Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih (Kajeun Ajur Tutumpuran) Bagian 3
Karangan Kang Abun Burhanudin
Kapten Soma jeung sababaraha urang anak buahna geus aya di luar. Tapi kabehan na kaget lantaran Nyai Kembang, musuhna, geus euweuh di dinya. Padahal jelas sarera geh nempo musuhna beunang katembak ku bedil Kapten Soma.
“Kurangajar..! Si goblog teh masih keneh bisa kabur..,” cek Kapten Soma, ambek.
“Teangan teangan..! Moal mungkin geus jauh..;” Parentah Kapten Soma ka anak anak buahna.
Teu kudu nunggu dua kali parentah, sakabeh anak buah kapten Soma nyebar neangan Nyai Kembang. Unggal rungkun disruksruk. Unggal tempat diaprak. Tapi lebeng Nyai Kembang teu kapanggih.
“Aneh.. Kamana eta kaburna.. Asa pamohalan bisa kabur jauh,” cek salah saurang anggota KNIL, anak buah Kapten Soma.
“Enya kumaha urang laporan ka Kapten Soma.. Lantaran manehna pasti ambek ambekan,” cek nu salah saurang deui ngarasa bingung.
Ari Nyai Kembang, sihoreng teh keur nyumput di luhur hiji tangkal. Lengeun katuhuna nyekelan tatu dina punduk kurut katembak ku Kapten Soma. Ari dihandapeun na katempo aya tilu urang KNIL keur cungas cengos ngawaskeun ka unggal tempat, neangan Nyai Kembang. Nyai Kembang taki taki ngawaskeun ti luhur ka eta jalma nu tiluan.
Clak..! keur kitu getih Nyai Kembang ngeclak ka handap. Plok..! pas kaparengan ngeclak na teh kana palebah pipi salah saurang KNIL.
Si Kenil nu kakeclakan getih reuwas. Karasa ku manehna aya nu baseuh baseuh dina pipina. Tuluy diragap. Barang diilengan, sihoreng teh geti. Gorowok eta KNIL ngagorowok.
“Aya di luhur..!,” ceunah. Bari manehna tuluy ngangkat bedilna ditembak tembakeun ka luhur tangkal.
Nu sejen na kaget. Tuluy babarengan maranehna geh nembak nembakeun bedil ka luhur tangkal.
Jeger..! jeger..! Jeger..! kadenge sora bedil pating jeleger.
Nyai Kembang reuwas. Buru buru manehna luncat pindah ka tangkal nu sejen nyalametkeun diri. Tapi bareng jeung kitu, manehna geh ngaleupaskeun serangan balik ngalung ngalungkeun senjata rahasia kembang malatina.
Clep..! clep..! clep..! Tilu urang KNIL tadi kabeunangan ku senjata Nyai Kembang. Kabehan na langsung ting jalporak.
Ari sora bedil tadi ngagareuwahkeun KNIL KNIL nu sejen na. Malahmah ku Kapten Soma oge kadengeun. Teu lila burudul jalma jalma daratangan ka tempat eta, kaasup Kapten Soma oge datang. Tapi barang anjog, Kapten Soma oge kaget. Lantaran tilu urang KNIl nu ngaluarkeun tembakan tadi geus pating jaloprak teu nyawaan. Na beuheung kabehan na katempo nanceb kembang malati.
Kapten Soma ambek ambekan, “Kurangajar..! Sihoreng nu nyusup teh Nyai Kembang.. Teangan ulah sampe leupas..!,” cek Kapten Soma ambek, bari tuluy mere parentah ka anak buahna supaya ngaprak deui ka unggal tempat neangan Nyai Kembang.
Atuh KNIL KNIL anak buahna langsung pada nyebar deui nareangan Nyai Kembang. Unggal tempat diaprak, unggal rungkun disruksruk deui.
Sabot para anggota KNIL keur pating alasruk nareangan Nyai Kembang, aya hiji bayangan bodas anu keur kokolebatan ngabelesat tina hiji tangkal kana tangkal anu sejen na. Gerakan na kacida cepetna nutur nutur Nyai Kembang. Tuluy les eta bayangan ngiles dina hiji tangkal, teu jauh tina tempat panyumputan Nyai Kembang.
Ari Nyai Kembang geus ngarasa awakna beuki lemah. Tatu dina pundukna beuki karasa nyanyautan. Leng.. leng.. sirahna karasa ngubeng. Tetempoan mulai kararoneng. Nyai Kembang geus bener bener teu tahan. Akhirna kalayang, awakna ngalayang. Brug..! ragrag kana taneuh. Kadenge sorana ngagedeblug tarik pisan.
Sora awak Nyai Kembang anu ragrag, kadengeun pisan ku sababaraha anggota KNIL anu keur aya teu jauh ti tempat eta. Ret.. kabehan na ngalalieuk ka palebah datangna sora.
Breh.. aya bayangan hideung teu pati jelas keur ngajoprak dina taneuh (Di Eps sateuacan na, Nyai Kembang keur nyamar nganggo pakean KNIL anu sing sarua hideung)
Para angota KNIL eta buru buru lalumpatan nyalampeurkeun ka Nyai Kembang nu keur ngajoprak. “Caangan..! caaangan..! ieu batur urang ta jalma nu nyusup tadi,” cek salah saurang.
Cekes..! Salah saurang baturna buru budu ngahurungkeun paneker tuluy disundutkeun kana dangdaunan anu pabalatak dina taneuh. Gur.. seuneu hurung. Kayaan jadi caang.
Breh.. Rupa Nyai Kembang ayeuna mah katempo jelas. Kabehan kaget. Salah saurang langsung ngagorowok tarik pisan. “Penyusup beunang..! Penyusup beunang..!,”
Sora prajurit KNIL anu ngagorowok kadenge aweuhan kamana mana. Ku Kapten Soma oge kadengeun. Atuh berengbeng.. Kapten Soma jeung nu sejen na lalumpatan ka arah datangna sora.
Teu lila Kapten Soma jeung nu sejen na geus aranjog. Breh ku kabehan katempo aya saurang jalma keur ngajoprak make pakean seragam KNIL.
“Geus dipariksa ku ilaing..? Eta penyusup ta batur urang keneh..?” tanya Kapten Soma.
“Atos, Kapten.. Mangga bae tingal laungsung ku Kapten.. Eta jalma penyusup.. Sanes anggota urang,” cek KNIL anu tadi ngagorowok.
“Alus..! Aluuus..! Geuwat borogod.. Bawa ka Markas.. Waka dipaehan.. Dewek hayang nyiksa heula ka seubeuh,” cek Kapten Soma mere parentah.
“Siap, Kapten..!” tembal salah saurang anak buahna, bari terus ngaluarkeun tambang rek dipake ngaborogor Nyai Kembang.
Tapi karek geh eta jalma dongko rek nalian leungeun Nyai Kembang, ujug ujug kolebat aya bayangan bodas ngabelesat ka palebah KNIL nu rek ngaborogod Nyai Kembang.
Buk..! Buk..! Koceak eta KNIL ngoceak, gubrag ngagubrag.
Wuuuus..! Eta bayangan bodas ngabelesat deui, tuluy les leungit. Bareng jeung ngabelesatna bayangan bodas, awak Nyai Kembang oge ngiles. Sigana mah disamber ku nu ngolebat tadi, tuluy dibawa kabur.
Kapten Soma jeung nu sejen na arolohok, lantaran gerakan nu tadi kacida cepetna teu bisa dituturkeun ku mata. “Haramjadah..! Sihoreng aya baturna..” cek Kapten Soma, disangka na mah Nyai Kembang the ditulungan ku baladna.
Ari para KNIL anak buahna masih keneh pada arolohok. Kapten Soma ambek. “Naha siah ngajaredog bae. Geuwat arudag..!” Parentah Kapten Soma bari jeung ambek. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun deui kaayaan Bah Ruslan anu sarua keur diudag udag ku tantara KNIL anak buah Sersan Sambas. Harita Bah Ruslan terus lumpat bebelecetan ka beulah kaler, diudag udag ku para anggota KNIL anak buah Sersan Sambas.
Jeger..! jeger..! kadenge sora bedil pating jeleger ngahujanan ka palebah Bah Ruslan anu keur lumpat kabur.
Hieng..! Hieng..! Kadenge ku Bah Ruslan pelor bedil pating harieng ting serepet kampir bae keuna kana awak manehna. Untungna Bah Ruslan tetep rancingeus luncat ka kaenca luncat ka katuhu bari terus lumpat.
Ngan sial, sihoreng lumpatna Bah Ruslan teh kalah muru ka hiji gawir. Bah Ruslan rewuas, buru buru manehna nahan lumpatna. Reg manehna eureun. Keur kitu ditukangeun na aya tilu urang anggota KNIL nyuruduk ngudag. Bah Ruslan kaget deui bae. Jelepung luncat. Ari KNIL nu tiluan malah labas. Atuh gorobas.. Gebrus tiluan nana ting galebrus kana jurang.
“Tuluuuung..! Tuluuung..! Tuluuuung..!,” tiluan nana kadenge ngoceak tulung tulungan.
Ari Bah Surlan geus nangtung ajeg deui dina lemah. Bareng jeung kitu, burudul anggota tantara KNIL nu sejen na daratangan, langsung narodongkeun bedil ka Bah Ruslan. “Nyerah, siah.. Mun teu nyerah ditembak siah ku aing..,” cek Sersan Sambas nitah ka Bah Ruslan nyerah.
“Ulah ngimpi siah, ajing anjing walanda.. Daripada dewek kudu nyerah, mending ajur tutumpuran,” lembal Bah Ruslan geus euweuh kasieun.
Ngadenge kitu, Sersan Sambas kacida ngarasa ambek. Tuluy mere parentah ka anak buahna, “Tembaaaaak..!,” Sersan Sambas mere parentah ka anak buahna supaya narembak Bah Rusalan.
Atuh sakabeh anak buah Sersan Sambas langsung nararik pelatuk bedilna. Tapi samemeh bedil ngarasada, sakliat Bah Ruslan ngajelepung ka luhur, bari ngalungkeun senjata na mangrupakeun tali, ret.. ret.. ret.. Sababaraha urang kenil kajiret beuheungna.
Pas sora bedil kadenge ngajeleger, Bah Ruslan geh bareng narik tali anu geus ngajiret kana beuheung sababaraha urang anggota KNIL.
Atuh barang jeger teh, lain Bah Surlan nu kabeunangan, tapi anggota anggota KNIL anu ditarik beuheungna ku Bah Ruslan. Sapadaharita anggota KNIL anu beunang katembak ku baturna sorangan pating galubrag garuyang getih.
Nempo kajadian kitu, anggota anggota KNIL nu sejen na carolohok. Eta kajadian memang asa teu asup akal.
Dina kaayaan kitu, Bah Surlan teu nyia nyiakeun kasempetan. Sabot musuh musuhna carolohok, manehna ngubat ngabit tambang na dipake ngajebredan KNIL KNIL anu aya dihareupeuna.
Ceter..! Ceteeeer..! Ceteeer..! Sababaraha urang anak buah Sersan Sambas kabeunangan ku serangan Bah Ruslan.
Koceak..! kadenge pating koceak terus brag brug rarubuhan. Ani salamet katempo undur unduran sieun. Sedengkeun Bah Surlan terus ngobat ngabit tali ngahantaem saha bae anu deukuet jeung manehna.
Sersan Sambas ngarasa ambek, nempo anak buahna kalah loba nu mundur. Gorowok.. Sersan Sambas ngagorowok. “Naha siah.. Kalah malalundur.. Hayo serang deui..!,” cek Sersan Sambas, bari maneh na geh mundur saeutik sautik ngajauhan.
Atuh najan sieun geh, ari diparentah ku atasan mah, para anggota KNIL maraju deui. Ayeuna mah maranehna nyebar ngulilingan Bah Surlan. Tapi kaayaan kitu justru kalah nguntungkeun pikeun Bah Surlan mah. Samemeh para anggota KNIL narembakeun bedilna, Bah Suralan ngajalepung deui ka luhur bari muterkeun tali anu dicepengna. Ret.. Ret.. Ret.. Sababaraha anggota KNIL kajiret beuheungna. Terus tali ditarik ku Bah Surlan. Tolonjong tolonjong para anggota KNIL nu kajiret tatarolonjongan, bareng jeung kitu leungeun kenca Bah Surlan nyabut bedog.
Cras.. Cras.. Cras.. Saurang saurang anggota KNIL keuna ku sabetan bedog Bah Surlan. Kadenge pating koceak bari blag blug rarubuhan.
Atuh nempo kajadian kitu mah batur baturna pada malundur deui sarieuneun. Ari Bah Surlan bener bener siga kasurupan, nempo kitu teh manehna siga bagong bayangan ngobat ngabit tali ngahantem saha bae anu aya deukuet manehna.
“Tobaaat..! Ampuuun…! Tobaaaat..!,” cek Anggota anggota KNIL anu kabeunangan deui ku serangan Bah Surlan.
Ngan hanjakal dina kaayaan kitu, teu kanyahoan timana datangna, ujug ujug murudul anggota KNIL sejen bari dar der dor narembakeun bedil bedilna.
Bah Surlan anu teu nyangka bakal aya kajadina ngadadak kitu teu aya waktu pikeun ngahindar. Jeder.. Salah sahiji pelor bedil keuna kana leungeun katuhun na nu keur nyekel tali. “Aduuuh..!” cek Bah Surlan ngomong aduh. Teeer.. Leungeun karasa komper. Pluk tali murag.
Jeder.. pelor KNIL nu sejen na beunang kana walikat Bah Surlan. Dayagdag.. dayagdag.. Bah Surlan dadayagdagan.
Jedeer..! aya pelor bedil nu ngahantem kana tonggongna. Solontor.. solontod..! Bah Surlan beuki sosolontodan.
Keur kitu, aya salah surang anggota KNIL nu karek datang luncat ka hareupeun Bah Surlan, bari jeung tatapasini brees.. manehna nojoskeun bayonet kana dada Bah Surlan.
Soloyong.. Brug.. Bah Surlan rubuh, sakujur awakna pinuh ku getih. “Allahu Akbar..!,” cek Bah Surlan ngucapkeun Allahu Akbar, bari sorana rada pegat pegat. Cekleuk.. Bah Surlan ngaleupaskeun nyawa.
Nempo musuhna geus rubuh guying getih bari jeung euweuh nyawaan, ger para kompeni surak eyak eyakan.
Ari sersan Sambas nyampeurkeun ka para anggota KNIL anu karek daratang. Sihoreng maranehna teh anggota KNIL pasukan Sersan Jubeh anu daratang kadinya kulantaran aya tanggara bahaya tea.
“Nuhun.. Nuhun.. Untung aranjeun geuwat daratang.. Ieu jalma linghas pisan hese dirubuhkeun na,” cek Sersan Sambas nganuhunkeun.
“Sami sami sersan.. Ieu geus tugas urang saling bantu.. Saterasna kuring nunggu parentah,” cek salah saurang KNIL anu jadi pimpinan na.
“Bawa bangke eta pemberontak ka Markas.. Terus wayahna ka nu jaragjag.. bantuan batur urang nu carilaka.. Nu geus tews, kuburkeun di tempat ieu,” parentah Sersan Sambas ka anak buahna.
“Siap, laksanakan perintah, Sersan..,” cek anak buahna.
Satuluyna anak buah Sersan Sambas dibantu ku anak buah Sersan Jubeh ngarurus batur baturna anu taratu parna. Anu geus paeh, dikubur langsung di tempat eta.
Sanggues beres kabeh baralik ka markasna. Dua urang diantara manehna katempo ngagotong layon Bah Surlan rek disetorkeun ka Kapten Soma. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang caturkeun kayaan di hiji lembur ngarana lembur Cipeuteuy. Eta lembur teu pati jauh ti Lembur Cikawung, ngan saukur kahalangan ku hiji pasir.
Di lembur eta aya hiji pasantren, pernahna rada mencal ti pamukiman warga. Ari nu boga pasantren na ngarana Mama Ajengan Sodiq, gaduh putra hiji anu nami Den Arif. Ari garwa n amah tos maot sababaraha tahun katukang basa aya karusuhan bangsa pribumi jeung walanda. Waktu harita lembur Cipeuteuy kacaritakeun pernah di duruk ku para tantara KNIL.
Harita kira kira wanci janari, Mama Ajengan Sodiq nembe ngalaksanakeun shalat tahajud, saterasna anjeuna wirid meni khusu. Dina kaayaan anjeuna nuju wirid, Mama Ajengan ujug ujug hiuk aya angin ngagelebug kadenge pating saleor. Tatangkalan pating pelenod, dang daunan rabeng. Terus disusul ku ayana sora tan katingalan. Eta sora ngan kareungeu ku Mama Ajengan bae. Kieu unina.
“Sing ati ati, ajengan.. Kuring beja yeun teu lila bakal aya kajadian anu ngalantarankeun jalma jalma lalumpatan ka leuwung, barudak orok dipiceun, akia ki, nini nini geus moal aya hargana,” cek sora tan katingalan, satuluyna ret angin geh eureun.
Ngareungeu kitu, Mama Ajengan meni ngarenjag kaget, Astagfirullahal adziim.. Bakal aya kajadian naon deui ieuh..,” cek gerentesna.
Mama Ajengan ngadeg, leos anjeuna kaluar ti kamerna. Satuluyna Mama Ajengan nepungan putrana, Nyaeta Den Arif tea, anu keur kadangu ngaos di kamerna. Ketrok ketrok.. Panto kamer Den Arif diketrokan ku Mama Ajeungan.
“Ujang.. ujang.. Kadieu sakeudung.. Mama aya picaritaeun..,” saur mama Ajeungan Sodik ngagentraan Den Arif.
Den Arif anu keur ngaos kapaksa liren heula. “Mangga, Mama..” tembal Den Arif.
Saterasna Den Arif nyimpen Quran, teras kaluar mendakan ramana. “Bade aya pikersaeun naon, Ama?,” tanya Den Arif.
“Mama aya piobroleun saeutik.. Hayu urang ngobrolna di tepas bae..,” cek Mama Ajengan bari tuluy mapah ka tepas. Ku den Arif diturukeun.
Saanjogna di tepas, duanana dariuk. “Kumaha, ama.. Abdi mah asa rareuwas kieu..,” Cek Den Arif.
“Enya.. Memang ama mawa beja kurang hade.. Tapi teu kudu reuwas.. Anggur mah leuwih pantenkeun deui kaimanan ka Allah.. Sabab eta anu bakal ngalindungan ka urang,” cek Mama Ajengan.
Den Arif unggut unggutan. Ari Mama Ajengan terus pok ngomong deui. “Kieu, ujang.. Tadi waktu Ama keur wirid, ama meunang ilapat.. Yeun bangsa urang bakal meunang karerepet.. Duka karerepet na mah naon.. Ama geh teu apal.. Tapi maksud Ama ayeuna ngabejaan hidep, supaya hidep teu cicingeun.. Geura indit tepungan batur batur hidep saperjuangan.. Caritakeun beja ti ama ka maranehna..,” cek Mama Ajengan Sodiq.
Den Arif ngahuleng sakeudeung. Teu lila manehna ngomong, “ Tapi kumaha, pan urang enjing teh tos gaduh janji, Ama.. Bade ngalamar Nyimas Kurniasih kanggo pibojoeun abdi tea..,” cek Den Arif.
“Enya.. Mama geh teu poho.. Tapi ayeuna kaayaan darurat.. Keun soal ngalamar mah urang tunda heula.. Engke Ama anu nyarita Bah Surlan na mah.. Kapentingan umum leuwih penting ti kapentingan urang pribadi..,” Cek Mama Kyai.
Ngadenge kitu, Den Arif sabenerna mah ngarasa rada beurat hatena. Lantaran geus lila manehna boga kahayang ngahiji jeung Nyimas Kurniasih teh. Tapi da dalah dikumaha, manehna kudu leuwih nurut kana parentah kolotna. Akhirna mah kapaksa Den Arif nurutkeun kana parentah Mama Ajengan.
“Mangga atuh pami kitu mah, Ama.. Ayeuna keneh abdi bade angkat..,” tembal Den Arif.
“Bral, ujang.. Ku Ama didoakeun.. kade sing ati ati di jalan.. Terus ulah poho yeun nu ngusik malikeun urang teh mung mantena, gusti Allah,” cek Mama ajengan.
“Sumuhun, Ama.. Insya Allah sadaya amanat Ama bakal dilaksanakeun ku abdi..,” cek Den Arif.
Satuluyna Den Arif asup ka kamerna tuluy disalin pakean, make baju pangsi sing sarua hideung. Ari dina palebah dadana aya gambar manuk gagak. Sihoreng eta teh baju anu jadi tanda pasukan Gagak Seta.
Sanggeus disalin, Den Arif kaluar terus pamitan deui ka ramana. Sanggeus munjungan, Den Arif tuluy indit kaluar.
Teu kungsi lila, Den Arif geus aya di luar, rada jauh ti lingkungan pasantren. Reg Den Arif eureun. Tuluy manehna susuitan. Teu lila sanggeus Den Arif susitan, kurunyung aya hiji kuda nyampeurkeun. Jleng..! Den Arif luncat kana tonggong kuda. Belecet kuda lumpat meni jojorelatan. Cag urang tunda heula.
Ayeuna urang kocapkeun kaayaan di hiji tempat, persisna mah di hiji guha, anu pernahna aya di hiji leuweung gelendengan. Eta guha kayaan na meni lega. Aya hiji ruangan anu lumayan gede, siga bae mun ayeuna mah ruangan tempat rapat.
Harita di jero guha loba jalma nu keur ngarariung. Sakabehna make pakean sing sarua hideung. Ari dina dadana aya gambar gagak. Sarua pisan jeung pakean anu dipake ku Den Arif. Sihoreng guha ieu teh markas Pasukan Gagak Seta.
Kadenge aya tilu urang jalma nu keur mere lapran ka pimpinan pasukan Gagak Seta anu ngaran Darma Seta.
“Manawi kitu, Pimpinan.. Poe isuk teh bakal aya rombongan Menir Edwar, gegeden walanda, ti Banten. Malah jalma jalma lembur dipaksa kudu nyambut kadatangan manehna,” cek salah saurang, anu ngaran Romli.
Darma Seta anu jadi pimpinan eta pasukan unggut unggutan. “Alus.. Ieu beja penting pisan..,” jawab Darma Seta.
“Saterasna rencana urang kumaha, pimpinan..” tanya nu saurang deui anu katelah Darminta.
“Ke kawula can bisa mere keputusan.. Lantaran kawula kudu Badami heula jeung Den Arif, anu ku kawula geus diangkat panglima.. Rarasaan kawula, Den Arif ayeuna keur aya di perjalanan keur nuju kadieu,” cek Darma Seta.
“Teu pindo damel.. Kuring sadaya, nurut ka na parentah pimpinan,” cek Darminta.
Teu kungsi lila kadenge aya sora kuda hihiem. Darma Seta jeung nu sejen na langsung curinghak. “Tah Den Arif geus datang,” cek Darma Seta.
Ngendek sakeudeung Den Arif mucunghul, tuluy katempo dongko mere hormat ka pimpinan. Ku Darma Seta dibageakeun. “ Syukur, Aden.. Aden datang tepat pisan waktuna.. Sok diuk aden.. Urang cuang nyawalakeun rencana isukan,” cek Darma Seta.
Sanggeusna Den Arif diuk di sagedengeun Darma Seta, terus Darma Seta nyaritakeun beja anu dibawa ku anak buahna ngeunaan bakal liwatna Menisr Edwar poe isuk.
“Kumaha rencana urang, Aden?,” Tanya Darma Seta.
“Ari abdimah kumaha pimpinan bae.. Abdi taat kana parentah pimpinan..,” jawab Den Arif.
“Nya alus atuh.. Ayeuna kawula marentahkeun ka kabehan.. Siapkeun pasukan jang poe isuk.. Langsung pimpin ku Den Arif, Serang rombongan Menir Edwar.. Tapi kahade, ulah sampe ngabahayakeun ka warga,” cek Darma Seta mere parentah.
Anu hadir ngaromong siap, saur manuk. Cag urang tunda heula.
Ayeuna kocapkeun deui Nyai Kembang anu keur dibawa kokolebatan ku hiji jelma anu make pakean sing sarua bodas. Sampe di hiji tempat, reg eta jalma eureun. Cag ngecagkeun Nyai Kembang dina jukut. Cadar nu dipake ku Nyai Kembang tuluy dibuka. Barang breh nempo pisan eta jalma kaget. Lantaran karek apal nu ditulungan ku manehna teh saurang awewe.
“Ney… ney… ney.. ney.. Ternyata nih orang perempuan..” cek eta jelma anu sihoreng teh tina cara ngomongna mah siga urang walanda. Eta jalma terus neuteup teleb ka Nyai Kembang, alias Nyimas Kuriniasih.
Di lanjeng ka eps salajengna.
Hadir nyai
BalasHapus