Kumpulan Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 24

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Urang tunda heula kaayaan Bah Sura anu hirupna apes bae nete semplek nincak semplak, ayeuna urang caturkeun heula kaayaan di Lembur Cipeteuy anu geus lila katunda.

Panon poe geus beuki nyedek ka kulon, jalma jalma geus mimiti pada mulang ti tempat pagawean na masing masing. Dina kaayaan kitu Mama Kyai Jakaria katingali nembe dongkap tos netepan lohor di masjid, teras anjeuna calik ngabaheuhay di teras bumina. 

Teu kungsi lila kurunyung Nyi Haji Asiyah, paroman na katingali teu patos berag, teras gek calik di sagedengeun Mama Kyai. Mama Kyai Jakaria heran,

“Kunaon deui, ibuna.. Eta paroman teh siga nu rungsing kitu,?,” tanya Mama Kyai.

“Itu atuh, Amana, masalah si Ujang jeung si Nyai..,” tembal Nyi Haji Aisyah, bagun ku senggah dina nyariosna.

“Memangna kunaon deui atuh si Nyai teh?,” tanya Mama Kyai deui.

“Abdi mah tos asa marengmengan sareng isin ngadangu jalmi jalmi ngan nyararioskeun bae si Nyai sareng si Ujang the..,” tembal Nyi Haji Aisyah deui.

Mama Kyai Jakaria katingal kerung. Nyi Haji Aisyah neraskeun deui cariosan na. 

“Nembean abdi tos tik ebon teh mampir heula ka warung sakantenan balanja maksadna mah.. Eta di warung ibu ibu nuju nyararioskeun si Nyai sareng si Ujang.. Majarna teh ongkoh adi jeung lanceuk, tapi siga anu babarogohan bae.. Mireng kitu teh abdi isin pisan, amana.. Kedah kumaha atuh ari tos kieu? Da masi leres sanes saderek sakandung geh asa piraku atu si Nyai sareng si Ujang kedah ngajodo mah..,” jelas Nyi Haji Asiyah.

Mama Kyai katingal ngahuleng, rada lami ti harita, pok anjeuna nyarios. “Nya.. Memang euwueuh deui jalan, ibuna.. Si Ujang jeung si Nyai samentara waktu kudu dipisahkeun heula..,” cek Mama Kyai.

“Maksad Amana?,” tanya Nyi Haji Aisyah.

“Nya.. Saperti rencana katukang.. Si Ujang ayeuna geus dewasa.. Geus wayah maluruh saha anu jadi indung bapana anu sabenerna.. Lain Ama rek ngusir.. Tapi kumaha kumaha geh si Ujang kudu nyaho, saha sabenerna kolot kandung manehna..,” cek Mama Kyai.

“Nya ari tadina mah abdi the ngaraos abot, amana.. Asa teu tega oge pami si Ujang kedah ngantunkeun bumi ieu teh.. Da kumaha kumaha oge, abdi teh tos asa ka anak kandung nyalira ari ka si ujang teh.. Atuda di rorok ti orok keneh,” cek Nyi Haji Aisyah.

“Kaharti kitu na mah ku ama geh.. Atuda saha anu teu beurat ka anak.. Tapi da eta mah geus kawajiban si ujangna maluruh anu jadi indung bapana..,” cek Mama Kyai.

“Nya pami kitu mah, kumaha langkung sae na bae cek pangemut amana,” cek Nyi Haji Aisyah.

Satuluyna Nyi Haji Aisyah sareng Mama Kyai Jakaria katingal ti haruleng. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun Bantar jeung Nyi Eti, samulangna ti Bale Desa, nguruskeun persoalan Ambu Suri anu katuduh maling embe tea, Bantar jeung Nyi Eti teu langsung mulang, duanana kalah ngaradon arulin deui ka sawah.

“Abdi ngaraos hawatos pisan kana nasib Ambu Suri teh, kang..,” cek Nyi Eti kadenge nyartita, bari terus laleumpang.

“Sami, Nyai.. Akang oge ngaraos teu tega.. Sareng duka kumaha, ti saprak pendak sareng Ambu Suri, akang mah asa ngaraos sanes ka batur.. Asa kasepuh nyalira..,” cek Bantar.

“Ayeuna teras kumaha rencana akang kanggo nulungan Ambu Suri..?”, tanya Nyi Eti.

“Nya daek teu daek akang kedah tiasa maluruh bangsat anu sabenerna teras ditewak,” tembal Bantar.

Keur kitu Nyi Eta teu kahaja ningali siga aya nu sasalingkeran di hiji rungkun teu jauh ti maranehna. Nyi Eti kaget, tuluy noel ka Bantar.

“Aya naon, Nyai..? Tanya Bantar.

Nyi Eti mere isyarat ku ngangkat curuk kana bahamna. Maksudna mere nyaho supaya Bantar ulah geruh. “Ulah tarik teuing nyariosna, kang.. Aya jalma nu nyurigakeun,” cek Nyi Eti bari ka palebah rungkun.

Bantar ngalieuk ka palebah nu ditunjuk ku Nyi Eti. Katempoeun sakilas ku Bantar bener siga aya nu keur sasalingkeran. “Leres nyai.. Aya jalmi nu keur sasalingkeran.. Ayeuna kieu.. Nyai wartosan sababaraha urang jalmi.. Tapi ulah sampe ngagareuwahkeun.. Ku akang bade diawaskeun eta jalmi.. Hayang nyaho rek naon eta jalma.. Lamun leres jalmi jahat ku akang bade ditewak,” cek Bantar.

Nyi Eti unggut. Tuluy manehna indit lalaunan ninggalkeun Bantar, maksudna rek ngabejaan jalma jalma.

Sanggeus Nyi Eti indit, jleung Bantar luncat ka palebah tukangeun hiji tangkal. Breh ti beulah dinya katingali jelas aya saurang jalma anu nyumput tukangeun hiji rungkun. Pangawakan na pendek, beungeutna cengos. Sihoreng eta jalma the badog embe anu nipu ka Ambu Suri tea. Ku Bantar gerak gerik eta jalma terus diawaskeun.

“Bener bener nyurigakeun eta jalma.. Keun hayang nyaho rek naha manehna sabenerna..” cek gerentes Bantar, bari panon na terus ngawaskeun eta jelma.

Teu lila jalma nu adiawaskeun ku Bantar katempo keketeyepan leumpang nanjak, pindah kana rungkun nu sejen na. Terus manehna siga anu keur ngawaskeun ka palebah hiji kendang munding.

Nempo kitu, Bantar beuki curiga bae. “Lakadalah.. Sigana eta jelma keur ngawaskeun munding nu Mang Alman.. Keun lamun bener manehna boga niat rek malik munding, cangkalak siah ku aing,” cek gerentes Bantar deui, bari manehna geh terus pindah lalaunan ka tempat sejen nu leuwih suni. Ari panon na terus ngawaskeun eta jelma.

Bener bae eta jalma teh rek maling munding. Katempo cungas cengos ngawaskeun kaayaan sakuliling eta tempat, malahmah sempet ngareret ka palebah tempat anu dipake ku Bantar nyumput. Untungna Bantar buru buru dongko, jadina manehna teu sampe katempoeun ku eta jalma.


Baca juga : Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 21


Urang tunda heula kaayaan Bantar anu keur ngawaskeun saurang Bangsat nu rek ngabadog munding salah saurang warga lembur. Ayeuna malikan deui ka Nyi Eti anu dititah ku Bantar ngabejaan jalma jalma.

Harita Nyi Eti geus sampe ka Bale Desa, terus langsung nepungan Tua Kampung, Rt, Jeung Hansip, anu masih keneh aya di dinya, nungguan Ambu Suri.

Nempo Nyi Eti datang, Ambu Suri meni bungaheun pisan. Keur diuk cameot di pojok geh langsung curinghak hudang. “Aya Nyi Eti.. Susuganan bae manehna mawa beja pibungaheun..” cek gerentes Ambu Suri, bari tuluy nyampeurkeun Nyi Eti nu keur ngobrol jeung Tua Kampung saparakancan.

“Kumaha, Nyai.. Tos kapendak bangsat anu sabenerna.. Ambu mah geus teu betah pisan cicing di dieu teh,” cek Ambu Suri, barang anjog langsung bae ngomong kitu.

Nyi Eti nu keur ngobrol daria ngareret ka Ambu Suri. “Insya Allah, Ambu.. Ayeuna kang Bantar keur ngawaskeun jalmi anu dicuriga.. Ambu kasabar bae heula nya.. Sugan bae leres jalmi anu keur diawaskeun ku kang Bantar teh badog anu saleresna anu nipu ka ambu..,” tembal Nyi Eti.

“Muga muga bae atuh, Nyai.. Ambu mah geus geuwat hayang indit ti dieu,” cek Ambu Suri.

Nyi Eti unggut. Terus kadenge Tua Kampung ngomong ka nu sejen na. “Ayeuna kieu, Pa Rt tungguan didieu.. Kuring jeung Hansip rek indit nepungan Jang Bantar.. Tapi kahade waka ibur heula ambih teu rame..,” cek Tua Kampung.

“Muhun atuh, Pa Tua.. Kitu sae.. Kuring satuju,” tembal Pa Rt.

“Nya geus kitu bae.. Hayu atuh Nyai.. cuang nepungan Jang Bantar..,” cek Tua Kampung, bari nangtung. Katempo Hansip oge ilu nangtung, satuluyna maranehna arindit.

Ari Nyi Eti samemeh indit teh ngomong heula ka Ambu Suri, “Abdi bade angkat heula, Ambu.. Dungakeun bae mudah mudahan bangsat nu nipu ka Ambu sing enggal katewak,” cek Nyi Eti.

“Muhun atuh, Nyai.. Ambu ngadungakun pisan,” tembal Ambu Suri.

Satuluyna Nyi Eti, Tua Kampung, jeung hansip arindit ti bale, rek nyalampeur ka Bantar. Ambu Suri narik nafas panjang. “Muga muga bae geuwat beunang tah bangsat nu nipu aing teh.. Lamun beunang diwewejet ku aing.. Sarua Tua Kampung jeung nu sejen na geh ku aing dibales, bongan geus nyariksa ka aing,” cek gerentes Ambu Suri, katempo geregeteun. Cag urang tunda huela.

Ayeuna balik deui nyaritakeun kaayaan Bantar anu keur ngawaskeun bangsat tea. Katingalieun ku Bantar bangsat anu keur diawaskeun na keur leumpang keketeyepan ngadeukeutan kendang munding. Sanggeus anjog eta Bangsat katempo cungas cengos nempoan deui kaayaan di dinya. 

“Aman yeuh.. Moal aya jalma nu nyahoeun,” cek gerentes eta Bangsat.

Satuluyna manehna ngadekeutan munding anu katempo keur nyatu. Kep kana tali anu nalian na. Katempo eta jalma ngaluarkeun peso, tuluy ret.. eta tali nu nalian munding teh dikeureut. Sanggeus hasil ngereut tali anu nalian munding, eta jalma masih keneh katempo cungas cengos. 

“Lancar.. Euweuh jalma.. Dasar milik,” cek gerentes eta jalma, bari tuluy manehna nungtun munding indit ti kandangna.

Ari ku Bantar, eta jalma masih keneh terus diawaskeun. Manehna can waka ngalakukeun tindakan. “Sihoreng bener eta jalma teh Bangsat.. Tapi keun ku aing rek diantep heula supaya bisa jadi bukti..,” cek gerentes Bantar.

Dina kaayaan kitu, Nyi Eti, Tua Kampung, jeung Hansip, geus aranjog ka palebah dinya. Barang nempo aya jalma anu nungtun munding Mang Alman, Tua Kampung jeung nu sejen na langsung katempo kaget. 

“Bangsaaaat..! Tewaaaaak..!,” cek Tua Kampung ngagorowok, bari tuluy manehna lumpat ka palebah bangsat anu keur nungtun munding. Kitu deui Hansip geuwat lumpat nuturkeun Tua Kampung. Sarua manehna geh gogorowokan aya Bangsat aya Bangsat ceunah.

Sedengkeun Nyi Eti ngarasa heran, lantaran katingali Bantar aya di dinya. “Ari kang Bantarna kamana? Geuning Bangsatna diantep bae.. Moal kitu Kang Bantar kumaha onam, ku Bangsat..?,” gerentes Nyi Eti, bari panon na luak lieuk neangan Bantar. Tapi weleh teu katempo ku manehna.

Ari Bangsat kaget, barang ngadenge ujug ujug aya nu ngagorowok aya Bangsat teh. “Beu, cilaka.. Geuning bisa aing kanyahoan..,” cek eta Bangsat.

Bangsat rek niat kabur. Tapi Tua Kampung jeung Hansip geus kaburu daratang manten. Kapaksa kulantaran euweuh deui jalan, eta Bangsat rek nekad ngawalan ka Tua Kampung jeung Hansip.

“Rek dibawa kamana siah eta Munding Mang Alman.. Leupaskeun..,” cek Tua Kampung ngabentak.

Ari Bangsat tetep katempo tenang bae, siga anu eweuh kasieun. “Oh.. Jadi munding ieu teh kudu dileupaskeun nya..?,” cek Bangsat.

“Heueuh sia leupaskeun. Wawanianan siah ngabangsat ka warga aing,” tembal Tua Kampung.

“Geus pa Tua.. Teu kudu diajak ngomong heula bangsat mah.. Langsung tewak bae, pa Tua.. Tewak..,” cek Hansip bari kalah ngadodorong tonggong Tua Kampung sina newak Bangsat.

Tapi Tua Kampung kalah rungkag rengkog siga anu sieun. Tuluy manehna malik nyentak Hansip. “Sok atuh geuwat bareng kuduaan tewak..,” cek Tua Kampung, bari tuluy nanarik leungeun hansip. 

Sihoreng teh duanana geh ari ngahaja haja nyanghareupan bangsat mah teu waranieun. Jadi malah katempo patarik tarik padorong dorong.

Nempo kalakuan Tua Kampung jeung Hansip anu rek newak bangsat tapi kalah patarik tarik padorong dorong, Nyi Eti jadina ahkey ahkeyan ngarasa kagugu. “Aduh eta Pa Tua jeung Hansip, ngadon siga bolon rek newak Bangsat teh.. Keun lah rek diantep bae heula.. Itung itung tontonan gratis,” cek Nyi Eti bari seusuerian.

Kitu deui Bantar anu masih keneh ngawaskeun bari nyumput, manehna geh ngarasa kagugu nempo kalakuan Tua Kampung jeung Hansip anu rek newak Bangsat tapi euweuh kawani. Sarua jeung Nyi Eti, Bantar oge boga niat rek ngantep heula. Hayang nyaho rek kumaha angkohna.

Dipihak sejen, Bangsatna sorangan barang nempo Tua Kampung jeung Hansip malah ngadon padorong dorong kitu, manehna malah jadi timbul kawani.

“Dasar kolot kolot begog.. Disangka teh bener aya kawarani rek newak aing teh.. Gawean pisan siah ku aing..,” cek gerentes eta Bangsat. 

Bari kitu eta Bangsat mikir, kumaha carana ngagawean Tua Kampung jeung Hansip. Teu lila nyeh manehna seuri meunang akal. Tuluy eta Bangsat narik munding sina nyanghareup ka Tua Kampung jeung Hansip. Kot leungeun sabeulahna nyokot regang awi anu aya teu jauh ti manehna.

Satuluyna tali anu dipake ngerong munding dileupaskeun, tuluy munding tonggong mundingna digebug ku regang awi. Atuh belecet eta munding lumpat rek neungar ka Tua Kampung jeung Hansip anu aya dihareupeun na.

Nempo kitu, Tua Kampung jeung Hansip sasah. Lain laluncat ka pinggir supaya teu kateunggar ku munding, malahan maranehna mah kalah lalumpatan ka tukang saarah ejeung munding. Antukna mah jeger jeger dua nana kateunggar. 

Saking ku tarikna neunggar, Tua Kampung jeung Hansip kalah ngaracleng. Tuluy gubrag pada pada ngagalubrag narangkobak. Kadenge duanana humarurung. 

“Aduuh.. Nyeri.. Aduuh..,” cek hansip bari nyekelan bobokongna anu kateunggar.

“Tuluuung.. Tuluuung..,” cek Tua Kampung tulung tulungan.

Sedengekun Bangsat barang nempo Tua Kampung jeung Hansip ngadon tingjaloprak diteunggar munding manehna kalah ngabarakatak seuseurian siga anu bungah pisan.

“Ha.. ha.. ha.. Karasa tah siah.. Kumaha rasana ditenggar munding..,” cek Bangsat bari mulak cangkeng siga anu bungah pisan.

Nempo Tua Kampung jeung Hansip anu kalah ripuh, jorojoy si Bangsat boga niat rek nyangkalak pisan, “Lah meungpeung keur nyalangkorah kitu, cangkalak pisan siah ku aing eta kokolot begog teh duanana,” gerentes eta Bangsat.

Sret si Bangsat nyabut bedog tina sarangkana, tuluy manehna leumpang nyampeurkeun ka Tua Kampung jeung Hansip anu masih keneh ngajaloprak bari jeung humarurung.

“Heh siah kolot begog.. Sia duaan geus wani ngahalangan kana paniatan aing.. Ayeuna ku aing rek dipodaran siah..,” cek si Bangsat bari ngamang ngamang bedogna.

Nempo kitu, atuh Tua Kampung jeung Hansip meni katempo sepa bakating ku soak. “Ampun.. Ulang kuring lamun rek dipaehan mah.. Tah Mang Udi bae.. Kuring mah boga anak pamajikan,” cek Tua Kampung ampun ampunan, bari leungeun na ranggah.

Ngadenge kitu Mang Udi reuwas, campur sieun. Pok manehna geh ngomong, “Bohong juragan bangsat.. Ulah kuring.. Kuring mah can ngalaman kawin, sing karunya ka kuring.. Tah lamun rek ditandasa mah mending Tua Kampung bae..,” cek Hansip, bari awakna ngageter bakating ku sieun.

Ngadenge kitu, si Bangsat kalah nyakakak. “Montong saling tuduhkeun siah.. Sia duanana geh rek dipodaran ku aing.. Bongan siah geus wani ngahalangan kana paniatan aing..,” cek si Bangsat bari ngangkat bedogna rek diheumbatkeun kana beuheung Tua Kampung.

Lenyap, Tua Kampung ngalenyap. Awakna geus teu puguh rarasaan. Ari panon na peureum, geus asa gacrek gacrek bae beheungna disabet ku bedog si bangsat.

“Modar siah..,” cek si Bangsat ngagorowok bari ngaheumbatkeun bedogna ngarah kana beuheung tua kampung.

Bedog katempo meni nyewuk tinggal sagacrek gacrekeun bae. Tapi barang eta bedog tinggal sautik deui nempel kana beuheung Tua Kampung, teu ujug ujug jekok aya nu ngajejek kana palebah cangkeng si Bangsat.

Soloyong atuh si Bangsat nyoloyong ka panggir. Jebrood.. disusul deui ku tajongan nenggel kana iga burung na. “Adoooow..,” si Bangsat ngagorokok nyeri. Gubrag awakna ngagubrag. Ari bedogna ngacleng jauh pisan.

Sihoreng anu ngajejek si Bangsat teh Nyi Eti. Katempo manehna geus nangtung ajeg teu ti si Bangsat anu geus ngajoprak. “Hudang siah Bangsat.. Lamun aya kawani, hayu tarung jeung aing,” cek Nyi Eti nangtang ka si Bangsat.

Ari Tua Kampung jeung Hansip masih keneh katempo nyuuh bari jeung nyarekelan hulu. Ari dina calana karasa baseuh, bakating ku soak meureun.

Teu jauh ti tempat eta Bantar masih keneh ngawaskeun. Satadina mah basa kajadian Tua Kampung rek disabet beuheungna ku Bangsat teh, Bantar rek luncat nulungan. Tapi kaburu kapiheulaan ku Nyi Eti. Akhirna Bantar masih keneh ngan saukur ngawaskeun.

“Siga na mah aing teu kudu turun tangan.. Pasti kaawakan ku nyai geh jalma sa sikimah,” cek gerentes Bantar.

Ari si Bangsat ayeuna geus katempo nguniang hudang deui. Barang nempo anu aya di hareupeun manehna teh ngan saukur saurang wanoja, si Bangsat ngarasa nguntup.

“Jeeh.. disangka teh saha.. Si horeng teh si Nyai Geulis.. Ngajak ulin ulinan jeung akang.. Hayu lah..,” cek eta Bangsat.

Sebrut, si Bangsat nonjokeun peureupna nu diarah careham Nyi Eti. Tapi masi awak awewe geh, si horeng Nyi Eti lain jalma sambarangan. Nempo peureup musuh nyuruwuk, saeutik geh Nyi Eti teu ngarasa geumpeur. 

Bari jeung teu ngarobah posisi nangtungna, kep Nyi Eti newak leungeun musuhna, tuluy ditarik katukang. Atuh awak si Bangsat nyolontod kahareup, dina kaayaan kitu Nyi Eti ngangkat tuurna kaluhur. Geduk nenggel pisan kana hulu angeun eta Bangsat. Heu’ si Bangsat ngahenggeu.

Dina kaayaan kitu, Nyi Eti embung pisan mere kasempetan si Banhsat ngarenghap, siku Nyi Eti sakilat nyamber deui kana palipisan si Bangsat. Hiuk.. Bek.. Meneran pisan. Goak si Bangsat ngagoak.

“Aduh.. Tobaaaaat..,” 

Soloyong.. awak si Bangsat sosoloyongan. Ditimpah deui ku tendangan muter Nyi Eti, hiuk jelebet jelebet. Dua kali tendangan Nyi Eti ngahantem sirah si Bangsat. “Ampuuuun..!” koloyong.. gubrag..! si Bangsat ngajongkeng.

“Hudang siah..!” Nyi Eti ngabentak.

“Ampuun.. Nyai.. Ampun.. Kuring nyerah.. Moal wani cucungah deui,” cek si Bangsat ampun ampunan.

“Hudang siah.. Katukangkeun leungeun.. rek ditalikung ku aing,” cek Nyi Eti.

Si bangsat hudang lalaunan. Tuluy siga nu popoyongkodan leumpang ngadeukeutan Nyi Eti. “Nukang siah..!,” Nyi Eti ngabentak deui.

Si Bangsat katempo siga nu rek nukangan. Tapi teu kanyahoan ku Nyi Eti, si bangsat ujug ujug deku, bari nyabetkeun suku na ka palebah bincurang Nyi Eti.

Geduk..! Nyi Eti reuwas. “Aduh..!” soloyong awakna nyoloyong, tuluy gubrag ngagubrag. 

Barang Nyi Eti ngagubrag, belecet si bangsat kabur. Tapi karek geh sababaraha lengkah. Ujug ujug Bantar muncul, ngabedega ngahalan si Bangsat.

“Rek kabur kandi siah, Bangsat..” cek Bantar.

Si Bangsat reuwas, langsung muter rek malik deui. Tapi Bantar saklilat luncat, ngalakukeun tendangan muter, jelebet.. nenggel pisan kana sirah si Bangsat. Soloyong.. Gubrag.. si Bangsat langsung ngagubrag.

“Tobaaat..! Ampuuuun..!” cek si Bangsat. 

Tajongan Bantar kacida tarikna. Si Bangsat ngarasa remek awakna, geus teu bisa hudang deui.

“Kurangajar siah.. Wani wani nyieun masalah di lembur aing.. Hudang siah..,”

“Ampun.. Aden.. Ampuun..,” si Bangsat Ampun ampunan. Rek hudang tapi awakna geus teu kuat.

Keur kitu Nyi Eti nyampeurkeun. Bakating ku ambek, habek Nyi Eti najong deui awak si bangsat. “Kurangajar siah.. “ cek Nyi Eti, paroman na siga nu ambek keneh. Katempo sukuna siga nu rek najong deui ka si Bangsat. Tapi kaburu dicaram ku Bantar.

“Entos, Nyai.. Entos.. Keun da geus teu walakaya,” Bantar nyaram ka Nyi Eti.

Tuluy Bantar narik awak si Bangsat dipaksa hudang. “Hudang siah.. Ilu jeung aing ka bale.. Siah kudu tanggung jawab kana pagaweans sia..,” cek Bantar.

Si Bangsat geus teu bisa kumaha kumaha, dan geus ngarasa teu sanggup pikeun ngalawan deui. Kapaksa manehna nurut kana kahayang Bantar, leumpang bari jeung disesered ku Bantar.

Ari Nyi Eti tuluy nyampeurkeun ka Tua Kampung jeung Hansip anu sampe kaayeuna masih katempo nyaruuh bakating ku soak soakna.

Barang anjog, Nyi Eti langsung ungas ingus nutupan irungna, lantaran kaambeu ku manehna bau hangseur. “Pa Tua.. Mang Hansip.. Ulah nyuuh bae.. Bangsatna tos katewak..,” cek Nyi Eti.

Tua Kampung jeung Hansip carengkat lalaunan, barang ningali Nyi Eti nangtung hareupeun maranehna, Tua Kampung jeung Hansip katempo siga nu areraeun.

“He.. he.., Nyai.. Kumaha bangsatna tos katewak, Nyai..” Tanya Tua Kampung bari jeung era.

“Entos, pa Tua.. Tuh digiring ku Kang Bantar ka Bale Desa,” cek Nyi Eti bari nunjuk.

Tua Kampung jeung Hansip ngaralieuk ka palebah nu ditunjuk ku Nyi Eti. Ana breh teh enya, Bangsat nu tadi keur disesered leumpang ku Bantar.

Geus kitu mah Tua Kampung jeung Hansip harudang tuluy laleumpang nuturkeun Nyi Eti nu geus indit tiheula. Cag urang tunda heula.

Ayeuna caturkeun kaayan Ambu Suri anu masih keneh ditahan di bale desa. Tisaprak Nyi Eti, Tua Kampung, jeung Hansip, arindit rek narewak bangsat, Ambu Suri ngarasa teu sabar hayang geuwat geuwat bae ngadenge bangsatna geus beunang.

Ti tatadi pagawean Ambu Suri cilingcingcat teu puguh. Geus nangtung, tuluy diuk deui, tuluy leumpang kaluar kaher teu puguh. Pak Rt nu nempo kalakuan Ambu Suri kitu jadi ngarasa curiga.

“Cicing atuh, Ambu.. Kalakuan teh siga bolon bae kaditu kadieu kaditu kadieu teu daek cicing.. Rek neangan jalan kabur sugan?.. Sok bae nyoba nyoba kabur mah.. Moal dibere ampun deui ku kuring, “ cek Pa RT.

“Ih lain kitu, Pa Rt.. Kuring mah lain rek kabur.. Tapi kuring geus teu sabar, hayang geuwat ngadenge bangsatna beunang.. Terus terang bae geus teu betah kuring mah di dieu teh..,” tembal Ambu Suri.

“Sarua bae masi kuring geh.. Risi aya si Ambu di dieu teh.. Nyieun bae pagawean.. Waktuna hees diimah ieu mah kalah kudu nungguan si Ambu.. Geus cicing diuk.. Mun teu diuk talian siah geura..,” cek Pa RT, rada ambek. Meureun manehna pedah kucape sigana mah.

Ngadenge kitu, Ambu Suri siga nu seueul. Ngarasa asa teu dihargaan pisan ku pa RT. Bari jeung seueul terus Ambu Suri diuk. Ari dina hatena gugulunuk ngarasa seueul ka Pa RT.

“Haramjadol teh.. Kitu kitu teuing eta si RT ka aing.. Asa teu dianggap jalma pisan aing teh.. Aing teh di lembur mah parahi ngahargaan, na ari di dieu, awas siah Rt.. ke geh dibere pelajaran ku aing,” cek gerentes Ambu Suri.

Ambu Suri tuluy katempo ngahuleng. Tapi teu lila, ujug ujug katempo manehna nyerengeh sorangan. “Lakadalah.. Ayeuna aing nyaho carana ngagawean si RT.. Keun siah..,” cek gerentes Ambu Suri bari jung nangtung.

Nempo Ambu Suri nangtung, Pa Rt nanya deui. “Rek kamana deui, Ambu..? cicing cek kuring geh.. Cilingcingcat bae bari na ge..,” cek Pa Rt.

“Kuring hoyong kahapngan heula pa Rt.. Bade ngiring pa Rt..,” tembal Ambu Suri bari nyerengeh.

“Jor bae kaditu rek ngember mah.. Tapi awas ulah nyoba nyoba kabur,” cek Pa Rt, paroman na haseum bae.

“Nya atuh mana geh.. ambih Pa Rt teu curiga bae kuring rek kabur, hayu ilu jeung kuring ka WC.. itung itung nganteur bae atuh..,” tembal Ambu Suri siga anu ngahajakeun ambih Pa Rt ambekeun ka manehna.

“Geus geus geuwat kaditu.. Ngocoblak bae bari na geh..,” cek Pa Rt deui teugeug.

Geus kitu mah Ambu Suri teu loba deui omong. Leos manehna ka tukang.

Sanggeus aya di tukang, Ambu Suri katempo siga anu cungas cengos siga aya nu diteangan. Breh di juru bak katempo aya sentreg beurit. Belenyeh Ambu Suri seuri sorangan.

Tuly manehna leumpang ka juru nyokot sentreg. Saterusna eta sentreg dipasang di hareupeun lawang panto dapur. Geus kitu Ambu Suri nyumput di juru dapur bale.

“Tah aing ayeuna kudu nyumput heula di dieu.. Si Rt pastina curiga aing kabur.. satuluyna manehna bakalan neangan aing ka dapur, pan pastina si Rt bakal nginjek sentreg tah.. rasakeun siah Rt wawales ti aing,” cek gerentes Ambu Suri.

Ambu Suri terus bae nyumput di juru dapur. Tapi geus lila ditunggu tunggu oge Pa Rt anu diharepkeun ku Ambu Suri neangan manehna ka dapur acan oge norojol. Ambu Suri rada heran jeung kesel oge.

“Jeh.. Dasar Rt gejul.. Ari ngahaja ku aing ditungguan neangan teu daek oge norojol.. Dasar gejul tah jalma teh..” gerentes Ambu Suri.

Keur kitu sora jalma di luar patingcorowok “Bangsat nu aslina beunang..! bangsat nu aslina beunaaang..! kadenge sora jalma rame di luar, bari aya oge sada nu nabeuh kohkol ditihtirkeun.

Ngadenge kitu, Ambu Suri anu keur curinghak bungah. “Tah sih beunang akhirna mah.. Aing bisa bebas ayeuna mah.. Ayeuna giliran aing ngabales jalma jalma anu gues nganyerikeun ka aing,” cek Ambu Suri barit uluy hudang.

Ambu Suri tuluy ngaderegdeg lumpat ka hareup. Saking ku bungahna, Ambu Suri poho kana sentreg beurit anu dipasang ku manehna hareupeun lawang dapur anu satadina mah jang ngajebak Pa Rt tea.

Atuh barang rek liwat ka lawang dapur, jadina senjata makan tuan. streg beurit anu dipasang ku Ambu Suri teh kainjek ku manehna keh. Trek.. Jepret..! Sentreg ngajepret. Suku Ambu Suri kacapit ku seuseukeutna. Goaaak..! Ambu Suri ngagoak.. “Adoooow..! Tuluuuuung..!,” Ambu Suri ngagorowok tulung tulungan bari nyekelan suku na nu kacapit ku sentreg anu dipasang ku manehna sorangan.


Dilajeng ka Eps salajengna.  



Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng