Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih ((Kajeun Ajur Tutumpuran) Bagian 2

 Karangan Kang Abun Burhanudin

Bah Surlan terus lumpat gogorobasan luluncat tina hiji rungkun kana rungkun sejen na. Disusul ku pating berebetna bedil anggota KNIL anu ngudag ti tukang. Tapi Bah Surlan sihoreng bener bener asak rancingeus, luncat ka kenca, luncat ka katuhu, ngahindaran pelor bedil anu pating belesat ngincer awakna. sakapeung luncat  kana hiji dahan tuluy ngagulayun luncat deui ka dahan nu sejen na, estu ngagunakeun gerakan nu kacida cepetna, sampe teu bisa dituturkeun ku mata, terus les miles deui dina hiji rungkun.

Para KNIL kacida bener bener dijieun ripuh, teu sanggup ngimbangan karancingeusan Bah Surlan. Pok pimpinan na anu ngaran Sambas mere parentah ka anak buahnya.

“Jadol.. Eta jalma bener bener siga belut.. Hese pisan ditewak.. Geuwat menta bantuan ka pasukan tilu,” cek pimpinan KNIL anu ngaran Sambas.

“Siap, Lentan..” tembal salah saurang anak buahna.

Tuluy eta jalma ngarahkeun hiji alat kaluhur, bentukna katempo siga moncong bedil, tapi ieu mah ukuran na rada pondok. Geus kitu eta kalma neken pelatuk. 

Wuuus.. ! Tina moncong eta alat kaluar api. Beledug kasada ngabeledug di jomantara. Bray di jomantara api katempo buyar lir kembang api, sakiceup kaayaan katempo caang.

Sihroreng eta kajadian teh mangrupakeun tanda ka pasukan nu sejen na yeun di daerah eta aya musuh. Eta tanda katempoeun ku hiji pasukan KNIL nu sejen na, anu keur boga tugas jaga di beulah kaler.

Nempo kajadian kitu, eta pasukan katempo ribut kat kot nyarokotan bedil masing masing corowok. “Aya musuh.. Aya musuh.. Aya musuh, “ ceunah.

Salah saurang anggota KINIL kelompok eta tuluy ngahadep ka pimpinan na anu keur diuk santai di jero hiji roangan. “Lapor Komandan.. Pasukan dua pimpinan Letnan Sambas mere tanda bahaya.. Pasukan siap nunggu parentah,” cek eta jalma.

Ngadenge kitu komandan eta pasukan anu ngaran Letnan Jubeh, terus mere parentah. “Segera kirim bantuan.. Kamu langsung lanhsung nu pegang kendali.. Sabagian pasukan tetep jaga kaamanan di dieu,” cek Letnan Jubeh.

“Siap.. Laksanakan..!” Cek eta anggota KNIL mere hormat tuluy indit ka luar. Satuluyna manehna nyiapkeun sapuluh urang anak buahna pikeun ilu jeung manehna pikeun ngabantu pasukan dua.

Saterusna sababaraha urang katempo indit ninggalkeun eta tempat muru ka palebah tempat lain anu tadi mere tanggara. 

Ayeuna kocapkeun deui Bah Surlan anu masih diburu ku pasukan KNIL pimpinan Letnan Sambas. Sora bedil masih keneh kadenge pating berebet ditembak tembakeun ka unggal juru ka unggal rungkun. Ari Bah Surlan harita keur nyumput di hiji rungkun teu jauh ti pasukan KNIL.

“Beu.. aya aya bae halangan teh.. Mana aing kudu geuwat anjog ka lembur Cipeuteuy samemeh kabeurangan..” cek gerentes Bah Surlan bari taki taki bisi aya bahaya.

Bah Surlan katempo ngahuleng mikir. Teu jauh ti manehna aya batu sagede kalapa. Kot ku Bah Surlan dicokot. Lung.. tuluy eta batu dialungkeun kana hiji rungkun anu rada jauh ti palebah manehna. Gorobas..! kadenge ngagorobas.

Sihoreng eta batu dialungkeun Bah Surlan teh ngahaja, pikeun ngalihkeun perhatian musuh. Usaha Bah Surlan hasil. Kadenge sora sapatu pating beretek ka palebah rungkun anu ngsada ngagorobas, bari pating dereded narembakeun bedil.

Sanggeus lingkungan tempat anu dipake nyumputna rada aman, Bah Surlan ngarenghap, tuluy cengkat lalaunan. Jleung.. Belesat.. Bah Surlan lumpat ka arah nu sejen. Kadenge sora gogorobasan. 

Para pasukan KNIL anu tadi ngarudag ka tempat sejen kaget ngarasa katipu. “Haram jadol.. Bener bener linghas eta jelma.. Urang kabeh katipu.. Udaaag..!,” cek Letnan Sambas bari mere parenta deui ka anak buahna pikeun ngudag deui Bah Surlan anu kabur deui ka lain tempat.

Cukup sakali komando, para anak buah Letnan Sambas ting beretek ngarudag deui Bah Surlan, bari pating corowok dibarengan ku sura bedil anu pating jeleger. Maranehna ngahaja supaya ngaruntagkeun hate Bah Surlan anu keur kabur. Cag Urang tunda heula.

Ayeuna urang caturkeun heula kaayaan di hiji tempat. Harita katempo aya nu keur kokolebatan lir cahaya koneng, ngabelesat tina hiji pucuk tangkal kana pucuk tangkal lain na. Tuluy reg  eureun dina hiji dahan anu rada jangkung. Sihoreng anu keur jojorelatan teh Nyimas Kurniasih, anu keur salin jinis jadi hiji jawara awewe, anu katelah Nyai Kembang. Panon na katempo seukeut ngawaskeun ka hiji tempat. Kadenge ku manehna hawar hawar sada aya jalma nu keur patinggerendeng. Belesat, Nyai Kembanag ngabelesat ka arah datangna sora.

Kalayang.. Cle.. Nyai Kembang nincak nincah hiji dahan terus nangtung. Elmu hampang ragana geus kacida luhurna. Sampe dahan anu diinjekna teu katempo oyag saeutik eutik acan.

Teu jauh tina tangkal anu dipake cicing ku Nyai Kembang, katempo aya hiji bangunan anu kacida legana. Sakulilingna dipager tembok, anu diluhurna dipasangan cucuk cucukan anu kacida sarekeutna. Sihoreng eta bangunan teh markas KNIL pasukan Kapten Soma.

Ari di saluareun tembok katempo aya sabaraha urang anggota KNIL keur jaraga, make seragam lengkep, jeung parahi nyekel bedil. Harita Nyai Kembang terus ngawaskeun ka eta tempat.

“Aing kudu bisa nyusup ka jero, tapi ulah sampe ngagareuwahkeun,” cek gerentes Nyai Kembang.

Tuluy Nyai Kembang ngolosod turun lalaunan, cle nincak taneuh teu ngaluarkeun sora. Jorelat, terus ngajorelat ka satukangeun hiji batu gede anu aya deukeut tembok. Tuluy ngawaskeun ka palebah jalma jalma nu keur jaraga. Katempo ku Nyai Kembang aya saurang anggota KNIL anu keur misah sorangan.

Kot Nyai Kembang nyokot batu leutik, belewer dialungkeun ka nu keur misah sorangan. Beletak.. beunang pisan kana sirahna. Eta si Anggota KNIL kaget, luak lieuk.

“Kurangajar.. Saha anu nenggor ka aing,” cek eta KINIL, bari luak lieuk.

Beletak..! karasa aya nu ninggang deui. Ayeuna mah karasa kana tonggongna. Eta KNIL kacida ambek. “Haramjadah.. Saha nu wani ngaheureuyan ka aing..?!” ceunah, disangka na mah baturna ngaheuruyan.

Eta KINIL terus culang cileung. Ret ka palebah batu anu dipake nyumput ku Nyai Kembang. Beletak..! Aya nu mabet deui bae. Pas meneran kana tarangna pisan ayeuna mah.

Si KNIL bener bener ambek. “Kurangajar..! Calutak siah.. Hayang dibajeg ku aing,” Si KNIL susumbar. Tuluy manehna ngincig leumpang ngadeukeutan batu anu dipake nyumput ku Nyai Kembang.

Nempo eta KNIL nyampeurkeun, Nyai Kembang buru buru dongko. Barang si KNIl anjog ka palebah dinya, ku Nyai Kembang langsung didudut leungeuna. Tuluy dina gerakan anu kacida cepetna, Nyai leungeun kencana langsung nyamber kana beuheung. Krekek.. Kadenge sora ngerekek. Kulahek, gubrag.. Si KNIL langsung ngagubrag teu walakaya.

Eta kajadian lumangsung kacida cepetna bari jeung teu ngaluarkeun sora, sampe sampe batur baturna euweuh nu apal kana kajadian eta.

Ari si KNIL anu geus teu walakaya, ku Nyai Kembang digusur ka tempat anu poek. Tuluy dilaan baju jeung calana na. Nu disisakeun ngan kolorna bae.  Rap rap satuluyna eta baju jeung calana eta KNIL dipake ku Nyai Kembang. Tulu topina oge dipake. Kop kana bedilna. Sanggues rapi, Nyai Kembang anu geus nyamar make papakean KNIL teh leumpang nyampeurkeun KNIL nu sejen na anu keur ngarariung.

Leumpang Nyai Kembang katempo ngageig meni gagah. Siga bae anggota KNIL anu sabenerna. Barang anjog ka nu ngariung, ujug ujug kadenge sora bel ditabeuh 3 kali. Para anggota KNIL katempo caruringhak kaget, tuluy pating beretek buru buru lalumpatan asup ka jero lawang bangunan. Ngan aya dua urang nu teu katempo asup, sigana mah pas kabeneran bagian jaga. 

Teu lila Nyai Kembang mucunghul. Manehna geh katempo lempat siga para prajurit KNIL nu tadi. Tapi barang rek asup ka lawang, langsung dihadang ku dua penjaga. 

“Saha andika..? Ti pasukan mana?” Tanya salah saurang penjaga.

Nyai Kembang rada reuwas oge. Geus teg bae cek fikirna, manehna pasti dicuriga. Najan Nyai Kembang tetep tenang, tapi bari jeung taki taki. 

Nyai Kembang rada bingung. Lantaran manehna memang teu apal ngaran ngaran pasukan KNIL jeung naon kode na. Atuh nyai Kembang jadina asal engap bae ngomong, sorana dirobah jadi lalaki.

“Dewek ti pasukan Hayam Camani..” jawab Nyai Kembang.

Ngadenge jawaban Nyai Kembang, dua penjaga hulang huleng. “Dewek asa karek ngadenge ngaran pasukan hayam camani.. Aya geh pasukan 1 pasukan 2 pasukan 3” cek salah saurang penjaga.

Ngadenge kitu, Nyai Kembang anu tadina teu apal ngaran pasukan, jadina asa dibere nyaho. Pok manehna langsung ngomong deui.

“Hampura.. hampura.. Maksud dewek, dewek anggota pasukan tilu,” cek Nyai Kembang deui.

“Heueuh bener.. Lamun pasukan tilu aya siah.. Tapis ok sebutkeun kodena naon..?,” tanya si penjaga deui.

Huleng Nyai Kembang ngahuleng deui. “Beu.. Naon kodena.. Aing teu nyaho..,” cek gerentesna bingung.

Tapi keur kitu, Nyai kembang teu kahaja ngarampa kana saku bajuna. Gorehel kacepeng ku manehna aya sabaraha duit kencring. Nyeh Nyai Kembang ngabelenyeh seuri. Kot duit teh dicokot. Tuluy dikencring kencringkeun bari leungeun nu sabeulahna gugupay ka dua penjaga eta.

“Dewek boga rejeki euy.. Silaing harayang teu?, cek Nyai Kembang bari terus ngurincing ngurincingkeun duit.

Ngadenge sora duitmah, Nyai Kembang langsung bae hejo. Duanana paheula heula nyampeurkeun ka Nyai Kembang. Tapi barang geus deukeut.. Kep kep.. Sakilat Nyai Kembang nyamber sirah dua urang penjaga. Duk..! duk..! tuluy didagorkeun sapada baturna. Saking kutarikna eta dua penjaga langsung katurelengan teu bisa ngajerit jerit acan. Kulahek, gubrag. Tuluy katempo pating jalporak.

Sanggeus dua urang penjaga eta rubuh, Nyai Kembang tuluy leumpang asup ka jero ruangan. Breh teh para prajurit geus bararis, ari dihareup Kapten Soma katempo keur mere pengumuman. Nyai Kembang buru buru nyulusup di sela sela para prajurit KNIL.

Kadenge Kapten Soma keur ngomong tarik pisan ngatur siasat jang poe isuk.

“Dengekeun ku maraneh kabeh.. Ieu parentah ti Menir Jensen.. Poe isuk pasukan kudu dibagi dua.. Pasukan hiji dibere ngaran pasukan ruyuk dipimpin ku sersan Damar, boga tugas ngawal iring iringan Menir Edwar.. Sedengkeun pasukan dua, dibere ngaran pasukan heulang, dipimpin ku Sersan Dastim, boga tugas nyusup ngabaur jeung jalma lembur, tugasna nyieun kakacauan..,” cek Kapten Soma.

Eta pengumuman kadenge jelas pisan ku Nyai Kembang anu keur nyamar jadi kompeni. Tuluy kadenge salah saurang anggota KNIL anu ngaran sersan Dastim nanya, 

“Maaf, Kapten.. Simkuring can faham kana tugas nu kudu dilaksanakeun ku simkuring.. Nyuhunkeun dijelaskeun nu langkung jentre deui..,” tanya cek Sersan Dastim.

“Alus alus.. Dewek bungah mun aya nu nanya.. Lantaran berarti ngaregepkeun kana omongan dewek.. Ayeuna regepkeun ku kabehan..,” tembal kapten Soma, kadenge ngomongna meni daria.

“Naon sababna dewek ngabagi dua pasukan, eta parentah ti Menir Jensen, lantara Tuan Menir Jensen dunungan urang, teu panuju ku kadatangan Menir Edwar ti Banten.. Jadi khusus tugas maneh, Sersan Dastim, supaya nyieun kakisruhan.. Pancing para pemberontak supaya nyerang ka rombongan Menir Edwar.. Bila perlu, pasukan maneh sorangan nu kudu nyerang Menir Edwar..” jelas Kapten Soma, terus manehna ngereunan sakeudeung ngomongna, kot kana gelas, tuluy nginum heula. Teu lila pok manehna ngomong deui, ari pasukanna katempo ngaregepkeun meni daria pisan.

“Jadi kucara kitu, Menir Edwar pasti nuduhna ka urang pribumi, khsuusna para pemberontak. Terus usahakeun Menir Edwar kumaha carana supaya katewak ku musuh.. Lamun Menir Edwar bisa sampe katewak, dunungan urang, Menir Jensen, anu bakal naek jabatan jadi residen.. Kaharti..?,” jelas Kapten Soma deui.

Sakabeh anak buahna arunggut unggutan. “Kahartos..! Kahartos.. Kahartos..,” ceunah kadenge saur manuk.

Nyai Kembang anu ngadenge jelas rencana licik Kapten Soma jeung Menir Jensen, kacida ambekna. “Kurangajar.. Bener bener licik, sihoreng Menir Jensen rek ngamanfaatkeun bangsa pribumi jang tujuan pribadina.. Aing kudu bisa nyegah rencana manehna..” gerentes hate Nyai Kembang.

Keur kitu kurunyung dua pengawal anu tadi dirubuhkeun ku Nyai Kembang asup kajero meni harawisweus nyampeurkeun Kapten Soma mere laporan,

“Lapor, Kapten.. Aya saurang mata mata musuh anu nyusup diantara para anggota KNIL..” cek salah saurang penjaga.

Ngadenge kitu, Kapten Soma bener bener ambek. “Kabener siah..!,” Kapten Soma ngabentak.

“Leres, Kapten.. Tadi kuring duaan katipu ku manehna,” cek saurang penjaga nu hijina.

“Dasar goblog.. Ari siah duaan naon gawena,” Cek Kapten Soma, bari jekok jekok ngahaajaran eta dua penjaga. Atuh dua urang penjaga eta jejeritan ampun ampun.

“Ampun, Kapten.. Ampun..,” ceunah cek dua penjaga.

“Halangan panto kaluar.. Dastim.. Pariksa saurang saurang.. Diantara maraneh aya penyusup,” cek Kapten Soma mere parentah ka Sersan Dastim

Teu talangke Sersan Dastim langsung ngalaksanakeun parentah. Sabarabara urang anggota langsung ngajaga lawang nu kaluar. Ari Sersan dasti tuluy mere parentah.

“Kabeh cicing dibarisan.. Teu meunang aya nu indit,” parentah Kapten Dastim.

Nempo kajadian kitu, Nyai Kembang ngarasa reuwas oge. “ Cilaka.. kaayaan aing di dieu geus kanyahoan ku maranehna,” cek gerentes Nyai Kembang. 

Ari Sersan Dastim dibantuan ku Sersan Damar katempo keur mariksa anggota KNIL saurang saurang. Ditempoan beungetna hiji hiji bari ditanyaan kode pasukan na. Beuki lila beuki deukeut ka palebah Nyai Kembang, ngan kahalangan ku dua urang.

Nyai Kembang terus taki taki, jantungna karasa degdegan oge. Barang Sersan Dastim jeung Sersan Damar anjog ka palebah Nyai Kembang, kadenge Sersan Dastim mere parentah.

“Nenggak..!,” Cek Sersan Dasti nitah ka Nyai Kembang nenggak. 

Atuh Jantung Nyai Kembang  beuki deg degan. “Euweuh deui jalan.. Aing kudu nekad nyerang tiheula ka maranehna,” cek gerentes Nyai Kembang.

Tuluy Nyai Kembang lalaunan nenggak rek ngembrehkeun beungeutna. Breh beungeutna katempo ku Sersan Dastim, jeung Sersan Damar. Atuh duanana langsung molongo. Gorowok Sersan Damar ngagorowok, “Penyusuuup..! Tewaaaak..!,” ceunah.

Tapi samemeh aya nu gerak, Nyai Kembang sakilat ngaheumbatkeun leungeuna nyerang ka Sersan Dasti jeung Sersan Damar. Bek..! Bek..! Bek..! Peureup Nyai Kembang keuna kana palipis jeung cukang irung dua sesran KNIL. Koceak duanana ngoceak.. 

“Ampuuun..! Tobaaaaaat..!, soloyong awak Sersan Damar jeung Sersan Dastim nyoloyong. Nyai Kembang teu miceun kasempetan, wuus..! Luncat bari ngagunakeun jurus sajajar. Awakna muih siga panglai, bek..! bek..! Suku sakilat ngahantem sirah Sersan Damar jeung Sersan Dastim. Koceak.. Jungkel duanana ting jarungkel.

Serangan Nyai Kembang lumangsung lir kilat, sahingga gerak jurusna teu katuturkeun ku mata para anggota KNIL, nyaho nyaho dua urang sersan geus tingjarungkel ngagarolepak.

Barang sadar aya kajadian kitu, Kapten buru buru ngagorowok mere komando ka anak buahna. “Kepuuuung..!” Atuh para aggota KNIL anu tadi ngan saukur carolohok kasima, geuwat geuwat nyarangkat bedilna masing masing. Tuluy ningker ngepung Nyai Kembang.

Jeder..! Jedeeer..! Sora bedil ditarembak tembakeun. Tapi Nyai Kembang lain jawara atah atah. Barang ngadenge sora pating jeleger, manehna buru buru luncat kaluhur tuluy salto bari sakilat ngalungkeun ngalungkeun senjata rahasiana ka arah musuh. 

Clep..! cleep..! cleeeep..! Sababaraha urang anggota KNIL keuna ku senjata rahasia Nyai Kembang anu mangrupakeun kembang malati. Aya nu beunang beuheungna, aya nu beunang dadana, aya nu beunang sirahna, jeung leungeuna, kabehan na pating garoak.

“Tuluuung..! Ampuuun..! Tobaaaaat..!” ceunah, bari tuluy ngajaloprak guyang getih.

Ari sora bedil masih terus kadenge pating jeleder. Nyai Kembang ditembakan ti unggal juru. Ari diserang ku cara kitu mah, Nyai Kembang teu wudu ripuh oge. Malah aya salah sahiji pelor bedil anu nyerepet hampir keuna kana iga burungna. Untungna Nyai Kembang masih keneh sempet ngagerelengkeun awakna ka pinggir. Terus buru nangtung deui.

“Bahaya.. Lamun kieu terus carana aing bisa cilaka,” cek gerentes Nyai Kembang.

Karek geh ngarenghap sakeudeung, musuh musuh geus narembakeun deui bedilna, ti hareup ti tukang ti gigir. Jelepung Nyai Kembang luncat bari ngeleupaskeun deui serangan.

Wuuus..! Wuuuuus..! Wuuuuus..! Senjata Kembang Malati Nyai pating belesat ka arah musuh. Clep..! Cleeep..Cleeep..! Sababaraha urang musuh kabareunangan deui pating koceak terus ting jarungkel.

Nempo kajadian kitu mah serangan musuh mimiti kendor. Jleng Nyai Kembang luncat kana luhur tembok. Tapi karek geh cle.. nincek tembok pager.

Jeder..! Kadenge sora bedil nu ditembakeun ku Kaptren Soma, pas meneran beunang pisan kana palebah punduk Nyai Kembang anu beulah kenca. “Aduuuuh..!,” Nyai Kembang ngajerit. Koleaaang katempo awakna ngalayang ragrag ka saluareun tembok. 

Bruuug..! Kadenge sada tibeubeut kana taneuh.

“Udaaaag.. Ulah sampe leupas..!” cek parentah Kapten Soma bari ngagorowok.

Katempo sababaraha anggota KNIL lalumpatan muru kaluar rek ngudah Nyai Kembang.


Dilajeng ka Eps salajengna.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng