Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 10

 Karangan Kang Abun Burhanudin



Si Jarot jeung si Bungkreung bener bener soak. Sungutna calawak, matana bolotot, ari tuur noroktok karasa leuleus. “Ci.. cilaka, kakak.. I.. Itu Ri.. riwa Si Rukmini mencrong bae kadieu..,” cek si Bungkreung bari leungeun na mumuntang kana kerah baju si Jarot. Atuh si Jarot ngadangheuak, beuheungna asa kacekek. 

Si Jarot ambek, “Ngajedog, siah.. Ieu beuheung aing kacekek,” Cek si Jarot bari leungeun na nyiku, pas kabeneran beunang pisan kana huku angen si Bungkreung. Atuh goak, si Bungkreung ngagoak tarik pasan.

“Aduh, kakak.. Nyeri.. Ampuun!,” cek si Bungkreung.

Nyi Rukmini anu keur mencrong ka palebah dinya katempo nyerengeh seuri. 

“Kabeneran aing keur lapar.. Aya manusa.. Dihakan siah ku aing,” cek Nyi Rukmini, kadengeeun pisan ku Si Jarot jeung si Bungkreung.

Terus Nyi Rukmini leumpang ngalengkah ngadeukeutan rungkun anu dipake nyumput ku si Jarot jeung si Bungkreung. Atuh si Jarot jeung si Bungkreung katempo tegang jeung beuiki soak bae, sungutna beuki calangap. Rek ngagorowok, sorana teu bisa kaluar. Malah saking kusoakna sampe sampe duanana geh wer weran kiih. 

Ari Nyi Rukmini terus leumpang beuki deukeut bae. Lila lila beungeutna mimiti katempo robah sautik sautik jadi pikasieuneun. Dadana gorowong ngaberebey kaluar getih seger. Irungna pongek, siki matana nonghol siga nu rek coplok. Cikikik.. Nyi Rukmini kadenge seuri nyikikik. Gegag gegag eta jurih terus leumpang beuki deukeut kana rungkun.

Si Jarot jeung si Bungkreung beuki teu kuat ku rasa sieun. Katempo ngesod mundur sauetik sautik. “Tu.. tu.. tuluuuung..,” cek si Jarot bari nangtung rek ngaberetek kabur. 

Ari si Bungkreung, manehna geh embung tinggaleun. Barang nempo si jarot rek kabur, manehna geh geuwat luncat nubruk ka si Jarot. Atuh gubrag duanana pada ngagubrag narangkobak. Si Jarot Rek nangtung ditubruk deui ditubruk deui ku si Bungkreung. Atuh antukna mah duanana oge teu kaur indit. Keur kitu jelegedeg Ririwa Nyi Rukmini geus nangtung hareupeun maranehna.

“Hi.. hi.. hi.. Rek kabur kandi siah manusa boloho.. Dihakan atah siah ku aing,” kadenge sora Ririwa Nyi Rukmini ngomong.

Atuh si Jarot jeung Si Bungkreung beuki teu pugug rarasaan. Duanana ngomong ampun ampunan. “Ampun juragan jurig, ri.. riwa.. Daging uingmah teu ngeunah.. Leutik ongkoh.. Mun rek didaharmah mendingan si kakak bae.. Dagingna ngeunah busekel,” cek si Bungkreung.

Ngadenge kitu, si Jarot masih keur sieun geh jadi ambek. “Naon siah ngomong, Bungkreung.. Siah ngadon nyosobakeun aing.. Bohong juragan jurig. Lamun rek dihakan mah tah si Bungkreung bae.. Kuring mah masih gede geh teuas dagingna.. Tah mending si Bungkreung bae cakial..” cek si Jarot.

“Hi.. hi.. hi.. Siah montong patuduh tuduh.. Siah duanana rek dihakan kua aing,” cek jurig Nyi Rukmini bari tuluy ngangkat dua leungeuna. Katempo kukuna ranggoas, manjangan.

Nempo kitu si Jarot jeung si Bungkreung beuki tambah sieun bae. Saking sieun na si Bungkreung ngelepek kapaehan. Ari jurig Nyi Rukmini terus cicirihilan. Krep.. kukuna geus nempel kana awak si Jarot. Si Jarot beuki calanyap. Tapi barang kukuna rek ditanclebkeun ujug ujug kadenge sora Amran tan katingalan.

“Rukmini.. Eureuun..! Andika montong modaran manusa ti beurang sabab kakuatan andika bisa leungit.. Eureuun,” cek sora Amran anu ngan sakukur kadenge ku ririwana Nyi Rukmini.

Atuh reg jurig Nyi Rukmini geh eureun teu jadi mahala si Jarot. Tuluy les, harita wujudna langsungsung ngaleungit. Ari si Jarot bakating ku sieun sieun na, Si Jarot masih katempo nyuuh. Geus asa clep asa clep bae, kuku jurig Nyi Rukmini nancleb kana beuheungna.

Geus rada lila, teu karasa aya nanaon deui. Si Jarot cengkat lalaunan, luak lieuk. Sihoreng jurig Nyi Rukmini geus euweuh di tempat eta. Si Jarot ngarasa ngemplong. “Salamet.. salamet.. Kamana etah ririwa edan teh..? Ah.. tapi syukur aing teu sampe dipodaran,” cek hate si Jarot.

Si Jarot geus bener bener ngarasa tenag, ret ka si Bungkreung anu masih keneh kapiuhan. Ku Si Jarot disampeurkeun, tuluy awakna ditokeran.

“Hudang siah, Bungkreung.. Hudang,” cek Si Jarot bari nokeran awak si Bungkreung.

Teu kungsi lila, si Bungkreung katempo ngulisik hudang. Matana beunta. Tuluy mencrong ka si Jarot teleb pisan. Sihoreng lelembutan namah can kumpul kabeh. 

Nempo si Bungkreung mencrong bae kitu, si Jarot seueul. “Naha siah mencrong bae ka aing?,” sentak si Jarot.

Tapi si Bungkreung teu ngajawab, tapi kalah ngaheumbatkeun leungeun na ngagelepak si Jarot tarik pisan. Atuh goak si Jarot ngagoak. Karasa asa ngaburinyai. “Adow.. Kurangajar siah, wawanianan ngagelapak ka aing,” cek Si Jarot, bari tuluy manehna geh ngabales ngagelepak deui si Bungkreung. Atuh si Bungkreung geh ngagoak ampun ampunan.

“Ampun, kakak.. Ampun.. Hampura kuring, kakak.. Hampura..,” cek si Bungkreung ampun ampunan bari nutupan beungeutna sieun digelepak deui ku si Jarot.

“Ari siah nanaonan ngadon ngagelepak ka aing? Hayang modar siah..?” cek Si Jarot bari leungeuna geus meber rek ngagelepak deui si Jarot.

“Ampun, kakak.. Ampun.. Uing lain cucungah, kakak.. Kuringmah ngan hayang ngayakinkeun, eta si kakak asli ta ririwa si Rukmini anu nyiliwuri ngarobah wujud jadi kakak.. Tapi ayeuna uing yakin, eta kakak asli,” cek si Bungkreung.

“Kurangajar siah.. Kalah nyangka jurig ka aing.. Lamun aing geus teu butuh tanaga siah.. Dipodaran siah ku aing.. Geus beu geuwat indit,” cek Si Jarot bari tuluy indit. Atuh si Bungkreung teu loba omong deui tuluy nuturkeun.  Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun deui Ambu Suri. Sanggeus kacapena leungit, Ambu Suri katempo nguliat, nangtung lalaunan. “Aya aya bae.. Naha hirup aing teh bet apes bae..,” Cek gerentes Ambu Suri. Tuluy luak lieuk, sieun bisi mundingna ngudag deui ka palebah dinya. 

Sanggeus ngarasa aman mah tuluy bae manehna indit, rasa sieun namah tetep masih aya. Dadana geh masih karasa seseblakan. Leumpang na geh keketeyepan bari jeung nyalingker ka jalan anu suni.

Tapi lila lila mah, najan lalaunan leumpangna akhirna mah geus rek anjog. Tinggal ngaliwatan hiji pengkolan deui ka imahna. Ambu Suri eureun heula. Nafasna ngahegak deui, tuurna karasa leuleus. “Aduh.. aing bener bener kasiksa, jeung sigana rugi gede deuih.. Munding aing leungit.. Can engke kumaha lamun si Jarot jeung si Bungkreung nanyakeun.. Pusing pusing aing,” cek gerentes hate Ambu Suri deui.

Nya da rek teu pusing kumaha, lantaran munding nu edan teh nu satadina rek dibikeun ka si Jarot jeung si Bungkreung. Lantaran Ambu Suri teu rido, jadina ku manehna dianuan gaang ceulina, maksudna mah supaya nyilakakeun ka si Jarot jeung si Jarot. Tapi antukna mah malah kalah malik kana dirina sorangan. Hampir manehna cilaka ku polah sorangan. Malahan akhirna mah munding leungit, janji ka si Jarot jeung so Bungkreung mah can kacumponan. Nya pasti na geh ke peuting si Jarot jeung si Bungkreung teh bakalan daratang deui nagih. Ari munding nu geus dijanjikeunna geus eweuh. Lamun teu dibere geus ngancam. Atuh wajar mun Ambu Suri pusing pisan teh. Can deuih pasti katanyaan ku Bah Sura.

Ambu Suri katempo ngahuleng bingung kudua ku tilu. “ Beu.. aing kudu kumaha ieuh ari geus kieu,” cek gerentes Ambu Suri deui.

Tapi masi sakumaha difikiran na geh. Tete Ambu Suri teu meunang akal. Nu aya malah sirahna karasa nyud nyudan ngubeng pisan. Tetempoan geh kararoneng. Akhirnamah Ambu Suri nuluykeun deui lempang rek balik ka imahna.

Barang anjog ka imah, Ambu Suri ngarasa kaget jeung heran. Di buruan imahna katempo loba jalma, bari jeung pating corowok hahaok ngageroan Bah Sura jeung Ambu Suri. Malahmah katempo aya nu ngagedoran imahna tarik pisan.

“Beu.. Aya naon deuih eta lobaan jalma ngariung di buruan imah aing, bari pating corowok kitu siga nu keur arambek..” Cek Ambu Suri dina hatena.

Nempo kitu, Ambu Suri ngarasa heran jeung panasaran. Rasa sieun oge aya. Dadana karasa seseblakan deui. Rek ka imah geh antukna teu jadi. Tuluy kalah ngaliwed ka rungkun cau anu teu jauh ti pipir imahna. Ambu Suri tuluy ngawaskeun ka jalma jalma anu ngagimbung di buruan imahna bari ngadedengekeun omonganna. Kadenge ku manehna aya nu ngomong.

“Kamarana Bah Sura jeung Ambu Suri teh nya..?,” cek salah saurang jalma.

“Enya.. siga suwung imahna mah..” cek salah saurang deui nembalan.

“Ah.. pasti geh nyarumput.. Dobrak bae pantone,” nu sejen na kadenge ngomong, siga nu ambekeun pisan.

“Sabar sabar.. Ulah kucara kasar moal hade.. Bisi malik ka urang sorangan,” cek saurang deui nu katempo rada kolot, nyobaan nenangkeun eta jalma.

“Rek sabar kumaha, Mang Udi.. Imah kuring rubuh gara gara diteunggar ku mundingna anu edan.. Can tatangkalan rebah.. Sabarahaeun tah kuring karugianna.. Pokona mah lamun sampe teu digantian, ku kuring mah nyaan rek diduruk imahna,” cek jalma nu tadi.

Atuh gebeg, Ambu Suri anu keur ngintp teh ngagebeg reuwas. Omongan eta jalma kadenge jelas pisan ku Ambu manehna. “Aduh cilaka.. Bakal tambah deui bae karugian aing teh.. Can aing geus ngaluarkeun duit saratus rebu ka si Jarot jeung si Bungkreung.. Can munding leungit.. Ayeuna geus kudu kaluar deui duit ngagantian ka jalma jalma anu pakayana rusaksak gara gara munding edan.. Mangkaning pasti moal cukup saratus dua ratus rebu.. Aduuh.. Apes.. apes..,” cek gerentes Ambu Suri. Fikiran manehna beuki tambah baluweng bae. 

Jalma jalma kadenge deui patingcorowok ngageroan Ambu Suri jeung Bah Sura, aya oge nu bari ngagedoran panto imahna. “Abah.. abah.. Ambu.. Ambu.. Kaluar, Abah, Ambu.. Mun teu kaluar diduruk geura imahna..” cek jalma jalma kadenge beuki rame bae.

Ngadenge kitu, Ambu Suri beuki soak rerempodan. “Aduh.. Kudu kumaha ieu aing..? Rek disampeur bisi aing dikumaha kumaha.. Ari teu disampeur meureun beuki ngaramuk,” Ambu Suri bener bener bingung.

“Teangan.. teangan..! Bisi nyarumput ditukang boh dikebon..!,” 

“Enya bener.. Teangan.. Mun kapanggih sered bawa ka bale.. Pokona Bah Sura jeung Ambu Suri kudu tanggung jawab ngaganti karugian urang,” Kadenge ku Ambu Suri jalma jalma anu ngaromong beuki rame bae. Atuh Ambu Suri beuki rerempodan sieun.

“Hadeuuh.. Cilaka.. Naha aing teh ngan sial jeung sial bae,” cek Ambu Suri, katempo beungeutna beuki pucet bae.

Ari jalma jalma kadenge deui rame pating garero ka Ambu Suri jeung Bah Sura. Malah aya sababaraha urang anu patingkuliwed ka tukang jeung ka kebon, rek nareangan bisi Bah Sura jeung Ambu Suri nyumput ceunah.

Ambu Suri beuki sieun. Keur kitu katempo ku manehna aya dua urang anu leumpang ka palebah panyumputan na. Atuh si Ambu beuki mpot mpotan bae. Ari nu neangan, beuki lila kalah beuki tambah deukeut. 

Ambu Suri beuki soak. Matana rurat reret nengan tempat anu leuwih suni. Teu jauh ti sakencaeun na aya tangkal anu daun na katempo leubeut, terus teu pati jangkung. Ambu Suri boga niat rek pindah nyumput di eta tangkal, da lamun kudu naek geh karonjat, cek fikirna.

Ambu Suri tuluy dongko, ngorondong ngadeukeutan eta tangkal. Sanggeus anjog, manehna lalaunan nangtung bari matana mah tetep cungas cengos sieun kanyahoan. Ngarasa aman, Ambu Suri tuluy muntang lalaunan kana dahan. Ari panon na terus mencrong ngawaskeun ka jalma jalma nu keur ting alasruk neangan manehna.

Terekel, Ambu Suri naek lalaunan. Leungeun na nyekel kana dahan. Teu sadar dina palebah dahan eta aya sayang odeng. Pas kabetot pisan ku Ambu Suri. Brak..! Sayang odeng ragrag. Atuh odengna ngamuk, kalaluar tina sayangna langsung pating harieng nyalamberan Ambu Suri.

Ambu Suri rewas kacida. Awakna digurumut ku odeng, karasa pating celekit nyarereudan. Antukna Ambu Suri luncat tina tangkal, bruk labuh pisan tijalikeuh. Ari odeng terus ngudag nyalamberan. Ambu Suri sasah, buru buru nangtung lumpat kabur bari ingkud ingkudan. “Tuluuuung..! tuluuung..!,” cek Ambu Suri tulung tulungan, bari lumpat ingkud ingkudan.

Jalma jalma anu keur masih keneh ting rariung di buruan imah Ambu Suri kaget, ngadenge sora anu tulung tulungan. “Sada aya nu tulungan..,” cek salah saurang jalma.

“Enya.. Tapi sorana siga Ambu Suri geuning?,” tembal anu sejen na.

“Beu cuang tempo, panasaran hayang nyaho,” cek nu saurang deui, bari deregdeg lumpat ka palebah datangna sora. Breng.. nu sejen na naluturkeun.

Ari Ambu Suri harita terus lulumpatan diudag udag ratusan odeng. Jeletot aya hiji odeng nyeureud kana palebah ceulina. Goak Ambu Suri ngagoak. Jeletot deui biritna aya nu nyeureud, goak deui Ambu Suri ngagoak bari luncat, gedeblug labuh ngajoprak pak pik pek parahi nyeureud ka Ambu Suri. “Tuluuung..! Tuluuuung..!,” Ambu Suri tulung tulungan deui, tuluy buru buru hudang lumpat deui.

Teu lila burudul jalma jalma ngaburudul datang. Barang narempo Ambu Suri keur diudag udag bari diseureudan ku odeng, jalma jalma teh lain pada nulungan, malah pada ngagarakgak saleuseurian. “Lebok tah.. karasa, Ambu..” cek saurang jalma, kalah mupuas ka Ambu Suri.

“Bener karasa tah siah.. Mana geh jadi jalma ulah sok telenges kabatur.. karasa tah wawalesna..” cek saurang deui, siga nu geregeteun pisan hayang leuwih puas.

Tapi teu kabeh jalma barungah nempo Ambu Suri sangsara. Aya oge anu karunyaeun, nyaeta Mang Udi. Manehna mah nempo kitu kitu teuing mah teu tega. Tapi rek nulunganmah manehna geh teu wani, lantaran sieun Odeng malah jadi malik nyerang ka manehna. Pas kabeneran di hareup teu pati jauh ti Ambu Suri aya hiji balong bogana keneh Bah Sura, caina katempo hideung kotor da balong paranti melak lele. Dipelakan na ge loba pisan ku Bah Sura teh nepi ka rebuan lele. 

Nempo kitu Mang Udi asa aya jalan pikeun nulungan Ambu Suri anu masih terus diudag udag odeng. Cek fikir Mang Udi, lamun Ambu Suri luncat ka na balong, Ambu Suri pasti salamet moal diudag deui ku Odeng. Atuh corowok Mang Udi nyorowok ngabejaan. “Luncat kana balong, Ambu.. Ambih odeng na teu ngudag deui,” cek Mang Udi gogorowokan.

Ngadenge aya nu ngabejaan kitu, Ambu Suri ngarasa bungah. Manehna bener bener asa aya nu nulungan. Atuh manehna buru buru lumpat muru ka eta balong. Barang geus deukeut, jleng Ambu Suri langsung luncat. Gujubar.. kadenge ngajubar.

Tapi memang dasar kusu apes keneh, sanggeus Ambu Suri luncat kana balong memang odeng teu ngudag deui. Tapi leuwih sial deui, awak Ambu Suri langsung digurumut ku ratusan lele, aya nu ngegel, aya nu matil. Atuh goak, Ambu Suri gogoakan tulung tulungan deui. Hayang lumpat kapinggir, taneuhna lesang, tikolesah tigujubar deui. Ger jalma jalma saleuseurian. Ari Ambu Suri beuki lila beuki riweuh, akhirna mah kelepek kapiuhan. Awakna teuleum kana jero balong.

Nempo kitu, jalma jalma ngarasa reuwas. Sieun lamun sampe kumaha onam maranehna jadi katempuhan. Malah aya sababaraha urang anu ngaberetek indit. Untungna Mang Udi masih keneh aya di dia. Mang Udi tuluy cocorowokan ngageroan jalam. “Wooi..! Rek kamaranan ulah arindit.. Ituh tulungan heula Ambu Suri karunya, sing kumaha onam,” cek Mang Udi.

Atuh jalma jalma the baralik deui. “Tulungan si Ambu.. Mun sampe kumaha onam, urang urang keneh nu katempuhan.. Geuwat tulungan,” cek Mang Udi deui.

Ari kitu mah, daek teu daek aya sababaraha urang nu turun ka balong, tuluy nulungan Ambu Suri dibawa ka darat. Cag urang tunda heula. 

Ayuena caturkeun deui Bah Sura saparakanca masih keneh di perjalanan rek balik ka lembur luhur. Ayuena kabehan rada ngarasa ngemplong sabab Aki Jumad dukun na Bah Sura, daekeun narekahan kaayaan di lemburna, malahan ayeuna geh daek nuturkeun ka lembur luhur.

“Haturnuhun, Aki.. Tos kersa ngiring ka lembur luhur, abdi saparakanca ngaraos bingah pisan,” cek pa Rt kadenge ngomong.

“Muhun, Aki.. Abdi nganuhunkeun ka aki tos kersa direrepot ku sim Abdi saparakanca,” cek Tua Kampung ilu mairan.

“Teu nanaon, ujang.. Ieu mah geus kawajiban aki nulungan ka sasama,” cek Aki Jumad.

“Enya, Pa Rt, pa Tua.. Teu kudu hariwang ari sareng aki mah.. Tos biasa jeung Abah mah.. Engke geh sadongkapna urang kalembur, langsung bae ka imah Abah heula nya.. Urang cuang dalahar heula balakecrakan,” cek Bah Sura.

“Nya ari abdi mah ngiringan bae, Abah.. Kumaha saena bae,” jawab Pa Rt.

“Kuring geh sami, kumaha Abah bae.. Ngiringan,” cek Tua Kampung. 

Keur kitu teu pati jauh di hareup katempo siga aya saurang awewe keur diuk dina luhur batu pinggir jalan. Mang Uman anu pangheulana ningali langsung tutunjuk.

“Itu geuning siga Nyi Rukmini, Mang Wardi..!,” cek Mang Uman.

Atuh kabehan utamana mah Mang Wardi jeung Bah Sura langsung curinghak. Kabehan na mencrong ka hareup. Ana breh teh bener, nu diuk dina batu di hareup teh memang Nyi Rukmini.

“Muhun geuning.. Itu mah leres si Nyai,” cek Mang Wardi katempo bungah. Teu sabar, Mang Wardi langsung nyalukan Nyi Rukmini.

“Nyai.. Nyaii.. Ieu bapa..,” cek Mang Wardi hahauk ngageroan Nyi Rukmini. Saking bungahna Mang Wardi langsung ngaderegdeg lumpat rek nyampeurkeun ka Nyi Rukmini.

Ari Nyi Rukmini oge langsung ngalieuk curinghak ngadenge aya nu ngageroan teh. 


Dilajeng ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng