Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 26

Ayeuna urang balik deui nyaritakeun Bah Sura geus hasil meunang duit tina ngajual deui sawahna ka Juragan Somad, tapi di perjalanan malah kabengbat hayang ngagandakeun duitna ka Koh Santong, tukang sulap, urang Tiong Hoa Tea.

“Kumaha, Koh.. Bisa teu duit kuring digandakeun supaya jadi sababaraha kali tikel,” cek Bah Sura kadenge ngomong deui ka Koh Santong.

“Hayaa.. Itu duit Abah Biko Boloho ada berapa?,” tanya si Koh Santong bari teu weleh bari nyerengeh.

Bah Sura ngalieuk ka jalma nu tadi nganteur manehna, “Ngomong naon eta Koh Samtong teh?” tanya Bah Sura.

“Cek Koh Samtong, Abah boga duit sabaraha, ceunah,” tembal jalma nu nganteur tadi.

Bah Sura ngahuleng mikir heula, “Kudu kumaha ieuh.. Langsung bae kabeh, ta mending coba coba saparo bae heula,” gerentes Bah Sura.

Nempo Bah Sura kalah ngahuleng, Koh Santong jeung jalma nu nganteur Bah Sura silih kiceupan. Tuluy kadenge Koh Santong ngomong,

“Hayaaa.. Abah Biko Boloho.. Gak usah banyak mikir, haa.. Kalo was was lebih baik jangaan..,” cek Koh Santong, bari tuluy indit ninggalkeun Bah Sura.

Nempo Koh Santong indit, Bah Sura nu keur ngahuleng reuwas, “Aduh.. Naha si Koh Santong kalah indit,” tanya Bah Sura ka jalma nu nganteurna.

“Si Abahna loba teu mikir, jadi Koh Santong na seueuleun.. Ari nu kieu mah ulah loba teuing mikir, bah.. Hese deui neangan kasempetan kieu teh,” tembal eta jalma bari manehna geh tuluy indit.

Atuh Bah Sura beuki reuwas, fikirna manehna sieun teu jadi ngagandakeun duitna, “Heh, mang.. tungguan mang.. Ieu kumaha Abah hayang ngadandakeun duit..” cek Bah Sura.

Tapi jalma nu tadi teu ngalieuk lieuk acan, terus katempo seseregel asup kana riungan jalma jalma. Bah Sura embung tinggaleun, manehna terus ilu seseregel ka jalma jalma nu keur ngarariung lobaan. Tapi jalma nu tadi geus teu katempo deui.

Keur kitu jalma jalma nu ngarariung lobaan kadenge surak meni rame. Bah Sura hayang nyaho aya naon, sukuna meni tijengke jengke bae hayang nyaho aya naon dihareup. Hanjakan awak bah Sura pendek, jadi teu pati jelas nempo ka hareup.

“Haya.. Kamu orang semua.. Liat baik baik.. Owe mau sulap ini uang punya Mang Satari. Owe bakal bikin jadi banyak,” cek Koh Santong kadenge ngomong tarik.

Omongan Koh Santong kadengeeun ku Bah Sura. Tapi Bah Sura teu ngartieun naon anu diomongkeun na. Pok Bah Sura nanya ka saurang jalma anu aya dipinggireun na, nu katempo keur manco ka hareup.

“Mang.. Mang.. Ngomong naon itu Koh Samtong,” tanya Bah Sura bari noelan jalma nu dipinggireun na.

“Koh Santong rek ngagadakeun duit Mang Satari,” tembal eta jalma, siga nu acuh, terus panon na mencrong deui ka hareup.

Ngadenge kitu, Bah Sura jadi panasaran. Hayang nyaho bener teu duit teh bisa digandakeun jadi loba. Tuluy Bah Sura seseregel hayang panghareupna. Teu kahaja aya suku Bah Sura nginjek suku saurang jalma. Atuh jalma nu kainjek suku na teh ngagoak nyerieun.

“Adooow..! Haramjadol siah..,” cek eta jalma tuluy ngalieuk ka Bah Sura.

Bah Sura reuwaseun. “Hampura, mang.. Hampura..” cek Bah Sura hahampuraan.

Tapi jalma nu kainjek geus kapalang ambek sigana mah. “Hampura hampura tujuh mulud siah.. Yeuh jeuleu cokor aing nyeri..,” cek eta Jalma bari gelepak nampiling Bah Sura.

Atuh Bah Sura reuwas. Tetempoan asa ngaburinyai. “Adooow.., Kurangajar siah.. Geuning kalah nampiling ka aing.. Hayang modar sugan siah,” cek Bah Sura malik ambek. Matana molotot ka jalma nu nampiling manehna.

Ngadenge Bah Sura ambek, tilu urang jalma, muereun baturna jalma nu tadi, ngaralieuk ka Bah Sura. Tiluan nana katempo awakna baradag, sepir babalingbingan. Beungeut barosongot. Tiluan nana kabeh molototan Bah Sura.

“Aya naon ieuh aya naon,” cek salah saurang jalma anu beungeutna pangbosongotna.

Nempo kitu mah Bah Sura langsung rerempodan reuwas. “Henteu.. Jang.. Henteu.. Abah hampura teu aya nanaon..,” tembal Bah Sura, katempo beungeutna sepa bakating ku soak soakna.

“Ari sia na naha seseregel..?,” tanya eta jalma deui.

“Abah hayang nempo jelas kumaha Koh Santong ngagandakeun deuit.. Soalna Abah mah pendek.. Jadi teu katempo ti tukang mah,” cek Bah Sura.

“Atuh sia teh boga sungut lain.. Kasopan.. Ngomong punten boh naon,” cek eta jalma bari manehna mere jalan ka Bah Sura. “Tah sia ari hayang dihareup mah geuwat,”

Atuh Bah Sura nu tadi soak kacida ayeuna mah bungaheun pisan. Tuluy manehna buru buru indit kahareup. “Nuhun, jang.. Nuhun..,” cek Bah Sura bari tuluy leumpang ka hareup. Akhrina mah Bah Sura aya panghareupna.

Barang geus aya panghareupna, Bah Sura langsung cingogo. Matana mencrong teu kiceup kiceup ka Koh Santong anu keur nyimpen duit sababaraha lembar dina luhur meja.

Tuluy duit anu sababaraha lembar teh ku Koh Santong ditutupan ku taplak meja. Pok Koh Santong kadenge ngomong, “Hayaa.. Mana Mang Satarina mana..,” cek Koh Santong.

“Ieu kuring di dieu,” kadenge ti sela sela nu ngariung aya nu nembalan.

Ku Bah Sura di lieuk. Breh katempo ku manehna aya nu ngacungkeun leungeun na. Tuluy kadenge Koh Santong ngomong deui. “Hayaa.. Kamu olang sini maju ke depan haaa,” cek Koh Santong.

Atuh jalma anu disebut Mang Satari teh maju kahareup. Kadenge Koh Santong ngomong deui, “Hayaa.. Kamu olang pengen duit kamu disulap haa..,” tanya Koh Santong.

“Enya koh..,” tembal jalma anu disebu Mang Satari.

Koh Santong katempo unggut unggutan. Tuluy ngalieuk ka salah saurang anak buahnya. “Hayaaa.. Kamu Ibro.. Ikat ini mang Satari di tiang.. Tutup mata dan mulutnya,”

Jalma anu disebut si Ibro leumpang ngadeukeutan Mang Satari, Atuh Mang Satari siga nu rewas. “Hampura, mang.. Ieu mah syaratna lamun si Emang hayang ngagandakeun duit,” cek si Ibro.

Ngadenge kitu mah Mang Satari geh nurut. Tuluy leumpang nuturkeun si Ibro anu geus aya deukuet tihang. Sanggeus Mang Satari oge aya deukeut tihang terus nyodorkeun leungeun na. Ku Si Ibro ditalian kana tiang bari panon jeung sungutna ditutup ku lamak.

Eta kajadian kabeh ditempokeun ku Bah Sura. Dada na karasa deg degan, Bah Sura panasaran hayang nyaho naon anu bakal kajadian,” Aneh aneh bae.. Mangkara kudu ditalian kana tihang sagala syaratna.. Tapi keun aing panasaran.. Bener teu duitna bisa jadi loba,” cek gerentes Bah Sura.

Sabot Bah Sura katempo keur manco ka Mang Satari anu keur ditalian, saurang anak buah Koh Santong buru buru nunda duit lembaran loba pisan dihijikeun kana duit Mang Satari anu ditutupan ku meja. Jadi ieu kajadian teu katempoeun ku Bah Sura mah.

Sanggeus beres, Pok kadenge Koh Santong ngomong deui, “Hayaaa.. Kamu semua olang liat owe mau bikin ini duit punya Mang Satari jadi banyak,” cek Koh Santong.

Jalma jalma kadenge surak meni rame pisan. “Enya Koh.. Geuwat buktikeun.. Enya.. Kuring geh panasaran yeuh..,” cek jalma jalma reang.

Ari Bah Sura katempo mencrong bae teu kiceup kiceup ka Koh Santong hayang nyaho naon anu bakal kajadian. Teu lila kadenge Koh Santong siga maca jangjawokan. 

“Cing cuang cangcang.. Nambah.. Nambah..,” ceunah cek Koh Santong, bari ngebutkeun taplak meja anu dipake nutupan duit Mang Satari tea.

Breh teh, katempo ku Bah Sura, duit Mang Satari anu tadi ngan ukur sababaraha lembar, robah jadi satumpuk, meni loba pisan. Teu sabaraha jumlahna. Atuh Bah Sura meni olohok.

“Anu bener bener hebat lain saukur beja, eta si Koh Santong.. Lamun kieu carana mah aing moal kagok.. duit aing kabeh bae lah rek digandakeun..,” cek gerentes Bah Sura.

Satuluyna katempo ku Bah Sura, mang Satari anu tadi ditalian na tihang, dibukaan deui ku si Ibro, tuluy nyampeurkeun ka Koh Santong. Ku Koh Santong duti anu numpuk kabeh dibikeun ka Mang Satari.

Nempo kitu Bah Sura beuki olohok bae. Kabayang ku manehna, lamun duit manehna geus jadi loba, rek langsung dipake ngalamar Nyi Rukmini.

“Heueuh bener.. Lamun duit aing geus jadi loba.. Aing kudu buru buru ngalamar Nyi Rukmini ka Mang Wardi.. Si Suri da geus paeh ieuh.. Geus moal aya nu ngahalangan,” cek gerentes Bah Sura bari unggut unggutan.

Geus teu mikir deui, Bah Sura tuluy nyerenteng ka hareup, nyampeukeun ka Koh Santong. Ger jalma jalma nu ngariung kadenge surak.

“Abah hayang duit abah disulap, Koh..,” cek Bah Sura.

Koh Santong ngalieuk. Tapi pura pura acuh. “Hayaa.. Ada apa kamu Abah Biko Boloho..,” tanya Koh Santong.

“Duit abah pangsulapkeun,” tembal Bah Sura.

“Hayaaa.. Abah Biko Boloho punya duit berapa haa..,” tanya Koh Santong.

Bah Sura ngahuleng teu ngartieun omongan Koh Santong. Tapi keur kitu kurunyung datang jalma nu tadi nganteur Bah Sura. Atuh Bah Sura teh bungaheun. Tuluy nanyakeun ka eta jalma “ Syukur aya si emang.. Naon ceunah cek Koh Santong?,” tanya Bah Sura.

“Abah boga duit sabaraha ceunah,” tembal eta jalma.

“Oh kitu.. Bejakeun Abah buga duit saratus rebu kituh..,” cek Bah Sura.

Tuluy jalma nu ditanya ku Bah Sura ngomong ka Koh Santong, “Si Abah biko boloho punya duit serratus ribu, koh..” cek eta jalma.

Nyeh si Koh Santong seuri. Tuluy pok ngomong, “Hayaa.. Lumayan banyak.. Owe bakal sikat habis duit si Abah biko boloho.. Owe bakal untung gede,” cek Koh Santong.

Bah Sura nyureng, tuluy nanya deui ka jalma nu tadi. “Naon deui ceunah cek Koh Santong,” tanya Bah Sura.

“Duit abah bakal jadi loba hartina teh Bah..,” cek eta jalma.

Dasar Bah Sura memang boloho, teu apaleun manehna bakal ditipu. Manehna malah katempo bungah. “Bener bener.. Abah bungah pisan..,” cek Bah Sura bari kusiwel ngaluarkeun bungkusan duitna. Sor langsung diasorkeun ka Koh Santong.

Gap ku Koh Santong ditampanan bari ngomong, “Hayaaa.. Owe gak nipu kamu kan, Abah biko boloho.. Tadi owe udah bilang haa.. Ini duit mau owe sikat habis.. bener kan owe tadi ngomong gitu?,” cek Koh Santong bari mencrong ka Bah Sura.

Bah Sura ngahuleng deui. “Ngomong naon deui eta Koh Santong teh Abah teu ngarti,” tanya Bah Sura ka jalma nu tadi deui.

“Cek Koh Santong.. Ceunah manehna teu nipu da tadi geus ngomong rek disikat duit abah.. Terus pan Abah mikeun duit,” cek eta jalma.

“Ari disikat naon? Ari bahasa urang mah pan dibadog..,” bah Sura nyureng.

“Atuh beda, bah.. Ari Koh Santong mah disikat jadi bablas..,” cek Eta jalma.

Bah Sura ngahuleng. “Disikat jadi bablas.. Ari bablas ceunah ceh Koh Santong artina loba,” gerentes Bah Sura, terus katempo unggut unggutan.

“Bener.. bener.. Sok atuh geuwat sikat duitna, koh..,” cek Bah Sura.

Atuh ngadenge kitu Koh Santong langsung seuri meni lelenggakan. Bah Sura geh iluan seuri. Ngahargaan tiditu na mah. Tuluy pok kadenge Koh Santong ngomong. “Hayaaa.. Abah biko boloho harus ikutin owe baca mantra,” cek Koh Santong.

Jalma nu pinggireun Koh Santong langsung nerangkeun, “Cek Koh Santong abah kudu nurutan Koh Santong maca jangjawokan ceunah,”

“Oh kitu.. Enya atuh sok.. Ku Abah diturutan,” cek Bah Sura.

“Ikuti owe ngomong ya, Abah Biko Boloho.. Cing aing cangcang.. Cing aing cangcang,” cek Koh Santong

Ku Bah Sura langsung diturutan, “Cing aing cangcang.. Cing aing cangcang” cek Bah Sura nurutan omongan Koh Santong.

Geus kitu mah Koh Santong ngaliek ka salah saurang anak buahna. Anak buahna ngarti. Tuluy kep kep leungeun Bah Sura jeung sukuna ditaralian kana hiji tangkal. Bah Sura cicing bae teu barontak. Lantaran tadi oge manehna nempo Mang Satari anu ceunah ngagandakeun duit ditaralian.

“Aduh aya aya bae syarat ngagandakeun duit teh awak aing kudu ditalian sagala. Ah tapi kajeun nu penting duit aing jadi nambahan,” cek gerentes Bah Sura.

Sanggeus leungeuna ditalian kana tangkal, sungut bah sura oge disumpel ku lamak. Atuh Bah Sura teh ayeuna mah geus siga bae tawanan. Nya leungeun ditalian nya sungut disumpel.

Sanggeus beres kadenge Koh Santong mere parentah ka anak buahna, “Hayaaa.. Kamu olang semua.. Ayo kita pelgi.. haaa.. Belesin semua  nya..,” cek Koh Santong ka anak buahna.

Teu kudu dua kali parentah, sakabeh anak buah Koh Santong pada sibuk riringkes barang barang. Sanggeus beres jalma jalma nu aya di dinya katempo arindit. Sihoreng nu ngariung tadi teh anak buah Koh Santong kabeh. Malahan anu tadi nganteur Bah Sura geh anak buahna keneh.

“Hayaaa.. Sekalang semua udah beles, abah biko boloho.. Uang kamu olang mau owe bawa pulang.. Kamsiyah.. kamsiyah..,” cek Koh Santong bari indit dituturkeun ku anak buahna. Malahan siga nu ngahajakeun make dadah sagala rupa.

Nempo kitu, Bah Sura molongo reuwas. “Beu.. Cilaka.. Sihoreng aing ditipu.. Haruuh.. Duit aing sakitu kituna dibawa kabur,” gerentes Bah Sura.

Akhirna mah Bah Sura bener bener apes deui bae. Rek ngagorowok sungutna disumpel. Rek ngudag leungeun jeung sukuna ditalian. Antukna mah Bah Sura ngan ukur bisa handeeul kabina bina, ambek nyedek tanaga midek. Kulahek, Bah Sura kapiuhan deui. Cag Urang tunda heula.

Ayeuna caturkeun kaayaan di Lembur Luhur, harita panon poe geus hampir surup ka satukangeun gunung. Cahaya layung geus mimiti hibar. Sora tonggeret jeung caricangkas geus mimiti kadenge patembalan, dialokan ku sora bangkong ejeung ceuhay.

Di Imah Pa Rt, katempo keur pada kumpul ngariung. Aya Tua Kampung, Pa Lebe, Mang Wardi, Mang Uman, jeung nu sejen na. kabehan na keur narungguan Bah Sura anu sampe ka wanci ayeuna can datang keneh bae.

“Geus rek magrib, kunaon si Bah Sura can datang keneh nya?,” Tua Kampung mimiti kadenge nyarita.

“Bener, pa Tua.. Kuring geh ngarasa melang.. Bisi kumaha onam di jalan.. Lantaran kan manehna fikiran na keur rungsing pisan,” tembal Pa Rt.

“Terus rencana urang kumaha, Pa Tua, Pa Rt.. Kuring geh asa melang bisi si Abah kumaha onam,” Mang Wardi ilu ngomong.

“Kumaha lamun aya nu nyusul, maluruh si abah.. Bisi naha boh naha, salempang kuring ge,” Pa Rt mere usul.

Nu sejen na ngaharuleng. Teu lila pok Tua Kampung ngomong, “Enya atuh kuring satuju.. Kumaha lamun kieu, kuring jeung Mang Uman indit nyusul Bah Sura.. Pa Rt, Mang Wardi jeung nu sejen na mah tungguan bae di dieu, bisi pasalio jalan,” cek Tua Kampung.

“Nya kitu geh kuring satuju.. Kumaha ari mang Uman na?,” cek Pa Rt bari tuluy nanya ka Mang Uman.

“Nya ari kuring mah ngiringan bae.. kumaha saena,” tembal Mang Uman.

“Nya atuh syukur ari kitu mah.. Ayeuna meungpeung caang keneh, hayu ah urang indit, Mang Uman,” cek Tua Kampung ngajak mang Uman indit.

“Mangga, Pa Tua,” cek Mang Uman.

Tuluy duanana nangtung saterusna maranehna arindit rek neangan Bah Sura.

Gancang na carita, caturkeun kaayaan geus liwat isa. Bah Sura can datang keneh. Kitu deui Tua Kampung jeung Mang Uman anu nyusulna can marulang. Atuh Pa Rt jeung Mang Wardi meni arep arepeun.

“Kumaha ieu pa Rt.. Si Abah can dongkap, Pa Tua sareng Mang Uman anu nyusulna duka kamarana,” cek Mang Wardi.

“Puguh, mang.. Kuring jadi asa karereueung kieu,” cek Pa Rt.

Keur kitu cungungung cungungung, mimiti kadenge sora anjing anu babaung ti kajauhan. Sora melewung meni lambat pisan. Dususul ku sora angin anu ngagelebug di jomantara. Rey.. bulu punduk Pa Rt jeung Mang Wardi karasa maruringkak.

“Aduh.. Ieu bulu punduk kuring pa Rt, asa maruringkak kieu.. Kumaha lamun jurig nu tadi peuting datang deui,” cek Mang Wardi.

Karek geh Mang Wardi anggeus ngomong, cikikik kade aya sora awewe anu nyikikik. Mimitina eta sora nu seuri kadenge jauh. Beuki lila asa beuki tambah ngadeukeutan.

Ngadenge kitu, Pa Rt jeung Mang Wardi beuki tambah soak bae. Awakna karasa leuleus tuur nyorojcod. Pa Rt langsung dikurubung ku sarung nyuuh. Mang Wardi oge sarua. Sarungna geuwat diharudungkeun tuluy sirahna mubus ka handapeun beuteung pa Rt.

Dilajeng ka Eps salajengna.

Karangan Kang Abun Burhanudin

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng