Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian ka 21

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Srek.. Eta jalma lalaki ngalugas bedogna. “Kurangajar, siah.. dasar Aki aki teu nyaho dicedo.. Podaran siah ku aing,” cek eta lalaki bari ngacungkeun bedogna.

Nempo kitu, Bah Sura bener bener sasah. Sungutna calangap leungeun na ranggah. “Apun, ujang.. Ampuun..! Abah ulah dipaehan.. Abah teu boga salah.. Tadimah bener bener teu kahaja,” cek Bah Sura ampun ampunan.

Ari si lalaki anu ngalugas bedog kaget, barang Bah Sura nenggak, katempo jelas pisan ayeunamah rupana.

 “Ke.. Lain ieu the Bah Sura.. Jalma anu pang jegudna di lembur luhur..,” cek gerentes eta lalaki, bari  ngacungkeun bedog. Ari panon na terus mencrong kana beungeut Bah Sura, nyidik nyidik.

“Montong ampun ampunan, siah.. Geus jelas siah katempo pisan ku mata aing.. sia rek ngagunasita pamajikan aing..,” cek Eta jalma bari molotot.

“Henteu, jang.. Abah wani sumpah.. Abah mah teu kahaja.. Abah keur lumpat, pamajikan ujang katabrak ku abah..,” tembal Bah Sura.

“Alaaah.. Sia ulah alesan.. Moal heueuh aya badog ngaku siah..,” cek si lalaki deui.

Tuluy manehna katempo siga nu rek ngaheumbatkeun bedogna. “Modar.. Siah..,” cek eta lalaki ngagorowok.

Atuh Bah Sura bener bener soak. Saking soakna, matana peuereum, rarasan manehna mah asa geus gacrek gacrek bae eta bedog dikadekeun kana beuheungna.

Di sejen pihak, jalma awewe nu tadi katabrak ku bah Sura, reuwas. Sieun bisi salakina bener bener maehan Bah Sura. Atuh barang nempo bedog siga nu rek diheumbatkeun, eta awewe buru buru nubruk ka salakina, ngahalangan.

“Ulah, akang.. Ulah.. Bener eta jalma teu boga salah.. tadi mah kuring bener katabrak ku manehna,” cek eta awewe bari ngahalangan salakina.

Tapi dikitukeun salakina malah malik ambek. “Minggir siah.. ulah pipilueun.. Awas.. minggir.. ulah ngahalangan aing,” cek eta jalma bari ngadorongkeun awak pamajikan na. jorongkong.. Pamajikan na ngajorongkong. Gubrag.. tuluy ngagubrag.

Ari eta lalaki siga anu bener bener ambek, tuluy ngacungkeun deui bedogna siga nu rek dikadekeun kana beuheung Bah Sura. Atuh Bah Sura sasah deui bae, 

“Ampun, ujaaang..! Ampuuun..! Abah ulah dipaehan.. So kujang aeyuna hayang naon.. Ku abah pasti dibere asal ulah dipaehan,” cek Bah Sura, ampun ampunan deui. Beungeutna katempo pucet bakating ku sieun.

Ngadenge kitu, eta lalaki nyerengeh. “Bener berarti.. Nu dihareupeun aing teh Bah Sura.. Ha.. ha.. ha.. dasar milik,” cek gerentes eta lalaki, tuluy manehna pok ngomong ka Bah Sura.

“Bener siah omongan teh lamun aing aya pamenta ku sia rek dibere..,” tanya eta lalaki, bari matana mah tetep katempo moloto.

“Bener ujang.. Asal ujang ulah maehan abah.. Nanon bae nu ku ujang dipenta, ku abah rek dibikeun,” cek Bah Sura.

“Lamun aing menta sawah jeung munding kumaha?,” tanya eta jalma.

Ditanya kitu mah Bah Sura rada ngahuleng. Salian ti ngarasa owel, puguh manehna geh indit teh rek ngajual sawah kulantaran keur butuh duit. “Beu.. sial deui bae geuning aing teh.. Imah aing karek geh beak kaduruk.. Ayeuna sawah kudu dibikeun ka batur bari jeung teu pupuguh,” gerentes hate Bah Sura.

Ari si lalaki, katempo Bah Sura kalah ngahuleng kitu manehna siga nu ambek deui bae. “Nya lamun sia embung mere sawah ka aing geh teu nanaon.. Tapi hulu sia ku aing rek ditigas..,” cek eta lalaki deui bari ngacungkeun deui bedogna.

“Enya.. enya ujang.. Ampun.. Enya ku abah ujang rek dibere sawah..,” tembal Bah Sura.

Ngadenge kitu mah eta lalaki seuseurian bungah. “Tah kitu.. Karek siah salamet.. Tapi kudu puguh heula sia.. Sawah nu dimana nu rek dibikeun ka aing? Terus ayeuna keneh kudu diurus di bale desa surat suratna..,” cek eta jalma.

Bah Sura ngarasa seueul. Tapi manehna geus teu bisa kumaha kumaha. “Sawah nu di lebah, ujang.. anu pinggireun Cigede.. Hop jang ujang.. Ti mulai ayeuna abah teu ngaboga boga,” cek Bah Sura.

“Syukur.. Tapi aing embung ngan saukur ku omongan.. Ayeuna siah ilu jeung aing kapangurus.. Sia kudu neken perjanjian serah terima sawah,” cek eta lalaki.

“Lamun teu poe ieu kumaha, ujang.. Terus terang bae.. Abah keur aya perlu ayeuna mah.. Tapi ujang ulah hariwang.. Abah moal narik deui omongan.. Lamun abah ngabohong.. Hop tah beuheung abah gantina,” cek Bah Sura, ngomongna rada kadenge ngalengis.

Ngadenge kitu, eta jalma rada ngahuleng. Tapi akhirna mah manehna satuju kana pamenta Bah Sura. “Nya geus ari kitu mah, dewek percaya. Tapi awas.. ulah wani wani ngabohong,” cek eta jalma.

“Moal, ujang.. Abah janji moal ngabohong.. Ayeuna kusabab abah keur buru buru, abah pamit heula..,” cek Bah Sura.

“Enya jig kaditu.. Didoakeun sing hasil pamaksudan anjeun..,” cek eta jalma.

Ari geus kitu mah, jung Bah Sura nangtung, tuluy indit. Ku eta lalaki ditempokeun sampe ka Bah Sura miles di pengkolan. Pok manehna ngomong ka pamajikan na.

“Dasar keur milik.. Ujug ujug aya nu mere sawah.. Mun unggal poe kajadian kieu the.. Ha.. ha.. ha..,” cek eta jalma.

“Duh.. Kang kuring mah kalah reuwas.. Disangkateh akang bener bener rek maehan eta jalma..,” cek pamajikan na.

“Nya moal atuh..Da akang geh boga rarasaan.. Eta mah pulitik ngarana.. Geus beu indit..,” tembal eta jalma. Tulut manehna indit, dituturkeun ku pamajikan na. Cag urang tinggalkeun bae kaayaan eta jalma mah.

Ayeuna urang tuturkeun lalampahan Bah Sura. Ayeuna manehna keur leumpang mapayan jalan satapak, katempo leumpangna ngalenghoy lantaran cape jeung lapar. Sajajalan na hatena terus gugulunuk.

“Beu.. Ngimpi naon aing tadi peuting.. Poe ieu aing bener baner apes.. Imah aing ledis kaduruk.. Ayeuna aing kudu mikeun sawah kitu bae.. Naha nasib teh apes apes teuing,” cek gerentes Bah Sura.

Keur kitu beuteuna karasa peurih kukurubukan deui. “Duh mana beuteung aing lapar deuih.. Ari duit teu gableg.. Kudu kumaha ieuh aing ngeusian beuteung,” cek gerentesna deui, bari suku mah tetep ngalengkah.

Teu lila, bras Bah Sura anjog ka pilemburan. Pas marengan teu jauh ti dinya, katempo aya hiji warung. Bah Sura geus teu kuat nahan lapar. Akhirna mah manehna nekad asup ka warung. Tuluy gek diuk dina bangku panjang.

“Nuhunkeun sangu sapiring, Emak..,” cek Bah Sura, ka tukang warung.

“Mangga, Abah.. Bade sareng naon rencangna..?,” tanya nu boga warung.

“Lah jeung naon bae.. Mun aya mah jeung lauk hayam..” cek Bah Sura.

“Mangga aya, abah.. Antosan sakedap..” tembal tukang warung bari terus manehna ngaladangan sangu sapiring jeung lauk hayam. Tuluy disodorkeun ka Bah Sura.

Bakating ku lapar, ku Bah Sura eta sangu langsung dihabek. Teu lila geh geus beak sapiring. Bah Sura menta deui tambahna.

“Tambihan bu sapiring deui.. Geus ulah khawatir.. Ngaran kuring Bah Sura.. Katelah pangbeungharna di lembur luhurmah,” cek bah Sura.

Ngadenge ngaran Bah Sura, tukang warung bungaheun kacida. Lantaran ari ngaran Bah Sura mah memang terkenal ka lembur ieu geh, jalma anu pangjegudna di lembur luhur. Atuh teu boga curiga deui, tukang warung langsung ngaladangan deui sangu. Teu lila disodorkeun deui ka Bah Sura. Ku Bah Sura langsung dihabek deui langsung tereh beak.

Ereuleu.. ereueleu.. Kadenge Bah Sura teurab tarik pisan. “Aduuh..! wareg pisan, mak.. Cik menta roko bodas sabatang..,” cek Bah Sura.

Teu talangke, ku tukang warung langsung dibere roko sabatang. Cekes ku Bah Sura diseungeut, terus kelepus udud, katempo siga nu nikmat pisan meni kapeureum beunta. 

“Ari di lembur ieu aya nu butuheun sawah teu mak..? Sawah nu kuring rek dijual dua tempat..,” tanya Bah Sura.

“Aya, Bah.. Cobi tawiskeun ka juragan Somad.. Biasana ku anjeuna mah mun aya nu ngical sawah boh kebon geh sok digaleuh bae..,” tembal tukang warung.

Plong.. Bah Sura ngarasa ngemplong. “Beulah mana imahna juragan Somad teh Mak?,” tanya Bah Sura deui.

“Di landeuh bumi na mah.. Anu dipayuneun aya tangkal jambe..,” Tembal tukang warung deui.

“Oh nuhun atuh, Mak.. Ku kuring rek disampeur,” cek Bah Sura, bungaheun.

Tapi barang rek indit, Bah Sura karek inget yeun manehna the teu boga pisan duit jang bayar kurut dahar. Atuh leng Bah Sura ngahuleng.

“Aing kudu kumaha ieuh lamun ditagih ku tukang warung.. Sedengkeun aing teu boga duit saperak perak acan,” Bah Sura terus ngahuleng mikir bari udud.

Keur kitu.. Dur.. dur.. kadenge sora bedug lohor di masjid. Serengeh.. Bah Sura nyerengeh meunang akal. “Ari di dieu aya tajug nu deukeut, Emak.. Kuring rek ngadon solat lohor heula..,” tanya Bah Sura pura pura nanyakeun tajug.

“Aya tuh Bah.. Caket.. Tuh mung kahalangan ku dua bumi,” tembal tukang warung.

“Oh enya atuh nuhun, Mak.. Kuring rek solat heula ka tajug nya Mak.. tah nitip heula dudukuy di dieu.. Ke kuring kadieu deui,” cek Bah Sura bari jung nangtung.

Ari tukang warung teu boga rasa curiga. Da moal heueuhna cek fikirna, anu ngaran Bah Sura ngabobodo mah. “Oh muhun atuh, Bah.. mangga..,” tembal tukang warung.

Geus kitu mah Bah Sura indit pura pura rek ka tajug. Hatena ngemplong lantaran teu kudu pusing deui mayar ka warung kurut dahar. 

Sanggeus anjog ka pipir tajug, Bah Sura culang cileung bisi tukang warung ngawaskeun. Sanggeus ngarasa aman, belecet.. manehna ngabelecet, kukurubutan jalan ka lebak, rek neangan imah juragan somad anu ceunah sok meulian tanah.

Teu lila Bah Sura geus anjog ka jalan gede. Manehna terus leumpang bari tumpa tempo neangan imah anu dihareupna aya tangkal jambean. Tapi sakitu leumpang geus jauh geh lebeng teu kapanggih. 

Bah Sura bingung,  “Boa.. boa tukang warung teh ngalejokeun aing ari kieu mah,” cek fikirna.

Keur kitu lar aya dua urang budak ngaliwat kahareupeun Bah Sura. Sigana eta barudak teh rek nguseup lantaran katempo marawa jeujeur. Bah Sura bungaheun, tuluy nanya ka eta budak.

“Jang.. Ari imah juragan Somad dimana?,” tanya Bah Sura.

“Oh tuh beulah ditu, abah..” tembal eta budak bari nunjuk ka beulah kaler.

“Nuhun nya jang, nuhun..,” cek Bah Sura bari tuluy manehna indit ka palebah anu ditunjuk ku eta budak.

Ari budak nu tadi, sanggeusna nempo Bah Sura indit, berengbeng eta barudak teh tuluy lalumpatan bari saleuseurian. Ari Bah Sura jongjon bae leumpang, da cek fikirna meureun barudak teh keur hareureuy.

Bah Sura masih terus leumpang neangan imah juragan Somad. Tapi bras na teh kalah jauh ti lembur. Bah Sura mimiti curiga ka barudak nu tadi. “Haram jadol.. boa aing  digawean ku barudak gejul teh, “ cek gerentes Bah Sura.

Bah Sura eureun tuluy katempo hulang huleng. Teu jauh ti Bah Sura cicing aya hiji saung ngan saukur dijieun tina awi, jeung luhurna ditutupan ku jarami.

Ti jero saung aya saurang jalma keur mencrong bae ka Bah Sura. Sirahna dibengker, ari bajuna rubat rabet. Sihoreng teh eta jalma teu waras lantaran baheula na pernah ditwak ku walanda. Pok eta jalma ngomong sorangan.

“Halaah.. Eta aya KNIL ka dieu.. Siga na ngan sorangan.. cangkalak siah ku aing,” cek eta jalma. Bari terus manehna nyokot tambang. Tuluy kaluar tina saungna. Leumpangna keketeyepan, siga bae jalma nu rek newak bangsat.

Teu lila eta jalma geus aya di tukangeun Bah Sura. Sanggeus deukeut pisan, teu antaparah deui, grep awak Bah Sura dicanggeud ku tali. Tuluy ret ret ditalian. 

Atuh Bah Sura kaget, lantaran awakna ujug ujug aya nu nalian, “Aduh.. aduh aya naon ieuh aya naon.. Naha awak kuring ditalian kieu..,” cek Bah Sura bari kekejet hayang ngaleupaskeun awakna tina tali.

Ari jalma gelo anu nalian na kalah seuseurian bungah bari ajrag ajragan. “ Ha.. ha.. ha.. Wooi.. Aya mata mata walanda beunang yeuh..” cek eta jalma bari terus ajrag ajragan.

Ari Bah Sura karek sadar yeun manehna ditewak ku jalma gelo, atuh manehna jadi soak, awakna gigideg hayang leupas tina tali.

“Dasar siah jalma gelo.. Leupaskeun aing.. leupaskeun.. Tuluuuung..! tuluuuuung..!,” cek Bah Sura.

“Eit.. Maneh moal bisa leupas.. Geus khianat ka bangsa.. Maneh kudu dipaehan,” cek eta jalma baris ret.. ngaluarkeun peso balati.

Atuh nempo kitu Bah Sura langsung calangap reuwas..


Dilajeung ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng