Dongeng Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding Bagian Ka 2
“Aya tujuan naon ieu manusa dibawa kadieu.. Kamana si aki Kuncen na?,” tanya Ratu Banawati bari panonna mah mencrong seukeut ka si Karyadi. Sedengkeun si Karyadi na katempo puluhak polohok siga anu paeh fikir. Sorot matana katempo kosong.
“Pangapunten kaulanun, Kanjeng Ratu.. Ieu manusa teu sapertos nu biasa nu ngahaja dongkap ka dieu kulantaran hayang kabeungharan,” tembal gulang gulang anu ngagiringkeun si Karyadi ngahadep ka Ratu Banawati.
“Ari kitu naha make disanghareupkeun ka kawula..?,” tanya Ratu Banawati deui bangun heran.
“Pangapunten kawulanun, Kanjeng Ratu.. Ieu manusa parantos ngalanggar aturan bangsa urang.. Manehna asup ka ieu nagara teu menta ijin heula..,” tembal gulang gulang deui.
Ratu Banawati nyureng, “Geuning bisa lolos.. Ari pagawean si Kuncara jeung Kuncari naon atuh.. Geroan duanana kadieu,” Ratu Banawati katempo rada ambek.
“Sumangga, Kanjeng Ratu..,” cek gulang gulang bari cedok nyembah, tuluy manehna undur katukang kaluar deui ti eta rohangan.
Sanggeus si gulang gulang kaluar, Ratu Banawati mencrong deui ka si Karyadi anu masih keneh nangtung hareupeun na. Rada lila mencrong na teh, tuluy malik ngalieuk ka para putrina.
“Nyai Dewi Kulaktapa anak ibu.. Nyai anak ibu anu pangcikalna.. Ayeuna ibu rek nanya ka hidep..,” cek Ratu Banawati.
Atuh Putri Dewi Kulaktapa anu diukna teu jauh ti Ratu Banawati, cedok nyembah. “ Sumangga, kanjeng ibu.. Bade tumaros naon..?,” tembal Putri Dewi Kulaktapa.
“Cek pamikiran Nyai.. Ieu manusa kudu ditibanan hukuman naon?,” tanya Ratu Banawati.
Putri Dewi Kulaktapa ngahuleng sakeudeung teu langsung ngajawab. Panon na mencrong seukeut ka si Karyadi anu masih keneh molongo. Katempo jelas ku Putri Kulaktapa mah si Karyadi teh hiji lalaki anu kasep ngalempereng koneng. Malah saking kasepna, mun dibandingkeun jeung lalaki anu aya di kerajaan siluman oray eta mah moal aya nu nandingan.
Kulantaran kitu, teu heran tibarang nempo Karyadi asup ka karaton oge, Putri Dewi Kulaktapa langsung bae bogoh. Langsung bae kapincut. Malahmah geus ngabayangkeun bagjana lamun si Karyadi bisa jadi salakina.
“Kumaha, Nyai.. Cek pamikiran Nyai.. Naha ieu manusa teh kudu panjara, atawa rek dijadikeun cocoan, ta rek dijadikeun budak..,” tanya Ratu Banawati, siga nu tey sabar hayang ngadenge jawaban ti anak cikalna.
Atuh Putri Dewi Kulaktapa anu kalah ngadon ngahayal teh reuwas asa kagebah. Pok manehna nembalan. “Hapunten sarebu kali hapunten, kanjeng ibu.. Bilih pangemut sim abdi teu sapagodos sareng kanjeng ibu..,” Putri Banawati siga anu ragu ragu rek nembalan.
“Sok bae Nyarita, Nyai.. Teu kudu ragu ragu..,” Ratu Banawati ngomong deui.
Tapi samemeh Putri Dewi Kulaktapa ngajawab, kurunyung manten dua gulang gulang anu tugasna ngajaga perbatesan daratang ngahadep ka Ratu Banawatai.
“Haturan, Kanjeng Ratu.. Sim Abdi duaan ngahadep,” cek salah saurang gulang gulang, bari babarengan duaan nyembah ka Ratu Banawati.
“Geura jawab ku anjeun duaan.. Naon sababna Ieu manusa bisa nyusup asup ka nagara urang, lolos tina pangawasan aranjeun,” tanya Ratu Banawati
Nyambung ka eps salajengna
Karangan Kang Abun Burhanudin
Komentar
Posting Komentar