Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

 Karangan Kang Abun Burhanudin

“Ju.. Ju.. juriigg..!,” cek Sarmadi bari langsung ngaberetek lumpat meni notog notogkeun maneh. Dituturkeun ku si Sobri, duanana parahi embung ti tukang patarik tarik leungeun nu pada akhirna duanana pating gelebrus kana galengan sawah, awak jeung beungeutna gogolopot ku leutak. Tapi duana teu malire tuluy harudang lalumpatan deui, beuki notog notogkeun maneh sagala ditabrak sagala dirumpak. 

Ari si Uyat batur baturna lumpat teh manehna mah kalah ngajengjen cicing. Sungut calawak, mata bolotot, tuur noroktok.  calana na karasa baseuh wer weran kiih. Sigana kituna teh bakating ku sieun sieun na. Ari jurig Nyi Rukmini terus cicirihalan matak pikasieuneun.

Kalayang jurig Nyi Rukmini ngalayang, tuluy cle nangtung hareupuen si Uyat. Si Uyat beuki soak bae teu puguh rarasaan. Huntuna noroktok. Wuus..! Nyi Rukmini ngelebetkeun leungeun bajuna, tuluy katempo manjangan. Ret.. ret.. Eta leungeung baju ririwa Nyi Rukimi ngabeulit kana awak si Uyat. Tuluy disered dibawa hiber. Sora jurig Nyi Rukmini kadenge cicirihal dibarengan ku angin jeung anjing anu babaung. Beuki lila kadenge beuki jauh. Akhirna les teu kadenge deui. Cag urang tunda heula.

Ayeuna kocapkeun deui Tua Kampung, Pa Rt jeung sababaraha urang kokolot eta lembur. Sanggeus ti imah Bah Sura, maranehna teu langsung baralik tapi karumpul heula di imah Mang Wardi ngabahasa deui masalah Nyi Rukmini nu leugit can kapanggih keneh.

“Kuring masih keneh panasaran.. Kumaha mimitina ieu teh, Mang Wardi, sampe Nyi Rukmini bisa leungit teh.. Naha samehmehna aya masalah di imah, atawa kumaha?,” tanya Tua Kampung daria.

“Puguh kuring geh bingung, Pa Tua.. Da teu aya nanaon pisan samemehna mah.. Ngan basa samemeh magrib, si Nyai katingalina siga anu nguyung, ngarasa teu rarajeung ceunah. Biasana sok ka tajug geh henteu..,” jawab Mang Wardi.

Ngadenge kitu, kabehan na ngaharuleng pada bingung. “Asa aneh ari kitu mah nya..” cek Tua kampung.

“Ari kuring mah masih ngarasa panasaran, pa Tua.. Eta masalah getih anu ngabayabah dina palupuh pipir kaler imah Mang Wardi tea.. Getih saha? Jeung naon sababna aya aya getih kitu..? Pasti aya hububgan na jeung Nyi Rukmini nu leungit,” cek Mang Uman, ilu ngomong.

Ngadenge omongan Mang Uman, nu sejen asa diingetan. “ Leres, pa Tua.. Cek kuring mah pasti aya patula patali na jeung Nyi Rukmini nu leungit..,” Cek Pa Rt.

“Enya bener.. Kuring geh aneh bisa aya getih kitu teh..” Cek Tua Kampung, tuluy nangtung leumpang ka pipir imah Mang Wardi, dituturkeun ku kabehan. 

Tapi barang anjog ka tempat aya getih tadi, kabehan na carolohok heran. Sihoreng kurut getih teh geus beresih, euweuh tapak tapakna acan.

“Geuning euweuh kurut kurutna acan.. Lain di dieu tadi getih the?,” tanya Tua Kampung ka balarea.

Nu sejen masih keneh carolohok. “Enya.. Ieu mah bener baner aneh.. Sidik tadi getih teh di dieu. Malah kuring nu nyorongan na ge,” cek Pa Rt ngarasa bingung.

“Ieu mah aya nu teu beres, pa Tua..,” Cek Mang Uman.

Keu kitu kadenge sora nu tulung tulungan aya jurig aya jurig. Kabehan na ngalieuh kapalebah datangna sora. Sihoreng nu tulung tulungan teh si Sobri jeung Sarmadi anu lalumpatan siga anu manggih kasieun. Datang datang jeger nabrak Tua Kampung jeung Pa Rt. Atuh maranehna ting galubrag patumpang tindih.

Pak Rt jeung Tua Kampung ambek. Bari ngajorongkeun awak Sarmadi jeung Sobri, Rt jeung Tua Kampung nyarekan. “ Ari sia areleing teu, datang datang ngadon nabrak kami?,” Cek Tua Kampung nyarekan.

“Jurig Tua Kampung Itu aya sieun hiiih..” Cek Sarmadi ngomongna teu paruguh.

Atuh Tua Kampung beuki ambek bae. “Kabener siah ngomong teh.. Nyebut kami jurig siah..?” Tua Kampung nyentak deui.

“Sok katenang heula jang.. Katenang.. Ayana naon jelaskeun..” Cek Pa Rt manehna mah leleuy bae.

Si Sarmadi jeung si Sobri masih katempo renghap ranjung. Keur kiti sor.. Mang Wardi nyodoran cai hiji sewing. “Sok nginum heula jang.. Katenang.” Cek Mang Wardi bari nyodorkeun cai. Atuh tuluy Sarmadi jeung Sobri ngarinum heula. Geus rada lila karek maranehna ngomong.

“Hampura.. Hampura.. Tadi teh kuring sieun ningali aya jurig.. Hiih.. “ cek Sarmadi bari ngabirigidig.

“Enya, Pak Tua.. Aya jurig awewena.. Buukna gimbal, matana nonghol siga nu rek lesot.. Nangtungna teu napak,” cek Si Sobri ilu ngajelaskeun.

Pak Rt, Tua Kampung jeung nu sejen na pating rareret. “Bener teu ilaing ngomongteh.. Dimana manggihan jurigna..?” Tua kampung nanya, ayeuna mah leleuy.

“Sing demi, Pak Tua.. Sumpah.. Tadi kuring teh di kiduleun sawah kiduleun pejeuh.. Malahmah kuring Si Sobri, jeung si Uyat, narempo kabehan geh..” jawab Sarmadi.

“Ayeuna si Uyatna mana?” Pak Rt nanya.

Sarmadi jeung Si Sobri karek inget ka si Uyat sabab basa tadi teh manehna mah tinggaleun lumpatna. “Duka, Pa Rt.. Sabab basa tadi the kuring boro boro inget ka Si Uyat.. Inget nyalametkeun maneh bae,” cek Sarmadi.

“Kumaha ari geus kieu, Pa Tua..? Jadi loba nu aneh kieu di lembur urang the..” Tanya Pa Rt ka Tua Kampung.

Tua Kampung ngahuleng sakeudeung, mikir. Geus rada lila kakarek manehna ngomong. “Kumaha lamun kukabehan urang ilik ka tempat jurig tea.. Boa boa aya hubungan jeung leungitna Nyi Rukmini..” cek Tua Kampung.

Ngadenge omongan Tua Kampung kitu, sawareh jalma aya nu satuju, sawareh teu waraneun. Pok Tua Kampung ngomong deui. “Geus kieu bae.. Kuring moal maksa ka nu embung.. Nu rek milu jeung kuring hayu.. Tapi ari si Sarmadi jeung si Sobri mah wayahna kudu ilu jang pituduh jalan,” cek Tua Kampung.

“Teu sanggup, Pak Tua.. Kuring mah sieun..” jawab Sarmadi embungeun.

“Enya uing geh patua teu wani.. Hiih.. Sieun.. Embung nempo jurig dua kali..” Cek si Sobri, manehna geh teu wanieun.

“Teu nanaon ilaing duaan teu milu geh.. Tapi mun aya nanaon ku kami moal ditarulungan..,” Tua kampung ngancam.

Atuh ari dikitukeun mah si Sobri jeung Sarmadi geh kapaksa nurut. Tuluy Tua Kampung, Pak RT, Mang Wardi, Mang Uman, jeung sababaraha urang jalma arindit rek ningali ka tempat Si Sarmadi jeung Sobri basa kawenehan jeung jurig Nyi Rukmini. 

Teu kacatur di jalana, Tua Kampung saparakanca geus anjog ka rempat dimana Sarmadi jeung nu sejena manggihan jurig. Tua kampung marentahkeun ka jalma jalma supaya nyorongan unggal tempat. Jalma narurut. Tapi di tempat eta geus teu aya nanaon.

“Mana jurigna sia, Sarmadi?,” Tanya Tua Kampung.

“Ta.. tadimah aya, Pak Tua..” jawab Sarmadi.

“Muhun, Pak Tua.. Tah tadimah nangtung di rungkun cau anu eta,” Si Sobri nguatkeun omongan Tua Kampung, bari leungeun na nunjuk.

“Mana buktina euwueuh nanaon..” Cek Tua Kampung.

“Duka atuh, Pak Tua.. Meureun geus ngampih jurigna..” cek Sarmadi, ngajawabna padu engap bae.

“Dah siamah ari ngomong teh.. Padu ngagah bae.. Ari si Uyat mana?,” Pak Rt milu ngomong.

“Duka, Pak Tua.. Tos mulih meuereun,” jawab Sarmadi.

“Nya geus atuh.. geus ayeuna mah urang baralik,” Tua kampung ngajak balik. Tuluy jalma jalma ngalabring deui indit ti tempat eta.

Tua Kampung, Pa Rt, Mang Wardi, Mang Uman, jeung nu sejen na masih laleumpang, tapi ayeuna mah melok ka jalan nu sejen. Sajajalan carcing bae euweuh nu ngomong. Barang sampe di hiji tempat, Mang Uman teu kahaja nempo aya nu keur ngajolopong deukeut rungkun.

“Ke.. ke.. Pa Tua.. Itu aya nu ngagoler deukeut rungkun.. Saha nya..?,” Cek Mang Uman, bari nunjuk ka hiji rungkun.

Atuh reg, nu sejen na areureun. Tuluy ngalalieuk ka tempat anu dituduhkeun ku Mang Uman. Breh katempo ku kabehan, tapi hentu jelas, aya jalma nu ngagoler teu empes empes.

“Corongan..! Corongan..! Boa si Uyat..” cek hiji jalma.

Tuluy kabehan na nyadareukeutan eta rungkun. Barang geus katempo jelas, sihoreng nu ngajolopong teh si Gondel. “Beu.. Ieu mah geuning si Gondel, anak buahna si Jarot, nu sok ngariweuhkeun urang lembur tea, pak Tua..,” Cek Mang Uman.

Mang Uman tuluy ngaguyah guyah si Gondel. “Hudang siah, gondel.. Hudang..” cek Mang Uman.

Tapi awak si Gondel karasa geus heuras, barang diguyahkeun teh katempo oyag kabeh. Salian ti kitu, beuheungna ngajeler biru siga kurut aya nyekek.

“Geus teu aya nyawaan, Pak Tua,” cek Mang Uman deui.

“Kumaha..? geus ninggal?” tanya Tua kampung.

“Muhun, pak Tua..” cek Mang Uman.

Nu sejen ngarasa panasaran. Tuluy mariksa kaayaan si Gondel. Sihoreng bener geus teu aya nafasan deui. “Leres, Pak Tua, Pak Rt.. Si gondel geus palastra,” cek anu mariksa si Gondel.

“Innalilahi Wa inailaihi rajiun.. Beu.. aya naon ieu di lembur urang.. Geus aya deui bae nu matak pianeheun teh..” cek Tua Kampung.

“Ayeuna layon si Gondel kudu dikumahkeun, Pak Tua, Pak Rt..?” tanya Sarmadi.

“Bawa ka lembur atuh, cuang diurusanan.. Da manehna geh sarua jelma..” Cek Tua Kampung.

“Enya.. Sok garotong..” cek Pak Rt mere parentah.

Atuh tuluy sababaraha urang ngagorotong layon si Gondel, rek dibawa la lembur. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan Ambu Suri jeung Bah Sura. Wanci geus nyedek ka janari dunana masih keneh masih keneh dariuk di tengah imah. Ngan boh Bah Sura atawa Ambu Suri geh pada pada ting baretem. Ambu Suri masih keneh ambek pedah tadi manehna digebugan ku Bah Sura lantaran disangka bangsat tea. Ari Bah Sura manehna geh masih ngarasa seueul sabab dianggapna Ambu Suri teh kalakuan na siga bolon matak wirang jeung era ku batur. Tapi najan pacicing kitu geh ari dina hate namah sarua galecokna. 

“Hh.. Tenteuingeun si Abah ka aing tega nyiksa sagalana.. Nya nyiksa hate, nya nyiksa badan.. Kos nu moal butuh deui ka aing bae.. Keun rek diantep ayeuna mah,” cek gerentes hate Ambu Suri.

“Beu.. Kabelejog aing boga pamajikan teh.. Keun ayeunamah ku aing rek dibere pelajaran,” kitu cek gerentes hate Bah Sura.

Ret Ambu Suri lalaunan rek ngareret ka Bah Sura. Keur kitu Bah Sura geh siga nu sarua rek ngareret ka Ambu Suri. Atuh Ambu Suri buru buru miceun beungeut. Kitu oge Bah Sura. Sarua miceun beungeutna. Siga bae bolon anu keur parasea.

Bah Sura nangtung, tuluy leumpang rek asup ka kamer. Panon na geus karasa tunduh. Nempo salakina rek ngamer, Ambu Suri ngarasa teu ludeung. Tuluy manehna ilu nangtung nuturkeun Bah Sura anu geus asup ka kamer tiheula. Tapi barang anjog ka lawang kamer, ku Bah Sura pantone ditutupkeun, malah rada dijeblugkeun. Atuh jedak Ambuh Suri jadina kejedak ku panto. Koceak Ambu Suri ngoceak, nya reuwas nya nyeri. “Adoow..!” 

Bah Sura geh sabenerna mah kaget, da teu emang teu dihaja. Tapi satuluyna mah ngabelenyeh seuri sorangan. Terus cetrek, panto kamer dikonci. Goledag, Bah Sura ngagoledag sare dina ranjang.

Ari Ambu Suri gugulunuk sorangan dina hatena. Tuluy kapaksa indit rek sare di kamer nu sejen na. Sanggeus aya di kamer sejen, goledag Ambu Suri geh ngagoledag sare. Panon manehna geh geus karasa cepel pisan, teu kuat ku tunduh.

Tapi karek geh rek reup peureum, ujug ujug cungungung kadenge sora anjing babaung lambat pisan, dibarengan ku angin anu ngagelebug. Sora bueuk jeung manuk koreak geh ujug ujug rame patembalan. Kadenge tarik pisan siga aya di suhuneun imahna. Rey Ambu Suri ngarasa ngarey. Bulu pundukna muriding. Ambu Suri ngarasa keueung.

“Beu.. Aya naon deui ieu teh.. Ieu karasa keueung keueung teung,” cek gerentes hate Ambu Suri.

Keur kitu, Blig.. Blig.. blig.. kadenge sada aya nu leumpang dinta talupuh. Ambu Suri reuwas, campur sieun. “Abah.. Si Abah eta teh..” Ambu Suri kapaksa ngomong. 

Tapi teu aya nu nembalan, da memang Bah Sura mah ti tadi geh geus sare tibra. Malah kerekna kadenge meni tarik pisan.

Cuuur..! kadenge deui sada aya nu nyicikeun cai tina teko. Rasa keueung Ambu Suri rada leler. Cek fikirna pasti nu nyicikeun cai teh Bah Sura meureun hanaang hayangeun nginum. “Heh.. Pasti geh si Abah.. rek nginum meureun.. Karasa tah ari goreng jeung pamajikan mah.. Nginum geh kudu nyokot sorangan,” Cek Ambu Suri, seuri sorangan tuluy reup bae manehna peuerum rek sare.

Tapi karek geh sakeudeung peureum na, Jeblug..! kadenge deui sora panto dapur aya nu ngajeblugkeun, disusul ku sora anu pating golombrang. Atuh Ambu Suri teh teu jadi deui sare na. Ambu Suri seueul, gugulunuk. “Huh.. kacida pisan etah si Sura.. Lamun kieu carana mah aing moal bisa hees atuh.. Dasar kolot kolot begog,” cek Ambu Suri.

Sora pating golombrang di dapur beuki rame kadenge. Ambu Suri geus teu tahan, bener bener ambek. Tuluy hudang rek nyarekan Bah Sura maksudna mah.

Ambu Suri tuluy kaluar leumpang ka dapur. Barang anjog ka panto dapur sungutna geus monyong monyong bae sungutna, tapi karek geh rek ngahaok nyarekan, Ambu Suri langsung soak. Sungutna calangap. Sihoreng di dapur teh aya mahluk pikasieuneun. Buukna ngarumbay. Siki matana nonghol siga nu rek coplok. Dadana gorowong pintuh ku bilatung. Ari tina beuheung nyurucud getih. Cikikik eta mahluk kadenge nyikikik seuri.

“Hi.. hi.. hi.. hi..”  Sora eta mahluk, bari jigrag jigrag ngadeukeutan ka Ambu Suri. Tuluy eta Mahluk ngangkat leungeunna siga nu rek nyekek ka Ambu Suri. Katempo kukuna ranggoas sarareukeut.

Ambu Suri soak pisan. Rek ngagorowok sora na teu bisa kaluar. Sungutna katempo calangap. Ari tuur karasa leuleus. Brek.. Ambu Suri ngalumpuruk. Ari jurig dua leungeun eta jurig katempo geus rek antel kana beuheung Nyi Rukmini. Tapi basa kukuna rek nempel pisan, ujug ujug kadenge sora hayam kongkorongok.

Aneh si mahluk pikasieuneun siga soak ngadenge sora hayam. Ret ret awak eta mahluk katempo ngaleutikan. Tuluy les eta mahluk ngaleungit tanapa karana. Ari Ambu Suri tuluy ngulapes kapaehan. Cag urang tunda heula.

Ayeuna kocapkeun heula Si Amran. Ti saprak jurig Nyi Rukmini kabur, manehna terus ambek ambekan sorangan. Rek teu ambek kumaha, satadina mah Amran teh geus boga paniatan rek ngagunakeun ririwas Nyi Rukmini jangan males pati ka jalma jalam lembur Luhur.

“Kurangajar..! Dasar jurig..! Hese pisan diatur..!” cek Amran kukulutus.

Tuluy Amran asup ka hiji ruangan. Di ruangan eta mah teu make talupuh. Ubin na langsung ku taneuh. Najan kitu, eta ruangan katempona bersih pisan, lening, cek omong bohong mah taya peldug saeutik seutik acan. Ari di tengah eta ruangan aya hiji kuburan, katempo dialus alus ku batu ukiran. Di luhurna pinuh ku kembang seger.

Brek.. Si Amran diuk deku di pinggir eta kuburan. Tuluy manehna kadenge ngomong. “Hampura, Emak.. Sampe ka wanci ayeuna kuring tacan bisa males pati ka turunan jalma jalam nu geus mere kanyeri ka kulawarga urang.. Tapi kuring jangji, kumaha oge kuring pasti ngalaksakeun nagih pati ka maranena,” cek Amran siga ngajak ngomong bae ka jalma hirup.

Kakarek geh Amran anggeus ngomong, gelebug sada angin ngagelebug di luar. Sorana pating saleor. Karasa inggeung siga aya lini. Rekeeet.. Rekeet.. Saung karasa siga rek rubuh. Keur kitu kadenge sora tan katingalan.

“Amran.. anak ema.. Ema bungah hidep terus bae usaha nagih pati ka jalma jalma nu geus mere kanyeri ka kulawarga urang.. Tapi hidep oge kudu inget, aya hiji deui tugas anu ku hidep kudu dilaksanakeun.. Hidep kudu kudu neangan dulur sakembaran hidep anu baheula kapaksa ku ema dipiceun. Cek pangrasa ema, dulur hidep masih aya dikieuna,” cek eta sora mere amanat ka Amran.

“Mangga, ema.. Amanat ema pasti dilaksanakeun ku kuring,” cek Amran.

“Syukur, ujang.. Emak kacida bungahna,” cek eta sora deui.

Sanggeus sora eta leungit, sora angin saeutik saeutik leungit. Akhirna mah kaayaan saperti biasa deui. Tapi Amran katempo masih keneh diuk di eta tempat. Fikiran na ngalayang ka zaman ka tukang, hiji waktu nu manehna geh sabenerna mah teu ngarandapan, ngan saukur carita ti indungna. Kieu caritana.

Waktu harita bangsa urang masih keneh acan merdeka masih keneh dijajah keneh ku bangsa walanda. Ari di lembur luhur harita keur memeujeuhna werit, loba jalma jalma anu ujug ujug laleungit, sawareh ditarangkepan ku soldadu walanda, atawa ku tantara KNIL. Anu jadi masalahna, kabejakeun yeun di lembur luhur sering dipake markas atawa panyumputan para pejuang bangsa urang.

Hiji waktu aya beja ti Bah Soma, ari Bah Soma teh kacaturkeun na bapana Bah Sura, jalma nu pangbeungharna di eta lembur. Cek beja Bah Soma, di lembur luhur aya saurang mata mata walanda, nyaeta Mang Darta, salakina Mak Ursih. Atuh jalma jalma ngamuk, Mang Darta parahi ngarogahala sampe katiwasna, ari imahna di duruk. Mak Ursih, pamajikan na, diusir ti eta lembur.

Mak Ursih tuluy sakaparan paran. Manehna kacida ripuhna, sabab indit bari mawa anak dua kembar orok keneh. Kusabab ripuh, Mak Ursih kapaksa miceun salah sahiji anakna di hiji leuweung. Satuluyna, Mak Ursih indit teu puguh tujuan nuturkeun indung suku.

Sampe hiji waktu, Mak Ursih dirawatan ku hiji aki aki sakti, ngarana Aki Juned. Ngan hanjakal Aki Juned teh lain jalma hade. Manehna hiji jalma anu nganut setan siluman. Ti harita Mak Ursih diwarisan sagala elmu siluman ku Aki Juned. Sannggeus sakabeh elmuna diketrukeun, aki Juned palastra. 

Satuluyna Mak Ursih ngajarkeun oge elmu pangaweruh ka anakna nu tinggal hiji tea nyaeta Amran. Nah ti harita Amran dibere amanat kudu males pati ka sakabeh urang Lembur Luhur anu ku manehna dianggap geus nganyenyeri ka manehna. 

Jadi ti jejerning ieu carita, eta nu jadi sababna kunaon Amran boga rasa dendam ka urang Lembur Luhur, sampe manehna rek ngagunakeun ririwa Nyi Rukmini pikeun nagih Pati.

Ayeuna urang balik deui kana kaayaan Amran. Harita Amran masih keneh deku dihareupeun kuburan Mak Ursih, indungna. Sanggeus rada lila, manehna karek sadar.

“Hmm.. Aing kudu geuwat ngalaksanakeun tugas ti nu jadi indung,” Cek gerentes Amran. 

Tuluy Amran nangtung, indit deui asup ka ruangan sejen na biasa dipake semedi ku manehna. Sampe dijero kamer, Amran tuluy nyeungeut parukuyan. Katempo kunyam kunyem mapatkeun jampe. Teu lila rieg, saung karasa inggeung. Barakatak, kadenge aya sora nu ngabarakatak.

“Ha.. ha.. ha.. Aya naon ngageroan kawula, Agan..,” cek eta sora anu tacan keneh katempo jirimna.

Satuluyna katempo aya haseup hideung muih. Mimitina katempo ipis, lila lila jadi ngandelan, terus jelegedeg ngajanggelek jadi hiji mahluk pikasieuneun. Sakabeh awakna buluan, ari na huluna aya tandukan. Cedok eta mahluk nyembah ka Amran.

“Syukur, Kalajugang.. Andika masih satia ka kawula.. Ayeuna kawula rek mere tugas ka andika, geura tewak raga jalma awewe urang lembur luhur anu ayeuna geus dipake kurungan ku jurig cai..,” Parentah Amran ka eta mahluk.

“Teu pindo damel, Agan.. Ayeuna keneh kawula siap ngalaksanakeun tugas..” cek eta mahluk bari cedok deui nyembah.

Tuluy wujud eta mahluk robah deui jadi haseup kandel, beuki lila beuki ipis, satuluyna les haseup ngaleungit. Cag urang tunda heula.

Ayeuna kocapkeun deui ririwa Nyi Rukmini. Sanggeus gagal mahala ka Ambu Suri, lantaran kaburu kadenge sora hayam kongkorongok, eta ririwa siga nu limbung. Hiber sosoloyongan neangan tempat. Keur kitu kaayaan beuki lila beuki caang. Panon geus mimiti rek bijil. Jerit..! Eta ririwa ngajerit kokocekan. 

“Aduuh.. Ampuuun.. Panaaas.. Panaaaas..!” cek eta ririwa.

Eta sora ririwa kadenge ku jalma salembur. Sakabeh jalma kacida reuwasna, sampe sampe jalma jalma nu rek tampian baralik deui. Nu rek indit katajug teu tulus.

Ari ririwa Nyi Rukmini masih keneh muter muter neangan tempat bari terus jejeritan, ngomong panas panas, ceunah. Lila lila eta ririwa rag rag di hiji tempat. Blug..! Kadenge sora anu ngagedeblug. Sapadaharita kaayaan di lembur ngadadak inggeung, karasa siga aya lini. Atuh jalma jalma beuki pohara reuwasna.

Ririwa Nyi Rukmini katempo ngagoler dina taneuh. Wujudna sauetik saeutik robah. Lila lila balik deui saperti wujud Nyi Rukmini anu geus teu aya nyawaan. Na dadana katempo tatu kurut bedog. Katempo tina awak Nyi Rukmini nu geus jadi banusan teh kaluar hiji bayangan hideung. Eta bayangan kasorot ku cahaya panon poe nu mimiti medal, katempo ngaleutikan sauetik saeutik siga lilin anu letay. Lila lila mah les eta bayangan leungit pisan.

Nyambung ka Eps anu salajengna..


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng