Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 23

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Rekeet..! Bah Sura muka panto lalaunan. Barang breh, sihoreng di luar geus katempo jalma ngagimbung bari parahi marawa pakarang, nu bodog, nu pepentung, malahan, aya nu mawa halu sagala rupa.

“Beu.. Cilaka.. Boa boa aing disangka bangsat.. Naha aing boga nasib apes apes teuing atuh,” gerentes Bah Sura, bari hatena teu puguh rarasaan, kabayangkeun ku manehna, lamun sampe katewak ku jalma loba lantaran disangka bangsat, bisa bisa paeh baseuh digarebugan.

Ari di luar beuki rame kadenge pating corowok, kepung..! kepuung...! Kade ulah sampe leupas.. Heueuh.. Cangkalak bangsatna.. Cangkalaaak..!,” sora jalma jalma rame pating harauk.

Bah Sura beuki gempeur bae. Otakna mikir, kumaha carana supaya bisa nyalametkeun diri. Ret, ngareret kana meja. Durugdug digusur dipake ngahalangan panto. Tuluy ditambahan deui ku meja jeung korsi.

Gedor..! gedor..! kadenge sora panto digedoran tarik pisan. “Kaluar siah, bangsat.. kaluar..!,” cek jalma nu diluar bari terus ngagodeoran panto tarik pisan.

Terus katempo panto oyag oyagan siga didorongkeun ti luar. Bah Sura beuki geumpeur bae. “Ampuun.. Kuring mah lain bangsat..!,” cek Bah Sura hahaukan ti jero.

“Tah eta bangsatna euy.. Bener aya di jero.. Dobrak pantone dobrak..!,” cek saurang jalma di luar, ngadenge sora Bah Sura ngomong teh asa ngarasa dibejaan.

Geus kitu panto katempo beuki oyag oyagan di darorong ti luar. Bah Sura beuki sasah, luak lieuk neangan jalan kabur. Breh di palebah kenca katempo aya panto hiji deui nu ka luar. 

“Kabeneran.. Aya panto hiji deui.. Aing kudu geuwat geuwat kabur jalan ti dinya,” cek gerentes bah Sura, tuluy lumpat ka palebah panto nu hijina. Ari jalma jalma di luar beuki kadenge pating gorowok.

Brakk..! panto rujad, didobrak ku jalma jalma di luar. Bulubus.. Sababaraha urang asup. Ari Bah Sura nu rek kabur jalan ka panto sejen, kalah ngarandeg. Atuh ku jalma jalma the katempoeun.

“Eta bangsatna kepuuung..!,” bari tuluy eta jalma nu ngomong teh lumpat ngudag Bah Sura. 

Barang anjog, hiuk eta jalma ngaheumbatkeun halu, rek dipake ngababuk sirah Bah Sura. Tapi dina kaayaan kitu, Bah Sura masih keneh sadar kana bahaya. Lep manehna ngelok. Plos halu anu rek dibabukeun kana sirah na teh ngeplos. 

Braaak..! Halu malah keuna kana rak parabot. Golombrang..! Golombrang.. ! parabotna ragragan pareupeusan.

Nempo Bah Sura salamet, hiuk jalma nu saurang deui ngaheumbatkeun bedog, nu diarah cangkenng Bah Sura. Atuh Bah Sura ngalenyap. Tapi Bah Sura saeutikna pernah diajar elmu bela diri. Barang bedog hampir keuna kana cangkengna, manehna buru buru ngadayagdagkeun awakna katungkang.

Bah Sura salamet. Ari bedog milepas ngadek kana kayu tihang. Atuh marengan na teh kayu tihang anu geus koropok, sakali sabet ku bedog geh langsung potong. Boroboot.. Suhunan imah langsung morobot. Bah Sura hampir deui cilaka katinggang ku wuwung jeung kayu layeus, untungna manehna masih keneh bisa luncat kapinggir, jadi masih keneh salamet.

Ari di luar, jalma jalma geus beuki rame loba nu daratangan deui. Malahmah si Emak warung geh aya lantaran meunang beja aya badog nu asup ka imah Ceu Wawat. Keur kitu kurunyung deui aya jalma nu daratang tiluan. Sohoreng nu karek datang teh, Tua Kampung, Pa Rt, jeung juragan Somad, jalma beunghar nu rek ditepungan ku Bah Sura, anu rek ditawaran tanah tea.

“Baruk aya badog..? Mana badogna..?,” tanya tua kampung ka jalma jalma anu araya di dinya.

“Itu, pa Tua.. di lebet, keur diwak ku Mang Sobri, mang Jaka sareng Omed,” tembal salah saurang anu aya di dinya.

Golombrang..! golombrang..! Dorokodoook..! kadenge deui nu pating golombrang, disusul ku nu pating dorokdok di jero. Tua Kampung jeung pa Rt geus teu loba omong deui. Tuluy duanana leumpang rek arasup ka jero imah Ceu Wawat.  

Ari di jero beuki rame bae. Jalma nu tiluan terus nyerang Bah Sura ku bedog, halu jeung pepentung. Bah Sura bener bener kacida ripuhna. Malah mah sirahna kabeunangan sakali ku pepentung. 

Dayagdag.. dayagdag.. Bah Sura dadayagdagan. Hiuk dipapag ku halu ti beulah kenca. Untungna dina kaayaan kitu, Bah Sura masih keneh bisa nyalametkeun diri. Jleng luncat ka katuhu, terus berebet lumpat ka tengah imah. Tapi ku jalma anu tiluan terus diudag.

“Ampun, ampun.. Abah lain badog..!,” cek Bah Sura ampun ampunan.

“Alaaah.. Geus jelas siah asup ka imah batur teu bebeja.. Masih keneh teu ngaku bangsat siah..,” cek salah saurang.

“Beneran, Mang.. Abah kapaksa asup ka jero imah ieu kulantaran diudag udag ku jalma edan.. Nyaanan Abah mah teu niat ngabangsat.. Ngaran Abah, Bah Sura ti lembur luhur,” cek Bah Sura deui.

“Haruuh.. Siah kalah ngaku ngaku Bah Sura deui.. Yeuh Bah Sura urang lembur mah jalma beunghar.. Teu mungkin siah ngabadog..,” cek jalma nu hijina.

Bah Sura rek ngomong deui. Tapi kakarek geh rek engap, kaburu jalma nu mawa halu ngaheumbatkeun deui halu na. Atuh Bah Sura reuwas, jleng luncat deui nyalemtkeun diri.

Hiukk..! Gebro.. Halu nu diheumbatkeun milepas kana jandea. Atuh jandela langsung rujad.

Nempo kitu, jalma nu tiluan beuki ambek, hiuk ngabubat babit halu ngababi buta. Untungna dina saayeunaeun mah, Bah Sura rada linghas, luncat kaditu luncat kadieu ngahindaran pibahayaeun. 

Ngan tungtungna sakabeh barang anu aya di jero imah, nya bupet nya lamari, jadi ruksak kababuk ku halu, ku pepentung, jeung kasabet ku bedog. Malah mah salah sahiji tiang ka kadek deui ku beodog. Atuh imah Ceu Wawat nu hareupna ngaborobot deui bae.

Ngan untungna dina kaayan kitu, Tua Kampung jeung pa Rt kaburu norojol. Pas kaparengan, Tua Kampung mah apaleun pisan ka Bah Sura. Atuh Tua Kampung kaget.

“Eup..! eup..! ereun ereun..!” cek Tua Kampung.

Ngadenge kitu jalma jalma nu keur nyarerang Bah Sura teh eureun heula. “Jih.. Pa Tua.. Kunaon nitah eureun.. Geus puguh eta bangsat..,” cek jalma anu mawa bedog.

“Ke.. ke heula.. Eta mah Bah Sura, ti lembur luhur.. Kuring teu yakin lamun bah Sura rek ngabangsat mah.. Kumaha ieu teh mimitina, bah..?” cek Tua Kampung.

Jalma anu tadi nyerang Bah Sura ting haruleng. Ari Bah Sura sorangan kaget, tapi bungah, lantaran aya jalma anu kenaleun ka manehna, sedengkeun Bah sorangan poho ka tua kampung.

“Aduh.. Nuhun.. nuhun.. Syukur aya nu tepang ka kuring.. Leres kuring mah teu niat ngabangsat.. Mung dasar nasib apes bae ieu mah, datang ka lembur ieu ngadon diudag udag ku jalma gelo, jadi kapaksa kuring nyumput di imah ieu, tapi kalah apes deui disarangka bangsat..,” tembal Bah Sura.

“Kuring percaya, Bah.. Da pamohalan abah rek niat ngabangsat mah.. Keu mah beurang beurang kieu.. Terus kuring marengan karek datang ti lembur luhur, ngobrol jeung Tua Kampung di ditu, manehna oge nyaritakeun tas aya kajadian imah abah kahuruan..,” cek Tua Kampung.

“Tah leres pisan, pa Tua.. Abah teh keur bener bener meunang musibah.. Musibah ti ditu ti dieu, nete semplek nincak semplak. Abah kadieu teh ngahaja, rek nepungan juragan Somad rek nawarkeun tanah.. Tapi kalah dilejokeun ku barudak bangkawarah.. Dituduhkeun ka imah jalma gelo,” cek Bah Sura nerangkeun rada panjang lebar.

“Enya, Bah.. Kuring geh ngarti.. Tapi ayeuna mah geus kapalang, kadangan Abah kadieu jadi nimbulkeun masalah.. Imah Ceu Wawat jadi ruksak ieu.. Wayahna ayeuna mah cuang ngobrol di imah kuring bae.. Ieu persoalan tetep kudu dibereskeun,” cek Tua Kampung. Ari pa Rt mah can ilu ngomong ngan saukur ngadengekeun bae. Sedengkeun jalma nu tilu pating rareret ngarasa era oge ku Bah Sura.

Ari Bah Sura diajak ngariung heula di imah Tua Kampung teh teu ngarasa kabeuratan, nu penting salamet bae saayeunaeun mah, cek fikirna.

“Mangga atuh, Pa Tua.. Abdi mah ngiringan bae..,” cek Bah Sura.

“Syukur atuh, Bah.. Hayu ngiring jeung kuring sareng Pa Rt,” cek Tua Kampung.

Bah Sura unggut. Tua Kampung ngaliek ka jalma nu tiluan, Mang Sobri, Mang Jaka, Mang Omed, wayhanna bereskeun heula imah Ceu Wawat nu jadi acak acakan kieu.. Keun engke kumaha kumaha n amah, kuring rek Badami heula jeung Bah Sura,” cek Tua Kampung marentah ka nu tiluan.

“Mangga, Pa Tua..,” tembal Mang Omed.

Satuluyna Tua Kampung, jeung Pa Rt, arindit, dituturkeun ku Bah Sura. Barang anjog ka luar. Si Emak warung anu nempoeun pisan ka Bah Sura, langsung hahauk.

“Itu, Bangsatna.. Bener tah jalma eta.. Ka kuring geh nipu dahar teu bayar,” cek si Emak warung bari tutunjuk.

Ngadenge kitu, Bah Sura langsung beureum beungeutna, ngarasa era jeung sieun. Sedengekeun jalma jalma langsung  ngaboro ka Bah Sura parahi hayang nareunggeulan.

“tah sih beunang bangsatna.. Gebugan geubugan.. heueuh gebugan heula di dieu!” cek jalma jalma bari muru ka Bah Sura rek ngagarebugan.

Atuh nempo kitu, Bah Sura reuwas kacida. “Tulung, pa Tua.. Pa Rt, tulungan Abah..,” cek Bah Sura bari lumpat ka satukangeun Tua Kampung.

Pok Tua Kampung ngomong bari ngahalangan jalma jalma anu rek ngagarebugan Bah Sura. “Tahan..! Tahaan..! kahade.. ieu mah lain bangsat.. Tapi Bah Sura ti lembur luhur,” cek Tua Kampung bari ngahalangan jalma jalma dibantuan ku Pa Rt.

Atuh reg jalma jalma nu ngaboro ka Bah Sura teh eureun. Nempo kitu pok si Emak Warung hahauk deui. “Bohong, Pa Tua.. Ulah katipo.. Eta mah lain Bah Sura ngan ngaku ngaku bae.. Buktina ka kuring geh nipu dahar teu bayar,” cek Si Emak Warung hahauk.

“Tenang, Mak Inah.. Tenang.. Kuring apal pisan ka Bah Sura.. Jeung nyaho kajadian nu keur karandapan ku anjeuna.. Ayeuna soal Mak Inah anu ngarasa dirugikeun, ke ayeuna geh rek diuruskeun.. Sabara bae heula ayeuna mah sabar..,” cek Tua Kampung.

“Ari masalah imah kuring kumaha, Pa Tua.. Atuh kuring geh jadi korban.. Tuh imah kuring jadi ruksak kitu.. Kumaha kuring ngahadean na..,” cek saurang awae anu ngaran Ceu Wawat.

“Enya tenang bae Ceu Wawat.. Justru soal imah Ceu Wawat nu ku kuring rek dibadamikeun teh.. Ayeuna Ceu Wawat jeung Mak Inah hayu ilu ka imah kuring.. Cuang Badami bareng jeung Bah Sura,” cek Tua Kampung.

Tuluy Tua Kampung geh ngalieuk ka Juragan Somad anu keur nangtung teu jauh ti manehna. “Pami aya waktos mah pa Haji geh ngiring sareng abdi,” cek Tua Kampung ka Juragan Somad.

“Mangga, Pa Tua,” tembal juragan Somad.

Geus kitu mah Bah Sura, Pa RT, Juragan Somad, Si Emak Warung, jeung Ceu Wawat, arindit ka imah tua kampung. Jalma jalma loba nu rek naluturkeun, tapi disuruh bubar ku pa Rt. Atuh masih hayang nyaho kajdian saterus na geh, kapaksa jalma jalma teh bubar.

Teu kacatur di jalan na, Bah Sura, Tua Kampung, jeung nu sejen na geus anjog ka imah Tua Kampung. Katempo kabehan na geus dariuk ngariung di tengah imah. Teu lila torojol pamajikan Tua Kampung ka hareup nyuguhan cai jeung lalawuhna. Sanggeus rada salse, pok Tua Kampung mimiti nyarita.

“Ayeuna mah manawi sadayana tos salse.. Ayeuna sim kuring bade ngamimitian naros ka Bah Sura.. Kumaha carios mimitina Abah dugi ka ngalaman kajadian sapertos tadi?” tanya Tua Kampung.

“Sateuacan Abah cumarita nyaritakeun pangalaman Abah, sakali deui Abah ngahaturnuhunkeun ka Pa Tua sareng Pa Rt, anu tos nulungan Abah.. Duka nasib Abah kumaha pami teu kabujeng kapendak ku Pa Tua sareng pa RT,” tembal Bah Sura.

“Sami sami, Bah.. Eta tos kawajiban kuring saling tulung tinulungan sareng sasama, komo Abah mah da teu gaduh salah,” cek Tua Kampung.

Sanggeus kitu mah tuluy derekdek Bah Sura nyaritakeun sakabeh pangalaman na, ti mimiti imahna kadurukan, tuluy niat rek ngajual sawah ka Juragan Somad, sampe dilejokeun ku barudak disasabkeun ka jalma edan tea, terus sampe ka manehna kapaksa nyumput di imah Ceu Wawat, disarangka rek ngabangsat. Kabeh jalma anu ngadarengekeun carita pada unggut unggutan, nya ngarasa karunya ari ngadenge kitu mah, lantara Bah Sura bener bener apes nasibna.

“Oh kitu, Bah.. Hawatos teuing.. Tah ayeuna kaleresan aya juragan Somadna di dieu, ayeuna kumaha pangemut juragan perkawis Bah Sura anu bade nawiskeun sawahna tea,” cek Tua Kampung bari ngareret ka Juragan Somad.

Can geh juragan Somad nembalan, Mak Inah anu boga warung langsung ngomong tiheula. “Ke ke heula, Pa Tua.. Ari masalah kuring kumaha? Kahiji kuring rugi, bah Sura dahar teu acan bayar, terus warung kuring beak tah diacak acak ku hayam, lantaran kuring tadi indit neangan Bah Sura.. Lamun diitung karugian kuring 70rb eun..,” cek Mak Inah.

“Ke.. ke Mak Inah.. Ke heula atuh hiji hiji heula.. Ayeuna timana Bah Sura kanggo mayarna.. Sidik anjeuna keur kamusibatan.. Lamun geus puguh sawahna dipeser ku juragan Somad, kakarek itung itungan,” cek Tua Kampung rada seuseuleun.

Ari Bah Sura, ngadenge kitu teh manehna jadi ngahuleng, “Beu apes deui bae aing teh.. Lamun sawah aing dibeuli ku juragan Somad teh meureun duit na kapotong, can kudu ngaluarkeun jang ngahadean imah Ceu Wawat.. Aduh.. Nasib nasib, aya bagja teu daulat..,” cek gerentes Bah Sura.

Ari Juragan Somad masih keneh cicing can ngomong nanaon. Pok Tua Kampung nanya deui, “Kumaha juragan? tah kitu geuning Bah Sura teh gaduh paniatan..” tanya tua Kampung.

Samehmeh ngajawab juragan Somad katempo ngarenghap heula, terus poko manehna kakarek ngomong, “Nya ari kuring teh saleres n amah teu aya paniatan kanggo ngagaleuh sawah teh.. Nya mung mireng ka ayaan Bah Sura ayeuna mah, meuereun kapaksa kuring satuju.. Tapi soalna harga na kumaha?,” cek Juaragan Somad.

 Ngadenge kitu, si Emak warung ngajenghok, “Haramjadol.. Aing katipo ku si Oding jeung Udin.. Ceunah cek manehna Juragan Somad nitah neangan nu rek ngajual sawah, buktina teueu.. Dasar bangkawarah tah budak teh.. Ah tapi keun bae da ceunah rek dibeuli sawahna,” gerentes si Emak Warung seueul kulanataran ngarasa katipu ku si Oding jeung si Udin tadi.

Sedengkeun Bah Sura masih keneh ngahuleng, teu lila poko nembalan omongan Juragan Somad, “Ari Abah mah kumaha saena bae ari perkawis harga mah. Tapi pami tiasa mah kumaha lamun 400 rb tah dua tempat.. Pami satuju kantun diurus urus bae jual beli na,” cek Bah Sura.

Juragan Somad ngahuleng, teu lila pok manehna nembalan, “Ari kedah 400rb mah rada abot, Bah.. Kuring mah ngan wanton satengahna.. Pami abah satuju, ku kuring diartosan ayeuna keneh, keun soal urus urus na mah enjing kuring ka lembur luhur sareng Pa Tua, sareng Pa Rt. Eta mah wantun sakitu mangga.. Lamun teu wantun nya meureun kumaha..,” tembal juragan Somad.

Bah Sura ngahuleng, manehna ngarasa rada beurat ku harga sakitu mah. Can meureun duitna kapotong ku ngagantian tukang warung jeung ngahadean imah Ceu Wawat. 

“Aduh kudu kumaha ieuh aing.. Lamun teu dijual ayeuna, bisi urusan jadi manjang.. Kumaha lamun tukang warung jeung Ceu Wawat nyusul ka lembur luhur, terus nuntut.. Meureun aing matak wirang.. Ari dijual harga sakitu aing beurat..,” cek gerentes Bah Sura.

Nempo Bah Sura ngahuleng, Juragan Somad nanya deui, “Kuamah, Bah..?”

Bah Sura akhirna mah teu boga pilihan, kapaksa manehna satuju. “Nya muhun atuh juragan.. Kuring satuju lah..,” cek Bah Sura ngomongna rada leuleus.

“Nya syukur atuh pami kitu mah.. Ku kuring ayeuna keneh diduitan.. Nya kaparengan ayeuna geh keur mawa duit deuih, “ cek juragan Somad bungaheun.

Tuluy manehna ngaluarkeun sababaraha lembar duit song dibikeun ka Bah Sura, “Mangga ieu artosna, Bah.. Kasaksian ku Pa Tua, sareng Pa Rt.. Ayena sawah Abah tos milik kuring.. Ke ke nu palih mana, Bah..?,” cek Juragan Somad bari malik nanya.

“Anu di kiduleun Pejeuh, juragan.. Nya enjing ku abdi dipasihan terang sakantenan suarat suratna,” cek Bah Sura.

“Nya nuhun atuh, sok ayeuna artosna dietang,” cek juragan Somad deui.

 Tuluy duit anu ngembrak dina samak teh diitung ku Bah Sura, tetela bener jumlahna. “Haturnuhun juragan.. Leres dua ratus rebu,” cek Bah Sura bari nyakuan duit.

“Tah.. Ayeuna urusan Abah ical galeuh sawah tos janten.. Tos dilunasan oge ku juragan Somad.. Ayeuna kantun persoalan nu kadua.. Perkawis si Emak warung sareng Ceu Wawat.. Sok ayeuna sareng si Emak warung heula.. Sabarahaeun karugian teh” cek Tua Kampung.

“Nuhun, pa Tua.. Nya sapertos tadi bae.. Pokona sadaya artso sangu sareng rencangna ditambih ku karugian kuring kulantaran dagangan seep jumlahna 70rbueun,” cek Si Emak Warung capetang.

Bah Sura kaget, “Mangkara mahal mahal teuing..?”

“Jih ari dahar mah ngan dua rebueun bah.. Tapi sadaya dagangan kuring ledis hargana 70 rebueun,” cek Tukang Warung.

“Enya tapi lain ku abah pan.. Menta ganti bae atuh ka hayam anu ngacak ngacakna..!,” cek Bah Sura rada ambek.

“Nya teu bisa kitu atuh Bah.. Da hayam mah teu boga uteuk.. Pan dagangan kuring jadi ledis ku hayam teh gara gara neangan Abah.. Nya kuring menta gantina ka Abah.. Coba lamun tadi Abah teu ngabobodo tuluy nguliwes mah, moal aya kajadian dagangan kuring diacak acak ku hayam.. Nya eta mah kari teu langkung Abah bae.. lamun teu bayar nya isukan kuring rek ka lembur luhur, rek bebeja ka unggal jalma,” cek Tukang warung bari ngancam.

Atuh huleng, Bah Sura reh ngahuleng,” Haduuh.. Haram jadol teh aya aya bae.. Apes apes aing.. Mun dibayar aing rugi.. Teu dibayar matak wirang..,” gerentes Bah Sura.

“Kumaha, Bah.. Ari kuring mah kitu, teu dibayar geh teu nanaon.. Tapi isukan kuring rek ka lembur luhur.. Meureun Abah wirang jalma beunghar dahar embung bayar..,” cek Tukang warung deui.

“Enya.. Enya.. yeuh dibayar..!,” cek Bah Sura ambek. Tuluy manehna mikeun duit 70 rb. “Tah Geus lunas,” Bah Sura nyodorkeun deuit.

Gap ditarima ku Si Emak warung, meni bungaheun pisan, sampe ka diciuman sagala eta duit teh. Tua Kampung, Pa RT, jeung Juragan Somad ukur gogodeg tapi manehna teu pipilueun. Sedengekeun Bah Sura katempo camberut.

“Tah Ayeuna urusan sareng Mak Inah, tos beres, bah.. Kantun urusan sareng Ceu Wawat.. Sok kumaha Ceu Wawat..?” tanya Tua Kampung ka Ceu Wawat.

Di tanya kitu Ceu Wawat langsung nembalan, “Ayeuna kieu bae Pa Tua.. Mak Inah bae saukur karugian ku dagangan digentosan ku Bah Sura 70 rb, ari kuring mah imah.. Laum diitung ku kuring jeung kayu, kenteng, jeung nu sejen na, can parabotan anu ancur.. Geus kajeun kuring mah rek menta ganti rugi 130rb bae..” cek Ceu Wawat.

Bah Sura kaget, sawah dibeuli ku Juragan Somad ngan 200rbu, geus dipake ngagantian si Emak Warung 70rb, ayeuna dipenta ganti rugi ku Ceu Wawat 130rb, atuh Bah Sura teu mawa saperak perak acan balik teh.

“Sabaraha, Ceu Wawat.. 130rb dedengean teh..?,”

“Muhun, Bah.. eta geh tos etangan alit,” tembal Ceu Wawat.

Leng leng Bah Sura ngarasa rieut, tetempoan asa ranyai. Antukna mah kulahek, Bah Sura pingsan.


Dilajeung ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng