Dongeng Sunda - Carita Sunda - Nyimas Kurniasih (Kajeun AJur Tutumpuran)

 Bubukaning carita, dina tahun 1878 kacatur aya hiji lembur anu pernahna teu pati jauh ti pusat dayeuh. Katelahna lembur Cikawung. Kayaana subur, pasawahan lega upluk aplak, jeung loba oge kebon kebon anu dipelakan ku tutumbuhan anu ngahasilkeun, utanama namah tangkal cengkeh.

Harita, lembur Cikawung geus kakoncara ka mana mana. Kawentar  gemah ripah lohjinawi. Kaayaan masyarakatna kacida makmurna. Sanajan harita bangsa urang masih dijajah ku walanda, tapi di lembur eta teu aya jalma nu malarat, komo sampe teu bisa daharmah.

Kayaan lemburna oge katempo bersih matak pikabetaheun. Cai walungan cur cor diunggal juru, katempo meni herang ngagenclang matak waas. Jalan jalan geus ditata rapih. Lega jeung sapanjangna ditap ku batu. Lamun ti peuting katempo caraang, lantaran dipinggir jalan anu kaasupna jalan gede dipasangan lantera hampir di tiap tiap imah.

Dina hiji peuting, jalma jalma karek baralik ti masjid bada ngalaksanakeun solat berjamaah Isya, kayaan eta lembur katempo meni bengras, langit lenglang taya aling aling, dihiasan ku bulan purnama anu moncorong nyaangan sakuliah madhab eta pilemburan, ditambah deui kupatingkariceupna bentang anu baranang, nambah kaayaan beuki matak waas jeung pikabetaheun.

Kayaan kitu tangtuna matak bungah pikeun barudak. Harita oge kadenge pating  beretek pating cerewet ulin ulinan paudag udag jeung pada baturna. Kitu oge kolot kolotna. Kadenge rame garalecok ngararobrol, aya nu di buruan imah, aya nu ngadon ngawangkong di pos ronda, di warung, jeung di alun alun bale desa. Lolobana ngarobrolkeun masalah tatanen anu sakeudeung deui bakal panen.

Tapi, waktu keur saruka bungah kitu, ujug ujug burudul daratang puluhan soldadu walanda ka eta lembur, anu dipimpin ku Kapten Soma. Ceunah ari kapten Soma teh bangsa urang pribumi, kurut pimpinan rampog, anu ku Tuan Jensen wakil Residen, jaman harita, diangkat jadi komandan pasukan KNIL. Teu heran lamun Kapten Soma kakoncara galak jeung barangasan. Teu kaop lamun aya bangsa pribumi nu wani wani ngalawan ka pamarentah walanda, mun teu disiksa nya langsung bae ditembak.

Atuh jalma jalma anu keur pada suka bungah jadi ngarasa sieun jeung tegang. Bararudak pating beretek lalumpatan ngampih ka imahna masing masing. Ari jalma jalma anu karolotna teu awewe teu lalaki dipaksa soldadu kudu kumpul di alun alun. Teu meunang aya baha. Sabab lamun teu daek resikona beurat. Sok disiksa, malahan aya anu sampe ditembak di tempat.

Sanggeus kumpul di alun alun. Sakabeh jalma jalma dititah bararis pikeun ngadengekeun bewara ti Kapten Soma. Atuh sakabehna geh nurut, geuwat baris bari jeung ditodong ku bedil antek antek kompeni.

Teu lilam Pok kadenge Kapten Soma ngomong, “Dengekeun ku kabehan.. Poe isukan ka lembur bakal liwat rombongan gegeden nyaeta Tuan Edwar. Anjeuna rek natamu ka kanjeng Bupati. Kukituna maraneh kabeh kudu nyambut kadongkapan ajeuna. Teu menunang aya nu mungpang. Lamun rombongan liwat, maraneh kabeh kudu baris mere hormat. Nu boga dahereun kudu mere dahareun.. Kaharti?,” cek Kapten Soma mere parentah tegas.

“Kahartos.. Kahartos.. Kahartos,” cek jalma jalma saur manuk.

“Alus.. Sakali deui kami ngomong, ulah sampe aya nu wani mungpang.. Kabeh kudu ilu nyambut rombongan Tuan Edwar. Mun aya nu wani mungpang, pati urusan na,” cek Kapten Soma deui, ngancam.

Sabot jalma jalma lembur keur ngarariung di alun alun, di tempat anu suni aya tilu urang jama anu keur ngawaskeun. Eta tilu urang jalma teh anggota kelompok Gagak Seta. Hiji kelompok pejuang anu dianggap musuh ku bangsa walanda, lantaran sok nyieun bae kariwehan ka maranehna.

Eta kelompok Gagak Seta teh kacida kuatna. Terkenal jarago silat, jeung maen pedang. Diantara na aya saurang jawara awewe anu terkenal, anu katelahna Nyai Kembang. Ciri cirina dina bajuna aya gambar kembang melati. Ari beungeut ditutup ku cadar. Ku eta awewe boh walanda boh KNIL pangsieuneun na.

Kadenge salah saurang tinu tiluan ngagerendeng. “Ieu beja alus.. Urang kudu geuwat lapor pimpinan,” cek salah saurang anu boga ngaran Darminta.

Anu duaan saukur unggut, tuluy salah saurang mere isarat mundur. Akhirna nu tiluan arindit ti tempat eta.

Ari jalma jalma lembur masih keneh karumpul di alun alun. Kapten Soma satuluyna marentahkeun bubar. “Geus ngan sakitu bewara ti kami.. Ayeuna maraneh kabeh geura bubar.. Sakali deui kade ulah aya nu wani mungpang,” cek Kapten Soma.

Geus diparentah kitu mah, jalma jalma geh pada bubar. Satuluyna Kapten Soma jeung anak buahna geh arindit ti eta lembur. Cag urang tunda heula.

Ayeuna urang kocapkeun kayaan di hiji imah anu pernahna di tungtung lembur. Hiji imah leutik tapi resik.  Ari nu boga imahna ngarana Bah Surlan. Boga pamajikan katelahna Ambu Warni, jeung anakna wanoja anu ngan hiji hijnai ngarana Nyimas Kurniasih. Di eta lembur, Nyimas Kurniasih teh kasebut bentangna. Buuk galling muntang, gado endog sapotong, pakulitan koneng umyang. Wah geus pokona mah geus euweuh babandingan na bae, geus hese mun digambarkeun kageulisan na mah.

Harita kadenge di eta imah keur pada galecok ngomong, “Kumaha atuh, Abahna.. Pan ari isukan geus paheut Mama Kyai Jakaria bade ngalamar si Nyai jang pibojoeun Den Arif, putrana.. Sedengkeun tadi pan aya parentah ti soldadu. Urang sakabeh kudu nyambut liwatna romongan Menir Edwar..” cek Ma Warni, kadenge ngomong ka Bah Surlan, salakina.

Ari Bah Surlan katempo ngahuleng bingung. Teu lila karek manehna kadenge nembalan. “Lamun kieu kayaana na mah kapaksa kudu dibatalkeun,” tembal Bah Surlan.

“Tapi urang teu bisa kitu bae.. Bisi didituna geus sasadiaan.. Kumaha nya..? Lamun bisa mah kudu aya nu ngabejaan kaditu,” cek Mak Warni deui.

“Nya hiji hijina cara mah Abah ayeuna kudu indit ka lembur Cipeuteuy,  nepungan Mama Kyai pikeun ngabejaan kaayaan di lembur urang,” Cek Bah Surlan.

“Ari Abahna kudu indit peuting peuting kieu, kuring mah teu merean.. melang Abah..,” cek Ambu Warni.

“Muhun, Abah.. Kaayaan ayeuna teh pan nuju teu aman.. Kumaha mun pendak sareng rampog..? Abdi geh melang, Abah..” cek Nyi Kuriniasih ilu ngomong.

“Tapi da euewuh deui jalan atuh.. Daripada isukan mama kyai kadarieu terus urangna teu nyampak di imah, pan matak wirang. Karunya ongko ka anjeuna..” Cek Bah Sura. Nu sejen caricing.

“Nya ayeuna mah ulah loba fikiran. Insya Allah Abah geh bisa ngajaga diri,” Jawab Bah Surlan nyambung deui omongan na.

Tuluy harita keneh manehna indit ka kamer rek disalin. Sanggeus saged, tuluy Bah Surlan katempo kaluar deui. “Abah indit heula ayeuna.. kade diimah ati ati..” cek Bah Surlan pami.

“Nya atuh ari rek maksa bae mah.. Abah geh ati-ati,” cek Mak Warni.

Ari Nyi Kurniasih saukur mencrong. Teuing kumaha, hatena ngarasa seseblakan.

Sanggeus Bah Surlan indit, Mak Warni jeung Nyi Kurniasih arasup ka kamer masing masing. “Karoncian pantone, Nyai.. Geuwat sare..” Cak Mak Warni.

“Muhun, Emak..” tembal Nyi Kurniasih, tuluy ngaroris panto jeung jandela, saterusnamah manehna geh ngampih ka kamerna.

Sanggeus aya di kamerna, Nyimas Kurniasih katempo gulinggasahan, ngarasa teu tenang. “Kunaon ieu hate karasa seseblakan bae..? Siga aya kila kila teu hade..” cek gerentesna.

Panon Nyimas Kurniasih terus culak cileuk nempokeun lalangit kamer. Beuki lila rarasaan na beuki teu genah. Jung akhirna mah manehna nangtung. Rekeet muka lamari lalaunan. Tuluy manehna nyokot baju pangsi warna koneng, di tengah tengahna aya gambar kembang malati.

Bari mencrong kana baju nu keur dicekelna, kadenge Nyimas Kurniasih ngomong lalaunan. “Satadina mah kawula teh geus hayang ngeureunan tina dunya persilatan.. Hayang hirup tenang.. Tapi sigana mah can sampe kana waktuna.. Kawula masih keneh kudu ngalalakon, makalangan,” cek Nyi Kurniasih.

Sanggeusna ngomong kitu, rap eta baju pangsi teh dipake ku manehna. Buuk nu ngarumbay dibeungkeut. Terus rap deui make cadar. Kot kana bungkusan. Sup diasupkeun ana jero bajuna.

Nyimas Kurniasih leumpang lalaunan ngadeukeutan jandela. Tuluy eta jandela dibuka lalaunan meni teu aya soraan pisan. Kalacat naek. Turun jrut turun lalaunan ka luar.

Sanggeus nutupan deui jandela, Nyimas Kurniasih langsung ngabelesat lumpat, saking kecepetna sampe katempo bayanganna koneng jojorelatan, les teu katempo deui. Cag urang tunda heula.

Ayeuna caturkeun deui heula Kapten Soma jeung pasukan na. Sanggeus mere bewara ka urang lembur Cikawung, maranehna geus araya deui di markasna. Ari Kapten Soma sorangan langsung ngahadep ka Menir Jensen, pimpinan na, urang walanda asli.

“Gimana, kapten, laporannya..?” Tanya Menir Jensen.

“Siap, Tuan.. Semua perintah Tuan sudah saya laksanakan.. Semua orang pasti nurut, tak mungkin ada orang yang berani bantah,” jawab Kapten Soma.

“Good..! Good..! Good..! Kamu orang memang bisa diandalkan, Kapten.. Aku suka cara kerjamu,” Cek Menir Jensen, muji ka Kapten Soma.

“Terima kasih, Tuan.. Tapi saya punya pertanyaan.. Bolehkah saya bertanya?,” cek Kapten Soma.

Menir Jensen rada nyureng. Bari unggut unggutan sirahna, tuluy manehna malik nanya ka Kapten Soma. “Oh tentu.. tentu.. Apa yang buat kampu penasaran dan ingin bertanya?,” tanya Menir Jensen.

“Kenapa kunjungan Menir Edwar harus ada penyambutan segala dari masyarakat..? Bukannya itu sangat berbahaya? Bagaimana kalo ada Anggota Gagak Seta yang menyusup lalu bikin kekacauan?, Tanya Kapten Soma, langsung mere sababaraha pertanyaan.

Ngadenge pertanyaan kitu ti Kapten Soma, Menir Jensen katempo seuri. Tuluy manehna ngajawab. “ Good.. good.. Pertanyaan yang bagus.. Tapi sebelum ik jawab.. Ik mau nanya dulu sama kamu..And kamu harus jawab dengan jujur,” cek Menir Jensen.

“Siap, Tuan.. Saya pasti jawab dengan jujur..” jawab Kapten Soma.

Menir Jensen unggut unggutan, terus pok manehna ngomong deui ka Kapten Soma. “Pertanyaanku yang pertama.. Jawab dengan jujur, apakah kamu ini setia kepada pemerintah Belanda, atau setia sama Ik secara pribadi.. Ayo jawab..!,” tanya Menir Jensen bari panonna mencrong seukeut ka Kapten Soma.

Kapten Soma rada ngahuleng heula sakeudeung, mikir mikir jawaban sangkan ulah salah ngajawab. Teu lila, pok manehna ngajawab. “Jujur saja, tuan.. Saya lebih memilih Tuan secara pribadi.. Sebab tuan yang mengangkat derajat saya.. Tuan yang memberi makan saya..” jawab Kapten Soma.

Ngadenge jawaban Kapten Soma anu polos, Menir Jensen ngabarakatak seusuerian tarik pisan. “Good.. good.. good. Kamu orang ternyata jujur.. Ik percaya sama kamu.. Sekarang tinggal jawab pertanyaan Ik yang kedua.. Jika posisi Ik diganti sama Menir Edwar.. Apakah kamu orang akan tetap setia sama Ik?” cek Menir Jensen bari malik deui mere pertanyaan.

“Tentu saja aku lebih memilih Tuan.. Saya kebaikannya sudah saya rasakan,” jawab kapten Soma.

“Good.. Good.. Aku percaya,” Cek Menir Jensen bari nepakan taktak kapten Soma.

Kapten Soma bungah, lantaran jawaban na kapake ku Mnir Jensen. Satuluyna kadenge Menir Jensen ngomong deui.

“Sekarang Ik yang tinggal jawab pertanyaan kamu..” cek Menir Jensen.

“Kamu orang pengen tahu alas an Ik kenapa kunjungan Menir Edwar dari Banten harus ada penyambutan dari warga..?” Cek Menir Jensen ngalanjutkeun omongan na. Ari Kapten Soma unggut. “Iya, Tuan.. Saya penasaran..”

Menir Jensen tuluy ngomog deui. “Begini.. Ik denger kabar kalau Menir Edwar akan dipindah tugaskan ke sini.. Menjadi residen di sini.. Ik tidak suka.. Karena dia orangnya terlalu baik sama pribumi.. Selain itu, Ik sudah lama bertugas di sini, tapi tidak dianggap.. Seharusnya Ik yang diangkat jadi residen..” Cek Menir Jensen.

Kapten Soma unggut unggutan. “Saya faham, Tuan.. jadi kalau begitu Tuan punya tujuan.. Pertama ingin menyingkirkan Menir Edwar.. Jadi dengan membiarkan orang menyambutnya, Tuan berharap ada pemberontak yang menyusup dan akhirnya menghabisi Menir Edwar.. Di lain pihak tuan nantinya akan pura pura menolong dan jadi pahlawan..” cek Kapten Soma norowelang ngajawabna.

“Good.. Good. Good.. Kamu orang punya otak cerdas.. Aku bangga sama kamu.. Karenanya, Ik kasih perintah lagi.. Pasukan kamu punya harus dibagi dua.. Pasukan pertama ikut ngawal Menir Edwar.. Sementara pasukan yang satunya harus mengintai para pemberontak.. Bila perlu pancing mereka supaya menyerang kita.. Kamu faham?” cek Menir Jensen.

“Faham, tuan.. Siap laksanakan perintah..”

“Good.. Good.. Kamu boleh pergi.. Segera siapkan rencana kedua,” cek Menir Edwar.

Kapten soma mere hormat, satuluyna manehna balik kanan ninggalkeun Menir Jensen. Cag Urang tunda heula.

Ayeuna urang kocapkeun deui Bah Surlan anu keur diperjalanan rek ka Lembur Cipeuteuy, nepungan Mama Kyai Jakaria, ramana Den Arif.

Bah Surlan ngahaja leumpangna motong jalan bari sasalingkeran supaya lewih cepet anjog ka kampung Cipeuteuy ceunah. Ngan pas same di hiji jalan anu brasna ka Lembur Cipeutey, teu kanyahoan timana datangna, ujug ujug aya sababaraha urang KNIl anu megatan jalan bari nodongkeun bedil.

“Eureun..!” cek salah sairang KNIl bari nodongkeun bedil kana beuheung Bah Surlan.

Atuh Bah Surlan kaget. Reg manehna eureun.

“Saha andika..? Rek kamana?” Tanya KNIL nu tadi deui.

“Ampun, juragan.. Abdimah rakyat biasa.. nami Abdi Surlan.. Tujuan Sim abdi bade ka lembur Cipeuteuy..” Cek Bah Surlan, ngahaja ngajawabna siga anu sieun, ambih teu dicuriga maksudnamah.

“Bohong..! Maneh pasti anggota pemberontak.. Teu mungkin jalma biasa lunta lento peuting peuting kos kieu.. Maneh pasti mata mata..” Cek eta KNIL bari tuluy marentah ka anak buahna. “Tewaak eta jalma..!” ceunah.

Teu kudu dua kali marentah, dua urang anggota KNIL langsung gep.. gep.. nyarekelan leungeun Bah Surlan. Tapi Bah Surlan lain jalma bolostrong. Pas dua urang Knil nyarekelan leungeun na, Bah Surlan langsung dongko bari nyabetkeun sukuna dipake nyapu Kenil anu nangtung beulah katuh.

Breet..! Gubrag. Saurang KNIL langsung ngagubrag. Cekelan na leupas. Atuh beuki ngeunaheun pikeun Bah Surlan, leungeun anu karek leupas langsung dipake ngababuk hulu angen Knil nu hijina. Buk.. Heuu..! eta Knil ngahenggeu. AKhirna mah cekelan duanana geh leupas.

Nempo kajaidan kitu, Knil nu tadi nodongkeun bedil kaget. Buru buru manehna nembakeun bedilna ka arah Bah Surlan anu keur masih dongko keneh. Untung bae Bah Surlan ranciengeus. Basa nempo si Knil rek nembakeun bedil, manehna buru buru narik salah saurang kompeni dipake tameng awakna. Atuh jeger.. Pelor bedil teh jadina keuna ka baturna sorang. Goak Knil anu kabeunangan ku peluru ngagoak. “Apuuun..! Tobaaaat..!” cek eta Knil. Bari gubrag manehna ngagubrag guying getih.

Ari Bah Surlan teu miceun kasempetan, sanggeus manehna bisa salamet, jleng buru buru luncat kana rungkun, gorobas kadenge ngagorobas kabur.

Nempo kitu, pimpinan KNIL ambek. Tuluy mere parentah pikeun ngudag. “udaaaag..” sababaraha anggotana tuluy lalumpatan ngarudag Bah Surlan. 

Dilajeng ka Eps salajengna.

 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa bagian ka 5

Carita Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding (Akibat Beunghar Ladang Nyupang) Bagian Ka 1

Dongeng Sunda Pocong Katalimbeng