Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 6
Karangan Kang Abun Burhanudin
“Amran..
Anak Emak. Teu kudu hanjakal, Ujang.. Sakabeh paniatan ujang pasti kajadian.
Ngan ayeuna mah can anjog kana waktuna. Ngan Emak rek amanat hiji deui. Ujang kudu inget, yeun ujang boga dulur
sakembaran, anu baheula kapaksa ku Emak dipiceun di leweung. Geura teangan ku
ujang sampe kapanggihna. Lantaran Emak yakin, eta dulur ujang masih aya dikeun
na..” cek eta sora tan katingalan.
“Sumuhun,
Emak.. Mangga sadaya amanat ti Emak pasti ku kuring dilaksanakeun,” tembal
Amran.
Sanggeus
kitu, angin anu ngagelebug saeutik saeutik siga anu ngajauhan. Beuki lila beuki
tambah jauh. Akhirna mah les kaayan balik deui sabihara bihari.
Amran masih
keneh ngahuleng deku di pinggireun makam indungna. Fikiran na kumalayang, inget
kana carita hirup indungna basa masih keur aya dikeunna. Hiji kajadian anu
sabenerna mah teu ka alaman ku Amran, tapi ngan saukur carita ti indungna. Kieu
nu dicaritakeun ku Indung Amran teh.
Indung
Amran anu ngaran Arnasih, baheula na cicing di lembur luhur. Manehna boga
salaki ngaran na Darminta. Boga anak dua kembar arorok keneh. Nu hiji ngarana
Amran, anu hijina Rahmat. Hirupna ngahenang ngahening. Kaasup jalma anu beurat beunghar di lembur eta
mah. Rea ketan rea keton. Sawahna ubluk ablak dimana mana. Ingon ingon na loba
geus teu kaitung.
Arnasih
boga dulur lanceuk ngarana Bah Soma. Sihoreng dina ieu carita, Bah Soma teh
kacaturkeun minangka bapana Bah Sura. Sarua beurat beungharna. Tapi kulawarga
Arnasih jeung Bah Sura kabejakeun teu akur. Bah Soma mindeng iri kana kaboga
Arnasih.
Dina hiji
waktu, kaayaan di lembur meumeujeuna werit. Jalma jalma lembur loba anu
leungit, kabejakeun diculik ku walanda. Sabagian loba nu ditarembakan. Pasalna,
di lembur luhur dianggap tempat panyumputan para laskar pejuang Hisbullah.
Duka
mimitina kumaha, ujug ujug aya beja, datangna walanda ke lembur luhur teh
kulantaran aya mata mata Walanda anu khianat ka bangsa urang. Jeung teuing
timana asal bejana, Darminta anu dituduh mata mata teh.
Atuh
sakabeh warga lembur ambek. Imah Darminta diduruk. Darminta tiwas, ari Arnasih
diusir ti lembur.
Satuluyna
Arnasih indit sakaparan paran bari mawa dua anak kembarna. Leumpang mapayan
leuweung teu puguh tujuan. Hirupna jadi sangsara kadungsang dungsang. Bakating
ku ripuhna, Arnasih kapaksa miceun salah sahiji anakna di leuweung.
Di hiji
tempat, Arnasih panggih jeung hiji aki aki. Ngarana Aki Juned. Eta aki aki teh
luhur ku elmu jembar ku pangabisa. Ngan hanjakal lain elmu hade. Aki Juned
nganut elmu siluman.
Nyi Arnasih
jeung Amran anu masih orok keneh, satuluyna dirawatan ku Aki Juned. Nyi Arnasih
diwarisan sakabeh elmu siluman. Sanggeus sakabeh elmu Aki Juned kapimilik ku
Nyi Arnasih, Aki Juned palastra.
Ti saprak
harita, sifat Nyi Arnasi jadi robah. Anu tadina handap asor, hormat ka sasama,
ti harita mah jadi sombong. Dina hatena pinuh ku rasa ceuceub hayang males kanyeri
ka urang Lembur Luhur anu geus ngalantarankeun manehna jadi hirupna sangsara.
Nyi Arnasih
satuluyna ngadidik Amran ku sagala pangabisana. Sakabeh elmuna diwariskeun deui
ka Amran. Nya ka Amranlah manehna ngaamanatan supaya males pata ka urang lembur
tea. Sanggeus sakebeh elmuna pindah ka Amran, Nyi Arnasih oge akhirna ninggal.
Ayeuna Amran boga tugas kudu ngalaksanakeun amanat indungna males pati ka
sakabeh urang Lembur Luhur.
Tah kitu
jejer caritana kunaon sababna Amran ayeuna boga dendem ka urang Lembur Luhur,
utamana ka Bah Sura. Manehna ayeuna boga rencana rek ngagunakeun Ririwa Nyi
Rukmini jang nagih pati ka urang Lembur Luhur.
Ayeuna
kocapkeun deui Amran. Katempo manehna masih keneh ngahuleng deku di pinggireun
kuburan Nyi Arnasih, indungna. Lila lila manehna sadar tina ngalamun na.
“Aing
ayeuna boga tugas deui kudu neangan dulur sakembaran aing. Tapi samemehna aing
tetep kudu males pati heula ka urang Lembur Luhur,” cek gerentes hate Amran.
Amran tuluy
nangtung, kaluar ti eta ruangan. Amran tuluy asup deui ka ruangan nu sejen,
tempat anu biasa ku manehna dipake tirakat. Sanggeus aya di jero ruangan, Amran
tuluy diuk sila, nyeungeut parukuyan. Terus katempo kunyam kunyem mapatkeun
jampe.
“Jin
Kalajugang..! Kaluar siah..!,” cek Amran, ngageroan Jin Kalajugang inguan na.
Rieg..
rieg.. ujug ujug saung karasa deui inggeung. Peledug.. ujug ujug katempo aya
haseup hideung mulek asup ka jero ruangan. Eta haseup teh muter, beuki lila
beuki kandel. Akhirna ngajengelek jadi hiji mahluk pikasieuneun. Sakabeh awakna
buluan hidung. Ari huluna botak, tapi katempo aya tandukan. Cakakak eta mahluk
seuri nyakakak.
“Ha.. ha..
ha.. Aya naon agan nyalukan kawula..” cek Jin kalajugang.
“Alus..
alus.. Kalajugang.. Andika tetep satia ka kami.. Ayeuna kami butuh bantuan andika..
Geura cokot deui raga Nyi Rukmini, anu ayeuna keur kaasupan ku jurig cai..
Geuwat laksanakeun ayeuna samemeh kaluar mata poe,” cek Amran mere parentah.
“Ha.. ha..
ha.. Mangga, juragan.. Ayeuna keneh ku kawula dilaksanekeun,” cek Jin
Kalajugang.
Sanggeus
ngomong kitu, eta mahluk robah deui jadi haseup hideung. Tuluy katempo ngipisan
deui. Teu lila les eta haseup ngaleungit deui. Cag urang tunda heula.
Ayeuna
kocapkeun deui ririwa Nyi Rukmini. Sanggeus gagal mahala ka Ambu Suri, lantaran
kaburu kadenge sora hayam kongkorongok, eta ririwa siga nu limbung. Hiber
sosoloyongan neangan tempat. Keur kitu kaayaan beuki lila beuki caang. Panon
geus mimiti rek bijil. Jerit..! Eta ririwa ngajerit kokocekan.
“Aduuh..
Ampuuun.. Panaaas.. Panaaaas..!” cek eta ririwa.
Eta sora
ririwa kadenge ku jalma salembur. Sakabeh jalma kacida reuwasna, sampe sampe
jalma jalma nu rek tampian baralik deui. Nu rek indit katajug teu tulus.
Ari ririwa
Nyi Rukmini masih keneh muter muter neangan tempat bari terus jejeritan,
ngomong panas panas, ceunah. Lila lila eta ririwa rag rag di hiji tempat.
Blug..! Kadenge sora anu ngagedeblug. Sapadaharita kaayaan di lembur ngadadak
inggeung, karasa siga aya lini. Atuh jalma jalma beuki pohara reuwasna.
Ririwa Nyi
Rukmini katempo ngagoler dina taneuh. Wujudna sauetik saeutik robah. Lila lila
balik deui saperti wujud Nyi Rukmini anu geus teu aya nyawaan. Na dadana
katempo tatu kurut bedog. Katempo tina awak Nyi Rukmini nu geus jadi banusan
teh kaluar hiji bayangan hideung. Eta bayangan kasorot ku cahaya panon poe nu
mimiti medal, katempo ngaleutikan sauetik saeutik siga lilin anu letay. Lila
lila mah les eta bayangan leungit pisan.
Ngendek
sakeudeung jleg.. muncul Jin Kalajugang dibarengan ku angin anu ngagelebug,
tatangkalan pating pelenod, dahan dahan pareunggasan, daun daun rabeng hiber
kasapu ku angin. Eta kaayaan kaayaan anjog kapilemburan, karasa matak ketir.
Atuh jalma jalma lembur, beuki ngarasa keeung bae.
Ari Jin
Kalajugang kadenge seuri ngabarakatak meni handaruan. “Huaha.. ha.. ha.. hua..
haa.. ha..” Jin Kalajugang tuluy nyamber layon Nyi Rukmini tuluy hiber ka awang
awang, bari terus kadenge seuseurian ngabarakatak.
Sora seuri
Jin Kalajugang kadenge ku jalma salembur. Jalma jalma sakabehna pada pada
nyumput di jero imah, taya nu wani kaluar.
Tua
kampung, pa Lebe, Pa Rt, Mang Wardi, Mang Uman, jeung sababaraha urang anu keur
marengan aya di tajug tos shalat subuh, sarua maranehna geh pada ngarasa
reuwas.
“Beu.. Aya
naon deui ieu teh.. Asa beuki araraneh bae di lembur urang teh, “ Cek pa Rt.
“Enya, Pa
Rt.. Kuring karek manggih eta aya sora nu ngabarakatak sakitu tarikna, malah
dibarengan ku angin gede sagala,” cek Tua Kampung.
“Moa ieu
teh pitanda bakal aya kajadian goreng di lembur urang?,” Mang Uman ilu ngomong.
“Nya urang
mah ayeuna mah kudu leuwih areling bae, kudu leuwih deukeut ka nu Maha Kawasa,”
cek Pa Lebe.
Tuluy
kabehan katempo siga nu tingharuleng bingung. Ngendek sakeudeung kadenge Mang
Uman ngomong deui.
“Rencana
urang kumaha satuluyna poe ieu teh pa Tua?,” tanya Mang Uman.
“Naon
tea?,” Tua Kampung malik nanya, siga nu rada malaweung.
“ Masalah
ayeuan dihareupan ku arurang tea, asa pajuriwet ku nu araraneh. Masalah Nyi
Rukmini nu leungit acan aya laratan na. Terus urang manggihan layon si Gondel.
Lamun ditempo tina tatu dina beuheungna sigana aya nu nandasa.” Cek Mang Umang.
Ari Mang Wardi mah ti tatadi katempo ngan melenguk bae bingung.
“Nya ayeuna
mah kieu bae. Urang pulasara heula layon si Gondel sakumaha umumna, terus
nuluykeun neangan Nyi Rukmini deui.. Sugan ari ti beurang mah bisa kapinggih
lacakna..” jawab Tua Kampung.
“Kumaha
lamun ikhiar neangan Nyi Rukmini teh ulah ngan saukur kucara lahir bae..” cek
pa Rt.
“Maksudna
urang tatanya ongkoh ka nu ngarti?,” Tua Kampung hayang lewih jentre.
“Enya kitu
maksud na mah.. Lantaran kuring ngarasa leungitna Nyi Rukmini teh pasti aya
hubungan na jeung nu gaib.. Buktina ti saprak Nyi Rukmini leungit kalah
marunculan nu aneh aneh..” Cek Pa Rt daria.
“Tah
bener.. Euwueh salah na ari urang ikhtiar mah..” Pa Lebe mairan.
“Nya kitu
alus.. Tapi kira kira na ka saha urang tatanya na..?” Tua Kampung menta
pendapat.
Kabehan na
ngaharukeng. Komo Mang Wardi mah da ti tatadi geh teu kecet kecet. Bakating ku
pusing sig ana mah.
“Kumaha
lamun urang menta bantuan ka Bah Sura.. Kan di lembur ieu mah ngan Bah Sura bae
nu sok remen kadenge tatanya ka dukun teh,” Mang Uman mere pendapat.
“Kuring mah
satuju bae.. Ngan naha Bah Sura na bakal daekuen nulungan kitu?,” Cek Tua
Kampung ngarasa teu yakin.
“Cuang
dicoba bae da euweuh salahna, Pak Tua.. Da buktina keur peuting gaeh pan Bah
Sura siga nu sumanget pisan ilu neangan Nyi Rukmini,” Cek Pa Rt.
“Nya ari
kitu mah, hayu cuang tepungan ayeuna keneh Bah Sura na..” Cek Tua Kampung. Atuh
sanggeus kitu mah kabehan na balubar rek mulasara heula layon si Gondel.
Teu kacatur
kumaha prak prakan na mulasara laon si Gondel. Ayuna urang kocapkeun geus beres
bae. Satuluyna Tua Kampung, Pa Lebe, pa Rt, Mang Uman, Mang Wardi arindit deui rek
nepungan Bah Sura. Cag urang tunda heula. Cag urang tunda heula.
Ayeuna
urang caturkeun kayaan Bah Sura jeung Ambu Suri, basa aya kajadian jalma jalma
lembur anu rareuwasun lantara ngadenge Jin Kalajugang nu ngabarakatak
seuseurian teh, Bah Sura mah masih keneh ngaguher sare pules pisan. Kitu
deui Ambu Suri, manehna geh masih keneh
kapiuhan teu empes empes ti saprak kawenehan jeung jurig Nyi Rukmini tea.
Teu kungsi
lila, ingon ingon na, nya embe, nya hayam, nya bebek, kadenge raeng ngasarada patembalan.
Embe pating berele, hayam kat kat kut kut, embe wak wak wek wek, kabehanna rame
kulantaran wah kitu can diparaban.
Bah Sura
ngarasa kagandengan, akhirna ngorejat hudang. Katempo cahya panon poe geus asup
tina sela sela bilik jeung sela sela jandela. Bah Sura kaget, panon na kurucam
keureuceum.
“Beu..
geuning aing kabeurangan..” Cek Bah Sura. Tuluy manehna huak hauk nyalukan Ambu
Suri.
“Suri..!
Surii..” Tapi Ambu Suri teu kadenge nembalan. Bah Sura gugulunuk.
“Kamana eta
ari si Suri.. Mangkara ari hees keneh mah.. Kebluk pisan,” cek Bah Sura deui.
Ngomong kebluk ka Ambu Suri teh, bari jeung manehna ge sarua keblukna,
kabeurangan.
Sora ingon
ingon terus beuki kadenge reang. Bah Sura turun tina ranjang, tuluy leumpang
muka panto kamer. Bari leumpang, kadenge Bah Sura nyalukan deui Ambu Suri.
“Suri.. Suri.. Hudang geus beurang,” Tapi Ambu Suri tetep teu nembalan.
Bah Sura
mukakeun hordeng kamer nu hijina. Tapi di kamer suwung teu aya sasaha. Bah Sura
heran.
“Beu..geuning
euweuh di kamer ge.. Kamana eta manusa.. Moal kabur deui mah kitu? Asa kacida
lamun kabur deui teh,” Cek gerentes hate Bah Sura.
Bah Sura
tuluy leumpang deui rek ka dapur. Breh kasampak Ambu Suri keur ngagoler deukeut
lawang anu ka dapur. Nempo kitu Bah Sura meni gogodeg. Disangka ku manehna mah
Ambu Suri teh kalah ngadon sare di lawang dapur.
“Beu.. eta
kalakuan si Suri.. Bet siga bolon bae, ngadon hees di lawang dapur. Dasar Nini
nini kurang warah.. Keun ku aing diwarah pisan sakalian..” cek gerentes Ambu
Suri.
Tuluy Bah
Sura leumpang deui. Tapi ayeuna mah katempo rada jejengkean, bisi
ngagareuwahkeun Ambu Suri nu katempona siga nu pules pisan. Geus aya di dapur,
Bah Sura tuluy nyiuk cai sagayung tina gentong, tuluy leumpang deui ka palebah
Ambu Suri. Geus anjog, Byurrrr.. Ambu Ambu Suri diguyur ku cai.
Atuh
korejat Ambu Suri hudang, panon na culang cileung kaget. Barang ret ka Bah
Sura. Ambu Suri langsung ngoceak nyebut jurig, bari dua dampal leungeun na
nutupan panon. “ Ju.. jurig.. halik kaditu.. Indit siah jurig..,” cek Ambu Suri,
nyebut jurig ka Bah Sura bari jeung ngusir.
Atuh Bah
Sura teh jadi ambek. Haok manehna nyarekan Ambu Suri. “Kunaon siah nyebut ka
aing Jurig, Suri..?! Hayang ditampiling deui siah ku aing..?!” Cek Bah Sura
ambek, nyadeukeutan Ambu Suri, bari leungeun na geus meber meber bae rek
nampiling.
Nempo Bah
Sura ngadekeutan, Ambu Suri kalah beuki soak. Lantaran ari tetempoan manehna
mah, Bah Sura teh pikasieuneun siga jurig Nyi Rukmini anu keur peuting rek
nyekek.
Ambu Suri
tuluy undur unuduran sieun, bari kadenge sisinglar. “Indit siah kaditu, jurig..
Halik siah.. Kaditu indit, ka sabrang ka Palembang..” cek Ambu Suri bari terus
undur unduran.
Bah Sura
beuki ambek. Tapi rek nampiling deui mah manehna teu tega. “Aduh.. aduh.. etah
kalah beuki angot nyebut ka aing jurig.. Boa owah sugan nya..,” cek gerentes
hate Bah Sura, bari terus ngomong.
“Ari sia
eling, Suri.. Ngomong ka aing jurig..!,” Cek Bah Sura.
Ambu Suri
masih terus undur unduran. Ari suku nu katuhuna teu kahaja tikait kana suku
korsi hoe. Atuh gubrag Ambu Suri ngagubrag nangkarak bengkang. Tuluy korejat
buru buru hudang deui. Kot kana korsia hoe, belewer dibabetkeun ka Bah Sura.
Atuh Bah Sura kaget. Untungna lep manehna masih sempet ngelok. Atuh beledag,
korsi ninggang bilik dapur. Borolo..! golombrang..! golombrang..! keprek..! Guluprak..!
kadenge barang barang di dapur pating golombrang pating goloprak, sigana mah
kawali atawa panci anu digantungkeun dina bilik, kaeundeur jadi maruragan,
jadina rame kadenge pating golombrang.
Bah Sura
bener bener ambek ayeunamah. “Bangkawarah siah.. Kalah ngaruksak.. Ieu mah lain
antep antepeun,” cek Bah Sura bari matana bolotot ambek.
Nempo Bah
Sura molotot, Ambu Suri anu can kumpul pisan lelembutan na, beuki sieuneun bae.
Sabab anu katempo ku manehna mah Bah Sura teh jurig anu pikasieuneun. Atuh Ambu
Suri buru buru lumpat muru panto, ari leungeun nyokotan naon bae, nya asabak,
gelas, atawa naon bae nu kapanggih, dibabet babetkeun ka Bah Surua. Kit una teh
bari tuluy sisinglar.
Nempo kitu,
Bah Sura geus teu bisa sabar deui. “Bangkawarah.. Ieu mah lain antep antepeun..
Bisa ancur kabeh barang barang anu aya di imah ieu,” cek gerentes Bah Sura.
Bah Sura
tuluy mundur, katempo siga nungawahan. Tuluy manehna luncat rek nubruk Ambu
Suri. Atuh Ambu Suri beuki soak pisan. Pas Bah Sura luncat, Ambu Suri
ngahindar, bari leungeun na hiding mukakeun panto.
Atuh
tolongjong Bah Sura nolonjong labas ngaliwatan panto. Jeger nabrak tiang imah,
gulitik gulitik labuh kana golodog, bungrag nangkarak bengkang.
Ari Ambu
Suri buru buru kabur liwat dapur, bari tulung tulungan aya jurig aya jurig.
Ari Bah
Sura, saking ku ambekna geus poho kana kanyeri. Tulut manehna hudang lumpat
ngudag Ambu Suri. Akhirna salaki pamajikan paudag udag siga bolong anu keur
ulin udag udagan.
Nyambung ka
eps salajengna.
Komentar
Posting Komentar