Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 12
Karangan Kang Abun Burhanudin
Cungungung cungungung kadenge anjing babaung sorana melewung nyingraikeun sepina peuting. “Hi.. hi.. hi..” disusul ku sora nyikikikna ririwa Nyi Rukmini anu terus cicirihilan dibarengan ku angin anu ngagelebug kacida gedena. Tatangkalan pating pelenod, kenteng kenteng haliberan kasapu ku angin. Sora bueuk jeung koreak patembalan nambah kayaan beuki karasa geueuman.
Jalma jalma urang lembur luhur kacida ngarasa sieun na. Kabeh nyarempod di enggon na masing masing mararungkut dibulen ku simbut euweuh nu wani kaluar.
Kalayang.. katempo jurig Nyi Rukmini kakalayangan bari terus kadenge cicirihilan. Baju sing sarua bodas, Buuk ngarumbay, dadana gorowong, clak clak.. katempo getihna nyarakclakan. Siki matana duanana nonghol siga nu rek coplok. Giler giler katempo gular giler meni pikasieuneun.
Cikikik.. kadenge sorana nyikikik tarik pisan. Siet.. Jurig Nyi Rukmini nyirorot ka hareupeun imah Bah Sura. Tuluy katempo nangtung dina tangkal sirsak.
Sora seurina jurig Nyi Rukmini kadenge jelas ka jero imah. Bah Sura, Pa Rt, Pa Lebe, Tua Kampung, Mang Wardi, jeung sababaraha urang jalma liana anu keur dariuk sila satukangeun aki jumad, kacida rareuwaseun na. Malahan aki Jumadna sorangan geh ngarasa soak ari ngadenge kitu mah.
“Ki.. aki.. Eta jurigna geuning kalah datang, ki..” cek Pa Rt, bari ngageser diukna ngadeukeutan ka aki Jumad.
"Muhun, Ki.. Iih.. sieun,” cek Bah Sura. Bah Sura oge sarua. Katempo ngesod ngadeukeutan aki Jumad. Kitu deui nu sejen na, Mang Wardi, Tua Kampung, Pa Lebe jeung jalma jalma anu sejena. Kabeh arembung jauh ti Aki Jumad.
“Tarenang, jang.. tarenang.. Ulah sieun, keun da aya aki.. Sok kadarieu ka deukeut aki.. Ku aki rek diusir jurigna,” jawab Aki Jumad, bari jeung sabenerna mah manehna geh rerempodan. Nitah ka kabehan supaya dareukeut jeung manehna geh sabenerna mah kulantaran Aki Jumad teh ngarasa sieun pisan, lain ku nanaon.
Tuluy aki Jumad kadenge gegerendengan maca jangjawokan. Tapi bakating ku sieun nu diomongkeun ku Aki Jumad teh kalah ngacamplung teu puguh.
Sora anu cicirihilan kadenge deui, malahmah asa deukeut pisan. Blig.. blig.. blig.. kadenge sada anu keur leumpang na talupuh di teras hareup imah Bah Sura.
Bah Sura jeung nu sejen na tangtuna kalah beuki ngarasa sieun teu puguh rarasaan. Grep Bah Sura nyekel leungeun Aki Jumad nu beulah katuhu. Ari leungeun kencana ditarik ku Pa Rt anu sarua sieun na.
Jadina mah awak Aki Jumad dibetot ka katuhu, dibetot ka kenca. Ditambah deui ku Mang Uman anu nyekelan beuheung Aki Jumad ti tukang, Mang Wardi nyekelan cangkengna.
Atuh Aki Jumad jadi ngarasa keder. Keur mah manehna geh pohara sieun na, awakna oge parahi ngabenyeng kaditu ka dieu. Ari beuheung asa kacekek sabab dibebetot ka tukang ku Mang Uman tea.
“Ngajedog siah ngajaredog..! Kos barolong bae.. Ieu beheung aing kacekek,” Cek Aki Jumad jadina na mah manehna ambek. Awakna digidegkeun, tapi Bah Sura jeung nu sejen na kalah kabeuki pageuh nyekelan na.
Keur kitu, dor.. dor.. dor.. kadenge panto hareup sada aya nu ngagedoran tarik pisan.
“Heh.. Manusa manusa.. Buka siah pantone.. Yeuh aing datang rek nagih pati ka arandika.. Buka siah..,” kadenge aya nu ngomong, sorana ngirung pikasieuneun.
Bah Sura jeung nu sejen na beuki tambah sasah bae. “Aki aki.. Tulung, aki.. Eta jurigna ngagedoran panto..” Cek Bah Sura bari tambah ngabenyeng leungeun katuhu Aki Jumad.
“Enya aki.. Baruk jurig teh diusir.. Eta geuning kalah rek asup,” Cek Pa Rt, manehna ge beuki tarik ngabetot leungeun aki Jumad nu katuhu.
“Aki mah boa salah jampe nya, ki, jurig teh sanes diusir, ieu mah kalah diondang sugan,” cek Mang Uman, manehna geh beuki tarik ngagigiat beuheung Aki Jumad.
Ari Aki Jumad, boro boro bisa ngomong, nu aya manehna malah beuhuengna asa beuki kacekek. Sungutna ngelel, matana bolotot. Ditambah deui ku rasa sieun anu pohara kacida. Rek ngaleupaskeun awak tina cekelan Bah Sura jeung nu sejen na teu bisa, sabab tanagana eleh rosa. Antukna mah Aki Jumad saukur bisa ngap ngapan hampir hampir kapiuhan.
“Heh, Manusa.. Geuning pantone teu daek dibuka..? Tapi kajeun masi moal dibuka geh aing mah bisa asup sorangan.. Hi.. hi.. hi..,” Kadenge sora jurig ngomong deui bari ditungtungan ku seuri.
Ngadenge kitu, Bah Sura jeung nu sejen na beuki mpot mopotan. “Haruuh.. Tulungan, Aki.. Geuwat usir eta jurig teh, Aki.. Ulah sampe asup ka jero imah,” cek Bah Sura.
“Muhun, Aki.. Ulah lila teuing maca jangjawokan na.. Eta jurigna geuwat usir,” cek Pa Rt.
Ari aki Jumad, sarua manehna geh beuki ngarasa sieun jeung teu puguh rarasaan. Awak ngageter, tuur karasa leulus. Katambah ripuh deui kulantaran awakna terus dibetot kaditu dibetot kadieu. Ari beuheung asa beuki kacekek da ku Mang Uman beuki dibebenyeng ka tukang. Boro boro bisa ngomong, letah geh katempo tambah ngelel.
Aki Jumad terus babadug hayang leupas tina panyepengna Bah Sura saparakanca. Tapi batan lesot, manehna kalah beuki beak tanaga.
Keur kitu peledug katempo aya haseup asup tina sela sela bilik. Katempo haseup teh mimiti n amah ipis, beuki lila beuki kandel tuluy mulek, ngabentuk pangawakan jelma. Akhirna mah jelegedeg jadi mahluk pikasieuneun. Buuk ngarumbay, irung pongek, siki panon nonghol siga nu rek coplok, huntu ranggeteng. Ari dada gorowong bari terus ngaberebey ngaluar luarkeun getih seger. Ramona panjang, kukuna ranggoas katempo sarareukeut.
Cikikik eta mahluk pikasieuneun teh nyikikik seuri bari leumpang ngagegag ngadeukeutan Bah Sura saparakanca.
“Hi.. hi.. hi.. Keur naraha sia manusa.. Bet pabetot betot kitu siaga budak bolon.. Lain geuwat bageakeun aing nu rek natamu ka andika.. Aing datang rek nagih pati ka arandika.. Sia hiji hiji bakal dipodaran ku aing.. Hi.. hi.. hi..,” cek ririwa Nyi Rukmini.
Atuh Bah Sura saparakanca meni caralangap nempo mahluk anu pikasieuneun anu leumpang ngadareukeutan ka maranehna. “Tulung, Aki.. Tuluuung.. I.. itu aya ri.. riwa nya nyampeurkeun.. Hiih.. sieun, aki.. Tulungan..’ cek Bah Sura, bari awakna langsung mubus kana handapeun beuteung Aki Jumad.
Ari mahluk pikasieuneun beuki lila beuki deukeut. Pa Rt, Tua, Kampung, Mang Uman, Mang Wardi, jeung nu sejen na, beuki soak ngarasa soak. Sungutna caralangap, matana molotot, rek ngajerit, sorana teu bisa kaluar. Ari leungeun na raranggah kaluhur.
“Hi.. hi.. hi.. “ eta jurig kadenge deui nyikikik seusuerian. Kep leungeun na nyekel awak Mang Uman. Giriwil diangkat lalaunan.
“Tu.. tuluuung.. tuluuuung.. Ampun juragan jurig ampuun..,” cek Mang Uman bari roroesan hayang leupas.
Jurig Nyi Rukmini terus ngangkat awak Mang Uman, dideukeutkeun kana awakna siga nu rek dihakan. Mang Uman beuki tambah soak. Saking soakna, wer.. Mang Uman kiih kaambeu bau pengar.
Jurig Nyi Rukmini katempo siga nu nyengir, irungna ungas ingus. Sigana ku bau bauna cai kiih Mang Uman, jurig Nyi Rukmini geh sampe teu kuateun ngambeu na.
“Dasar gelo siah.. Siah ngadon kiih kana leungeun aing,” Cek jurig Nyi Rukmini gugulunuk. Antukna mah saking teu tahan ngambeu bau na, belewer awak Mang Uman dialungkeun.
Brak.. Awak Mang Uman ninggang kana bilik. Gubrag.. ragrag kana talupuh. Kulahek, Mang Uman katempo kapiuhan.
Ari jurig Nyi Rukmini siga anu beuki ambek. Gegag gegag leumpang deui ngadekeutan ka Tua Kampung jeung nu sejena. Atuh kabeh geh beuki teu puguh rarasaan. Ari Aki Jumad saking ku sieun na katempo nyuuh kana talupuh.
“Hi.. hi.. hi.. Siganamah aki aki nu kudu pangheulana dipodaran teh,” cek jurig Nyi Rukmini bari dongko leungeun na ngaragamang rek newak awak aki Jumad.
Ngadenge kitu, Aki Jumad geh beuki teu puguh rarasaan. Kep karasa cangkengna aya nu nyekel. Aki Jumad bener bener soak. Saking soakna nepi ka brat bret brot hitut. Pas kabeneran jurig Nyi Rukmini keur dongko pisan. Atuh seleber bau na kaambeu pisan. Saking ku bauna jurig Nyi Rukmini nepi ka leng lengan lieur.
“Aduh.. Kurangajar, siah.. Ieu bau bau teuing.. Ampuun aing teu kuat ieuh,’ cek jurig Nyi Rukmini bari katempo undur unduran.
Ari Aki Sura masih terus brat bret brot hitut. Bauna mulek minuhan ruangan. Jurig Nyi Rukmini sigana geus teu kuat ngambeu bau na. Akhirna mah les jurig Nyi Rukmini leungit.
“Hi.. hi.. hi.. Ayeuna aing ngaku eleh, manusa.. Tapi tong sambat kaniaya. Aing pasti balik deui rek nagih pati.. Hi.. hi.. hi, “ cek sora jurig Nyi Rukmini, terus cicirihilan beuki lila kadenge beuki jauh.
Cag urang tunda heula kaayaan Bah Sura, Aki Jumad, jeung nu sejen na. Engke urang sampeur dui.
Ayeuna tuturkeun kaayaan ririwa Nyi Rukmini anu terus kakalayangan di awang awang, bari cicirihilan. “Kurangajar.. Sihireng aki aki tujuh mulud teh lumayan oge boga pangabisa.. Aduuh.. Ieu aing teu kuat ngambe bau na.. Kalah sirah karasa lieur kieu,” cek jurig Nyi Rukmini bari tuluy nyirorot, cle.. tuluy nangtung dina hiji suhunan imah. Giler giler.. katempo matana gular giler ngawaskeun ka sabudeureun eta lembur.
“Hi.. hi.. hi.. Tapi kumaha oge peuting ieu aing kudu meunang nyawa urang lembur ieu.. Lamun henteu.. Aing bisa disiksa ku si Amran,” cek ririwa Nyi Rukmini.
Panon Ririwa Nyi Rukmini terus katempo gular giler ka sakuliah madhab. Satuluyna kalayang ririwa Nyi Rukmini katempo ngalayang ka beulah wetan. Cag urang tunda.
Ayeuna urang kocapkeun kaayaan di hiji imah anu aya di tungtung lembur. Eta imah teh ngan hiji hijina mencal ti lembur anu sejenna. Ari anu boga imahna ngarana Ruhadi, harita manehna keur ngarasa tagiwur kulantaran Nyi Mar’ah pamajikan na keur pelengkang pelengking karasa rek ngajuru.
Ari di luar karasa keur memeujeuhna geueuman. Sorang anjing anu babaung terus kadenge ti kajauhan, dialokan ku sora bueuk jeung koreak. Sora angin kadenge terus ngagelebug, tatangkalan pating pelenod, kenteng haliberan. Rekeeet rekeeet.. kadenge imahna pating rareket siga nu rek rubuh kasapu angin. Ruhadi katempo ciling cingcat kitu salah kieu salah. Rek ka luar neangan paraji teu ludeung ari teu indit karunya ka pamajikan.
“Aduuh.. Akang.. ieu teu kuat.. Tulungan, akang..” cek Nyi Marah bari pepelengkingan di enggon na.
Ruhadi beuki ngarasa sasah. “Aduh aing kudu kumaha ieuh.. Bingung bingung,” cek gerentes hatena.
Nyi Marah kadenge deui tulang tulung. Ruhadi ngarasa teu tega. “Sabar, Nyai.. sabar.. Akang rek nyusulan heula neangan Emak Paraji,” cek Ruhadi. Akhirna manehna nekad, masih ngarasa sieun geh rek nyusulan paraji. Tuluy jlig Ruhadi indit mawa damar.
Ari Nyi Mar’ah terus pepelengkingan. Beuteungna karasa beuki nyeri. Akhirna mah borojol orokna ngaborojol sorangan. Goar goar.. orok gogoaran. Tina jero samping Nyi Marah, katempo ngaberebey getih.
Keur kitu cikikik kadenge anu nyikiki sorana ngirung matak kukurayeun. Hiuk.. sada angin ngagelebug. Rekeeet.. Bray.. Jadela kamer Nyi Mar’ah muka ku sorangan. Jelegedeg tina jandela aya nu asup ngajelegedeh bodas pikasieuneun. Buukna ngarumbay, irung pongek, gado atrok atrokan. Sihoreng eta teh ririwa Nyi Rukmini.
“Hi.. hi.. hi..“ Kadenge sora ririwa Nyi Rukmini nyikikik matana katempo ngagiler ka Nyi Mar’ah anu keur teu sadar. Kalayang eta jurig ngalayang terus nyamber awak Nyi Mar’ah jeung orokna, tuluy ngabiur deui kaluar tina jadela bari kadenge cicirihalan.
Teu kungsi lila kurutak Ruhadi datang dibarengan ku saurang paraji. “Dimana si Nyai na?,” tanya paraji.
“Itu di kamer, Ema.. Mangga kalebet,” jawab Ruhadi bari bari tuluy manehana leumpang tiheula ka kamer rek nuduhkeun pamajikan na ka Paraji.
Tapi barang anjog ka lawang kamer, ana gegeb Ruhadi ngagebeg. Manehna kacida kagetna barang ningali pamajikan na geus eweuh di kamer. Ari jandela katempo molongo. Dina Kasur katempo loba getih.
“Nyai.. nyai..,” Ruhadi gura gero neangan pamajikan na, bari tuluy neangan ka dapur kamana. Tapi pamajikan na tetep euweuh.
Nempo kitu Ema Paraji oge katempo kaget. “Aya naon, ujang?” tanya Paraji.
“Pun bojo, Emak.. Pun bojo.. Pun bojo teu aya,” jawab Ruhadi sasah.
“Teu aya kumaha maksud ujang?” tanya paraji deui.
“Duka, Ma.. Di kamerna teu aya..” jawab Ruhadi deui bari terus kuncah kincih teu puguh laku.
Paraji teu ngomong deui. Tuluy manehna ngalongok ka kamer. Barang bray ngabukakeun hordeng paraji geh langsung kaget. Nempo jandela molongo jeung loba getih dina Kasur.
Keur kitu cikikik cikikik kadenger sora anu cicirihilan hawar hawar, beuki lila kadenge beuki jauh. Paraji katempo ngarenjag.
“Cilaka, Ujang.. Sigana si Nyai diculik ku ririwa,” cek Paraji.
Ngadenge kitu Ruhadi reuwas. Leketey awakna ngaleketey, terus lenggerek Ruhadi kapaehan. Sigana masih manehna jiwa lalaki geh reuwas ari ngadenge kitu mah. Cag urang tunda.
Ayeuna urang caturkeun deui Ambu Suri. Tibarang harita Ambu Suri kapaehan deui lantaran soak ningali Nyi Rukmini, Ambu Suri dipernahkeun di kamer, ngahaja diantep sina ngagoler sampe kasadarna.
Waktu kadenge aya sora ririwa Nyi Rukmini anu cicirihilan, jeung sora pating gedeblugna di tengah imah, Ambu Suri karek sadar. Tapi awakna langsung ngaleper bakating ku sieun.
Satuluyna Ambu Suri turun lalaunan, maksudna rek nyampeur ka Bah Sura, lantaran di kamer sorangan mah manehna ngarasa teu ludeung.
Tapi barang manehna noong tina liang konci, Ambu ngarasa kaget. Awakna beuki ngaleper huntuna noroktok. Katempo jelas ku manehna aya mahluk pikasieuneun keur ngagegag nyampeurkeun ka Bah Sura saparakanca.
“Cilaka.. Sigana eta jurig rek mergasa si abah.. Aduh kudu kumaha aing nulungan na,” cek gerentes Ambu Suri.
“Tapi ah.. daripada aing geh dicekek jurig, mending aing mah kabur.. Hampura, Abah.. Kuring teu bisa nulungan..” cek gerentesna deui.
Ambu Suri tuluy mundur lalaunan. Leumapngna jengke ambih teu kadenge kaluar. Sanggeus anjog kana jandela, tuluy eta jandela dibuka lalaunan, sampe teu kasada ngareket reket acan. Tuluy jrut Ambu Suri turun lalunan, tuluy belecet lumpat meni notog notogkeun maneh.
Ambu Suri terus lumpat saka lumpat lampetm, teu nolih kana nanaon. Sabara barakali labuh, tuluy hudang, lumpat deui. Sukuna anu nyeri balas ti tatarajong geus teu dirasa. Nu penting manehna salamet tina udagan jurig.
Bareng jeung kitu dihareup aya dua urang jalma keur jujuringkangan keur leumpang ka palebah Ambu Suri. Sihoreng dua jalma eta teh Si Jarot jeung si Bungkreung nu rek nagih munding ka Ambu Suri.
Kulantaran lumpat bari jeung sieun, Ambu Suri geus teu nempo kahareup. Atuh jeger manehna nabrak si Jarot jeung si Bungkreung.
Si Jarot jeung si Bungkreung kaget. Komo barang nempo Ambu Suri anu pas kabeneran buukna keur ngarumbay ngariringkiwik. Atuh si Jarot jeung si Bungkreung langsung soak. “Ju.. ju.. jurig..,” ceunah, baru buru buru duanana balik deui katukang kalalabur.
Ambu Suri oge kaget, barang ngadenge anu cocorowoan nyebut jurig. Disangka ku Ambu Suri jalma nu nyebut jurig teh lantaran Ririwa Nyi Rukmini ngudag ka manehna. Atuh berengbeng Ambu Suri oge kabur deui. Lumpatna ka beulah kenca anu arahna ka beulah landeuh. Teu sadar di beulah hareup aya jurang. Ari Ambu Suri lumpatna labas bae. Atuh tolonjong gulitik gulitik Ambu Suri ti gulitik labuh kana jurang.
Dilajeng ka eps salajengna.
Komentar
Posting Komentar