Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 22

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Urang tunda heula kaayaan Bah Sura anu nasibna apes deui, niat nepungan juragan Somad rek nawarkeun sawah jeung kebon na, kalah ditewak tuluy ditalian ku jalma gelo.

Ayeuna urang malik deui heula nyaritakeun si Emak tukang warung, anu samemehna aya Bah Sura dahar, tuluy kabur teu mayar. Saprak inditna Bah Sura anu bebeja na mah rek salat lohor, anu padahal manehna kabur, lantaran teu boga duit tea, si emak warung masih keneh tacan boga rasa curiga. Malahan manehna katempo bungah lantaran dina fikirna bakalan meunang persenen ti juragan Somad, jeung Bah Sura na sorangan, lamun sawah Bah Sura geus dibeuli ku juragan somad.

Bari beberes kurut dahar Bah Sura, si Emak warung katempo surungah serengeh sorangan, “Poe ieu aing bener bener mujur.. Baheula bae basa aing mangnuduhkeun Mang Dina nu rek ngajual tanah ngan sagede pelok oge, aing dibere persenan gede ku juragan Somad, ditambah deui ku Mang Dintana sorangan.. Komo ayeuna, Bah Sura pasti sawahna lega.. dua tempat deuih.. Aing bakal meunang leuwih gede persesnan na,” cek gerentes si Emak warung.

Saking ku bungah bungahna si Emak Warung malah make hahariringan sagala. Keur kitu torojol aya dua urang jalma langganan na asup ka eta warung. 

“Waduh.. siga na keur meunang kabungah yeuh si Emak.. Bagi bagi atuh mak ari boga milik teh,” cek nu saurang anu boga ngaran Oding.

“Enya, Mak.. kudu inget ka batur ambih rejeki na mucekil,” cek nu hijina, anu ngaran Udin.

“Meunang kabungah naon sih, Mak..? bejaan atuh..,” tanya si Oding deui bare kot kana goreng tapay, tuluy belewek dihuapkeun ka na sungutna, katempo ngeunah cacamuilan.

“Enya.. poe ieu, Emak bakal meunang rejeki gede, jangn Oding, jang Udin.. Doakeun bae.. Lamun hasil ke dibere uang denger..,” cek si Emak warung. 

“Naon sih.. Atuh bejaan uing..,” cek si Udin.

“Kieu.. Tapi waka rea beja nya.. tadi aya Bah Sura.. jalma anu pangbeungharna ti lembur luhur tea, ngadon dahar di dieu.. Sihoreng manehna teh rek ngajual sawah, dua tempat ngomongna mah.. Ku emak dituduhkeun ka Juragan Somad.. Lamun geus kajual pasti emak bakal meunang persenan..,” cek si Emak Warung meni capetang.

“Alus atuh, Mak.. Geus pasti hasil ieu mah.. Ceh keneh marengan pisan uing jeung si Udin tadi tos ti imah juragan Somad.. Rek nyewa munding maksudna mah.. Ieu mah kabeneran pisan ,mak.. Juragan Somad boga paniatan hayang meuli sawah.. Malah mah nitah ka uing mang neangankeun nu rek ngajual sawah..,” cek si Oding, katempo daria.

Ngadenge kitu si Emak warung meni bungah, “Kabener, jang Oding..?,” tanya si Emak Warung.

“Ih atuh bener.. Tanya tah ka si Udin.. Jalma nag eh aya di dieu..,” tembal si Oding.

“Bener, Mak.. Atuh ka uing duaan ngomong na geh..,” cek Si Udin mairan.

“Alus atuh ari kitu mah.. Geus moal gagal deui.. Bakal untung gede emak mah..,” cek si Emak warung, katempo bungah pisan.

“Ari uing jeung si Udin urusan na kumaha, Mak..?, cek si Oding.

“Gampaaang.. Pasti dibere bagian sauetik ewang.. Geus tenang bae jang Udin jeung jang Oding mah..,” cek si Emak warung.

“Ah uing mah hayang dibere ayeuna bae, mak.. Uingna kaburu rek indit ka lembur Cipeuteuy aya perlu..,” cek si Oding.

“Enya, Mak.. Jatah uing jeung si Udin mah ayeuna bae.. Geus da eta mah moal gagal,” si Uidn mairan.

“Huus.. Teu bisa atuh.. Can geh puguh hasil, geus menta jatah.. Kumaha lamun gagal.. Emak meureun rugi..,” cek si Emak warung.

“Moal gagal, mak.. ngajamin uing mah..,” cek si Oding ngayakinkeun, bari panon na rada kiceup ka si Udin.

“Nya tapi ketang teu nanaon, Mak.. Jatah uing si Oding dibere engke geh.. Tapi lamun engke mah kudu tilu kali lipet,” cek si Udin.

“Teu teu bisa, poko na mah.. Ari jatah mah kumaha emak bae sabaraha sabaraha na mah.. rek engke, rek ayeuna, kumaha emak bae,” cek tukang warung deui bari rada ketus.

“Nya ari kitu teu nanaon.. Tapi uing jeung si Udin rek ngomong ka juragan Somad na.. Teu kudu mere persen ka si Emak..,” cek Oding ngancam.

“Enya bener.. Ayeuna urang duaan geus nyaho nya.. Bah Sura rek ngajal sawahna.. Tinggal bebeja bae, urang nu nawarkeun ka Bah Sura na.. Pan mun kitu mah si Emak nyamos tah.. Moal dibere ku urang nya Ding..,” cek si Udin.

“Enya bener kitu, Din.. Beu cuang sampeur Juragan Somadna ayeuna keneh,” cek si Oding bari nangtung, siga nu rek indit.

“Enya.. Hayu lah..,” tembal si Udin, bari manehna geh tuluy nangtung.

Atuh nempo kitu mah si Emak warung reuwaseun. “Geus cicing cicing.. Maneh mah sok karitu ari ka kolot teh.. Yeuh ku Emak dibere ayeuna,” cek Si Emak warung seueul, tapi manehna sieun bisi bener si Oding jeung si Udin arindit ka imah juragan Somad.

Serengeh si Oding jeung si Udin nyarerengeh seuri, tuluy manehna dariuk deui. “Tah kitu, Mak.. Jadi ieu ngarana kerja sama..,” cek Si Udin.

Si Emak warung teu nembalan. Tuluy manehna nyokot duit tina laci dua lembar rebuan. Sor dibikeun ka si Udin jeung si Oding. “Yeuh.. Geus kadaritu arindit..,” cek si Emak warung bari ngasongkeun duit.

Tapi ku si Udin jeung si Oding teu langsung ditarima. “Ke.. ke.. sabaraha eta, Mak..?, tanya si Oding.

“Dua rebu.. sarebu ewang..,” cek si Emak warung ketus.

“Ke heula, Mak.. kudu puguh itung itungan na heula..,” cek si Udin.

Terus si Oding jeung si Udin katempo utang itung. Teu lila si Oding ngomong, “Geus diitung ku uing, harga sawah teh meureun kana dua ratus rebu na.. Si Emak meunang 25 persen.. jadi 50rb.. Geus kajeun lah jaung uing mah 10 rebuan bae..,”

Ngadenge kitu tukang warung nyureng. “Gede gede teuing.. Duit na bae can puguh hasil.. Ka areling maneh..,”

“Nya cek uing geh kumaha si Emak bae.. Lamun teu satuju nya kajeun, nya uing kari langsung nepungan juragan Somad.. duit 50rb kari bagi dua bae jeung si Udin.. Geus beu din..,” cek si Oding pura pura ngajak indit deui ka si Udin.

“Hayu lah..,” tembal si Udin.

Jung duanana narangtung deui, pura pura arindit. Tapi karek sababaraha lengkah digeroan deui ku si Emak warung. “Enya.. Enya kadieu.. Geus emak satuju..,” 

Reg si Oding jeung si Udin areureun. Tuluy si Oding katempo haharewosan, “Hasil, Din..,” ceunah. 

Si Emak warung nyampeurkeun, song mikeun duir 20 rebu. “Tah geus kaditu arindit,” cek si Emak Warung.

Ku si Oding jeung si Udin ditarima barungaheun pisan. Tuluy duanana arindit bari heheotan. Ari si Emak warung balik deui bari gugulunuk.

“Aduh.. aya aya bae aing mah panyakit teh.. Kitu na mah aing aing keneh.. Can karuhan meunang rejeki geus loba omong..,” cek si Emak warung, akhirna mah nyalahkeun manehna sorangan.

Si Emak warung tuluy diuk canggeluk sorangan nungguan Bah Sura anu bebeja na keur salat lohor. Tapi anu di tungguan na can keneh datang. Si Emak warung mimiti curiga.

“Beu.. Geuning Bah Sura teh can datang keneh.. Moal langsung indit ka juragan Somad mah kitu..,” cek si Emak warung ngomong sorangan.

Si Emak warung beuki ngarasa kesel. Geus cilingcingcat nangtung, terus diuk deui. Leleumpangan ka hareup, balik deui. Poko na mah geus siga jalma nu samar polah bae. Geus asa nyeri beuheung sosonggeteun. Tapi Bah Sura can datang keneh bae. Lila lila mah si Emak warung bener bener jadi curiga.

“Moal nipu jalma teh.. Boa boa ngan ukur ngaku ngaku Bah Sura manehna teh.. Beu lamun kitu teh aing bener bener rugi gede.. Keur mah karugian sangu jeung dengeun na, da jalmana teu bayar.. Katambah deui aing make golojod mere duit 29 rb sagala ka si Oding jeung si Udin nurustunjung teh..,” cek gerentes si Emak warung, sirahana mimiti karasa ngubeng.

Si Emak warung katempo terus hulang huleng akhirna mah manehna boga fikiran rek ngilik ka tajug. Tuluy si Emak warung indit. Barang anjog ka tajug, si horeng eweuh sasaha. 

Leketey.. si Emak warung langsung ngaleketey. “Beu.. haramjadol.. Euweuh jalma teh.. Duh aing bener bener katipu kieu cara na mah,” cek si Emak warung reuwas, beungeutna katempo pucet, awakna leuleus.

Si Emak Warung tulu katempo andiprek dina taneuh. Sirahnya karasa enyut enyutan. Seueul ku hiji ku dua kutilu. Tungtungna mah maehna neger neger maneh. 

“Ah aing wawaka suudjon.. Boa boa Bah Sura teh langsung indit heula nepungan juragan Somad.. Keun lah aing rek sabar heula, ku aing rek ditungguan bae heula di warung,” cek gerentesna.

Tuluy si Emak warung nangtung, leumpang balik deui ka warung. Tapi barang anjog ka warung, si Emak warung reuwas jeung seueul deui bae, lantaran katempo dagangan na keur diacak acak ku hayam.

Si Emak warung ambek, buru buru lumpat ngagebah gebahkeun hayam. Tapi hayam kalah cleng luncat kana seeng anu keur dipake nyangu. Atuh guprak seeng ragrag. Sanguna bahe kabeh. Si Emak warung bener bener heneg, hahauk.. “Aduuuh..” cek si Emak warung gergeteun nyekelan sirah. 

Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang balik deui nyaritakeun kaayaan Bah Sura. Barang jalma gelo nyabeut belati, Bah Sura beuki reuwas kacida. Rek lumpat hese lantaran suku awak jeung leungeun na dibakutet ku tali.

“Tuluuuung..! Tuluuuung..!,” cek Bah Sura tulung tulungan. 

Ari jalma gelo, nempo Bah Sura katempo siga nu soak teh kalah ajrag ajragan bungah. Tapi peso balati mah tetep bae dicekel ku leungeun na.

Keur kitu, Bah Sura sauteik saeutik bisa ngaleupaskeun tali anu ngabakutet suku na. Hanjakal langsung katempoeun ku jalma gelo.

“Kurangajar.. siah.. Rek coba coba kabur siah..,” cek Jalma gelo katempo ambek pisan. 

Tuluy teu tatapa sini deui sebrut eta jalma gelo nyerang rek nojoskeun balatina kana beuteung Bah Sura. Ngan untungna, Bah Sura masih keneh sadar. Geuwat manehna ngagiwar ka pinggir. Plos.. Serang jalma gelo ngeplos.

Bareng jeung kitu, katempo awak jalma gelo nyolontod kabawa ku tanagana sorangan. Atuh eta kasempetan gede pikeun Bah Sura. Dina kaayaan kitu, geuwat Bah Sura ngajejekeun suku kana bobokong eta jalma gelo.

Bek..! gubrag.. Jalma gelo ngagubrag. 

Bah Sura teu miceun kasempetan, bertek manehna lumpat kabur. Tapi dua leungeun na mah masih keneh kabakutet ku tali. Bari lumpat Bah Sura tulung tulungan.

Ari jalma gelo, barang nyaho Bah Sura kabur, manehna bener bener ambek. Buru buru manehna hudang tuluy ngudag ngudag Bah Sura bari terus cocorowokan. 

“Wooooiii..! Aya kompeni kabur.. Tewaaak..!,” cek eta jalma gelo bari terus ngudag ngudag Bah Sura.

Bah Sura terus lumpat kabur meni notog notogkeun maneh. Sababaraha kali manehna labuh, tapi buru buru hudang tuluy kabur deui. Ari di tukangeun na katempo jalma gelo masih terus keneh ngudag ngudag. Kadenge sorana masih terus cocorowokan nyebut kompeni kabur, kompeni kabur ceunah.

Bah Sura bener bener sasah. Srog akhirna mah manehna anjog ka palebah tukangeun hiji imah. Sora jalma gelo masih keneh kadenge gogorowkan. Beuki lila sorana kadenge beuki deukeut. 

Bah Sura ngarasa sasah. Luak lieuk neangan tempat jang nyumput. Tapi di tempat eta mah negla, teu aya tempat jang manehna nyumput.

“Beu geuning euweuh jalma saurang urang acan.. Apes apes aing..,” cek Bah Sura ngomong sorangan.

Sora jalma gelo anu ngudag Bah Sura, kadenge leuwih deukeut. Bah Sura beuki tambah sasah, keur mah tempat jang nyumput. Keur kitu ret Bah Sura nempo panto imah rada molongo. 

Keteyep keteyep Bah Sura leumpang. Geus anjog kana panto, tuluy ku manehna didorongkeun. Sihoreng teu ditulakan. Bah Sura bungaheun, tuluy sup manehna asup siga bangsat.

Keur kitu, teu jauh ti dinya, aya saurang jalma awewe teu kahaja ningali Bah Sura anu asup ka jero imah siga bangsat. Eta jalma katempo reuwas. “Itu siga aya jalma anu asup ka imah Ceu Wawat geuning..? Boa boa bangsat..,”

Eta jalma awewe tadina rek ngagorowok ngabejaan nu batur. Tapi teu jadi, “Salah lamun aing ngagorowok.. Bangsatna bisa kabur.. Mending keun ulah digareuwahekun.. Aing mending ngabejaan hansip bae,” cek gerentesna tuluy keketeyepan indit.

Ari Bah Sura, harita keur ngahephep di dapur. Nafasna ngahegak, dada na karasa degdegan. “Aruh.. Aing bener bener sial.. Make ngalaman diudag udag ku jalma gelo sagala..,” cek gerentesna.

Bah Sura tuluy ngadedengekeun bisi jalma gelo ngudag ka palebah dinya. Tapi ayeuna mah teu kadenge deui sorana. Bah Sura rada ngemplong. “Sigana geus teu ngudag kadieu jalma burung teh,” cek gerentesna.

Bah Sura tuluy leumpang rek ngadeukeutan panto, maksudna mah rek indit ti imah eta. Tapi barang rek muka panto, ujug ujug kadenge sora jalma jalma pating corowok.

“Kepung bangsatna.. Kepung..!,” 

Bah Sura reuwas, tuluy noong saeutik kaluar. Barang breh the katempo jalma lobaan marawa pakarang ngepung imah eta. Bah Sura molongo kaget, “Beu cilaka.. Boa aing disangka bangsat..!,” cek gerentesna.


Dilajeng ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng