Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2021

Dongeng Sunda - Carita Sunda - Ditagih Pati Ku Ririwa Bagian Ka 26

Ayeuna urang balik deui nyaritakeun Bah Sura geus hasil meunang duit tina ngajual deui sawahna ka Juragan Somad, tapi di perjalanan malah kabengbat hayang ngagandakeun duitna ka Koh Santong, tukang sulap, urang Tiong Hoa Tea. “Kumaha, Koh.. Bisa teu duit kuring digandakeun supaya jadi sababaraha kali tikel,” cek Bah Sura kadenge ngomong deui ka Koh Santong. “Hayaa.. Itu duit Abah Biko Boloho ada berapa?,” tanya si Koh Santong bari teu weleh bari nyerengeh. Bah Sura ngalieuk ka jalma nu tadi nganteur manehna, “Ngomong naon eta Koh Samtong teh?” tanya Bah Sura. “Cek Koh Samtong, Abah boga duit sabaraha, ceunah,” tembal jalma nu nganteur tadi. Bah Sura ngahuleng mikir heula, “Kudu kumaha ieuh.. Langsung bae kabeh, ta mending coba coba saparo bae heula,” gerentes Bah Sura. Nempo Bah Sura kalah ngahuleng, Koh Santong jeung jalma nu nganteur Bah Sura silih kiceupan. Tuluy kadenge Koh Santong ngomong, “Hayaaa.. Abah Biko Boloho.. Gak usah banyak mikir, haa.. Kalo was was lebih baik jangaan..,...

Dongeng Sunda Dunya Ilang Naraka Sumanding Bagian Ka 2

 “Aya tujuan naon ieu manusa dibawa kadieu.. Kamana si aki Kuncen na?,” tanya Ratu Banawati bari panonna mah mencrong seukeut ka si Karyadi. Sedengkeun si Karyadi na katempo puluhak polohok siga anu paeh fikir. Sorot matana katempo kosong.  “Pangapunten kaulanun, Kanjeng Ratu.. Ieu manusa teu sapertos nu biasa nu ngahaja dongkap ka dieu kulantaran hayang kabeungharan,” tembal gulang gulang anu ngagiringkeun si Karyadi ngahadep ka Ratu Banawati. “Ari kitu naha make disanghareupkeun ka kawula..?,” tanya Ratu Banawati deui bangun heran. “Pangapunten kawulanun, Kanjeng Ratu.. Ieu manusa parantos ngalanggar aturan bangsa urang.. Manehna asup ka ieu nagara teu menta ijin heula..,” tembal gulang gulang deui. Ratu Banawati nyureng, “Geuning bisa lolos.. Ari pagawean si Kuncara jeung Kuncari naon atuh.. Geroan duanana kadieu,” Ratu Banawati katempo rada ambek. “Sumangga, Kanjeng Ratu..,” cek gulang gulang bari cedok nyembah, tuluy manehna undur katukang kaluar deui ti eta rohangan. San...