Dongeng Sunda - Carita Sunda - Kajeun Ajur Tutumpuran Bagian Ka 7

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Hawa isuk karasa matak seger, sang surya geus mimiti medal ti beulah wetan, manuk manuk racet patingkeleper paudag udag jeung pada baturna, ingon ingon raeng patembalan, matak waas jeung pikabetaheun.

Tapi kaayaan harita teu bisa dirasakeun ku jalma jalma urang lembur cikawung. Dina wanci kitu jalma jalma kabeh katempo tegang, dipaksa kudu karumpul di alun alun bari jeung dina kaayaan ditodong ku bedil para soldadu KNIL. Teu awewe teu lalaki, teu kolot teu budak, kabehan na kudu ngabaris ngaredes pikeun nyambut liwatna romobongan Menir Edwar. Saurang geh teu aya nu wani mungpang, lamun aya nu ngalwan bae saeutik, nyawa ngalayang urusan na. 

“Pariksa heula saurang saurang, bisi aya nu nyusup atawa mawa pakarang,” parentah Letnan Dastim ka anak buahna.

“Siap, Letnan..,” jawab saurang anak buahna.

Terus eta anggota KNIl marentahkeun deui ka baturna pikeun mariksa jalma jalma lembur saurang saurang. Teu lila katempo saurang saurang jalma lembur dipariksa ku anggota KNIL, disaksakan baju jeung calanana bisi aya nu mawa pakarang.

Dina kaayaan kitu, di luhur pasir anu teu jauh ti tempat eta, aya sababara puluh urang make pakean sing sarua hideung keur pating keteyep, aya nu naek kana luhur tangkal, aya nu nyumput dina rungkun, kabeh matana malencrong ka palebah jalma jalma anu keur dipaksa baris ku para soldadu KNIL.

Sihoreng eta jalma jalma teh anggota kelompo Gagak Seta, anak buah Den Arip, anu keur ngawaskeun gerakan anggota KNIL. “Kahade samemeh aya komando ti kuring ulah waka aya nu gerak,” cek Den Arip kadenge ngomong ka anak buahna.

“Siap, Panglima..,” tembal anak buahna.

Tuluy Den Arip katempo ngacungkeun leungeun ka palebah katuhu. Katempo sababaraha urang pindah posisi ka beulah katuhu, masing masing naraek kana tangkal anu galede, tuluy kabehan na katempo nyiapkeun panah masing masing, diarahkeun ka para prajurit kompeni anu karumpul di alun alun.

Di tempat lain na anu teu pat jauh, katempo oge aya sababaraha puluh urang anu make pakean sarua sing sarua hideung. Sarua jeung pasukan Den Arip, maranehna oge ngawaskeun ka palebah alun alun. Sihoreng kelompok ieu mah sabenerna pasukan KNIL anak buah Letnan Damar anu nyamar jadi pasukan Gagak Seta.

Kurunyung aya salah saurang jalma datang mere laporan ka Lentan Damar. “Lapor, Letnan, rombongan Menir Edwar ayeuna geus nyampe ka lembur Cikole.. Jumlah pasukan na aya kira kira 150 urang,” cek eta jalma.

“Alus.. kabehan ayeuna kudu siap siap.. Lamun rombongan Menir Edwar geus aya dihareup, langsung serang ku pasukan panah..,” parentah Lentan Damar.

“Siap,Letnan..!,” tembal sababaraha urang pasukan panah, tuluy maranehna misahkeun diri naraek kana tangkal.

“Terus pasukan kadua.. kudu pura pura nyerang pasukan Letnan Dastim.. Tapi tujuan utama na ngacaukeun kaayaan jalma jalma lembur.. Kaharti..?,”

“siap, Letnan..!,” tembal sababaraha urang anak buahna.

Teu kungsi lila ti harita, kadenge sora tarompet, disusul ku aleutan rombongan Menir Edwar anu katempo ngabring laleumpang rek ngaliwat ka alun alun. Anu leumpang panghareupna aya dua jalma anu naraek kuda, sihoreng maranehna teh Mnir Ronal, anu make pakean Menir Edwar, dikawal ku Kapten Kuseri jeung sababaraha anak buahna.

Nempo kitu, Lentnan Dasti buru buru mere parentah supaya siap siap mere hormat. Teu talangke sakabeh anak buah Lentan Dastim buru buru baris ngaredes di pinggir jalan. Kitu deui jalma jalma lembur anu dititah nyambut kadatangan Menir Edwar.

Teu lila, di jero bale desa Menir Jensen jeung Kapten Soma kalaluar nyambut kadatangan rombongan menir Edwar. Nempo kitu, kapten Kuseri pimpinan pengawal rombongan mere komando ka rombongan na supaya areureun.

“Pasukan.. Berhenti..!,” cek Kapten Kuseri mere komando. Tuluy Reg rombongan Menir Edwar areureun.

Jrut Menir Ronal jeung Kapten Kuseri tarurun tina kuda na, tuluy nyampeurkeun ka Menir Jensen. Sakabeh pasukan Lentan Dastim jeung jalma jalma lembur maranggut hormat.

“Selamat datang, Menir.. Ikh senang sekali dengan kedatangan anda,” cek Menir Jensen nyambut ka Menir Ronal, anu disangka ku manehna mah Menir Edwar.

 Song Menir Edwar nyodorkeun leungeun na ngajak sasalaman ka Menir Ronal. Gap ku Menir Ronal ditarima. “Sama sama, Menir.. ikh juga senang sekali.. Luar biasa penghormatannya, Ikh merasa tersanjung,” tembal Menir Ronal.

Ari di luhur pasir, Den Arip jeung pasukan na tuluy ngawaskeun ka rombongan Menir Edwar. Pok kadenge Den Arip ngomong ka anak buahna. “Waka aya nu nyerang.. Soalna bisa ngabahyakeun jalma jalma lembur,” cek Den Arip.

Anak buahna saukur caricing. Tapi maranehna ngarti kana parentah Den Arip.

Di pihak sejen, pasukan Letnan Damar oge katempo keur siap siap rek nyerang. Kadenge Letnan Damar mere parentah ka anak buahna. “Seraaaaaang..,” cek Letna Damar marentahkeun supaya nyerang.

Sakali parentah, belesat..! belesaaat..! puluhan anak panah pating suliwer ngarah ka rombongan Menir Edwar.

Clep..! cleep..! cleeep..! katempo sababaraha urang prajurit KNIL rombongan Menir Edwar kabareunangan anak panah. Koceak..! kadenge pating koceak.

Kaayaan anu tadina tenang sapada harita jadi riweuh. Para anggota KNIL pengawal pasukan Menir Edwar buru buru males serangan ku nembak nembakeun bedil. Jeleder..! jeleder..! sora bedil kadenge pating jeleder. 

Jalma jalma lembur panik langsung paburisat nyalametkeun diri. Tapi ku pasukan Lentan Dastim teu diantep, jeleder..! jeledeer..! jalma jalma nu lalumpatan kabur ditarembakan.

“Tuluuung..! Tobaaat.. !Ampuun..!” kadenge jalma kalma anu kabareunangan ku bedil pating koceak, tuluy pating galubrag marandi getih.

Nempo kaayaan kitu, pasukan Den Arip anu aya di luhur pasir kaget. “Beu.. kacau..! pasukan saha eta nu nyerang ku panah.. Ieu diluar rencana urang..,” cek Den Arip.

“Duka, Panglima.. Siga na mah ti palih ditu,” tembal anak buahna bari nujuk.

Jeleger..! jeleger..! kadenge deui sora bedil anu pating jeleger disusul ku sora jalma jalma lembur anu pating koceak. Ari nempo kitu mah, Den Arip geh kapancing. Tuluy mere parantah ka pasukan panah supaya nyerang.

Belesat..! belesaaat..! Pasukan panah anak buah Den Arip ngalaleupaskeun anak panah ngahujanan pasukan KNIL rombongan Menir Edwar. 

Cleep..! cleeep..! celeeep..! sababaraha urang prajurit KNIL bareunang ku panah panah pasukan Den Arip. Katempo pating galubrag. Pasukan KNIL pengawal Menir rombongan Menir Edwar bener bener kadesek.

“Lindungi Menir Edwar..!,” kadenge sora Menir Jensen anu pura pura marentahkeun anak buahna supaya ngalindugi Menir Edwar.

Ngadenge parentah kitu, sababaraha urang anak buah Lentan Dastim langsung lalumpatan ka arah Menir Ronal, anu disangkana mah Menir Edwar.

Sora bedil terus kadenge pating jeleger, dibales ku puluhan anak panah anu pating belesat ti dua arah. Ti anak buah Den Arip, jeung pasukan Letnan Damar anu nyamar jadi pasukan Gagak Seta. Korban ti pasukan KNIL rombongan Menir Edwar geus loba nu ting jarungkel.

Nempo kaayaan kitu, Lentan Damar ngarasa boga kasempetan pikeun ngahancurkeun rombongan Menir Edwar. Tuluy manehna geuwat mere parentah ka anak buah pasukan pedang supaya nyerang.

“Pasukan Pedang..! Seraaang..!,” parentah Letnan Damar.

Cukup sakali komando, anak buah Letnan Damar, pasukan pedang, pating beretek lalumpatan muru ka rombongan Menir Edwar. Jeger..! jegeeer..! pasukan pedang nu karek daratang dipapag ku tembakan bedil pasukan Kapten Kuseri.

Sababaraha urang katempo pating jarungkel. Tapi nu sejen na terus bae muru. Akhirna mah kajadian perang campuh, silih kadek, silih sabet. Kadeng sora pedang anu diaradu pating belentrang. Kaayaan beuki tambah ketir.

Nempo kaayaan kitu, Den Ari anu terus ngawaskeun ti luhur pasir beuki kaget deui bae. Lantaran katempo pisan ku manehna nu nyerang ka rombongan Menir Edwar teh marake pakean kelompok Gagak Setaa.

“Geuning siga Gagak Seta nu nyerang.. Pasukan saha nya? Eweuh kabar ti samemehna,” cek Den Arip ngomong ka salah saurang anak buahna.

“Teu apal, Panglima.. Moal kitu Ketua ngarobah siasat ngagunakeun oge pasukan lain,” tembal anak buahna.

“Teuing atuh lamun kitu mah,” cek Den Arip deui.

“Terus ayeuna urang kudu kumaha, Panglima..?,” tanya anak buahna.

“Awaskeun bae heula.. Lamun pasukan nu marake pakean Gagak Seta kadesek, karek urang turun ngabantu, “ tembal Den Arip.

“Siap, Panglima,” cek anak buahna.

Kaayaan beuki tambah ketir, sora bedil terus pating jeleger patembalan, pagalo jeung sora jalma jalma anu anu pating jarerit pating koceak. Warga lembur katempo paburisat nyalametkeun diri.

Cag urang tunda heula.

Ayeuna malikan deui nyaritakeun Menir Edwar, tibarang indit ninggalkeun rombongan na, manehna katempo terus jojorelatan luncat tina hiji tangkal ka tangkal nu sejen na, akhirnamah reg ereun, cle nincek lemah.

“Kalau tidak salah, di sini tempat aku ketemu sama Nona cantik itu,” cek gerentes Menir Edwar. Tuluy katempo manehna luak lieuk ka sabudeureun eta tempat.

Teu jauh ti dinya, aya saurang jalma make teregos hideung anu keur nalingakeun terus ka palebah Menir Edwar. Leungeun katuhuna nyekel sumpit. Tuluy eta sumpit diasupkeun kana sungutna, di lelempeng ka ka Menir Edwar anu masih keneh jongjon ngawasekeun eta tempat.  Sihoreng eta jalma teh si Gopes tea, anu meungang tugas ti Menir Ronal pikeun mateni Menir Edwar.

“Modar siah aeyuna mah, Menir..!,” cek gerentes hate si Gopes bari tuluy niup sumpitna.

Belesat..! tina liang sumpit kaluar pelor, melesat tarik lempeng ka na sirah Menir Edwar.

Tapi edas, eta Menir Edwar bener bener geus kalatih dina elmu rasa na. Dina kaayaan kitu, bisa ngarasakeun ayana angin serangan ti tukangeun manehna.

Dina gerakan anu kacida cepetna, Menir Edwar langsung ngelok. Wuuus..! pelor sumpit labas ngalewatan sirahna. Cleep..! eta pelor sumpit nanclep ka na tangkal cau. Sapada harita, eta tangkal cau langsung hideung.

Menir Edwar ngarasa kaget oge. “Op perdomseh.. Siapa orang yang berani membokongku..!” cek Menir Edwar.

Ari si Gopes barang nyaho serangan na lolos, kacida handeueulna, “ Kurangajar.. lumayan oge pangabisana.. Diajar elmu silat ti mana etah si bule…” cek gerentes si Gopes.

Tuluy manehna ngarahkeun deui sumpitna ka Menir Edwar anu keur katempo luak lieuk neangan jalma anu ngabongohan. Wuuuus..! pelor sumpit ngabelesat deui ditiup ku si Gopes.

Tapi eta serangan sakilat kareret ku Menir Edwar. Dina gerakan anu kacida cepetna deui, Menir Edwar nyabut pedang, belentrang sorang pedang ngabelentrang dipake nangkis pelor sumpit anu nyuruwuk ka palebah manehna.

Wuuus..! eta pelor malik deui melesat ka si Gopes anu keur nyumput dina luhur tangkal waru.

Tapi si Gopesgeh sihoreng geus asak dina elmu beladiri na mah. Samemeh pelor sumpit anjog, si Gopes buru buru luncat ngahindar. Wuuus..! pelor sumpit ngahakan angin. Ari si gopes geus katempo nangtung dina lemah, handapeun tangakal anu tadi ku manehna dipake cicing.

Akhirna mah si Gopes katempoeun ku Menir Edwar. “Hop perdomseh.. Ternyata kamu orang yang membokongku tadi.. Dasar kamu orang licik..,” cek Menir Edwar.

“Jangan senang dulu kamu, Bule kampung.. Nih rasakan seranganku..!,” 

Jleng..! Si Gopes luncat muru ka Menir Edwar bari ngaheumbatkeun peureupna. Saking ku cepet gerakan na kadenge angin serangan na meni bangbaraaan.

Tapi sihoreng Menir Edwar lain jawara anyar anyar. Diserang kitu teh manehna tetep katempo tenang. Barang peureup si Gopes hampir keuna kana beungeutna, ku Menir Edwar langsung ditewak.

Kep beunang, tuluy dipurilitkeun. Ngan hanjakal, si Gopes geh sihoreng sarua lain jalma jore jore, barang leungeunna dipurilitkeun teh manehna nuturkeun gerakan Menir Edwar.

Breh iga burung Menir Edwar katempo ngemplong. Si Gopes teu nyia nyiakeun kasempetan. Hiuk.. leungeun nu kencana dipake neunggeul iga burung musuhna. Geduk.. Beunang pisan.

Goak..! Menir Edwar ngagoak. “Aduuh..,”  Bangkieung.. awakna rada ngabangkieung. 

Nempo musuh ngabangkieung, si Gopes embung mere kasempetan deui pikeun hojah. Jleng manehna luncat, sukuna muter rek dipake nyabet sirah Menir Edwar.

Tapi Menir Edwar bener bener rancingeus. Sakilat manehna ngalabuhkeun awaskna, bari jeung kitu dua sukuna dipake ngait, suku si Gopes anu aya diluhureun manehna.

Kep.. suku si Gopes beunang pisan kacapit, wuuus.. tuluy dibantingkeun ka kenca. Braaak.. awak si Gopes ragrag, nangkarak bengkang. “Adooow..!,” si Gopes ngagoak. Cungcurungan na karasa nyeri lantaran titeundeut kana tunggul.

Ari Menir Edwar sakilat geus nangtung deui. “Siapa kamu orang..,” tanya Menir Edwar.

Tapi si Gopes teu ngajawab, buru buru manehna hudang, tuluy sebrut langsung nyerang deui. Menir Edwar teu cicingeun. Satuluyna duanana katempo tarung patutunggalan silih sabet, silih tonjok, silih banting.

Cag urang tunda heula.

Ayeuna caturkeun kaayaan Nyimas Kurniasih, alias Nyai Kembang. Sanggeus manehna indit ti imah, katempo manehna keur jojorelatan, tuluy cle, eureun di hiji tempat. Di dinya, Nyai Kembang siga anu ngahuleng.

“Ayeuna kudu kumaha nu dilakukeun ku aing.. Indit heula ka markas Gagak Seta, ta kumaha..?,” cek gerentesma.

“Tapi lamun aing indit heula ka Markas Gagak Seta, bisi kaburu rombongan Menir Edwar liwat.. Aing kudu bisa ngahalangan rencana licik Menir Jensen jeung kapten Soma,” cek gerentesna.

Keur kitu hawar hawar ku Nyai Kembang kadenge sada aya anu ribut ribut siga nu keur tarung. Nyai Kembang kaget.

“Sada aya nu keur tarung..?,” Nyai Kembang terus ngadedengekeun eta sora anu ribut.

Teu lila Nyai Kembang katempo ngabelesat ka palebah datangna sora.

Nyai Kembang terus jojorelatan. Cle.. akhirna cicing dina hiji dahan tangkal anu gede. Breh ku manehna katempo aya dua urang jalma nu keur tarung patutunggalan. Sihoreng Menir Edwar jeung Si Gopes. Katempo duanana sarua hebatna sarua kuatna.

Nyai Kembang terus mencrong kanu keur tarung. Breh katempo pisan salah saurangna sihoreng urang walanda anu keur peuting nulungan manehna.

“Geus nu saurangna siga urang walanda nu keur tadi peuting nulungan aing..?,” cek gerentes Nyai Kembang, bari panon na terus nalingakeun.

“Keun ku aing rek terus diawaskeun.. saha manehna sabenerna..,” cek gerentesna deui.


Dilajeng ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng