Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 8

 Karangan Kang Abun Burhanudin


Urang tunda kaayaan Amran anu geus marentahkeun ka Siluman Oray anu aya dina wujud Nyi Rukmini supaya nagih pati ka urang lembur luhur. Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan di Lembur Luhur, nyaeta nyaritakeun Bah Sura saparakanca.

Bah Sura jeung Ambu Suri geus aya deui di imahna. Harita Tua Kampung, Pa Rt, Pa Lebe, Mang Wardi, jeung Mang Uman geh masih araya didinya.

“Ari kuringmah masih panasaran, Abah.. Kumaha mimitina bisa aya kajadian sapertos tadi teh..?,” Tanya pa Rt, ka Bah Sura.

“Tah mimitina mah si Ambu atuh, pa Rt.. Kalakuan teh bet siga bolon pisan.. Abah ngadon disangka Ririwa, manehna terus lumpat kabur ti imah. Nya ku Abah teh diudag.. Nya tungtungna mah kajadian saperti tadi, matak genjeung bae..,” jawab Bah Sura, ngajelaskeun anu kajadian tadi isuk.

“Ulah kuring bae anu disalakeun na, Abah.. Da si Abah keneh nu kituna mah,” cek Ambu Suri, ngarasa teu ngeunah disalahkeun ku Bah Sura.

“Sidik maneh kalakuan na si bolo..!,” Bah Sura molotot. Antukna mah Bah Sura jeung Ambu Suri jadi pakereng kereng.

Nempo Bah Sura jeung Ambu Suri malah pasea parebut omong, Tua Kampung langsung nyapih, “Tos.. toss, Bah.. Tos Ambu.. Teu kedah pacental faham.. Tos nu entos mah entos..,”  cek Tua Kampung, misah nu keur parasea.

“Ayeuna mah mending caritakeun ku Ambu, kunaon sababna Ambu tiasa nyangki ka Abah Ririwa.. Da meuereun aya sabab musababna?,” tanya pa Rt ka Ambu Suri.

Sarerea manco ka Ambu Suri. Atuh ari ditanya kitu mah Ambu Suri geh tuluy cacarita, nyaritakeun sakabeh kajadian ti mimiti pasea jeung Bah Sura, tuluy sarena misah kamer. Terus ngadenge aya sora nu leumpang di tengah imah, nepi ka aya nu pating golombrang di dapur. Ku Ambu Suri diilik, sihoreng teh Ririwa nu rek nyekek ka Ambu Suri. Ti harita Ambu Suri pingsan, pas dihudangkeun ku Bah Sura, katempo ku Ambu Surimah, Bah Sura teh siga ririwa nu keur peuting rek nyekek ka Ambu Suri.

“Tah kitu caritana mah, Pa Tua, Pa Rt..,” cek Ambu Suri nutup caritana.

Ngadenge carita Ambu Suri, kabehan pada olohok. Bah Sura na sorangan geh kaget, da karek harita manehna geh nyaho kajadian.

“Beu.. Jadi araraneh kieu. Aya naon sabenerna di lebur urang teh?,” cek Pa Rt.

Kabehan katempo ting haruleng bingung. Bah Sura akhirna kadenge ngomong, “Lamun kieu kajadian na. Urang kabehan ulah caricingeun.. Sigana mah lembur urang teh kudu disareatan..,” cek Bah Sura.

“Maksud Abah kumaha?,” Pa Lebe nanya.

“Kieu maksud Abah teh, Pa Lebe, Pa Tua, Pa Rt, oge ka kabehan.. Ari Abah teh boga bapa bapaan, anu biasa Abah sok menta tulung.. Ari linggihna mah Bapa bapaan Abah teh di lembur Cipulus. Ngarana Bah Jumad. Kumaha lamun urang menta tulung ka anjeuna, supaya di lembur urang jadi tenang deui sabihara bihari,” cek Bah Sura.

Ngadenge kitu kabehan caruringhak. Da memang tujuan Tua Kampung saparakanca nepungan Bah Sura teh rek menta tulung supaya dianteur ka pananyaan Bah Sura, supaya nuduhkeun kumaha nasibna Nyi Rukmini. Nya ari ngadenge kitu mah asa kabeneran.

“Tah kabeneran pisan atuh, Abah.. Saleresna mah kuring sadayaan teh gaduh pamaksadan ka Abah teh.. Nya eta hoyong nyuhunkeun tulung dijajap ka Bapa bapaan Abah.. Maksadna mah bade naroskeun kumaha nasibna Nyi Rukmini. Nya ari kitumah urang sakantenan oge nyuhunkeun pitulung supados kaayaan dilembur urang jadi tenang deui sabihara bihari..” cek Pa Rt.

Ngadenge omongan Pa Rt nu rek narekahan nanyakeun nasib Nyi Rukmini, renjag Ambu Suri jadi ngarenjag reuwas. 

“Beu cilaka.. Aing bisa cilaka lamun kieu carana. Aing bisa kanyahoan lamun aing nu sabenerna nu geus deleka ka si Rukmini.. Aing nu gues nita si Jarot supaya maehan si Rukmini.. Aruh kudu kumaha lamun geus kieu.. Lamun ku aing dihalang halang meureun kabehan bisa caruriga ka aing.. Kudu kumaha aing ayeuna..?,” cek gerentes Ambu Suri. Beungeutna langsung robah pucet.

Keur kitu kadenge Bah Sura ngomong deui. Manehna leuwih semangat ari urusan na nyangkut nyangkut ka Nyi Rukmini mah.

“Kumaha lamun ayeuna bae tepungan bapa bapaan abah teh mengpeung berang keneh..,” cek Bah Sura.

“Ari Abahna teu kaabotan mah, kuring mah satuju pisan.. Kumaha ari nu sejen na?,” cek Tua Kampung.

“Kuring geh satuju,” cek Pa Rt.

“Ngiringan bae kuring mah,” Cek Mang Uman.

“Nya ari kitu mah hayu urang mangkat.. Ambu kami rek indit heula.. Kade ulah kamana mana..?,” cek Bah Sura bari bebeja ka Ambu Suri rek mangkat.

“Enya atuh.. Tapi ulah lila teuing,” cek Ambu Suri, bari hatena mah teu paruguh rarasaan, sabab sieun kalakuan gorengna kanyahoan.

Ari geus kitu mah, Bah Sura, jeung Tua Kampung saparakanca, satuluyna marangkat rek nepungan Bapa Bapaan Bah Sura di Cipulus. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang kocapkeun si Jarot jeung si Bungkreung anu geus rada lila teu kapedar. Duanana ayeuna diudag udag ku rasa sieung, ti saprak nyaho si Gondel palastra gara gara dicekek ku jurig Nyi Rukmini.

“Cilaka, kakak.. Urang ayeuna geus teu aman, kaka. Nyi Rukmini nu geus dibinasa ku urang marakayangan. Ayeuna batur urang, si Gondel, geus jadi korban..  Kudu kumaha ayeuna urang, kakak?” cek si Bungkreung.

“Heueuh.. Dewek geh ayeuna keur mikiran eta.. Ririwa Nyi Rukmini pasti ngudag ngudag ka urang.. Urang moal aman lamun terus cicing di dieu..” Jawab si Jarot.

“Jadi urang kudu indit, kakak.. Kuring mah satuju bae.. Nu penting aman..” cek si Bungkreung.

“Enya bener.. Urang kudu ingkah ti lembur ieu.. Tapi samemeh indit, urang kudu nagih janji heula ka Ambu Suri.. Lantaran urang perlu bekel hirup,” cek si Jarot.

“Nya atuh hayu, kakak.. Urang sampeur Ambu Suri na..,” cek si Bungkreung.

“Hayu.. Tapi kudu ati ati.. ulah sampe batur curiga.. Urang jalan na kudu malipir ka nu suni,” Cek si Jarot.

Geus kitu mah tuluy duanana arindit. Leumpangna mapay mapay pinggir lembur, lantaran embung panggih jeung jalma lembur. Lamun hawar hawar katempo aya jelma, si Jarot jeung Si Bungkreung langsung nguliwed kana rungkun.

Kitu deui harita, barang si Jarot jeung si Bungkreung keur laleumpang ngaliwatan kebon sampeu, katempo hawar hawar di tonggoh aya sababaraha urang nu keur leumpang ka landeuheun. Si Jarot jeung si Bungkreung buru buru nguliwed ka hiji rungkun.

Teu lila nu laleumpang katempo beuki deukeut bae. Sihoreng Tua Kampung, Bah Sura, saparakanca nu rek indit ka lembur Cipulus nepungan bapa bapaan Bah Sura. Beuki lila beuki deukeut, kadenge si Jarot jeung si Bungkreung Tua Kampung jeung nu sejen na the keur gegerendengan ngarobrol. Atuh si Jarot jeung si Bungkreung teh ceulina rancung rancung bae ngadarengekeun oborolan eta jalma jalma.

“Mudah mudahan bae bapa bapaan Abah teh bisa mere pitunjuk kamana leungitna Nyi Rukmini,” cek Bah Sura kadenge ngomongna jelas pisan.

Atuh gebeg, si Jarot jeung si Bungkreung nu keur ngarintip teh kaget. Tuluy si Bungkreung ngomong ngaharewos ka si Jarot,

“Cilaka, kakak.. Sihoreng eta jalma jalma teh rek maluruh leungitna Nyi Rukmini.. Aneh nya, kakak.. Geuning bisa leungit.. Pan harita teh sidik layon Nyi Rukmini teh ngagoler di buruan.. Nya basa harita ditubles ku si Gondel tea.. Sigana aya jalma lian salain ti urang kakak..” cek si Bungkreung ngaharewos.

“Enya, bener.. Dewek geh heran.. Tapi nu ku urang kudu leuwih waspada mah, bisi rusiah urang kabongkar.. eta matak cilaka.. Jadi urang kudu geuwat geuwat ingkah ti lembur ieu..” jawab si Jarot, manehna geh sarua ngaharewos, bari manehna terus manco ka Pa Tua Kampung saparakanca anu ayeuna laleumpangna geus beuki jauh.

“Enya atuh, kakak.. Meumpeung Bah Sura na inidit, ayeuna urang kudu buru buru nyampeur ka Ambu Suri..” cek si Bungkreung.

Satuluyna si Jarot jeung si Bungkreung katempo nangtung ati ati, tuluy kaluar ti panyumputan na. Saterusna buru buru duanana laleupang rek nepungan Ambu Suri.

 

Ari Ambu Suri saditinggalkeun na ku Bah Sura katempo manehna siga nu teu puguh lampah. Kieu salah kitu salah. Hatena seseblakan, deg degan, bangun anu loba kasieun.

“Beu aing kudu kumaha? Lamun sampe kanyahoan yeun aing nu boga codeka anu ngalantarankeun leungitna si Rukmini, aing bisa cilaka. Bisa bisa unggah balewatangan. Can meuereun si Abah geh pasti ngajak pepegatan,” cek gerentes hate Ambu Suri bari ngahuleng.

Keur kitu, tok.. tok.. tok.. kadenge panto dapur aya nu ngetrokan. Atuh renjag Ambu Suri ngarenjag. Jantungna beuki karasa seseblakan. 

“Saha deui nu ngetrokan panto dapur.. Moal jurig mah kitu? Ah tapi da moal ari jurig mah dan tengah poe ngereng ngereng, moal heueuh aya jurig,” Cek gerentes Ambu Suri.

Sora nu ngetrokan panto dapur kadenge deui. Jung Ambu Suri nangtung, keteyep leumpang lalaunan ka dapur, terus ngadeukeutan panto. Ambu Suri rek noong, tapi ragu ragu. Katempo manehna teu puguh laku, maju mundur, maju mundur teu puguh.

“Saha nya, moal jalma jahatmah..?,” Ambu panasaran. Rek nanyakeun teu wani. Bisi di luar teh lain manusa, cek fikirna.

Ari nu ngetrokan panto sihoreng teh si Jarot jeung si Bungkreung anu ngahaja rek nagih duit ka Ambu Suri lantaran geus hasil ngalaksanakeun tugasna mateni Nyi Rukmini. Maranehna ngahaja jaralan ka tukang da kahareup mah teu wani dan bisi aya jalma nu nganyahoankeun.

“Kumaha, kakak.. Geuning teu daek dibuka pantona..?,” cek si Bungkreung.

“Gedoran deui katarik,” Si Jarot mere parentah.

Teu talangke Si Bungkreung nyokot batu tuluy dipake ngagedoran panto, meni kadenge tarik pisan. Atuh ngadenge pantona digedoran beuki tarik itu, Ambu Suri beuki sieun samar polah. Fikirna boa boa bener rampog nu rek niat jahat, ceunah. Antukna Ambu Suri malah nyempod di juru dapur. Hatena beuki seseblakan, jantungna deg degan.

Si Jarot jeung si Bungkreung ngarasa seueul. “Teu dibuka keneh, kaka.. Dobrak bae sugan pantona,” cek si Bungkreung.

“Ke heula sabar.. Lamun panto didobrak mah malah jadi masalah ngkena..,” jawab si Jarot.

“Tuluy kumaha atuh, kakak..?”

Si Jarot teu ngajawab, tapi tuluy ngageroan Ambu Suri. “Ambu..! Ambu..! ieu kuring si Jarot.. Buka pantona.. Kuring datang rek nagih janji,” cek si Jarot rada nyorowok.

Ngadenge sora si Jarot anu ngageroan manehna, Ambu Suri kaget, manehna karek inget kana janjina ka si Jarot.

“Beu.. Si Jarot etamah.. rek nagih duit sigana mah..” cek gerentes Ambu Suri. Manehna ketmpo hulang huleng, rek mere duit saperti nu geus dijanjikeun lamun si Jarot hasil mateni Nyi Rukmini, Ambu Suri ngarasa owel.

“Buka, Ambu.. Buka.. Dewek nyaho.. Ambu aya di jero.. Lamun teu dibuka, di dobrak siah pantona,” cek Si Jarot kadenge ngancam.

 Atuh ari ngadenge kitu mah, Ambu Suri reuwas. Saking reuwasna manehna jadi beuki samar polah. Sup kajero balik deui kaluar. Ari si Jarot geus teu sabar, tuluy ngagedoran deui panto. 

“Enya.. Tungguan sakeudeung,” cek Ambu Suri.

Ambu Suri tuluy asup ka tengah imah, sup ka kamer nyokot duit saratus rebu nu geus dijanjikeun ka si Jarot. Geus kitu buru buru kaluar deui ka dapur. Ari panto beuki digedoran tarik ku si Bungkreung.

Teu lila Ambu Suri geus aya di hareupeun panto dapur. Tuluy muka tulakna lalaunan, rekeet panto dibuka. Bareng jeung kitu, si Bungkreung ngaheumbatkeun leungeun na rek ngagedor deui panto. Atuh barang bray teh, beletrak..! Leungeung si Bungkreung jadina nakol tarang Ambu Suri. Goak Ambu Suri ngagoak.. Ambu Suri ngagoak ngarasa nyeri. “Adooow..!” cek Ambu Suri bari nyekelan tarangna.

Si Jarot jeung si Bungkreung reuwaseun. Buru buru duanana menta ngahampura ka Ambu Suri.

“Hampura, Ambu.. Aduh teu dihaja..,” cek si Bungkreung bari nyengir.

“Nya hampura, Ambu.. Da salah Ambu.. bongan lila pisan muka pantone,” cek si Jarot.

Ambu Suri teu ngajawab, ngan saukur katempo manyun. Tuluy langsung bae nyodorkeun duit sababaraha lembar, jumlahna saratus rebu. “Yeuh.. saperti nu geus dijanjikeun ku kami.. Geuwat kaditu arindit..,” cek Ambu Suri bari nyodorkeun duit.

Si Jarot jeung si Bungkreung meni bungaheun. Diut langsung ditampanan ku si Jarot. “Ha.. ha.. ha.. Nuhun, Ambu.. Sihoreng bener, Ambu mah tara ingkar janji..” cek si Jarot bari nyakakak.

“Enya geus.. guewat kaditu indit,” Ambu Suri ngusir deui, manehna embungeun si Jarot jeung si Bungkreung lila lila aya didinya. Tuluy Ambu Suri rek nutupkeun panto. Tapi geuwat dihalangan ku si Bungkreung.

“Ke heula, Ambu.. ke heula.. Ari mundingna kumaha..? pan Ambu oge janji rek mere munding hiji sewang,” cek si Bungkreung.

Atuh huleng, Ambu Suri ngahuleng. Manehna ngarasa hanjakal janji rek mere munding sagala. Nempo Ambu Suri ngahuleng kitu, pok Si Bungkreung ngomong deui.

“Nya ari Ambu mbung mere sih teu nanaon.. Tapi ku kuring bakal diebarkeun yeun Ambu nu nitah mateni Nyi Rukmini,” cek si Bungkreung ngancam.

Atuh gebeg, Ambu Suri ngagebeg. “Jih.. atuh ulah kitu, ujang.. Ambu mah ngahuleng teh lain mbung mere.. Tapi Ambu keur mikir supaya aman.. Kumaha lamun kieu, munding mah ke peuting bae dicokotna, ambih aman euweuh nu curiga,” cek Ambu Suri, alesan.

“Nya teu nanaon kuring mah.. Tapi ulah coba coba ngabohong.. Awas bae lamun Ambu ngabohong..,” cek Si Bungkreung ngancam deui.

“Nya moal atuh, ujang.. Pan ayeuna geh Ambu teu ngabohong.. Geus ayeuna mah geuwat arindit heula.. bisi aya batur nu ningalieun.. Geuwat kaditu,” jawab Ambu Suri bari nitah deui ka si Jarot jeung si Bungkreung supaya arindit.

Ari geus kitumah si Bungkreung jeung si Jarot geh teu loba omong deui, tuluy arindit.

Sanggeus si Jarot jeung si Bungkreung arindit mah, Ambu Suri buru buru asup bari nutupkeun panto meni ngajeblug. Ambu Suri gugulunuk, “hadeuuh.. rugi gede aing ari kieu mah, nya kaluar duit, nya kudu mere munding teu paruguh,” cek gerentes hate Ambu Suri.

Tapi teu lila kitu na teh, karek sabaraha leumpang sabaraha lengkah, ujug ujug Ambu Suri katempo ngabelenyeh seuri sorangan, “ lah.. Aing boga akal kumaha carana sangkan munding ulah sampe pindah leungeun jadi kapimilik ku si Jarot jeung si Bungkreung.. Lamun dina kapaksa geh, eta munding kudu matak jadi cilaka ka maranehna duaan,” cek gerentes hate Ambu Suri. 

Saterusna Ambu Suri buru buru nulakan panto hareup, jeung nutupan jandela, geus kitu gejlig Ambu Suri indit lewat jalan dapur.

Sihoreng Ambu Suri teh ngadon ka kendang munding. Breh mundingna aya 2 ditalian dina kandangna katempo baradag pisan. Ambu Suri ngagerentes dina hatena. 

“Huh eta munding aing meni baradag kitu, owel lamun dibikeun kitu bae ka si Jarot jeung ka si Bungkreung mah,” ceh dina hatena bari panon na mah manco kana munding inguan na nu keur ngagayeman jukut.

Ambu Suri luak lieuk siga aya nu di teangan. Breh dina hiji tangkal katempo aya gaang keur ngadaplok dina daun. Pas marengan na teh aya dua pisan sajodo. Ambu Suri ngabelenyeh seuri. Terus keteyep keteyep leumpang lalaunan ngadeukeutan eta tangkal, maksud na mah rek newak gaang. 

Bari leumpang, panon n amah mencrong terus kana gaang. Teu sadar dihareupeun na aya lombang paranti cai koco. Barang ngalengkah atuh gebrus, Ambu Suri malah tigebrus kana koco. “Aduuh..! Jadol teh,” cek Ambu Suri reuwas, pas hudang baju jeung beungeutna gogolopot ku cai koco.

Ambu Suri tuluy hudang deui bari gugulunuk sorangan. Terus ngusap beungeut anu lambokot ku cai koco. Atuh lain bersih malah kalah beuki lamedok.

Ambu Suri geus teu mirosea deui kana awak jeung beungeutna anu kalotor. Na fikirna kumaha carana supaya munding salamet ulah sampe pindah leungeun jadi kapimilik ku si Jarot jeung si Bungkreung. Atawa lamun kapaksa geh, eta munding kudu matak cilaka ka maranehna duaan. 

Ambu Suri tuluy ngadeukeutan deui eta tangkal nu aya gaangan. Akhirna mah anjog. Tuluy grep grep, eta gaang ditewak ku manehna. Belenyeh Ambu Suri seuri. “Beunang oge akhirna mah,” Cek Ambu Suri, bari tuluy leumpang deui ngadeukeutan kendang munding.

Sanggeus anjog, tuluy Ambu Suri ngasupkeun gaang kana ceuli munding duanana. Gideg gideg katempo mundingna gigideg. Geus kitu Ambu Suri indit deui bari sura seuri sorangan. “Aman ayeuna mah.. Dina dicokot ku si Jarot jeung si Bungkreung geh, duanana pasti cilaka diteunggar munding, sabab mundingna pasti ngamuk, “ cek gerentes hate Ambu Suri bari terus leumpang.

Tapi karek geh sabaraha lengkah, ujug ujug borobot kadenge sora anu ngaborobot di tukang. Ambu Suri kaget, ngalieuk ka tukang. Ana breh teh katempo kendang mundingna geus rujad sabab mundingna ngamuk, babadug. Tihang kandangna diteungar.. Borobooot..! kadenge ngaborobot, tuluy rubuh.

Munding bener bener ngamuk, panon na mencrong ka Ambu Suri siga nu hayang neunggar. Ambu Suri reuwas, jeung sieun kabina bina. “Waduh cilaka.. Geuning ngamukna ayeuna?,” cek Ambu Suri.

Saking ku sieun na, Ambu Suri akhirna ngaberengbeng kabur. Ari munding siga nu ngarti, deregdeg ngudag Ambu Suri. Ambu Suri beuki sasah, lumpat ti buburanjat kabur  diudag udag munding. “Tuluuung..! Tuluuung..! Aya munding edan.. Tuluuung..” cek Ambu Suri.


Di lajeng ka eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng