Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng
Bubukaning carita, kaayaan isuk isuk di hiji lembur anu singkur anu dilingkung ku gunung gunung, kahapit ku pasir pasir anu luhur, anu katelah lembur cihaur, harita hawa meni tiis nyecep, tapi karasana matak seger. Angin leutik ngahiliwir nyogagkeun dangdaunan anu hejo ngemplok siga ngawarnaan sabudeureun eta pilemburan, katempo hegar jeung pikabetaheun.
Sora manuk rarecet, haliber nareangan kadaharanana meni patingkeleper paudag udag jeung pada baturna, dialokan ku sora sato sato ingon ingon jalma lembur, sora embe kadenge patingberele, sora bebek, sora hayam, jeung sajabana jeung sajabana.
Teu eleh ku sasatoan, jalma jalma urang lemburna oge geus mimiti loba nu arindit rek ka tempat pagawean na masing masing. Aya nu ka sawah, ka kebon, ka pasir, malah loba oge nu arindit ka pasar anu pernahna di hiji dayeuh, anu teu pati jauh ti eta pilemburan. Kadenge ora sora barudak anu rame gagaronjakan bari paudag udag ulin ulinan jeung sapada baturna bari saleuseurian, tapi tungtungna mah kadenge oge nu ngahinghing ceurik, meureun pedah labuh, atawa diaradu jeung sapada baturna. Tapi eta kaayaan teh beuki matak waas jeung pikabetaheun.
Ari di tengah tengah eta lebur, aya hiji imah anu katingalina gedong sigrong, lantaran ari imah imah nu sejen mah masih katempo ngan saukur imah panggung, tapi ari imah eta mah geus di jeun tina tembok batu, jeung luhur geus make kenteng. Tangtuna lamun di jaman harita mah imah dina kaayaan kitu geus agreng atawa mentereng cek bahasa urang kota mah.
Nu boga eta imah, katelahna juragan Samin, jalma anu pangbeungharna di eta pilemburan, boga kalakuan cunihin, teu kaop lamun nempo awewe nu katempona herang. Boro boro parawan, malah masih nu geus boga salaki oge sok langsung bae dibogohan. Ari kakayaan na geus teu kacatur. Kebon jeung sawahna lega di mana mana, malah lamun diitung itung, lewih ti satengahna tanah nu aya di eta lembur, kabogaan ku manehna.
Ari Juragan Samin, boga saurang pamajikan, ngarana Sarmanah, tapi ku sabab beunghar, sok disarebutna teh, Nyimas Anah. Umurna mah geus rada kolot, tapi tina rupana mah masih katempo geulis, kolot kolot kalapa lah, istilah na mah. Ngan hanjakal, Nyimas Anah anu sakitu geulis na teh, boga sifat medit teu katulungan. Boro boro mere ka batur, malah jang diri sorangan na oge koretna kabina bina, sampe sampe ceunah cek beja, sanajan manehna jalma beunghar, mun dahar teh ngan saukur jeung lauk asih, atawa paling banter oge lauk cai sabangsaning lele, atawa bogo, eta geh lamun bujangna anu ngaran si Usrip, tos nguseup ti hawangan.
Harita isuk isuk, Juragan Samin jeung Nyimas Anah keur dariuk paduduaan, bari ngopi jeung kulub sampeu nang nyabut tik ebon tukang. Kadeng duanana keur ngarobrol meni daria.
“Yeuh, apana.. Kudu ti ayeuna urang balanja jang engke kawinan si Nyai teh.. Sok atuh siap siap cuang ka pasar ayeuna..” cek Nyimas Anah, mimiti kadenge nyarita.
“Lah.. Naha kudu ku urang sagala balanjana.. Nitah bae si Usrip kaditu.. Keur mah Ap amah rek ngalanglang kebon nu ditonggoh.. Geus lila can diilikan..”
“Jih.. Ari apana.. Urang rek balanja teh lain saeutik saeutik.. Da era atuh kapan si Nyai teh rek kawin na ka urang dayeuh.. Ari urang kasebut jalma beunghar di lembur teh.. Era lamun teu sagala aya teh..”
“Ari kitu?”
“Jih.. Ari Apana.. Tadi geh pan disebutkeun.. Balanjaan teh loba.. Tangtuna mawa duit geh sautik.. Mun nitah si Usrip, kumaha lamun duitna ditilep atawa dikorupsi.. Pan urang teh rugi atuh Apana..”
Ngadenge kitu, Juragan Samin ngan saukur garo garo teu ateul. Manehna geus apal sifat pamajikan na anu sok curigaan bae ka batur. Tapi lamun manehna teu nurut, geus kabayang moal anggeus anggeus ngomongna. Tungtuna mah juragan Samin oge hudang nangtung bari humandeuar.
“Huuh.. Enya geus beu.. beu.. beu.. Geuwat disalin kaditu.. Make papakean na nu alus.. Ulah nyirikeun jadi jalma kampung.. Geus geuwat, apa geh rek disalin..” cek Juragan Samin bari leumpang indit ka kamerna rek disalin baju.
Ari geus kitu mah, Nyimas Anah oge nangtung. Tuluy manehna geh nangtung, indit heula ka tukang, rek papatah ka si Usrip bujangna, anu keur ketrak ketrek di tukangeun imah.
“Usrip.. Usrip..” cek Nyimas Anah bari leumpang ka tukang ngageroan bujangna.
“Kulan.. Ieu, juragan..” tembal si Usrip.
“Kadieu heula maneh.. Kami rek papatah..” cek Nyimas Anah deui bari nangtung di deukuet panto dapur.
“Muhun, juragan.. Sakedap..” tembal si Usrip.
Teu kungsi lila, kurunyung si Usrip nyampeurkeun bari mamawa tatah, tuluy disodorkeun ka Nyimas Anah. “Ieu, juragan.. Kangge naon kitu miwarang nyandak tatah..” cek Si Usrip bari nyodorkeun tatah.
Atuh Nyimas Anah meni molotot. “Dasar bonge sugan sia mah, Usrip.. Saha bari na geh nu nitah nyokot tatah..”
“Lah kapan tadi juragan miwarang nyandak Tatah basa nyauran abdi..”
“IIh.. Cek kami geh bonge maneh mah.. Yeuh cek kami geh Usrip kadieu.. Kami rek papatah.. Heeuh.. Dasar torek ceuli teh manehmah..”
Si Usrip beureum era diomong kitu teh. “Oh.. Sumuhun, juragan.. Hapunten lepat kukupingan, lantaran abdi teh bari ngalamun..” tembal si Usrip rada era.
“Heueuh geus kumaha maneh bae.. Yeuh ayeuna mah dengekeun ku maneh Usrip.. Kami jeung juragan pameget rek indit ka pasar..” Nyimas Anah ngomongna can anggeus lantaran kaburu dipotong ku si Usrip.
“Haruh.. Kasasar dimana, juragan.. Hawatis teuing.. Naha atuh teu ngajak abdi ari angkat angkatan teh..”
Ngadenge si Usrip anu saliwang deui kitu, Nyimas Anah ambekeun deui bae. “Haruuh.. Dengekeun.. Kami jeung juragan pameget rek indit ka pasar.. Lain kasasar.. Dasar torek maneh mah..” cek Nyimas Anah malikan deui omongan na bari jeung katempo geregeteun.
“Oh.. Sumuhun.. Sumuhun.. Dikinten teh kasaasar.. Sumhun bade iraha angkatna, juragan..”
“Ayeuna keneh.. Maneh kahade jaga imah.. Ulah kamana mana.. Terus lamun aya nu kadieu, boh nu rek bayar hutang atawa nu rek naon bae.. Bejakeun engke bae lamun kami datang kituh nya..” cek juragan Anah, ayeuna mah ngomongna rada tarik, ambeh kadengeun ku si Usripna.
“Su.. Sumuhun.. Juragan.. Sumuhun.. Mangga.. Ke diestokeun pisan ku abdi..”
“Cing siah.. Kami cekeneh ngomong naon?” juragan Anah nanya, maksudna mah bisi si Usrip salah denge deui.
“Sumuhun.. Juragan pameget sareng juragan istri bade ka pasar.. Abdi ulah kamana mana kedah jaga rompok.. Sanes kitu, juragan..”
“Heueuh, bener.. Kade awaskeun aya barang nu leungit.. Kami pasti rek nyalahkeun maneh..”
“Sumuhun.. Ngajamin, juragan moal aya nu leungit.. Tapi abdi pasti leungiteun sakedap..”
“Leungiteun naon maneh..?”
“Sumuhunun.. Leungiteun nu cerewed, juragan.. “ cek si Usrip, bari nyengir bari terus indit.
“ Dasar nurustunjung siamah.. Dusun ka dunungan teh..”cek Nyimas Anah rada baeud, tapi da teu ambek manehna mah, lantaran geus apal kana sifat si Usrip bujangna.
Tuluy Nyimas Anah indit deui ka jero rek di salin. Kasampak di tengah imah, Juragan Samin keur diuk ngabaheuhay, bari papakean n amah geus ginding, make iket jeung dikaca mata hideung sagala.
“Jih tas timana heula ibuna.. Ongkoh ngageuwat geuwat.. Ari sorangan na can disalin keneh..”
“Tas papatah heula ka si Usrip.. Da si eta mah tolowedor jalmana..” tembal Nyimas Anah bari tuluy asup ka kamerna.
Rada lila ti harita, Nyimas Anah kakarek kaluar deui ti kamerna. Dangdanan na geus tegep, make sedow, diwedak, ari bajuna ala budak ngora jaman ayeuna, malah make bondu sagala rupa. Ari perhiasan na meni sagala dipake. Geulangna bae geh meni ngolencreng kadenge maklum atuh sabaraha baraha iji dipake na. Atuh juragan Samin teh meni olohok.
“Ka eling atuh ibuna.. Naha eta perhiasan dipake kabeh sugan.. Era atuh ku batur, jeun barina oge sing aya nu ngajambret di jalan ongkoh..” cek juragan Samin bari neuteup teleb ka Nyimas Anah.
“Jih ari Apana.. Ngahaja dipake kabeh soteh lantaran lamun ditinggalkeun di imah mah bisi leungit aya nu maok.. Pan mahal ayeuna mah harga perhiasan teh.. Sarua jeung harga kebon meureun sahijieun..”
“Nya komo lamun dibawa kabeh.. Kumaha lamun aya nu nodong di jalan atawa nu ngajambret.. Pan nyamos meureun..”
“Lah moal aya nu nodong ieuh.. Da teu pati jauh pasarna oge.. Keur mah baruk ambih katempo jalma beunghar urang teh.. Gues apana mah ulah loba ngatur.. Kumaha cek ibu bae barina oge.. Lalaki mah tugasna nganteur jeung ngajaga pamajikan..” tembal Nyimas Anah, keukeuh.
“Geus atuh kumaha karep ari teu bisa diomongan mah.. Ngan lamun aya nanaon ulah nyalahkeun ka apa nya..”
“Enya.. moal.. Geus beu geuwat..”
Juragan Samin geus teu kieungeun loba omong deui. Tuluy bae maneh nangtung gejlig indit dituturkeun ku juragan Anah anu leumpang ti tukangeun na.
Teu kacatur kumaha lumampahna juragan Samin jeung Nyimas Anah di perjalanan basa rek indit ka pasarna. Ayeuna langsung bae caritakeun duanana geus rengse balanja meni angkaribung loba pisan nu beulina, maklum atuh rek persiapan hajatan kawinan anakna nu ngan hiji hijina Neng Suryani tea, anu ayeuna aya cicing di Bandung. Nya teu heran, najan sifatna pelit geh Nyimas Anah teh ari jang ngawinkeun anakna mah meni sagala dibeuli. Komo da ieu mah sakabeh waragad jang hajatan teh ditanggung ku calon panganten lalaki, cep Mulyadi, urang Bandung asli.
Ngan tangtuna bae kaayaan kitu teh matak riweuh pikeun Juragan Samin mah. Lantaran manehna kapaksa kudu riweuh babawaan, sedengkeun Nyimas Anah na keukueh balikna kudu leumpang embung naek kendaraan atawa nitah kuli pikeun mangmawakeun balanjaan na. Atuh karek leumpang sakeudeung oge, Juragan Samin teh geus hahehog cape. Reg deui euren reg deui ereun.
“Haruh.. Kieu cara na mah bener bener Nyiksa atuh ibu na.. Padahal cek apa mah mending keneh nyewa sado atuh da moal sabaraha ongkos na geh..” cek Juragan Samin bari nangtung reureuh
“Jih ari apana.. Wayahna atuh cape saeutik mah.. Pan urang ayeuna geus kaluar gede duit teh.. Atuh lamun numpak sado nambah deui bae pengeluaran teh apa na.. Pan baruk cek apa geh urang teh kudu ngirit, ulah boros..” tembal Nyimas Anah.
“Heueh nu kieu mah lain ngirit.. Tapi pedit ngaran na.. Ka diri sorangan bae pedit.. Komo ka batur..” cek Juragan Samin rada ambekeun.
“Lah kumaha apa bae ibu mah.. Rek disebut medit rek disebut naon terserah bae.. Pokona geus teu kudu naek sado sagala rupa..” tembal Nyimas Anah, meni keukeuh.
Keur kitu, teu kanyahoan ku manehna duaan, rada jauh ti tempat eta aya dua urang jalma keur ngawaskeun. Nu huji awakna jangkung badag. Nu hiji pendek leutik sirahna botak. Sihoreng eta dua jalma teh berandalan di eta pasar anu geus katelah, anu ngarana Bugel jeung si Cungkring.
“Eta mah bener bener lauk, kaka.. Poe ieu urang boga milik gede..” cek anu saurang anu ngaran si Cungkring.
“Goblog sia mah.. Lain awaskeun manusa anu dua eta.. Sia kalah ngawaskeun bae dahareun..” tembal si Bugel.
“Jih ari si kakak.. Kapan uing teh keur ngawaskeun eta jalma anu dua.. Itu tempo perhiasan na meni reunceum kitu nu awewena..”
“Ari sia atuh tadi kalah ngomong ngomong lauk..”
“Dah si kakak.. Dasar kuno, kuper.. Ari disebut lauk teh istilah, kakak.. Artina mah mangsa empuk..” cek si Cungkring deui.
Si Bugel teu nembalan, lantaran Juragan Samin jeung Nyimas Anah geus katempo leumpang deui. Katempo na arasup ka palebah gang leutik. Si Bugel embung katinggaleun tapak.
“Geus tong loba ngabacot teuing siah.. Geuwat tuturkeun..”
“Tuturkeun saha, kakak..?
“Ih dasar goblog siah.. Tuturkeun itu manusa anu dua..” cek Si Buugel deui, bari tuluy leumpang nuturkeun Juragan Samin jeung Nyimas Anah anu geus rada jauh leumpangna.
Ari Juragan Samin jeung Nyimas Anah anu keur dituturkeun na terus bae laleumpang bari ridu ku babawaan. Bras kaluar deui ti gang tuluy mapayan jalan desa, anu arahna ka lembur Cihaur. Duana teu ngarasa curiga teu ngarasa curiga lamun maranehna teh keur diincer ku dua jalma jahat.
Di tukangeun na, Si Bugel jeung si Cungkring terus nuturkeun rada anggang. Lamun pas kaparengan Juragan Soma atawa Nyimas Anah aya nu ngalieuk ka tukang, Si Bugel jeung si Cungkring langsung nguliwed kana rungkun. Teu lila, katempo Juragan Samin jeung Nyimas Anah ngareureunan deui. Meureun jurahan Samin na ngarasa cangkeul leungeun na kulantaran kudu ngajingjing balanjaan nu sakitu lobana.
“Kumaha ayeuna urang, kakak.. Ieu tempat suni yeuh.. Nenggang jauh kaditu jauh kadieu..”
“Ayeuna waktuna alus.. Urang rebut babawaan jeung perhiasan na..” tembal si Bugel.
“Lamun maranehna ngalawan kumaha, kakak..?”
“Alaaah.. Sia kos tara biasa bae.. Nya podaran geh hade atuh..” cek si Bugel, bari terus mesat bedog, tuluy keketeyepan mapayan rungkun d beulah pinggir, ditururkeun ku si Cungkring, bari sarua manehna oge mesat bedog. Ngan waktosna seep.
Komentar
Posting Komentar