Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 20
Karangan Kang Abun Burhanudin
“Ampun, Pa Tua.. Tulungan kuring.. Kuring mah bener bener teu boga salah.. Kafitnah.. katempuhan bae.. ku kabodoan sorangan.. Tulungan Jang Bantar, Neng Eti..,” cek Ambu Suri, ampun ampunan lantaran sieun dibawa ka nu berwajib.
“Bohong, Pa Tua.. Montong dikarunyaan.. Geus jelas bangsat.. Tumaan...!,” cek salah saurang jalma.
“Enya, Pa Tua.. Lamun moal diserahkeun ka nu berwajib.. Gebugan bae di dieu..,” cek salah saurang budak ngora deui, bari manehna seseregel hayang nyampeurkeun ka Ambu Suri, tapi ku Bantar dihalangan.
“Sabar sabar.. Ieu perkara can beres.. Awas ulah aya nu wani macem macem salagi can aya keputusan ti Pa Tua Kampung,” cek Bantar, rada heuras ngomongna lantaran jalma jalma geus hese diomongan.
“Nya atuh geuwat pa Tua putuskeun.. Ambih jelas persoalan na,” cek salah saurang jalma deui.
Tua Kampung katempo rada bingung, asa asa rek mutuskeun perkara Ambu Suri. Manehna sieun salah, lantaran can cukup bukti. Masi enya harita jalma jalma mergok Ambu Suri keur nyanghareupan embe Mang Juned anu leungit, tapi bisa bae Ambu Suri teh bener teu boga salah. Manehna bener apes katempuhan ku bangsat sabenerna nu ceunah tuluy kabur.
Lantaran bingung, Tua Kampung akhirna mah menta pendapat ka Bantar. “Kumaha, jang.. Cek pangemut Jang Bantar.. Emang rada bingung mutuskeun na.. Bilih lepat mutuskeun meureun emang janten dosa engkena,” Tanya Tua Kampung ka Bantar.
“Alaaah.. Make bingung sagala, Pa Tua.. Geus puguh bangsat eta jalma teh.. Geus bae langsung putuskeun hukuman na,” cek budak ngora anu tadi.
Ngadenge kitu, Bantar ngarasa seueul. Lain seueul pedah Bantar rek ngabelaan Ambu Suri, tapi seueul kulantaran eta budak teh ngodod siga nu teu ngahargaan ka Tua Kampung. Ret Bantar ngareret ka eta budak ngora anu kakarek ngomong. Terus dipencrong ku Bantar rada lila. Atuh luk budak teh langsung ngeluk, siga na mah sieun Bantar ngambek meuereun.
“Kumaha, Jang.. Pangemut ujang..? Tua Kampung nanya deui ka Bantar.
Bantar can keneh nembalan, kalah ret ka Nyi Eti, siga nu menta pendapat. Nyi Eti ngarti, tuluy pok manehna ngomong. “Ari cek pangemut abdi mah, Ambu Suri teh leres ngan saukur apes kang.. Abdi percanten naon anu dicarioskeun ku Ambu Suri teh saayana..,” cek Nyi Eti.
Ngadenge omongan Nyi Eti, Ambu Suri langsung ngemplong hate na asa aya nu ngebelaan, “Leres, Nyai.. Ambu mah jujur teu gaduh kalepatan.. Ambu mung saukur katuduh,” cek Ambu Suri.
Ningali kajadian kitu, jalma jalm ngarasa teu pusa. “Teu teu bisa kitu.. Lamun bener Ambu Suri teu ngarasa salah, manehna kudu bisa ngabuktikeun manehna teu salah,” cek saurang jalma.
“Enya bener.. Teu meunang percaya kitu bae.. Da moal heueuh aya bangsat ngaku,” cek nu sejen na.
Kaayaan jade rame deui. Jalma jalma pating corowok, “Enya bener.. Manehna geus puguh bangsat.. Geus bawa bae ka nu berwajib.. Enya bener.. Setorkeun ka polisi.. Geus teu kudu gebugan bae gebugan,” sora jalma jalma seah.
Nempo kaayaan jadi paciweuh deui, akhirna mah pok Bantar ngomong sora na kadenge tarik pisan. “Euup..! Eup.. Caricing..!,” cek Bantar. Atuh jep kabehan geh caricing dan ari ku Bantar mah tetep sieun.
“Kuring boga usul..” cek Bantar nuluykeun omongan na.
Jalma jalma tetep siga nu teu ngarasa puas. Kadenge patingkuciwes. Tua Kampung jeung Nyi Eti ngarasa panasaran kana naon nu rek diomongkeun ku Bantar. Ari Ambu Suri ngarasa degdegan bisi usul Bantar malah ngabeuratkeun ka manehna. Tapi dina kaayaan kitu mah Ambu Suri geh teu wani ngomong. Hatena teu sabar hayang geuwat ngadenge naon anu bakal diomongkeun ku Bantar.
“Ayeuna dangukeun ku sadayana nu hadir.. Kieu usul kuring..,” Bantar eureun heula ngomongna sabab ningali jalma anu patingkuciwes keneh.
“Jempe..! Jempe.. Jarempe.. Ulah patingkuciwes teuing.. Dengekeun Jang Bantar rek nyarios,” cek Tua Kampung.
Jep.. Akhirna mah jalma jalma teh jarempe. Sieun Bantar ngambek meureun. Ari geus kitu mah Bantar nuluykeun deui omongan na.
“Terus terang bae.. Ambu Suri teh tamu kuring.. Kuring teu percaya lamun Ambu Suri maling embe..,” karek geh Bantar ngomong geus kadenge aya nu ngomong deui.
“Laah.. Geus pasti dibelaan atuh ari kitu mah..,” cek eta Jalma.
Bantar jadi bener bener ambek. “Dengekeun heula.. Kuring can anggeus ngomong..,” cek Bantar rada nyentak.
Jep jalma teh cicin deui. Terus Bantar ngomong deui, “Tadi kuring ngomong yeun kuring teu percaya Ambu Suri maling embe.. Tapi kuring moal ngaleupaskeun kitu bae.. Kuring janji rek newak bangsat anu sabenerna.. Lamun Bangsat nu sabenerna geus katewak wayahna Ambu Suri kudu dibebaskeun.. Kumaha satuju..?,” cek Bantar.
Jalma jalma reang deui, parahi menta pendapat batur baturna. Lila lila mah aya salah saurang nu ngomong,
“Sok lah teu nanaon.. Kuring sakabeh satuju kitu oge.. Tapi wayahna kudu batas waktuna jang Bantar neangan badog nu sabenerna teh.. Kuring mere waktu salila tilu poe.. Lamun salila tilu poe jang Bantar can bisa keneh meunangkeun badogna.. Wayahna Ambu Suri rek disetorkeun pa polisi..,” cek eta jalma.
“Satuju..! Satuju..! satuju..!,” jalma jalma reang ngaromong satuju.
Ari Ambu Suri ngarasa seseblakan deui bae, lantaran sieun dina waktu tilu poe Bantar teu bisa newak badogna. “Aduh.. Kumaha lamun Jang Bantar teu bisa meunangkeun bangsat nu sabenerna.. Meureun aing teh bakal dibui,” cek gerentes Ambu Suri.
“Ke keheula, Jang.. Kuring geh boga usul saeutik.. Nambahan omongan mang Sapri,” Salah saurang jalma anu ngaran Mang Juned, ilu ngomong.
“Sok kumaha, mang..” tanya Bantar.
“Kuring sapendapat jeung omongan Mang Supri tadi.. Hukuman pikeun Ambu Suri ditangguhkeun heula sampe ka ujang bisa newak badog nu sabenerna.. Ngan samemeh ujang meunangkeun badog nu sabenerna, Ambu Suri kudu tetep aya di bale desa.. Kudu digawekeun meresihan bale, jeung ngawulaan pamong.. Kumaha jang lamun kitu?,” cek Mang Juned.
Ngadenge kitu, gebeg Ambu Suri ngagebeg. “Aduh.. cilaka.. Teu teu bisa kitu.. Aing teh di lembur jalma pang jegudna.. Ari di dieu rek digawekeun siga pembantu.. Teu teu bisa kitu..,” cek gerentes Ambu Suri, tapi manehna can wani ngomong.
Ari Bantar, jeung Nyi Eti bingung oge ngadenge usul Mang Juned kitu. Ret duanana ngareret ka Ambu Suri. “Kumaha, Ambu.. Geuning kitu kahoyong jalmi jalmi teh?,” tanya Nyi Eti.
“Aduh.. Terus terang bae, Nyai.. Ambu teu sanggem pami kedah kitu mah.. Ambu teh di lemburmah jalmi pangjegudna.. Mangkara Ambu kedah digawekeun siga pembantu..,” tembal Ambu Suri, blak blakan embungan ari kudu kitu mah.
“Teu.. Teu bisa.. Si Ambu kudu daek.. Lamun teu sanggup mending disetorkeun bae ka polisi poe ieu keneh,” cek saurang jalma.
“Bener.. Geus mending setorkeun bae ka polisi..” nu saurang ngalokan.
“Enya bener.. Geus teu kudu diajak ngomong deui.. Bawa bae ka nu berwajib,” cek jalma jalma jadi reang deui.
Ngadenge kitu Bantar jeung Nyi Eti bingung. Lain maranehna teu karunya ka Ambu Suri, tapi lamun ngabelaan deui Ambu Suri bising jalma jalma jadi suudjon naruduh maranehna teu puguh. Akhirna Nyi Eti ngalelemu Ambu Suri.
“Wayahna, Ambu.. Sanes abdi sareng kang Bantar teu hawatos ka Ambu.. Mung saena ayeuna mah turutkeun bae heula kahoyong jalma rea.. Anggap bae ieumah etang etang ujina ti nu maha kawas.. Keun Kang Bantar geh da moal cicingeun pasti newak jalma anu sabenerna,” cek Nyi Eti.
Ambu Suri ngahuleng. Tapi akhirna mah teu boga pilihan. Masi hatena ngarasa medekel geh kapaksa nurut kana ka hayang jalma jalma.
“Muhun atuh, Nyai.. Muga muga bae Jang Bantar sing enggal tiasa newak bangsatna,” cek Ambu Suri siga nu sadar. Padahal hatena mah tetep ngurunek.
Geus kitu mah pok Tua Kampung ngomong ka balarea, “Ayeuna perkara anggap beres bae sementara.. Ku kuring ditutup.. Sok mangga ayeuna mah balubar..,” cek Tua Kampung.
“Enya atuh ari kitumah, Pa Tua.. Tapi eta Ambu Suri kumaha..? Kade ulah waka dileupaskeun..,” cek saurang jalma.
“Geus teu kudu khawatir masalah Ambu Suri mah.. Ku kuring jeung Pa RT katut hansip ditarungguan di dieu,” tembal Tua Kampung.
Ari geus ngadenge kitu mah, tuluy jalma jalma geh akhirna balubar. Nu aya tinggal Bantar, Nyi Eti, Tua Kampung, Rt, jeung Hansip, katut Ambu Suri sorangan.
“Wayahna Ambu.. Abdi sareng kang Bantar bade mulih heula nya.. Ambu ka sabar.. Wayahna ka nurut ka Pa Tua, Pa Rt, sareng nus sanesna.. Supados masalahna tiasa cepet beres,” cek Nyi Eti.
“Muhun atuh Nyai..,” tembal Ambu Suri, katempo teu sumanget.
“Hayu kang.. cuang mulih heula,” Nyi Eti ngajak ka Bantar mulang.
Sanggeus pamit ka Pa Tua, jeung nu sejen na, tuluy Bantar jeung Nyi Eti baralik.
Sanggeus Bantar jeung Nyi Eti areuweuh, Ambu Suri katempo cameot bae di juru sorangan. Ku Tua Kampung tuluy disampeurkeun,
“Geus dahar teu anjeun?,” tanya Tua Kampung.
Sabenerna Ambu Suri ngarasa sangheuk rek nembalan teh, tapi memang beuteungna karasa pupurilitan menta eusi. “Tacan.. Iraha atuh kuring daharna.. Pan titadi geh disariksa bae ku aranjeun,” tembal Ambu Suri ngomongna rada ketus.
Ngadenge Ambu Suri nu ngomongna ketus kitu, Tua Kampung anu tadina rada karunya geh jadi seueul. “Nya atuh.. Ke kuring dibere dahar.. Ayeuna mah wayahna eusian heula bak mandi di tukang,” cek Tua Kampung.
Atuh jenghok Ambu Suri ngajenghok dititah ngeusian bak teh. “Haram jadol.. Jalma teh bener bener culangung.. Ongkoh nawaran dahar ka aing.. Tapi titah ngeusian bak.. Nasib nasib apes apes teuing,” cek gerentes Ambu Suri.
Nempo Ambu Suri cicing bae, Tua Kampung beuki keuheul. “Jeh dititah teh kalah cicing bae.. Geuwat eusian bak.. Ta ku kuring dibawa kantor polisi..” cek Tua Kampung rada nyingsieunan.
Ari dikitukeun mah Ambu Suri teh reuwaseun. “Enya.. atuh enya.. Kuring rek ngeusian bak ayeuna..,” tembal Ambu Suri.
Geus kitu mah tuluy Ambu Suri teh indit ka tukang. Barang anjog ka lawang bak, manehna ngarandeg. “Tadi si Tua Kampung teh nitah ngeusian bak.. Lamun kitu mah berarti aing titah cicing na jero bak.. Haruuh.. Bet telenges telenges teuing jalma teh..” Gerentes Ambu Suri bari ngahuleng.
“Kudu kumaha ieuh.. Mangkara aing kudu cicing na jero bak mah.. Tapi lamun teu diturutkeun aing meureun dibawa ka kantor polisi,” gerentesna deui.
Ambu Suri ngahuleng bingung. Keur kitu kabayang ku manehna, lamun dibawa ka kantor polisi terus dibui, kabayang jalma jalmana garalak, Ambu Suri disiksa. Kabayangkeun kitu mah Ambu Suri jadi ngabirigidig.
“Hiih.. Sieun lamun aing dibui mah.. Daripada aing dibui mending ku aing diturutkeun bae kahayang Tua Kampung gejul teh,” cek hate Ambu Suri.
Tuluy Ambu Suri asup ka kamer mandi. Breh teh Bakna garing euweuh cai sauetik eutik acan, ngan dijerona katempo loba ramat, siga anu teu kaurus eta bak teh.
Ambu Suri ngahuleng deui bae. Terus cilingcingcat teu puguh bangun pusing. Tapi kaingetan deui omongan Tua Kampung lamun teu nurut ngeusian bak rek dibawa ka kantor polisi. Atuh bari jeung seueul geh kalacat Ambu Suri naek kana bak, tuluy ngagoler di jerona.
“Nasib.. nasib.. Sampe ka kieuna.. Aing kudu ngalaman ngagoler di jero bak,” gerentesna. Sagala perasaan ngabaur jadi hiji, nya ambek, nya sedih.
Ari Tua Kampung, Rt, jeung Hansip, keur galecok ngobrol di hareup. “Kumaha cek pa Tua.. Ari kuring mah sabenerna aya percaya aya henteu nini nini eta ngabangsat teh,” cek Pa RT kadenge ngomong.
“Teuing, Pa Rt.. Kuring geh asa bingung.. Soalna buktina manehna kanyahoan keur nyangharepan embe Mang Juned nu leungit..,” tembal Tua Kampung.
“Enya kitu na mah.. Tapi ayeuna mah cuang tungguan bae kumaha jang Bantar bisa hasil teu newak bangsat nu sabenerna salila tilu poe,” cek Pa Rt deui.
“Leres kitu.. da kumaha deui atuh..,” cek Hansip ilu ngomong.
Keur kitu Tua Kampung ingeteun deui ka Ambu Suri anu ditiah ku manehna ngeusian bak, “Ke.. ke geuning jalma teh asa lila lila teuing dititah ngeusian bak teh..,” cek Tua Kampung.
“Moal kaburmah kitu?,” cek Pa RT.
“Teuing.. Cing rek diilik heula ku kuring,” Cek Tua Kampung, bari tuluy manehna indit ka tukang.
Barang anjog ka kamer mandi, katempo teu aya sasaha. Tua Kampung reuwas. “Beu.. Cilaka.. Kabur sigana jalma teh,” cek gerentes Tua Kampung.
“Pak RT, Mang Uha.. Euweuh jalma teh.. Kabur sigana mah..,” cek Tua Kampung huak hauk ngageroan pa Rt jeung Hansip.
Atuh berebet Rt jeung Hansip sada lalumpatan nyalampeurkeun Tua Kampung. “Kumaha, Pa Tua.. Kabur jalamana?,” tanya Pa RT kaget.
“Sigana mah.. Si eweuh sasaha buktina..,” Cek Tua Kampung.
“Waduh.. Cilaka..! Mang Uha.. Geuwat bejaan batur sina ditareangan.. Geus ayeuna mah lamun beunang teh cuang langsung bae bawa ka kantor polisi.. Da bener sigana lamun kitu mah manehna teh bangsat.. Buktina manehna kabur deui,” cek Pa Rt.
“Muhun atuh, Pa Rt,” tembal hansip, bari tuluy leumpang rek ngabejaan jalma jalma.
Tapi karek geh sababaraha lengkah, kadenge aya nu ngagorowok ti jero bak.
“Ieuh kuring mah aya.. Teu kabur ieuh.. Baruk titah ngeusian bak..,” cek Ambu Suri.
Ngadenge kitu mah Hansip ngarandeg deui. Ari Tua Kampung jeung Pa Rt silih reret. Tuluy laleumpang ngilik ka jero bak. Barang breh katempo Ambu Suri keur ngagoler dina jero bak. Nempo kitu Tua Kampung jeung Rt pada gagarodeg,
“Ari si Ibu keur naon ngadon ngagoler di jero bak..?,” tanya Tua Kampung, bari gogodeg.
“Jih.. Ari pa Tua.. Kuamah sih.. Pan kuring teh dititah ngeusian bak.. Naha geuning nanyakeun deui?,” tembal Ambu Suri, bari beungeutna katempo beureum ambek.
Ngadenge kitu Tua Kampung, Rt jeung Hansip, jadi patingserengeh seuri. “Ambu.. Ambu.. Yeuh kuring mah nitah ngeusian bak teh lain berarti si Ambu kudu cicing na jero bak.. Tapi ieu bak kosong.. Pang ngalakeun cai, terus eusian ku cai..,” cek Tua Kampung bari rada seuri.
Ngadenge omongan Tua Kampung, Ambu Suri jadi ngarasa era tapi campur seueul. Pok manehna nembalan, bari beungeutna beureum.
“Atuh Pa Tua salah ngomongan.. Lamun ngomong pinuhan bak.. Meureun kuring teh ngala cai minuhan bak.. Ieu mah nitahna eusian.. jadi kuring teh rek minuhan bak sing salah,” cek Ambu Suri bari tuluy hudang terus kaluar tina jero bak.
Tua Kampung, Rt, jeung Hansip, beuki teu kuat narahan seuri, tapi akhirna mah maranehna karunyaeun. “Geus Ambu ayeuna mah dahar heula.. Mang Uha pangmeulikeun heula sangu karunya,” cek Tua Kampung tuluy balik deui ka hareup, dituturkeun ku Rt jeung Hansip.
Ambu Suri seueul, leungeunna katempo meureupan ti tukang, pas kabeneran Tua Kampung ngalieuk. Ambu Suri reuwas langsung nyerengeh, samemeh Tua Kampung nyarekan manehna langsung ngomong, “Hapunten Pa Tua, eta aya reungit ku kuring ditewak,” cek Ambu Suri bari nyerengeh. Ari Tua Kampung saukur gogodeg.
Cag urang tunda heula.
Ayeuna kocapkeun Bah Sura anu keur lumampah sorangan rek nawar nawarkeun sawah atawa kebon na ka tatangga lembur. Harita Bah Sura katempo keur leumpang sorangan mapay mapay jalan satapak terus bras mengkol ka kebon. Maksud bah sura ngahaja motong jalan ambeh leuwih cepet ceunah ti ditu na mah. Ari keur kitu beuteungna karasa kukurubukan menta eusi.
“Beu.. Ieu beuteung lapar pisan.. Keur mah aing boga duit pisan deuih.. Kaduhung diajak ku pa RT ka imahna heula aing teu daek,” cek gerentes Bah Sura.
Ari matana katempo rurat reret siga aya nu keur ditempoan. Breh teu jauh ti manehna aya hiji nangka katempo ngagoler teu jauh tina tangkalna. Beuteung Bah Sura beuki karasa lapar.
“Aya nangka nu saha nya..?” cek Bah Sura ngomong sorangan bari luak lieuk, neangan jalma nu bogana. Maksudna mun aya jalma nu bogana ku manehna eta nangka rek dipenta jang tamba lapar. Tapi dilieukan geh weleh euweuh jelma.
“Eta mah nangka ragrag meureun.. Lah da euweuh ieuh nu bogana dicokot ku aing,” cek Bah Sura deui.
Tuluy Bah Sura leumpang ngadekeutan ka palebah nangka anu keur ngagoler. Sanggeus anjog, Bah Sura masih keneh bingung, rek murak nangka euweuh bedogna.
“Aduuh..! Aya bagja teu daulat.. Nimu nangka asak eweuh bedog jang meulahna..,” gerentesna.
Bah Sura luak lieuk, sugan aya batu. Maksudna mah nangka the rek dipurak ku carana dibeubeutkeun kana batu. Tapi teu manggih batu oge.
Keur kitu kadenge aya sora jalma nu ngagorowok, “Woooi.. Saha di dinya..!,”
Bah Sura kaget, ret ka palebah datangna sora. Ari breh teh katempo aya saurang jalma katempo keur leumpang bari ngacungkeun bedog.
Bah Sura reuwas. Fikirna eta jalma teh nu boga tangkal nangka, ngamuk ngacung ngacung bedog. “Beu cilaka.. Geuning eta nu bogana ngamuk.. Waduh.. aing daripada dikadek, aing mending kabur,” cek gerentes hate Bah Sura bari berengbeng kabur tibuburanjat.
Nempo Bah Sura kalah kabur, jalma nu keur leumpang ngacungkeun bedog olohok. “Naha eta jalma kalah kabur..?” cek gerentesna, bari terus olohok nempokeun Bah Sura anu terus ngabecir kabur.
Teu lila eta jalma karek sadar, manehna teh keur ngacungkeun bedog. Nyeh eta jalma teh jadi seuri sorangan. “Oh.. Heueuh.. meureun jalma teh soakeun pedah aing ngacungkeun bedog.. Padahalmah aing mere nyaho yeuh bedog jang murak nangka.. Ah dasar boloho jalmana..,” cek eta jalma.
Ari Bah Sura terus lumpat tibuburanjat bakating ku soak. Barang liwat hiji pengkolan marengan aya saurang awewe nu keur leumpang. Jedak atuh eta awewe teh katabrak ku Bah Sura. Gubrag eta awewe nangkarak bengkang, awakna katindihan ku Bah Sura.
Atuh eta awewe tangtuna bae reuwas campur sieun, tuluy eta awewe ngagorowok tulung tulungan, “Tuluuuung..! Tuluuuung..!”
Teu lila aya saurang lalaki datang. Sihoreng eta salaki jalma awewe tea. Nempo pamajikan na ditindihan ku Bah Sura, atuh eta jalma lalaki langsung napsu.
“Kurangajar siah aki aki teh.. rek ngagunasita pamajikan aing siah, “ cek eta lalaki bari jekok najong Bah Sura.
Atuh Bah Sura langsung ngagulitik bari ngagoak. “Aduuh..! Ampuuun..!, cek Bah Sura.
Ari jalma lalaki masih keneh ambek. Jekook..! Bah Sura ditajong deui. Ayeuna mah beunang palebah tarangna. “Aduuh..! Ampuuun..! Abah mah teu kahaja..,” cek Bah Sura bari nyekelan tarangna.
“Montong ampun ampunan siah.. Aki aki burung.. Sidik siah rek ngagunasita pamajikan aing.. Ku aing kanyahoan.. Podaran siah ku aing,” cek eta jalma bener baner ambek pisan. Terus katempo manehna ngalugas bedog.
Atuh Bah Sura beuki soak bae.
Dilajeng ka Eps salajengna.
Komentar
Posting Komentar