantuan ceuceu, Nya..,” cek Ceu Wawat.
Nyi Mar’ah unggut. Hatena rada ngarasa leler. Cag urang tunda heula.
Ayeuna balik deui nyaritakeun Karyadi anu keur diudag udag ku Bah Jumanta mitohana bari terus diamang amang bedog. Saking sieun na, Karyadi lumpatna geus teu nolih kana nanaon. Sagala ditabrak sagala di rumpak.
Teu sadar, Karyadi lumpatna muru ka palebah hiji lombang. Gorobas suku Karyadi nginjek lombang. Gebrus ti gebrus. Karyadi reuwas, ngagorowok menta tulung.
“Tuluuuuuung..!,” cek Karyadi.
Bah Jumanta oge reuwas nempo Karyadi tigebrus kana lombang. Buru buru ku manehna eta lombang ditempo. Breh teh poek teu katempo. Sigana mah ku jero jerona eta lombang.
Bah Jumanta ngarasa hanjakal maca istigfar. “Astagfirullahal adziim.. Beu cilaka.. Sigana mah moal salamet.. Kudu kumaha ieh aing.. Mun ngomong ka jalma lembur, aing pasti disalahkeun.. Bisa bisa aing dibui..,” gerentes Bah Jumanta.
Bah Jumanta terus ngahuleng bingung. Tapi teu lila, pok ngagerentes deui. “Daripada aing disalahkeun batur.. Mendingan ku aing dibejakeun kabur bae si Karyadi teh.. Heueuh.. mending kitu bae lah,” gerentes Bah Jumanta deui, tuluy manehna indit ninggalkeun eta tempat.
Ayeuna tuturkeun kaayaan Karyadi. Barang tigebrus kana lombang teh, fikiran na langsung les teu sadar. Tapi kaayaan kituna teh ngan sakeudeung. Teu lila, Karyadi fikiran na sadar deui. Tapi manehna ujug ujug ngarasa aya di hiji tempat anu aneh.
Di tempat eta, katempo loba tatangkalan, tapi anehna eweuh angin. Karyadi tuluy nenggak kaluhur. Langit katempo bodas kabeh. Tapi lain mega. Panon poe oge eweuh. Tapi kaayaan caang ngebrak. Karyadi ngarasa heran.
“Aya dimana ieuh aing.. Naha ngimpi ta lain..?,” gerentes Karyadi.
Keur ngahuleng bingung kitu, ujug ujug datang dua urang jalma. Pangawakan na jangkung gede. Eta dua jalma pakean na beda jeung bangsa manusa. Marake mahkota jeung nyarekel tumbak. Siga bae prajurit kerajaan.
Eta dua jalma nyalampeurkeun ka Karyadi, matana kabeh marolotot.
“Saha.. Jeung rek kamana anjeun.. Wawanianan asup ka nagara kawula..,” cek salah saurang bari molotot.
Karyadi reuwas, rek nembalan. Tapi eta dua jalma ujug ujug nyarekelan awak Karyadi. Tuluy ret.. ret.. Leungeun si Karyadi ditalikung. Ari sungutna disumpel. Haok salah saurang ngabentak deui.
“Leumpang siah.. Andika rek dihadepkeun ka Kanjeng Ratu.. Andika geus ngalanggar bates kakawasaan Karajaan Tumar Wisewsa.. Geuwat leumpang..,” cek eta jalma bari ngadorongkeun awak Karyadi.
Aneh.. Karyadi siga anu bener bener katenung. Manehna nurut bae kana parentah dua jalma nu aneh. Karyadi digiringkeun ku duaan, leumpang mapayan jalan gede. Akhirna mah anjog ka hiji karaton.
Tapi eta dua jalma ngan ngagiringkeun Karyadi sampe ka panto gerbang bae. Sampe di dinya, geus aya dua jelma deui ngabedega ngajala lawang. Tuluy katempo dua jalma nu ngajaga lawang, malangkeun tumbakna, ngahalangan jalan.
“Eureun..,” cek salah saurang.
Atuh dua jalma anu ngagiringkeun Karyadi geh eureun. Pok jalma anu ngajaga lawang ngomong deui. Mariksa meureun lamun bangsa manusamah.
“Saha ieu manusa.. Aya naon bet dibawa kadieu.. Ieu kabeh kudu kacatet heula ku kawula.. Lantaran can aya beja ti samemehna,” cek salah saurang.
“Ieu Manusa.. Kuring geh can apal ngarana.. Tapi ieu manusa geus ngalanggar asup ka wilyah kakawasaan kanjeng ratu.. Kulantaran kitu, ieu manusa kudu dihadepkeun ka anjeuna..,” tembal salah saurang nu nganteur Karyadi tadi.
Dua penjaga lawang karaton unggut unggutan. “Lamun kitu.. Keun kuring nu mawa ieu jalma ngahadep ka Kanjeng Ratu.. Jig arandika duaan baralik deui kaditu.. Geura jaga deui di perbatesan karaajaan,” cek anu ngajaga lawang karaton.
“Nya.. ari kitu mah.. Ku kawula dipasrahkeun ka anjeun duaan ieu manusa.. Tanggung jawab kawula geus beres sampe di dieu..,” cek jalma anu ngagiringkeun Karyadi tadi. Saterusna manehna nyerahkeun Karyadi ka jalma anu ngajaga lawang. Geus kitumah nu duaan tadi baralik deui.
Satuluyna, Karyadi digiringkeun ku salah saurang jalma anu ngajaga lawang, asup ka jero karaton. Katempo ku Karyadi kaayaan di jero karaton sing sarua endah. Malah mah tembokna oge katempo siga nu dijieun tina emas.
Teu lila, Karyadi geus anjog ka hiji ruangan gede. Sihoreng eta ruangan teh tempat kalinggihan ratu. Katempo Ku Karyadi aya saurang awewe geulis pisan keur diuk dina korsi gilang kancana. Make mahkota jeung pakean na harerang.
Di pinggireun eta awewe, dariuk deui ngajejer awewe awewe oge. Tapi nu ngajejer dipinggireun na mah katempo na leuwih ngora. Kabehan nana gareulis matak pikabitaeun. Sihoreng anu diuk dina korsi gilang kancana n amah sang Ratu anu katelah Ratu Banawati, Ratu siluman oray. Ari anu diuk pinggireun na, para putri, kabehan na anak Ratu Banawati.
Panon Ratu Banawati jeung para putri mencrong ka Karyadi anu karek datang. Pok sang Ratu ngomong.
Dilajeng ka Eps salajengna.
Karangan Kang Abun Burhanudin
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Komentar
Posting Komentar