Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 7
Karangan Kang Abun Burhanudin
Ambu Suri terus lumpat meni tibuburanjat ti babaranting, kolesah tikait kana akar, gudubrag labuh, tapi buru buru hudang, tuluy lumpat deui. “Tuluung..! tuluuung..! aya jurig tuluung..!, cek Ambu Suri bari lumpat bari terus gogorowokan tulung tulungan.
Ari Bah Sura katempo masih keneh ngudag, napasna geus ngap ngapan hahehoh, tuurna oge geus karasa leulues. Reg lumpatna eureun, “Aduh.. Kasuruspan ku naon eta pamajikan aing.. Ka aing kalah nyangka jurig..” cek Bah Sura.
Bah Sura luak lieuk nengan sugan aya jalma, rek menta tulung supaya ngudag Ambu Suri bisi kumaha onam, tapi eueweuh sasaha. Atuh kapaksa akhirna Bah Sura maksakeun lumpat ngudag deui Ambu Suri.
Ari Ambu Suri masi bari jeung tipaparetot geh geus katempo beuki jauh, sagala ditabrak, sagala dirumpak, bari teu ereun eureun tulung tulungan aya jurig aya jurig. Leok mengkol ka jalan anu arah ka tampian. Pas kabeneran di Tampian keur meumeujeuhna loba jalma, aya nu keur nyueseuh, nu keur mandi, jeung nu ngumbahan parabot.
Barang ngadenge sora anu tulung tulungan, atuh kabehan ngorejat kaget. Keur mah tadi isuk isuk geus manggih nu pikasieuneun, nyaeta ngadenge sora Ririwa awewe anu jejeritan, disusul ku sora ngabarakatakna Jin Kalajugang. Atuh teu nolih deui kana nanaon, buriak jalma jalma nu aya ditampian kabeh ngaburiak lalumpatan, cul seuseuheun, cul parabot, sakabehna lumpat saka lumpat lampet teu nolih kana naon. Disangka ku maranehna mah bener, Ambu Suri lulumpatan teh pedah manggihan jurig.
Kayaan didinya jadi bener bener kacau. Nu lumpat ka kulon, nu ka wetan, nu kakaler, nu kakidul, paburisat teu pararuguh. Saling tabrak pating gudubrag, tuluy harudang deui lalumpatan. Malahan bakat kusieun, aya saurang nini nu keur mandi, kusabab kabawa sieun manehna lumpat bari bubulucun, poho teu dibaju baju acan.
Ari Ambu Suri, nempo jalma jalma paburisat kitu, manehna geh kalah kabeuki sieun. Lumpatna beuki tibabaranting bae. Pas kabeneran pinggir balong, Ambu Suri tikolesah ngijek taneuh lesang, gubrag ngagubrag, gulitik gulitik, gebrus akhrina tigebrus kana balong.
“Tuluuung..! Tuluuuung..!, cek Ambu Suri, bari roroesan hayang hanjat tapi malah tikolesah deui tikolesah deui, akhirna tigebrus deui kana balong. Ari jalma jalma euweuh nu narulungan da maranehna geh sarua sieun ku jurig.
Kerelep kerelep, Ambu Suri tikerelep, pucunghul mucunghul deui, “Tu.. Tuluuuung..! tuluuung,” Ambu Suri tulung tulungan deui.
Keur kitu Bah Sura datang, katempo hahehoh. Reg eureun ngatur nafas heula. Ari panon na terus mencrong ka Ambu Suri. Rek nulungan, tapi manehna geus teu kuat kucape. Antukna Bah Sura kalah ka andiprek pinggir balong.
Ari Ambu Suri ayeuna mah fikiran na geus sadar. Meureun pedah kakeueum ku cai, jadi manehna sadar. Nempo Bah Sura geh geus teu disangka jurig deui. “Abah tulungan.. Abah..,” cek Ambu Suri, menta tulung ka Bah Sura.
Bah Sura masih keneh ngarasa seueul, tapi oge aya rasa karunya. “Ari nyanehna naha tuda, Suri.. kalakuan teh siga bolon bae,” cek Bah Sura bari jung nangtung rek nulungan Ambu Suri.
Tapi manehna bingung oge, rek turun kana balong teu bisa ngojay. Jadina Bah Sura malah lantrak lintrik teu puguh di pinggir balong.
Ari Ambu Suri katempo geus ngahod hod. Rek naek teu bisa kusabab pinggir balong teh kacida lesangna. Atuh ngan bisa roroesan bae, bari nyarekan Bah Sura.
“Ngan luntrak lintrik bae ari si Abah lain geuwat tulungan kuring, “ cek Ambu Suri.
“Heueuh.. Tungguan sakeudeung, kami keur neangan cara kumaha nulungan maneh,” jawab Bah Sura katempo rada sasah.
“Geuwat atuh, Abah.. Ieu kuring geus teu kuat tiris..” cek Ambu Suri deui geus teu sabar.
Bah Sura bingung. Keur kitu ret ngareret ka beulah kenca. Breh aya dahan. Kot kumanehna dicokot, terus leumpang deui ka pinggir balong ngadeukeutan Ambu Suri, tuluy eta dahan teh disodorkeun.
“Yeuh cepeng.. Kek u kami ditarik kaluhur,” cek Bah Sura bari nyodorkeun dahan.
Teu loba omong deui, kep ku Ambu Suri eta dahan teh dicekel. Geus kitu mah ku Bah Sura ditarik meni tibeberegeg. Tapi barang geus rek hanjat, kana suku Bah Sura aya kadal ngarayap. Bah Sura reuwas, teu sadar kalah ka luncat, kolesah Bah Sura tikolesah sabab nincek taneuh ledok. Gebrus.. Bah Sura jadina tigebrus kana balong. Atuh Ambu Suri nu geus rek hanjat geh kabawa deui tigebrus. Antukna salaki pamajikan teh pada pada tigebrus, katempo roroesan hayang hanjat tapi teu bisa. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang kocapkeun deui jalma jalma anu lalumpatan lantaran sieun ngadenge Ambu Suri anu tadi tulung tulungan aya jurig aya jurig. Kayaan jadi genjelung. Jalma jalma anu sejen na geh jadi kabawa sieun. Anu rek indit kasawah jadi rewas, kabawa sieun tuluy lalu lalumpatan deui ka imahna. Nu keur bebesik hareupeun imahna oge kabawa sieun. Berengbeng lumpat ka imahna, jeger nabrak panto. Blus asup, tuluy ngahephep sieun. Barudak anu keur arulin oge kadenge pating koceak careurik lalumpatan bari ngagareroan indungna aya jurig aya jurig ceunah.
Tua Kampung, Pak Rt, Pa Lebe, Mang Wardi, Mang Uman, nu keur laleumpang rek ka imah Bah Sura kaget nempo jalma jalam lalumpatan bari pating corowok aya jurig aya jurig. “Beu.. Aya kajadian naon deui ieu teh..,” cek Tua Kampung.
“Enya.. Kuring geh jadi bingung.. Moal heueuhna aya beurang beurang kos kieu..,” cek Mang Uman.
Keur kitu aya saurang jalma nu lumpat kabeneran liwat ka hareupeun Tua Kampung saparakanca. Ku Mang Uman ditanya, “Aya naon ieu teh, Mang.. Aya naon?,”
“A.. Aya jurig tuh di tampian..” jawab eta jalma, bari terus lumpat deui.
Tua Kampung jeung nu sejen na gagarodeg. “Cik cuang tingali ka tampian, sabenerna aya naon? Da rarasaan mah mustaihil aya jurig wayah kieu..” cek Pa Rt.
Nu sejen na satuju. Tuluy bring maranehna indit ka tampian.
Barang Tua Kampung saparakanca geus anjog ka tampian, kadenge aya nu tulung tulungan, sorana awewe jeung lalaki. Atuh tua kampung jeung nu sejen na kaget. Rey.. bulu punduk maranehna rada ngarey oge ari ngadenge kitu mah, lantaran nu tulung tulungan teh teu katingali jelmana.
“Sada aya nu tulung tulungan..” Cek Pa Rt.
“Bener, pa Rt.. Kuring geh ngadenge,” cek Tua Kampung.
“Boa bener ririwa, pa Tua..,” cek Mang Uman.
Nu sejen caricing. Bulu pundukna beuki karasa maruringkak.
“Tuluung.. Tuluuung..!”
Keur kitu kadenge deui sora nu menta tulung. Kadenge ayeuna mah rada jelas.
“Ke ke ke.. Sadana mah sora Bah Sura geuning,” cek pa Rt.
“Muhun.. Eta mah soanten Bah Sura,” cek Mang Wardi ilu ngomong.
“Tuluung.. Tuluuung..” kadenge deui nu menta tulung, tapi sada Ambu Suri ayeuna mah.
“Tah.. tah.. kadenge deui.. Sadana mah beulah ditu..” Cek Mang Uman bari nunjuk ka tempat datangna sora.
“Hayu cuang tempo, bisi bener Bah Sura jeung Ambu Suri kumaha onam,” cek Tua Kampung, bari leumpang tiheula rek nyampeur ka palebah datangna sora, dituturkeun ku Pa Rt, Pa Lebe, jeung Mang Wardi.
“Ke ke.. sabar, Pa Tua.. sidik sidik heula ulah gagabah, bisi eta mah jurig anu nyiliwuri, mirupakeun Bah Sura jeung Ambu Suri,” Cek Mang Uman.
Atuh reg.. Tua Kampung, Pa Rt, Pa Lebe, jeung Mang Wardi ngarandeg deui.
“Kumaha atuh, Pa Tua..?” tanya Pa RT.
Tua Kampung kalah ka ngahuleng bingung. “Kumaha atuh, Nya.. Ari teu disampeur bisi bener Bah Sura jeung Suri. Ari disampeur bisi bener eta teh ririwa nu nyiliwuri, jadi bingung kuring geh..,” jawab Tua Kampung, teu mere kaputusan.
“Tuluuuung..! Tuluuuung..!,” sora Bah Sura nu menta tulung kadenge deui.
Pa Rt jeung nu sejen na saling reret. “ Eta sada Bah Sura menta tulung deui. Ayeuna kudu kumaha?,” pa Rt nanya deui. Hatena aya rasa hariwang aya rasa sieun. Hariwangna bisi bener eta the Bah Sura. Sieun na bisi ngan saukur ririwa nu nyiliwuri. Keur kitu kadenge Mang Uman mere usul.
“Tanya bae heula sugan, eta Bah Sura ta jurig..?,” Cek Mang Uman.
“Enya.. Alus na mah kitu.. Cik ku Mang Uman atuh tanya kadia,” Pa Lebe satuju.
“Hampura pa Lebe.. Kuring mah lain embung.. Tapi sora kuringna keur serak.. Moal bisa tarik..” Ngahaja haja dititahmah Mang Uman teu dakeun.
“Kuring geh sarua, Pa Lebe.. Ieu tikoro asa nyeri.. Rada susah rek ngomong tarik teh,” Cek Tua Kampung, kasieunan bisi ditiah meuereun.
“Ih kuring sarua.. Tara bisa tarik ari ngomong teh.. Alusna mah ku Pa Lebe bae atuh” Pa Rt oge langsung ngomong embung, jeung malah malik nitah ka pa lebe. Akhirna mah kabeh geh parahi embung. Mang Wardi akhirna mah mere usul.
“Kumaha pami kieu bae atuh. Tos teu kedah ditaros.. Tapi cuang ku urang sasarengan tingali kaditu.. Pan pami kompak mah urang tiasa saling bantos..” usul Mang Wardi.
“Satuju lah.. Sok Mang Wardi leumpang ti hareup..” Cek Tua Kampung.
“Pami kitu mah teu adil atuh, Pa Tua.. Sae na mah sasarengan bae.. Ulah aya nu ti payun ulah aya nu ti pengker,” cek Mang Wardi nolak disuruh dihareup mah.
Can geh aya nu ngajawab, kadenge sora Bah Sura menta tulung deui.
“Tuluung.. ! Tuluuuung..!,” ceunah.
Sihoreng Bah Sura bener bener keur sasah, lantaran ningali Ambu Suri anu kekerelepan rek pingsan bakating ku tirisna meuereun. Harita geh ku Bah Sura katempo awakna keur disangkeh.
Ngadenge kitu, Tua Kampung jeung nu sejen na saling reret. “Hayu lah kaditu babarengan, bisi bener Bah Sura kumaha onam,” cek Tua Kampung.
Geus kitu mah tuluy bae Tua Kampung jeung nu sejen na laleumpang ka palebah datangna sora. Ngan lucuna maranehna leumpangna lalaunan bari saling genjang, siga bae soldadu nu keur Latihan baris berbaris. Aru Bah Sura terus kadenge tulung tulungan.
Tua Kampung saparakanca terus leumpang lalaunan. Akhirna mah anjog ka na deukuet balong. Breh katempo Bah Sura keur aya dina balong keur nyangkeh Ambu Suri nu geus teu kuateun hampir kapiuhan.
“Abah.. Eta teh Bah Sura ta ririwa?,” tanya Pa Rt.
Ditanya kitu, Bah Sura nu keur ngarasa ripuh jadi rada seueul.
“Aduh, Pa Rt.. meni kutega nyangka ka kuring ririwa.. Geuwat pa Rt, pa Tua, Kuring tulungan.. Ieu pamajikan geus teu kuateun rek pingsan,” cek Bah Sura.
Ari ngadenge kitu mah, Tua Kampung jeung nu sejen na ngarasa ngemplong. Tuluy buru buru maranehna muru ka pinggir balong. Leumpangna geus teu pagenjang genjang deui ayeunamah.
“Aduuh.. Keur naon atuh Abah teh.. Wayah kieu geus ngadon ngeueum di balong,” tanya Tua Kampung.
“Geus engke dongeng na mah, Pa Tua.. Ayeuna mah buru buru tulungan kuring.
“Nya atuh sok dorong si Ambu na kaluhur.. Ke ku kuring ditarik ti luhur,” cek Tua Kampung deui.
Bah Sura geus teu loba omong deui. Tuluy manehna ngangkat Ambu Suri didorong kaluhur. Ku Tua Kampung langsung diyarik leungeun na, dibantuan ku Mang Uman jeung nu sejen na. Akhirna mah Ambu Suri bisa katulungan ditaekeun deui ka darat. Tinggal Bah Sura anu masih keneh aya dina balong.
“Nuhun, pa Tua.. Nuhun, Pa RT, Pa Lebe, jeung kabehan na. Ayeuna tinggal Abah tulungan,” cek Bah Sura.
“Nya sok Abah cobaan naek. Ku kuring ditarik kaluhur,” Cek Pa Rt.
Teu talangke tuluy Bah Sura nyobaan naek. Tapi tikolesah deui tikolesah deui. Atuh tuluy pa Rt nyodorkeun leungeun na. Ku Bah Sura dicepengan. Akhirna mah Bah Sura geh bisa naek ka darat. Awakna katempo ngagibrig tiriseun.
“Nuhun.. nuhun.. Untung aya Pa Tua saparakanca.. Abah salamet oge..,” Cek Bah Sura.
“Sami sami, Bah.. Ayeuna mah Abah waka seueur nyarios, mending ayeuna mah mulih bae heula.. Hawatos Abah katawisna si nu ngagibrig tiris kitu,” cek Pa Rt.
“Nya atuh.. Nuhun.. nuhun.. Tapi ieu si Ambu kumaha?,” cek Bah Sura.
“Si Ambu na cuang dipayang, bah..” cek Mang Uman.
Ari geus kitu mah tuluy kabehan na arindit ka imah Bah Sura. Ari Ambu Suri dipayang ku Mang Uman jeung Mang Wardi. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun kaayaan Amran. Tisaprak Jin Kalajugang diparentah ku manehna indit nyokot raga Nyi Rukmini, Amran masih keneh aya di ruangan paranti manehna tirakat. Katempo Amran keur diuk sila bari nyanghareupan parukuyan, biwirna teu cicing gegerenyeman maca jangjawokan. Teu lila rieg saung karasa ngarieg. Rekot rekot kadenge pating rarekot. Peledug katempo aya haseup asup tina sela sela bilik saung. Mimitina katempo ipis, tuluy melek beuki kandel, lila lila jelegedeg eta haseup ngajenggelek jadi Jin Kalajugang
“Ha.. ha.. ha.. Haturan juragan.. Kawula geus ngalaksanekeun parentah juragan.. Raga Nyi Rukmini geus hasil dibawa kadieu,” cek Jin Kalajugang mere laporan.
“Alus.. Alus.. Andika memang bisa diandelkeun.. Cag tunda hareupeun kawula..” jawab Amran, manehna ngarasa bungah.
Jin Kalajugang teu nembalan deui, tuluy katempi leungeun na gerak ngabentuk hiji jurus. Katempo aya nu kaluar tina dampal leungeun na. Mimitina katempo leutik, beuki lila beuki ngagedean. Akhirna ngabentuku wujud raga Nyi Rukmini anu tina tatu dina dadana ngaberebey getih seger keneh.
Awak Nyi Rukmini katempo turun sauetik sautik, brug ngagoler dina talupuh. Amran katempo kacida bungahna. “Ha.. ha.. ha.. Alus Kalajugang.. Ayeuna kamana jurug cai nu kamari ngeusi raga Nyi Rukmini,” tanya Amran.
“Ampun, Juragan.. Si Jurig cai ancur ragana kasinaran ku cahayan panon poe.. Kawula teu sempet nulungan,” jawab Kalajugan.
“ Teu nanaon, Kalajugang.. Da ku kawula geh jurig cai mah moal dipake deui.. Ayeuna tugas andika geus rengse.. Andika bisa balik,” cek Amran.
Cedok Jin Kalajugang nyembah ka Amran. Peledug.. tuluy ngarobah wujudna jadi haseup hideung. Beuki lila haseup beuki ngipisan, akhirna mah les ngaleungit.
Sanggeus Jin Kalajugang ngaleungit, Amran nangtung tuluy leumpang ngadeukeutan layon Nyi Rukmini anu ngagoler dina talupuh. “Rukmini.. Kawula jeung andika teu boga urusan, tapi kolot kolot andika boga hutang pati ka kolot kawula. Kulantaran kitu, wayahna raga andika ku kawula rek dipake pikeun nagih pati ka turunan urang Lembur Luhur nu geus nganyerikeun batin ka kulawarga kawula,” kitu cek Amran nyarita ka layon Nyi Rukmini.
Karek geh Amran rengse ngomong, ujug ujug jeleger..! kadenge sora guludug ngajeleger tengah poe ereng erengan. Dorkodok..! Guuur..! kadenge di luar saung sada aya tangkal nu peunggas tuluy hurung kaduruk.
Belenyeh.. Amran seuri bari neuteup teleb kana layon Nyi Rukmini. Satuluyna Amran sidakep bari peureum, sungutna kunyam kunyem mapatkeun jangjawokanna. Rieg..! rieg..! karasa saung ngarieg deui meni rongkah. Cikikik.. Teu lila disusul ku sora awewe anu seuri nyikikik.
“Hi.. hi.. hi.. Aya naon, manusa.. ngangkir kawula kadieu.. Hi.. hi.. hi..,” cek eta sora, bari wujudna mah tacan katembong.
Dina kaayaan panon masih peureum, Amran pok ngomong, “Ratu Siluman oray Banawati.. Kaluar andika..! Tembongkeun wujud andika ka kawula..!,”cek Amran, marentah ka eta siluman.
Kok.. kok.. Kadenge sora oray kakak kokok. Srek..! Srek..! disusul ku soara sisit anu ngagesek kana bilik imah. Tuluy katembong aya hiji oray anu kacida gedena. Dina huluna katempo aya mahkotaan. Kadenge eta oray nyarita ka Amran, bari tetep dibarengan ku sura anu seuri nyikikik.
“Hi.. hi.. hi.. Aya naon, Manusa.. Kawula geus nembongkeun wujud ka andika.. Ayeuna prak geura ngomong, hayang naon andika..,” cek eta oray.
“Ha.. ha.. ha.. Alu.. alus.. Andika geus nurut kana parentah kawula.. Kahayang kawula ayeuna, andika geus asup kana raga ieu awewe..! Sok geura laksanakeun..!,” cek Amran.
“Hi.. hi.. hi.. Naon anu diparentah ku andika, ku kawula bakal ditedunan.. Tapi aya syaratna..,” cek eta siluman.
“Naon syaratna..? sok geura sebutkeun..!” tanya Amran.
“Hi.. hi.. hi.. Andika kudu tarung heula jeung kawula. Mun andika bisa ngelehkeun kawula, sagala parentah andika pasti ku kawula ditedunan.. Hi.. hi.. hi..,” cek eta siluman.
Karek geh anggeus ngomong kitu, teu mere waktu deui, Ratu Siluman oran Banawati langsung nyerang nyabetkeun buntutna ka Amran. Tapi lain geh Amran lamun bisa eleh kitu bae. Barang buntut oray hampir keuna kana awakna, Amran ngelok saeutik bari leungeun katuhuna langsung nyamber kana buntut oray, krep.. buntut oray katewas, tuluy ditarik ku Amran diputerkeun dina luhur sirahna. Wuus.. wuus.. wuus.. kadenge eta oray muter meni tarik.
Tapi Ratu Oray Banawati geh lain siluman anu sembarangan. Barang awakna keur diputerkeun kitu, huluna nilep, terus sakilat rek macok kana beungeut Amran.
Amran kaget, hampir bae keuna serangan. Untungna manehna masih keneh bisa ngadengdekeun sirahna, bari tuluy nyiduhan kana hulu oray. Puih.. beunang pisan kana matana. Jerit siluman oray ngajerit.
“Ampun.. Panaas.. panass..” Ratu oray Banawati kokoceakan teu kuat ku rasa panas. Leketey.. awakna leuleus tuluy ragrag kana talupuh.
“Ampun, manusa.. Kawula ngaku eleh..,” cek Ratu Banawati akhirnamah ngaku eleh.
Nempo siluman oray nyerah, Amran tuluy nyakakak seuri, “Ha.. ha.. ha.. Syukur anjeun geus ngaku eleh.. Ayeuna geura turutkeun parentah kawula.. Geura asup ayeuna keneh kana awak eta raga eta awewe..!,” parentah Amran bari nunjuk kana layon Nyi Rukmini.
Ratu oray teu nembalan deui. Tuluy ngarobah wujudna jadi cahaya koneng, teus eta cahaya ngabungkus layon Nyi Rukmini. Teu lila cahaya leungit asup keneh kana awak Nyi Rukmini. Dadak sakala layon Nyi Rukmini ngorejat hudang, ari tatu dina dada na langsung sirna.
“Kawula geus nurut ka andika.. Naon deui parentah nu kudu dilakukeun ku kawula,” cek sora Ratu Banawati, anu ayeuna wujudna geus aya dina raga Nyi Rukmini.
“Ngaran andika ayeuna Rukmini.. Lamun ti beurang andika kudu jadi manusa biasa.. Lamun peuting, andika kudu robah wujud jadi ririwa.. Tugas andika kudu nagih pati ka sakabeh urang Lembur Luhur.. Ngari..?,” cek Amran.
“Kawula ngarti.. jeung bakal ngalaksanakeun sakabeh parentah ti andika.. Tapi kawula teu boga kakawasaan nembongkeun wujud tengah poe..,” cek Ratu Banawati.
Amran teu ngomong deui. Matana katempo peureum mapatkeun pangabisa na, satuluyna Amran nempelkeun leungeun na kana taktak Nyi Rukmini, anu dijero n amah siluman oray tea.
Sapada harita kaluar haseup bodas tina dampal leungeun Amran, tuluy eta haseup katempo ngabulen awak Nyi Rukmini. Awak Nyi Rukmini katempo kekerejetan. Lila lila haseup leungit.
“Andika geus boga kakawasaan pikeun kumelendang tibeurang.. Ayeuna keneh andika kudu indit ka lembur luhur.. Kade poho, ngaran andika ayeuna, Nyi Rukmini,” Cek Amran.
“Kahartos, agan.. Ayeuna keneh sim abdi bade ngalaksanakeun parentah juragan..” jawab Banawati anu aya dina jero raga Nyi Rukmini. Ayeuna mah sora Banwati geus robah jadi sora Nyi Rukmini. Malahmah pamikiran nageh nyeples Nyi Rukmini.
Cedok Nyi Rukmini nyembah ka Amran, tuluy indit kaluar ti saung Amran. Amran katempo seuri bungah.
Lanjut ka epes salajengna.
Komentar
Posting Komentar